Fitri Siti Nurjanah, 2016
AJÉN BUD AYA D INA KASENIAN GÉSRÉK D I D ÉSA GARUMUKTI KACAMATAN PAMULIHAN BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan
3.1.1 Lokasi Géografis
Lokasi nu dijadikeun tempat panalungtikan nya éta Désa Garumukti anu
aya di wilayah Kacamatan Pamulihan, Kabupatén Garut. Désa Garumukti
mangrupa désa pamekaran ti désa-désa nu aya di Pakénjéng dina taun 1976. Désa
Garumukti dipikawanoh ku wisata alamna ogé poténsi sumber daya alam nu
mangrupa bahan tambang. Désa Garumukti dikategorikeun salaku désa hutan
sabab wilayahna ngawengku tanah kehutanan nu dipimilik ku Perum Perhutani
BKPH Garut Asper Cikandang sarta wilayah perkebunan entéh nu dipimilik ku
PTPN VIII Kebun Sedep.
Sacara géografis Désa Garumukti aya di wilayah Garut Selatan, ogé
mangrupa ibu kota wilayah kacamatan, alatan aya dina puseur pamaréntahan
Kacamatan Pamulihan. Wates Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan beulah
kalér nyaéta Kacamatan Cisurupan jeung Kacamatan Kertasari Kabupatén
Bandung, beulah kidul diwatesanan ku Désa Wangunjaya Kacamatan Pakénjéng,
beulah kulon diwatesanan ku Désa Linggarjati Kacama tan Pamulihan, ogé beulah
wétan diwatesanan ku Désa Pakénjéng Kacamatan Pamulihan.
3.1.2 Kondisi Sosial Budaya
3.1.2.1 Warga
Hubungan masarakat Désa Garumukti kawilang alus, bisa katitén dina
kahirupan sapopoéna anu hadé tata hadé basa, utamana ka sémah. Upama aya
hajat atawa aya warga séjénna anu butuh, masarakatna daék mantuan,
silihtulungan tur silihrojong. Ieu hal nandakeun yén masarakat Désa Garumukti
masih nyekel pageuh tradisi hirup nu sauyunan ogé silihajénan antara masarakat
3.1.2.2 Atikan
Widang atikan di Désa Garumukti kawilang alus, katitén tina masarakatna
anu sakola ti SD, SLTP, SLTA, D3 ogé aya sababaraha warga anu tamatan sarjana
S1 jeung S2. Najan masih kénéh aya warga anu teu tamat sakola, lain hartina teu
maliré kana pentingna atikan. Éta hal bisa disababkeun ku sababaraha faktor, di
antarana faktor ékonomi masarakat nu masih kénéh kurang, faktor tradisi
masarakat, faktor kaayaan désa nu can ngarojong kana kamekaran atikan, jsb.
Tabél 3.1
Jumlah Penduduk Dumasar Atikan
3.1.2.3 Agama jeung Kapercayaan
Masarakat Désa Garumukti ngagem agama Islam. Ieu hal kititén tina data
monografi yén sakabéh masarakatna, nya éta 3.674 urang, ngagem agama Islam.
Dina ngalaksanakeun ibadahna, masarakat Désa Garumukti dirojong ku
sababaraha fasilitas tempat ibadah, nya éta ayana 11 masjid jami jeung 19 musola.
Salian ti kitu, di Désa Garumukti ogé aya 24 madrasah jeung 4 pasantrén pikeun
masarakatna diajar ngeunaan kaagamaan.
No Pendidikan Jumlah
Jajaka Wanoja Jumlah
1 Teu/acan sakola 287 224 531
2 Teu Tamat SD 231 254 485
3 Tamat SD 901 963 1.864
4 Tamat SLTP 303 297 600
5 Tamat SLTA 83 76 159
6 Tamat Akademi (D.1) - - 0
7 Tamat Akademi (D.2) - - 0
8 Tamat Akademi (D.3) 6 3 9
9 Tamat Sarjana (S.1) 11 13 24
10 Tamat Sarjana (S.2) 2 - 2
3.1.2.4 Basa
Basa nu digunakeun ku masarakat Désa Garumukti nya éta basa Sunda.
Sanajan aya sababaraha urang nu lain urang Sunda, tapi dina komunikasi
sapopoéna masih ngagunakeun basa Sunda saluyu jeung kaayaan masarakat Désa
Garumukti.
3.1.2.5 Pakasaban
Pakasaban masarakat Désa Garumukti ngawengku sababaraha widang
pagawéan, tapi umumna jadi buruh tani. Ieu hal alatan kaayaan wilayah Désa
Garumukti nu mangrupa kebon jeung sawah. Sumber daya alam nu aya di ieu
wilayah dimangpaatkeun tur dijad ikeun lahan pikeun melak tutuwuhan di
antarana paré, jagong, kentang, tomat, engkol, jsb. Lian ti éta, aya ogé
masarakatna nu miboga pagawéan salaku buruh kebon, buruh ternak, patani,
tukang ngangon, tukang dagang, usaha dina widang jasa, PNS, TNI jeung POLRI.
Tabél 3.2
Jumlah Penduduk Dumasar Pakasaban
No Pakasaban Jumlah
1 Buruh Tani 1.449
2 Buruh Kebon 450
3 Buruh Ternak 13
4 Patani 527
5 Tukang Ngangon 105
6 Tukang Dagang 125
7 Usaha dina widang jasa 18
8 PNS/TNI/POLRI 18
3.1.3 Sistem Kekerabatan
Masarakat Désa Garumukti dina kahirupan sapopoéna masih nyekel
pageuh kana tradisi gotong royong. Éta hal bisa katitén nalika aya masarakat anu
masarakat nu kurang mampuh sok dibantuan, mangrupa waragad atawa sandang
pangan.
Kagiatan gotong royong séjénna nu aya di Désa Garumukti nya éta dina
tatanén. Upama aya masarakat anu keur ngagarap sawah, sok silihbantuan atawa
nu nganteuran keur buruh tani. Dina ngajaga kaamanan désa, masarakat sok
ngayakeun ronda, unggal peutingna sok giliran jeung warga séjénna. Upama désa
baris ngawangun sarana prasarana saperti jalan, sasak, atawa masjid, masarakatna
ogé sok gotong royong ngilu mantuan saihlasna. Sarta masih kénéh aya
kagiatan-kagiatan gotong royong séjénna anu sok dilaksanakeun ku masarakat Désa
Garumukti.
3.1.4 Sistem Organisasi Sosial
Dumasar data monografi nu aya di Désa Garumukti, bisa katitén yén di ieu
désa aya sistem organisasi sosial pikeun ngarojong kahirupan masarakatna.
Sistem organisasi sosial nu masih kénéh aktif, di antarana pamaréntahan désa,
dusun, RT, RW, BPD, LPM, MUI désa, Karang Taruna, organisasi PKK,
Gapoktan, kelompok tani, kelompok ternak, kelompok P3A Mitra Cai, LSM, sarta
organisasi partai pulitik.
3.2 Sumber Data
Dina ngumpulkeun jeung nganalisis data hasil panalungtikan, tangtu kudu
nangtukeun sumber data nu rék dipaluruh luyu jeung tujuan panalungtikanana.
Sumber data nya éta tempat, jalma, atawa barang nu aya patalina jeung objék
panalungtikan. Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta jalma,
tempat panalungtikan, jeung dokumén. Sumber data jalma mangrupa narasumber
atawa jalma nu mikanyaho ngeunaan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik
wawancara. Sedengkeun sumber data tempat mangrupa lokasi panalungtikan
ngaliwatan téhnik obsérvasi. Anapon sumber data dokumén mangrupa gambar
sarta vidéo pintonan kasenian gésrék ngaliwatan téhnik obsérvasi sarta
3.3 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nya éta rencana anu nuduhkeun gambaran utama
ngeunaan hiji hal anu rék dilakukeun (Arikunto, 2010, kc. 175). Bagbagan prosés
panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku ngumpulkeun
data, idéntifikasi data, ngolah data, jeung nyieun kacindekan. Satuluyna dijieun
jadi laporan hasil panalungtikan. Desain panalungtikan bisa katitén dina bagan ieu
di handap.
Bagan 3.1
Desain Panalungtikan
Ngumpulkeun Data: a. Téhnik obsérvasi b. Téhnik wawancara c. Téhnik dokumentasi
Ngolah Data (Analisis) Nangtukeun Masalah
Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah
Nangtukeun Sumber Data
3.4 Métode Panalungtikan
Nurutkeun Surakhmad (2004, kc. 131), métode nya éta cara utama nu
digunakeun pikeun ngahontal hiji tujuan, misalna pikeun nguji hopitésa,
ngagunakeun téhnik, sarta alat-alat nu tangtu. Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun
yén métode panalungtikan nya éta cara nu digunakeun ku panalungtik dina
ngumpulkeun data panalungtikanana.
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.
Métode déskriptif nya éta panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik
kaayaan, kondisi atawa hal-hal nu geus disebutkeun, nu hasilna didadarkeun dina
wangun laporan panalungtikan (Arikunto, 2013, kc. 3). Metode déskriptif
digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngadeskripsikeun sajarah, prak-prakan,
ajén budaya dina kasenian Gésrék, sarta bahan pangajaran maca ngeunaan ajén
budaya nu aya dina kasenian Gésrék pikeun siswa kelas XII SMA.
3.5 Wangenan Operasional
Dumasar kana ieu judul panalungtikan nya éta “Ajén Budaya dina Kasenian Gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut
pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”, sangkan aya gambaran perlu
dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, sakumaha
ditétélakeun ieu di handap.
Ngadéskripsikeun Data a. Acara tatahar b. Acara inti
Nyieun Kacindekan
1) Ajén Budaya
Ajén budaya nya éta hal- hal nu dianggap penting pikeun kahirupan tur
miboga ajén atawa pangaji anu aya di jero hiji budaya.
2) Kasenian Gésrék
Kasenian gésrék mangrupa salasahiji kasenian tradisional nu sumebar di
Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut. Kasenian gésrék
nya éta kasenian nu mintonkeun kamonésan palaku seni dina maénkeun hiji
pakarang nu digésrék-gésrékkeun kana awakna, bari dipirig ku waditra
terebang jeung maca kitab Barzanji.
3) Bahan Pangajaran
Bahan pangajaran mangrupa salasahiji komponén nu bisa ngarojong kana
kahontalna tujuan pangajaran. Bahan pangajaran mangrupa salasahiji
komponén dina prosés diajar-ngajar.
3.6 Instrumén Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén panalungtikan nya éta
pakakas atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data
sangkan pagawéanana leuwih gampang sarta hasilna leuwih hadé, dina harti
leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka babari diolah. Instrumén
panalungtikan nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kaméra digital,
handphone, buku catetan, jeung pedoman wawancara.
1) Kaméra Digital
Kaméra digital digunakeun pikeun moto sarta ngadokuméntasikeun
kagiatan panalungtikan, ngarékam pintonan kasenian Gésrék, sarta hal-hal nu
aya patalina jeung kasenian Gésrék.
2) Handphone
Handphone digunakeun pikeun alat komunikasi, moto kagiatan
panalungtikan, sarta ngarékam dina prosés ngumpulkeun data nalika
wawancara jeung narasumber.
3) Buku Catetan
Buku catetan digunakeun pikeun nyatetkeun sagala hal nu aya patalina
jeung kagiatan panalungtikan, utamana nalika ngalaksanakeun wawancara
4) Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara nya éta runtuyan patalékan-patalékan wawancara
ngeunaan kasenian Gésrék, digambarkeun dina tabél ieu di handap.
Tabél 3.3
Daptar Patalékan dina Pedoman Wawancara
Rumusan Patalékan-patalékan Wawancara
Sajarah Kasenian
Gésrék
Naon ari kasenian gésrék téh?
Kumaha sajarah ayana kasenian gésrék?
Naha bet dingaranan gésrék?
Naon waé fungsi kasenian gésrék?
Kumaha kamekaran sarta parobahan kasenian gésrék ti
mangsa ka mangsa?
Sabaraha jumlah pamaén dina kasenian gésrék?
Naha aya syarat nu kudu dilakonan upama hayang jadi
pamaén gésrék?
Unggal dina acara naon waé kasenian gésrék dipintonkeun?
Naha aya pantrangan dina pintonan kasenian gésrék?
Hal-hal anu Kudu
Ditataharkeun
Bahan-bahan naon waé nu dibutuhkeun dina kasenian gésrék?
Pakakas naon waé nu aya dina kasenian gésrék?
Prak-prakan
Kasenian Gésrék
Saacan minton, aya ritual khusus nu dilaksanakeun?
Kumaha prak-prakan pintonan kasenian gésrék?
Sanggeus pintonan kasenian gésrék, aya hal séjénna nu
Naon waé fungsi kasenian gésrék?
Ajén dina
Kasenian Gésrék
Wujud kabudayaan naon waé nu aya dina kasenian gésrék?
3.7 Téhnik Panalungtikan
Nurutkeun Maryaeni (2005, kc. 16), téhnik panalungtikan mangrupa cara
nu digunakeun panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Cara nu
digunakeun bisa dina wangun obsérvasi, partisipasi, wawancara, jsb, Téhnik nu
digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik obsérvasi, wawancara, jeung
dokuméntasi. Sanggeus data dikumpulkeun, dianalisis, sarta didéskripsikeun,
diolah pikeun dijieun kacindekan.
1) Téhnik Obsérvasi
Téhnik obsérvasi nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan data sacara
langsung kana objék panalungtikan di lapangan. Dina ieu panalungtikan, nu
jadi objék nya éta kasenian Gésrék nu aya di Désa Garumukti Kacamatan
Pamulihan Kabupatén Garut.
2) Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara nya éta téhnik nu digunakeun dina ngumpulkeun data
ngaliwatan kagiatan tanya jawab jeung narasumber. Anu jadi narasumber
dina ieu panalungtikan nya éta sesepuh, pupuhu, katut pamaén kasenian
Gésrék, sarta inohong nu mikanyaho ngeunaan kasenian Gésrék.
3) Téhnik Dokuméntasi
Téhnik dokuméntasi nya éta téhnik nu digunakeun pikeun
ngadokuméntasikeun sagala hal anu aya patalina jeung kasenian Gésrék.
3.8 Analisis Data jeung Léngkah-léngkah Panalungtikan
Analisis mangrupa kagiatan: (1) nyusun data luyu jeung runtuyan masalah
nu dibutuhkeun; (2) ngaorganisasikeun data dina formasi, kategori, atawa unit nu
tangtu; (3) interprétasi panalungtik kana data, luyu jeung pamahaman nu
dibutuhkeun; (4) ngajén data-data nu geus dikumpulkeun pikeun ngahasilkeun
kacindekan: hadé atawa goréng, luyu atawa henteu, signifikan atawa henteu
(Maryaeni, 2005, kc. 75). Kacindekan nu dihasilkeun dina ieu panalungtikan nya
éta hadé atawa goréngna ajén nu nyangkaruk dina ieu kasenian pikeun
diwanohkeun ka siswa SMA kelas XII, sarta luyu atawa henteuna ieu kasenian
pikeun dijadikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.
Anapon léngkah- léngkah dina ngalaksanakeun panalungtikan, nya éta: (1)
nganalisis katut ngolah data, (4) ngadéskripsikeun data luyu jeung tujuan
panalungtikan, jeung (5) nyieun kacindekan. Dina ngalaksanakeun panalungtikan,
sanggeus ngawatesan jeung ngarumuskeun masalah, tuluy ngumpulkeun data
ngaliwatan téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. Data
nu geus kakumpulkeun, tuluy diolah sarta dianalisis. Prosés nganalisis data hasil
panalungtikan ku cara maluruh deui catetan sarta sumber data séjénna nalika
obsérvasi di lapangan. Hasil data panalungtikan didéskripsikeun sarta disusun
sacara sistematis saluyu jeung rumusan masalah pikeun dijad ikeun kacindekan.
Sanggeus hasil panalungtikan diolah, tuluy disusun jadi hiji laporan.
Métode dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode
digunakeun pikeun ngajelaskeun katut ngagambarkeun hasil panalungtikan luyu
jeung tujuan. Anu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta sajarah
kasenian Gésrék, hal- hal nu kudu ditataharkeun pikeun pintonan kasenian gésrék,
prak-prakan kasenian gésrék, ajén budaya nu aya dina kasenian gésrék, sarta
déskripsi ngeunaan kasenian gésrék nu dilarapkeun dina bahan pangajaran maca