• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 0902423 Chapter 1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 0902423 Chapter 1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

Nurunnisa Suminar, 2014

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF

TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD) DINA NYUSUN GUGURITAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Guguritan di kalangan masarakat Sunda mah geus teu anéh deui, tapi barudak jaman kiwari geus teu wanoh deui kana guguritan komo anu di kota mah ngan saukur apal pupuh wungkul, biasana pupuh anu apal ogé masih hiji dua. Ku kituna, pangajaran guguritan kudu bisa dimumulé deui sangkan teu leungit, teu kaéléhkeun ku mekarna jaman. Guguritan ogé kaasup kana karya sastra anu perlu dimekarkeun deui ku masarakat Sunda, ku sabab salasahiji warisan anu mangrupa karya sastra titinggal kolot jaman baheula. Ku kituna éta titinggal kolot jaman baheula téh ulah nepikeun ka leungit.

Dina pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, guguritan kaasup kana salasahiji pangajaran anu penting diajarkeun ku sabab dina ieu pangajaran siswa teu ngan saukur diajar nyieun guguritan tapi ogé kudu bisa nembangkeunana. Nembangkeun guguritan teu bisa sagawayah, ku sabab guguritan diwangun ku guru lagu jeung guru wilangan dina unggal pupuh anu dipakéna. Guguritan biasana diwangun minimal ku hiji pupuh, pupuh naon waé bisa dipaké asal eusi guguritan kudu bisa disesuaikeun jeung eusi pupuhna. Lamun geus apal kana guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh, nyieun guguritan téh moal hésé kusabab guguritan mah teu béda jauh jeung pupuh, anu ngabédakeunna eusi jeung runtuyan jalan caritana. Ari guguritan mah mangrupa karangan déskriptif dina wangun pupuh.

(2)

Nurunnisa Suminar, 2014

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF

TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD) DINA NYUSUN GUGURITAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

guguritan mah aya pangaruhna anatara pangajaran guguritan jeung pangajaran pupuh téh. Kitu ogé dina pangajaran basa Sunda umumna masih kénéh kurang

nyugemakeun. Masih aya sababaraha urang siswa anu peunteun basa Sundana masih sahandapeun peunteun rata-rata, tapi aya ogé sababaraha urang anu peunteunna leuwih gedé. Rata-rata peunteun siswa dina pangajaran basa Sunda masih di handapaeun KKM (70). Mata pelajaran basa Sunda masih kaéléhkeun ku mata pelajaran basa deungeun. Ku kituna dina pangajaran basa Sunda di sakola kudu bisa leuwih ngirut ati sangkan siswa bisa jadi resep kana pangajaran basa jeung sastra Sunda.

Anu jadi bangbaluhna nyaéta cara ngajar guru anu masih perlu dironjatkeun, kumaha carana sangkan siswa bisa leuwih sugema diajar basa Sunda. Métode ceramah anu monoton, atawa cara pangajaran nu ngan saukur ngajelaskeun tapi teu diajarkeun ogé prak-prakanna, bisa ngabalukarkeun siswa kurang ngarti kana naon anu diajarkeun ku guru. Ku lantaran kitu, unggal guru perlu ngagunakeun cara-cara séjén anu leuwih ngirut ati siswa dina kagiatan pangajaran basa Sunda. Salasahiji cara sangkan siswa bisa kairut ku cara ngagunakeun média atawa modél dina kagiatan diajar ngajar di jero kelas, sangkan siswa teu ngarasa bosen.

Patali jeung masalah nu dipedar di luhur, panalungtik boga sawangan salasahiji tarékah pikeun ngungkulan ieu masalah téh nyaéta ngagunakeun modél pangajaran. Modél pangajaran mangrupa pedoman dina ngalaksanakeun kagiatan diajar pikeun guru jeung murid. Modél pangajaran jaman ayeuna geus rupa-rupa, tapi aya salasahiji modél anu bisa dipaké dina pangajaran sastra wangun pupuh nyaéta modél STAD.

(3)

Nurunnisa Suminar, 2014

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF

TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD) DINA NYUSUN GUGURITAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

ditepikeun ku guru. Modél pangajaran ieu dimekarkeun ku Slavin dina taun 1995 (Isjoni, 2009: kc. 28).

Modél pangajaran kooperatif tipe STAD mangrupa tipe modél pangajaran kooperatif sacara kelompok anu luyu digunakeun pikeun pemula, ku sabab pangajaran kooperatif tipe STAD ieu kaasup kana modél anu babari teu hésé saperti modél anu sején dina ngalarapkeunna. Ku kituna panalungtik milih modél diajar kelompok kooperatif tipe STAD. Salian tina ngalakukeun kagiatan diajar sacara kelompok, unggal siswana ogé ditungtut bisa diajar mandiri lantaran di ahir pangajaran diayakeun kuis pikeun ngukur kamampuh unggal siswana.

Panalungtikan saméméhna ngeunaan nyusun guguritan nyaéta: ”Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII H MTS YPPA Cipulus Taun Ajaran 2012-2013” anu ditulis ku Purwanti Indra Sumantri eusi skripsina ngadeskripsikeun hasil tina pangajaran nyusun guguritan. Dina skripsi Purwanti, pangajaran guguritan anu ditalungtikna téh teu ngagunakeun modél atawa média, tapi ngalakukeun pangajaran guguritan biasa hasil tina pangajaran guguritan éta téh dideskripsikeun dina skripsina. ”Média Visual dina Pangajaran Nulis Guguritan di kelas VIII SMPN 15 Bandung (Studi Kuasi Eksperimen)” anu ditulis ku Haat Rahmawati eusi skripsina nerangkeun ngeunaan kamampuh nulis guguritan ngagunakeun media visual. Dina skripsi Haat, pangajaran guguritan anu ditalungtikna téh ngagunakeun média visual. Bedana jeung panalungtikan anu baris dilaksanakeun ayeuna mah ngagunakeun modél, bakal diuji coba ngagunakeun modél naha sanggeus ngagunakeun modél hasil dinapangajaran nulis guguritan bakalan aya bedana atawa henteu.

(4)

Nurunnisa Suminar, 2014

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF

TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD) DINA NYUSUN GUGURITAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Identifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan diidentifikasi ieu di handap.

1) Siswa masih kurang motivasi diajarna, ku sabab métode pangajaran guru anu monoton, ku kituna siswa babari ngarasa bosen sarta kagiatan diajarna ogé jadi kurang éféktif.

2) Kréativitas guru anu masih kurang motekar dina kagiatan pangajaran di kelas, anu jadi sabab pangajaran basa Sunda kurang ngirut ati siswa. Guru kuduna bisa leuwih kréativ dina nyiptakeun kayaan sarta kagiataan ngajar anu bisa ngirut ati siswa sangkan siswa bisa leuwih daria diajar basa Sunda.

3) Média di sakola masih kurang loba dina ayana média ogé, kadang masih jarang dipaké. Média di sakola téh kudu bisa dimangpaatkeun sanajan ngan saeutik ogé ari médiana sok dimangpaatkeun mah bisa ngarojong lumangsungna prosés diajar ngajar di kelas.

Sangkan masalah dina ieu panalungtikan puguh jujutanana, sarta kawatesanan ku waktu jeung kamampuh panalungtik, ku kituna panalungtikan ieu diwatesanan ngan maluruh kumaha nerapkeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD dina nyusun guguritan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana identifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung dina nyusun guguritan saméméh ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD?

(5)

Nurunnisa Suminar, 2014

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF

TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD) DINA NYUSUN GUGURITAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta hayang nguji modél kooperatif tipe STAD pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nyusun guguritan.

1.3.2 Tujuan Husus

Dina ieu panalungtikan miboga sawatara tujuan anu sifatna husus, nyaéta ngadeskripsikeun:

1) Kamampuh siswa dina nyusun guguritan saméméh ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD;

2) Kamampuh siswa dina nyusun guguritan sanggeus ngagunakeun modél kooperatif tipe STAD;

3) Béda anu signifikan antara kamampuh siswa SMP Kartika Siliwangi 2 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Sacara tioritis mangpaat tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh hususna dina widang pangajaran nulis guguritan ngagunakeun modél pangajaran kooperatif tipe STAD

(6)

Nurunnisa Suminar, 2014

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF

TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD) DINA NYUSUN GUGURITAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

1) Siswa, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nyusun guguritan;

2) Guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi bahan timbangan pikeun guru nepikeun materi pangajaran nyusun guguritan ka siswana; jeung

3) Panalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan ngunaan pangajaran nyusun guguritan ngagunakeun kooperatif tipe STAD.

1.5 Raraga Nulis

Ieu skripsi ngawengku lima bab, bab I ngawengku kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.

Dina bab II dipedar ngeunaan tatapakan tiori anu dimimitian ku hakékat modél pangajaran, Rumpun modél pangajaran, komponen modél pangajaran, jeung modél pangajaran kooperatif tipe STAD. Pedaran ngeunaan guguritan nyaéta wangenan, papasingan jeung conto guguritan. Pedaran pupuh dina guguritan nyaéta wangenan, wanda pupuh jeung watekna, guru wilangan, guru lagu, pada, padalisan sarta conto pupuhna. Salian ti éta dina ieu bab ogé medar ngeunaan raraga mikir sarta hipotésis panalungtikan.

Bab III eusina ngawengku ngeunaan métodologi panalungtikan. Eusina ngawengku lokasi jeung jejer panalungtikan, desain panalungtikan, variabel panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan sarta téknik panalungtikan.

(7)

Nurunnisa Suminar, 2014

MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF

TIPE STUD ENT TEAMS ACHIEVEMENT D IVISION (STAD) DINA NYUSUN GUGURITAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan upi.edu

Referensi

Dokumen terkait

Dari pelaksanaan penelitian dapat disimpulkan bahwa: penerapan model inquiry learning berformat pemecahan masalah (Problem Solving) dapat meningkatkan

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Olahraga dan Kesehatan. © Danny Adhitya

REPÚBLICA DEMOCRÁTICA

atas kerugian yang terjadi pada pelaksanaan operasi kontrak operasi bersama. perusahaan minyak dan

Hubungan iq (intelligence quotient) dengan keterampilan teknik dasar futsal pada siswa ekstrakurikuler futsal SMA NEGERI 1 KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Pengaruh Penerapan Pendekatan Problem Centered Learning (PCL) Terhadap Peningkatan Kemampuan Penalaran Adaptif Siswa SMP.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Eddy Syafri Husein Ritonga, 2016, Judul Skripsi : Tata Cara dan Adat Perkawinan Pada Masyarakat Etnis Angkola (Di Luat Halongonan Kabupaten Padang Lawas Utara)..

Studi ini memfokuskan pada permasalahan bagaimana posisi perusahaan terhadap lingkungan internal dan lingkungan eksternal serta strategi pemasaran apa yang tepat diterapkan