• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1002597 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1002597 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

78

Neni Nur’alia, 2014

Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina ieu bab dipedar tur diebrehkeun kacindekan hasil panalungtikan kuasi

ékspérimen perkara modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita

siswa kelas X IPS SMA Kartika XIX-2 Bandung. Sanggeus dicindekkeun,

diebrehkeun saran-saran nu patali jeung panalungtikan.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan modélTime Token Arend dina

ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2

Bandung, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nyarita siswa dina basa Sunda saméméhmaké modélTime Token

Arend katingali masih kurang jeung jauh dina nyumponan kritéria katuntasan

minimal (KKM). Hal éta kabuktian tina hasil tés lisan jeung obsérvasi salila

pretés, masih loba siswa anu cicing jeung henteu nepikeun pamadeganna tur

skorna masih kurang, hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu tuntasaya 6

(17,1%) jeung nu can tuntas aya 29 (82,9%).

2) Kamampuh nyarita siswa siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung

sanggeus maké modél Time Token Arend ,ngaronjat tur bisa nyumponan kritéria

katuntasan minimal (KKM). Siswa anu tadina loba cicing jeung pasif dina

nyarita mampu nepikeun pamadeganna sok sanajan masih keneh era dina

nepikeunna. Kaayaan kelas dina pangajaran diskusi jadi leuwih tartib jeung hak

dina nepikeun pamadegan atawa kereteg haténa sarua atawa samarata,euweh

salahsahiji pihak anu ngadominasi. Hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu

tuntas aya 30 (85,7%) jeung siswa nu can tuntas aya 5 (14,3%).

3) Aya bédana sanggeusmaké modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun

kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, dumasar

(2)

79

Neni Nur’alia, 2014

Modél Time Token Arend Dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jumlahna 73,4 . Hal ieu dirojong ogé ku hasil uji hipotésis anu nétélakeunyéntitung

(10,63) > ttabel (2,44).

Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yénmodél pangajaran Time Token

Arend éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA

Kartika XIX-2 Bandung.

5.2 Saran

Sanggeus dilakukeun panalungtikan modélTime Token Arend dina

ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2

Bandung, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun nya éta :

1) Modél pangajaran Time Token Arend geus kabuktian kaéféktifann. Ku sabab

kitu, disarankeun sangkan ieu modél dijadikeun salahsahiji alternatif pikeun

guru-guru dina ngajar nyarita.

2) Sangkan leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modélTime Token Arend perlu

Referensi

Dokumen terkait

Dumasar kasang tukang di luhur, puseur masalah dina ieu panalungtikan ngawengku kamampuh siswa dina nyarita (nyaritakeun eusi novél) saméméh jeung sanggeus

ngantét dina wawangsalan boga tipeu, adegan, tatali harti jeung kahasan kalimah. anu didéskripsikeun saperti ieu

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis sajak, aya sababaraha saran anu patali jeung ieu panalungtikan, nya éta ieu di handap. 1) Dumasar

Dumasar kana hasil pedaran dina bab IV, bisa dicindekkeun hal-hal saperti kieu. a) Kamampuh maca sajarah lokal siswa kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Kota Bandungsaméméh

téhnik tés jeung obsérvasi. Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés awal dilakukeun saméméh dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran Think-Talk-Write dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan

basa jeung sastra Sunda séjénna nu saluyu jeung karakteristik ieu modél, ku kituna hasilna téh leuwih optimal. 3) Pikeun panalungtik lainna nu ngalakukeun panalungtikan sanggeus

Dumasar kana hasil analisis data dina Bab IV ngeunaan Téhnik Tarucing Cakra pikeun Évaluasi Maca Carpon di SMP, bisa dicindekkeun hal-hal saperti ieu di handap. Sedengkeun dina