• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1002714 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1002714 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Gemana Karnale, 2014

MÉDIA GAMBAR KOLASE PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS CARPON Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dipedar dina bab saméméhna, dina ieu bab diébréhkeun kacindekan saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI Administrasi Perkantoran SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun média gambar kolase henteu nyugemakeun, katitén dina hasil nulis carita pondok siswa loba kénéh anu asup kana kriteria can mampuh nulis carita pondok, siswa anu kaasup kritéria mampuh nulis carita pondok téh aya 3 siswa sedengkeun 31 siswa séjénna dianggap can mampuh nulis carita pondok. Peunteun pangleutikna anu dicangking ku siswa saméméh ngagunakeun média gambar kolase nya éta 50 sedengkeun peunteun panggedéna 79.

2) Kamampuh postés nulis carita pondok siswa kelas XI Administrasi

Perkantoran SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2013/2014 anu kaasup kritéria mampuh nulis carita pondok téh aya 32 siswa sedengkeun 2 siswa séjénna dianggap can mampuh nulis carita pondok. Peunteun pangleutikna anu dicangking ku siswa saméméh ngagunakeun média gambar kolase nya éta 71 sedengkeun peunteun panggedéna 92.

3) Aya bedana anu sigifikan, katitén tina hasil rata-rata pratés jeung postés anu dicanangking nya éta ngaronjat ti 64,14 jadi 84,47 kalawan Beda rata-rata kamampuh pratés-postés nulis carita pondok nya éta 20,32. Sakabeh siswa kalawan jumlah 34 urang (100%) peunteun postésna leuwih gedé tibatan pratésna. Bisa dicindekeun kamampuh nulis carita pondok siswa sabada ngagunakeun média gambar kolase téh ngaronjat.

4) Hasil uji hipotésis, kapanggih yén ti ng > t él, nya éta 56,44 > 2,46

(2)

84

Gemana Karnale, 2014

MÉDIA GAMBAR KOLASE PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS CARPON Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

siswa kelas XI Administrai Perkantoran SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2013/2014.

5.1Saran

Sabada ngalaksanankeun ieu panalungtikan anu judulna “Média Gambar Kolase pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Carita Pondok (Studi kuasi Éksperimen Siswa Kelas XI Administrasi Perkantoran SMK Pasundan 3 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)” minangka bagian pamungkas, baris diébréhkeun

sababaraha saran saperti di handap ieu.

1) Dipiharep gambar kolase bisa dipaké salaku média alternatif pikeun

ngaronjatkeun kamampuh siswa dina widang nulis.

2) Pikeun sakola dipiharep bisa nyadiakeun fasilitas anu hadé hususna pikeun pangajaran basa Sunda sangkan tujuan pangajaran bisa kahontal.

3) Pikeun Guru, ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa méré inspirasi

pikeun ngajieun média pangajaran sangkan pangajaran di jero kelas leuwih

variatif.

4) Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré pangaweruh jeung inspirasi pikeun

siswa hususna dina pangajaran nulis carita pondok.

Referensi

Dokumen terkait

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaran ngeunaan téhnik akrostik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. 1) Kamampuh

Rumusan masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal anu penting. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh siswa kelas

dina pangajaran nulis laporan, lantaran tina hasil panalungtikan, modél. pangajaran Picture and Picture bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, bisa dicindekkeun yén novél Saéni diwangun ku unsur-unsur struktural (téma, fakta carita, jeung sarana carita) jeung unsur semiotik

Dumasar kana hasil pedaran dina bab IV, bisa dicindekkeun hal-hal saperti kieu. a) Kamampuh maca sajarah lokal siswa kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Kota Bandungsaméméh

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan diidentifikasi ieu di handap. 1) Siswa masih kurang motivasi diajarna, ku sabab métode

Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis nyaéta, ieu di handap. 1) Pikeun siswa sangkan bisa ngaronjatkeun motivasi diajar siswa dina pangajaran nulis, hususna dina

Rumusan masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal anu penting. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan ditétélakeun saperti ieu di handap. 1) Kumaha kamampuh siswa kelas