• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006712 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006712 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Elsa Nurlia, 2014

Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaranna, bisa dicindekkeun sakumaha ieu di handap.

1) Kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa

kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nyaéta C atawa cukup. Éta hal

téh katitén tina hasil panalungtikan nu nuduhkeun yén 19 urang atawa 65,52% siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 dikatégorikeun mampuh katut 10 urang atawa 34,48% siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 dikatégorikeun can mampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman saméméh

ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.

2) Kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa

kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif nyaéta B atawa hadé. Éta hal

téh katitén tina hasil panalungtikan nu nuduhkeun yén 27 urang atawa 93,09% siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 dikatégorikeun mampuh jeung dua urang atawa 6,91% siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 dikatégorikeun can mampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman sanggeus

ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.

3) Aya béda nu signifikan antara kamampuh ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu

dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir

induktif. Éta hal téh bisa katitén dina uji gain anu hasil kamampuh

(2)

89

Elsa Nurlia, 2014

Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif-na téh nyaéta 66,38% jeung

77,83%. Ku kituna, kapanggih rata-rata gainna 11,45%. Salian éta, tina hasil

uji hipotésis, kapaluruh niléy

>

nyaéta 4,60 > 2,76 nu hartina

hipotésis gawé ( ) ditarima jeung hipotésis nol ( ) ditolak. Ku kituna, modél pangajaran mikir induktif téh bisa ngaronjatkeun kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman siswa kelas VII-I

SMP Negeri 29 Bandung taun ajaran 2013/2014.

5.2Rékoméndasi

Sanggeus panalungtikan nu dijudulan “Modél Pangajaran Mikir Induktif pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngalarapkeun Vokal é, e, jeung eu dina Nulis

Pangalaman (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-I SMP Negeri 29 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)” dilakukeun, aya sawatara rékoméndasi nu ditepikeun ku panalungtik sakumaha ieu di handap.

1) Sangkan modél pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh

ngalarapkeun vokal é, e, jeung eu dina nulis pangalaman hasilna leuwih bisa

dipercaya, katut bisa digeneralisasikeun kana populasi nu leuwih lega; ku kituna perlu dilakukeun panalungtikan ékspérimén murni.

2) Gunakeun modél pangajaran mikir induktif dina matéri-matéri pangajaran

basa jeung sastra Sunda séjénna nu saluyu jeung karakteristik ieu modél, ku kituna hasilna téh leuwih optimal.

3) Pikeun panalungtik lainna nu ngalakukeun panalungtikan sanggeus ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa leuwih asak dina ngararancang pangajaran ngagunakeun modél pangajaran mikir induktif.

4) Dina unggal pangajaran nulis basa jeung sastra Sunda, perlu diperhatikeun pisan larapna vokal é, e, jeung eu dina kecap téh. Ieu hal saluyu ogé jeung

(3)

90

Elsa Nurlia, 2014

Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Referensi

Dokumen terkait

Ku kituna, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun struktur, fungsi, jeung harti rarangkén tukang nu aya dina karangan pangalaman pribadi

Tahap interprétasi mangrupa tahap napsirkeun hasil data pikeun ngolah pamahaman nu luyu jeung tujuan panalungtikan. Tahap interprétasi dina ieu panalungtikan nya

sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. 3) Aya béda nu signifikan kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11. saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métode

pangajaran maca sajarah lokal téh perlu pikeun ditalungtik. Ku éta hal, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan museur dina pasualan “ Éféktivitas Modél Pangajaran

1) Métode dramatic reading téh geus kabuktian kaéféktifanana. Ku kituna, ieu métode disarankeun sangkan dijadikeun salasahiji alternatif pikeun guru- guru dina ngajar maca.

Hasil panalungtikan Pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung, bisa dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VII saluyu jeung kriteria bahan ajar sarta luyu

Ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis kaulinan barudak anu aya di Désa Tanjungwangi, struktur lumangsungna kaulinan barudak, jeung unsur

Dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa téh dianalisis tina jihat semantik, nyaéta tina aspék harti jeung warna harti, anu matalikeun babasan jeung paribasa