BAB 1 BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Koentjaraningrat (2009, kc. 165) nétélakeun yén kabudayaan téh sacara
universal ngawengku tujuh unsur budaya, nya éta: 1) basa, 2) sistem pangaweruh,
3) organisasi kamasarakatan, 4) sistem téknologi, 5) sistem pakasaban, 6) sistem
kapercayaan, jeung 7) sistem kasenian. Kabudayaan téh teu bisa leupas tina tujuh
unsur. Ku kituna antara kasenian jeung kabudayaan raket patalina.
Koentjaraningrat (2009, kc. 166) nétélakeun yén kasenian mangrupa ciptaan tina
sagala pikiran jeung paripolah manusa nu fungsional, éstétis, jeung éndah, nepi ka
bisa dirasakeun ku panca indera.
Kasenian bagian tina kabudayaan nu aya patalina jeung unsur kaéndahan.
Sabagian manusa boga pikiran yén kasenian téh mangrupa éksprési hasrat nu bisa
dirasakeun, di antarana: seni sora, seni rupa, jeung seni drama. Seni drama nya
éta seni nu ngawadahan sakabéh unsur seni nu sipatna tradisonal Koentjaraningrat
(2009, kc. 299). Seni nu sifatna tradisional di tatar Sunda di antarana kasenian
Réog Cengal.
Réog Cengal nya éta salasahiji kasenian tradisional nu aya di Kuningan.
Istilah réog nu aya di Jawa Barat hususna di wewengkon Kuningan, teu sarua
jeung istilah réog nu aya di Jawa Timur. Réog nu aya di Jawa Barat nya éta jenis
kasenian tradisional anu ngagunakeun dog-dog minangka waditra utamana, nu
ditabeuh dibarengan ku gerakan tari nu pikaseurieun (Disparbud Jabar, 2013, kc.
3).
Dina kasenian Réog Cengal ngandung ajén éstétika. Éstétika dina harti
heureut nya éta filsafat anu niténan atawa anu aya hubunganana jeung sagala hal
ngeunaan kaéndahan alam jeung seni (Kartika, 2004, kc. 9). Kasenian Réog
Cengal kaasup kana kaéndahan seni, kaéndahan seni anu nyampak dina ieu
kasenian di antarana katitén dina waditra, kostum pamaén, jeung gerakan.
Nurutkeun Ébro (70 taun), salasahiji tokoh Réog Cengal, istilah réog asal
ngagambarkeun jelema nu keur dzikir. Gerakan riyag-riyeg aya dina adegan
babadayan, nya éta adegan maju mundur nu museur kana damar
jodog/oncor/ajug/pagawangan.
Dina babadayan, palaku mintonkeun gerakan ritmis nu ampir sarua jeung
gerakan tari, di antarana, gerakan anu nukangan pamilon, galéong ngangkat suku
dina puteran kahiji, gerakan maju mundur nu museur kana pagawangan sabari
godeg, géndéng éngkég gigir runduk suku, jeung keber nya éta gerakan maju
mundur puteran kadua, nu dibarengan ku leungeun katuhu diangkat ka luhur.
Ayana kasenian Réog Cengal teu lepas tina maksud jeung tujuan
diciptakeunna. Jaman baheula ieu kasenian téh ngajak ka sakumna masarakat
sangkan ngagem agama Islam (Ébro, 27/02/2013). Kiwari kasenian réog Cengal
mangrupa media hiburan atawa pintonan rahayat pikeun ngaraketkeun deui
solidaritas dina hiji masarakat.
Kasenian Réog Cengal bisa leungit mun masarakatna geus teu maliré deui
kana kabeungaharan budaya lokal nu aya di sabudeureunana. Kasenian Réog
Cengal geus ampir 24 taun teu dipintonkeun deui. Ku sabab aya sababaraha faktor
nu ngabalukarkeun kasenian Réog Cengal teu pati dipikawanoh ku masarakat, di
antarana faktor intrinsik jeung faktor ékstrinsik. Faktor intrinsik, misalna waditra
anu ruksak atawa palakuna anu geus kolot jeung aya anu maot. Ari faktor
ékstrinsikna, misalna ayana pangaruh kamekaran téknologi jeung média
informasi, nu balukarna bisa ngarobah sikep jeung kamandang palaku budaya di
kalangan masarakat, hususna di kalangan kaum rumaja.
Pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun kasenian tradisional, kaum rumaja
salaku generasi anyar perlu mikawanoh ieu kasenian. Ku cara diwulangkeun dina
pangajaran sakola. Salian ti éta tarékah séjénna bisa ngaliwatan budaya
pariwisata. Pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola ngabogaan tujuan pikeun
ngajénan jeung nimbulkeun rasa kareueus kana basa jeung sastra Sunda. Hal éta
saluyu jeung bahan pangajaran maca nu aya dina kompeténsi inti jeung
kompeténsi dasar (KIKD), nya éta ngeunaan maca bahasan budaya.
IX. Kompeténsi Inti (KI) 9.2, nya éta “mengha rgai dan menghayati perilaku
jujur, disiplin, tanggung ja wab, peduli (toleransi gotong royong), perca ya diri,
dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan soialnya dan alam dalam
jangkauan pergaulan dan keberadaannya. Kompeténsi Dasar (KD) 9.2.2, nya éta “menunjukan perilaku jujur, tanggung ja wab, percaya diri, peduli, proaktif dan santun dalam menggunakan bahasa Sunda untuk memahami berita ilmu
pengetahuan dan budaya sarta bahasan teknologi dan seni” (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 27).
Saméméhna geus kungsi aya panalungtikan dina wangun skripsi ku
mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan
Seni, UPI Bandung, di antarana:
1) Dini Novianti Cahyati (2009) “Unsur Celempungan “Sinata Grup” anu aya di
Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang”.
2) Eka Purwanti (2011) “Ajén Éstétis dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang”.
3) Marlina Efendi (2013) “Ajén Éstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”.
4) Tiya Komalasari (2013) “Ajén Éstétika dina Kasenian Penca Silat Cakar
Kamuning Kencana di Kampung Nyingkur Désa Cihideung Kacamatan
Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”.
5) Sandi Masri Putri (2013) “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng
di Désa Kutajaya Kacamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Kelas XII”.
Tétéla can aya anu ngaguar perkara kasenian Réog Cengal dina wangun
skripsi. Sangkan masarakat wanoh kana ieu kasenian, ku kituna panalungtikan nu
judulna ”Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal di Kacamatan Japara
kabupatén Kuningan pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX” perlu
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Kabudayaan nu aya di tatar Sunda téh loba pisan, pedaran ngeunaan
kabudayaanana ogé lega, boh ajén falsafah boh ajén éstétika, jeung ajén-inajén
lianna. Dina ieu panalungtikan dibahas data tur informasi ngeunaan Kasenian
Réog Cengal pikeun Pangajaran di SMP. Sangkan pedaranana henteu lega teuing,
masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan nya éta “Ajén Éstétika dina
Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara kabupatén Kuningan pikeun Pangajaran
Maca Bahasan di SMP Kelas IX”.
1.2.2 Rumusan Masalah
Ngarumuskeun masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal nu penting.
Ku kituna, éta rumusan masalah bakal jadi pituduh pikeun ngumpulkeun data.
Dumasar kasang tukang jeung watesan masalah nu aya di luhur, ieu di handap
aya sababaraha rumusan masalah nu dipidangkeun dina wangun patalékan.
1) Kumaha sajarah kasenian Réog Cengal téh?
2) Kumaha prak-prakan pagelaran kasenian Réog Cengal?
3) Kumaha ajén éstétik anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal?
4) Kumaha pedaran materi kasenian Réog Cengal pikeun bahan pangajaran maca
bahasan di SMP di Kelas IX?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Tujuan dina ieu panalungtikan téh nya éta ngawengku tujuan umum jeung
tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Panalungtikan ngeunaan ajén éstétika dina kasenian Réog Cengal miboga
tujuan pikeun miara jeung ngamumulé hasil karancagéan masarakat Sunda,
1.3.2 Tujuan Husus
Ieu panalungtikan miboga tujuan husus nya éta pikeun ngadéskripsikeun:
1) sajarah kasenian Réog Cengal;
2) prak-prakan pagelaran kasenian Réog Cengal;
3) ajén éstétika anu nyampak dina kasenian Réog Cengal; jeung
4) bahan pangajaran maca bahasan di SMP Kelas IX.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Teoritis
Sacara téoritis ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun nambahan
élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan, boh pikeun bahan pangajaran, boh
pikeun aprésiasi budaya.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat sanggeus panalungtikan nu dipiharep bisa:
1) nambahan wawasan sarta pangaweruh ngeunaan kesenian Réog Cengal
hususna pikeun dunya pangaweruh atawa atikan;
2) di dunya pangajaran, bisa dijadikeun salasahiji sumber pikeun bahan
pangajaran di sakola;
3) di masarakat, sangkan ulah mopohokeun kana tradisi atawa kabudayaan di
Jawa Barat. Masarakat kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé tradisi anu aya
di Jawa Barat.
4) panalungtik, bisa ngamangpaatkeun ieu panalungtikan salaku média pikeun
nambahan pangaweruh dina widang kabudayaan.
1.5 Rangkay Skripsi
BAB I : Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah,
watesan masalah, tujuan jeung panalungtikan, jeung rangkay skripsi.
BAB III: Métodologi panalungtikan medar ngeunaan métode jeung téhnik
panalungtikan, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan,
sumber data, jeung wangenan operasional.
BAB IV : Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan.
BAB V : Kacindekan jeung saran