Wira Oka Kurnia, 2016
MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Aturan Gubernur Jawa Barat nomer 69 taun 2013, nu eusina ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daérah pikeun satuan pendidikan dasar jeung menengah, mangrupa tarékah ti pamaréntah sangkan budaya Sunda tetep nanjeur di tatar priangan. Dina éta peraturan disebutkeun dina poin B yén sastra daérah kudu dijadikeun muatan lokal dina prosés diajar unggal satuan pendidikan luyu jeung poténsi sarta kaunikan di Jawa Barat (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013).
Nilik kana poin di luhur geus aya rojongan ti pamaréntah pikeun ngasupkeun Basa Sunda kana pangajaran di sakola. Tujuanana sangkan barudak di sakola apal jeung bisa ngamumulé budayana sorangan. Luyu jeung pamadegan Sudaryat (2010 kc. 5), nu nétélakeun yén tujuan pangajaran Basa Sunda téh nya éta sangkan parasiswa mibanda pangaweruh ngeunaan basa Sunda, mibanda kamahéran maké basa Sunda, jeung mibanda sikep nu hadé kana basa Sunda. Pikeun ngahontal éta tujuan tangtu kudu binarung ku bahan pangajaran nu lengkep, métodeu anu merenah, média anu cocog, jeung pangajén anu keuna.
Patali jeung pangajaran Basa Sunda nu tadi disebutkeun, dina pangajaran basa geus pasti bakal ngajarkeun opat kompetensi basa, diantarana nya éta maca, nulis, nyarita, jeung ngaregepkeun. Kitu ogé dina pangajaran Basa Sunda, nu mana kompetensi basa jadi pangajaran wajib nu kudu diajarkeun di sakola. Dina opat kompetensi basa tadi pangajaran nulis masih jadi salasahiji nu ngirut pikeun ditalungtik. Loba nu bisa ditalungtik dina pangajran nulis diantarana kamekaranana, ditalungtik kaparigelan nulis siswana, ditalungtik cara guru dina ngajarkeunana, ditalungtik modél nu dipakéna, jrrd.
Wira Oka Kurnia, 2016
MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Mangpaat keur nu nulis contona, tulisan bisa jadi sarana ngébréhkeun pikiran, ide, gagasan, ngarékam sejarah, jrrd. Sedengkeun mangpaat keur nu maca, tulisan bisa jadi alat pikeun nyangking informasi, nambahan pangaweruh, mantuan dina prosés diajar, jrrd.
Nulis jadi kaparigelan anu penting dipiboga ku unggal jalma. Nulis atau ngarang teu ngan ukur jenis sastra hungkul kawas carpon, novel, drama jeung sajak. Tapi ngawengku unggal widang séjén, contona pengawas gudang perusahaan nulis laporan kaluar asup barang, kepala bagéan penjualan nulis advertensi pikeun diasupkeun ka surat kabar atawa majalah, wartawan nulis warta, guru tatahar pikeun nyieun skenario pangajaraan, camat nuliskeun laporan wewengkonna, cendikiawan nulis buku-buku, jste. Sujianto (dina Hasim & Nurjamal, 2012 kc. 1).
Tapi teu saeutik nu boga anggapan yén nulis téh mangrupa kaparigelan anu hésé. Luyu jeung pamadegan Alwasilah (dina Hasim & Nurjamal, 2012 kc. 1), nétélakeun yén kaparigelan nulis mangrupa kaparigelan basa nu pang ahirna tina sakabéh kaparigelan basa, jeung deui sok dianggap kaparigelan nu pang héséna. Kaparigelan nulis (writing skill) kudu ngalibetkeun kaparigelan ortografi, struktur, jeung kosa kecap salian ti tilu kaparigelan basa séjenna, nya éta ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Sanajan kitu, kaparigelan nulis téh sabenerna bisa diulik sarta tempat nu merenah pikeun diajar nulis nya éta di sakola.
Loba tulisan nu kudu diajarkeun ka siswa di sakola, salasahijina kaparigelan nulis karangan, diantarana narasi, déskripsi, persuasi, éksposisi, jeung arguméntasi. Dina silabus pangajaran basa Sunda, nulis karangan éksposisi jadi kompeténsi dasar nu wajib dikawasa.
Wira Oka Kurnia, 2016
MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pola ajar nu kitu-kitu waé atawa teu maké modél pangajaran, hartina siswa boseneun dina situasi diajar anu monoton. Padahal dumasar panalungtikan Gage & Barliner (dina Indriana, 2011 kc. 17), parasiswa nu diajar ngagunakeun modél bisa nginget patalékan ngeunaan informasi konséptual 57% leuwih loba tinimbang siswa nu narima pangajaran teu ngagunakeun modél. Katitén yén modél pangajaran penting pisan dina prosés pangajaran di kelas. Masalah-masalah nu geus ditataan tadi téh kudu diréngsékeun sagancangna.
Dina paragraf saacanna disebutkeun yén sangkan ngahontal pangajaran Basa Sunda nu hadé, salasahijina nya éta kudu ayana métodeu nu merenah. Lian ti métodeu nu merenah, kudu aya sistem, média, modél jeung perangkat diajar séjénna sangkan siswa jadi manusa nu boga daya saing. Abidin (2015 kc. 305), maké istilah abad-21 pikeun nyebutkeun éta hal. Abidin neruskeun yén manusa nu dibutuhkeun di abad-21 nya éta manusa nu miboga kompeténsi abad ka-21. Éta Kompoténsi téh diantarana kamampuh mikir kritis, kamampuh mikir rancagé, kompeténsi komunikasi jeung gawé bareng sarta kamampuh ngawasa téhnologi informasi jeung komunikasi. Pangajaran nu dianggap bisa ngahontal tur ngungkulan masalah nu geus ditataan tadi, nya éta pangajaran multiliterasi.
Modél pangajaran multiliterasi bisa jadi salasahiji alternatif pikeun ngajarkeun pangajaran nulis karangan éksposisi, utamana mah keur guru anu hayang maké pola ajar anyar sangkan siswa teu bosen. Modél pangajaran multiliterasi mangrupa modél pangajaran nu nempatkeun kamampu maca, nulis, ngaregepkeun jeung nyarita leuwih éfisien pikeun ngaronjatkeun kamampu ngritik, nganalisis, ngevaluasi sarta nyangking informasi tina sababaraha sumber, Abidin (2014, kc. 187).
Wira Oka Kurnia, 2016
MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran multiliterasi geus aya nu nalungtik saméméhna ku Retnasari (2015), dina skripsi nu judulna “Penerapan Model Pembelajaran Multiliterasi untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Iklan” dina éta panalungtikan dijéntrékeun yén pangajaran nulis iklan (jenjang Sekolah Dasar) ngaronjat upama maké modél multiliterasi. Dina panalungtikan séjénna Yogaswara (2015), nu judulna “Modél Pangajaran Quantum Teaching Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi” disebutkeun yén kamampuh nulis karangan éksposisi téh ngaronjat upama maké modél pangajaran quantum Teaching.
Kasangtukang masalah nu geus didadarkeun téh jadi tatapakan judul nu diangkat ku panalungtik, nya éta panalungtikan ngeunaan “Modél Pangajaran Multiliterasi Pikeung Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi (Studi Kuasi Ékspérimen ka siswa kelas VII-K SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2015/2016)”. Nu saterusna kudu dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah tadi, éta rumusan masalah bakal jadi pituduh dina ngumpulkeun data. Ku kituna, rumusan masalah panalungtikan dipidangkeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi?
2) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 saenggeus ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi?
Wira Oka Kurnia, 2016
MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung masalah anu dipedar, ieu di handap dijéntrékeun tujuan umum jeung tujuan husus.
1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum, tujuan dina ieu panalungtikan téh pikeun nguji signifikansi modél pangajaran multiliterasi dina ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi; 2) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung
taun ajaran 2015/2016 saenggeus ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi;
3) Béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh jeung saenggeus ngagunakeun modél pangajaran pangajaran multiliterasi.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Sanggeus ieu panalungtikan réngsé, dipiharep ngabogaan mangpaat, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis ieu panalungtikan téh bisa leuwih ngeuyeuban jeung neuleuman ngeunaan modél pangajaran di Sakola, hususna keur siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Wira Oka Kurnia, 2016
MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1) Panalungtikan bisa nyaho kumaha kamampuh siswa nu ngagunakeun model Multiliterasi dina nulis karangan éksposisi.
2) Ngahudang karep siswa dina pangajaran nulis karangan éksposisi.
3) Ngalatih siswa sangkan bisa mekarkeun basa jeung pangaweruh anu dipiboga dina wangun karangan éksposisi.
4) Bisa nambahan élmu pangaweruh dina nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél pangajaran Multilitereasi pikeun nu maca.
1.5 Raraga Tulisan
Raraga tulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nya éta:
1) BAB I BUBUKA, nu ngawengku kasang tukang panalungtikan, Rumusan masalah, tujuan umum panalungtikan, tujuan husus panalungtikan, mangpaat tioritis panalungtikan, mangpaat praktis panalungtikan, jeung raraga tulisan. 2) BAB II ULIKAN PUSTAKA, nu ngawengku modél pangajaran, modél
pangajaran multiliterasi, nulis, nulis karangan éksposisi, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtik, raraga mikir, jeung hipotésis. 3) BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN nu ngawengku desain
panalungtikan, sumber data, prosedur panalungtikan, téhnik analisis data. 4) BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN PANALUNGTIKAN nu ngawengku
hasil panalungtikan, jeung pedaran ngeunaan éféktivitas model pangajaran multiliterasi dina pangajaran nulis karangan éksposisi (studi kuasi ékspérimen ka siswa kelas VII-K SMPN 45 Kota Bandung taun ajaran 2015/2016).