• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104257 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104257 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

1.1 Kacindekan

Pupujian mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda nu miboga ajén-inajén luhur. Pupujian mangrupa salah sahiji karya sastra Sunda anu geus kaitung langka dihaleuangkeun boh dipadésaan komo dipakotaan, tapi di salah sahiji wewengkon Kota Bandung masih kénéh kaitung hirup. Ieu panalungtikan ngagunakeun Métode kualitatif nya éta étnografi-deskriptif. Tina hasil panalungtikan, kapanggih dua buku, hiji catetan jeung dua lambaran anu jumlahna 50 téks pupujian ti opat narasumber.

Unsur sémiotik anu dianalisis mangrupa unsur ikon, indéks jeung simbol nurutkeun tiori

Budiman. Aya sapuluh judul Pupujian nu dianalisis unsur sémiotikna nya éta “ Du’a Bulan

Rajab (DBR), Du’a pikeun Guru (DpG), Du’a Réngsé Ngaji/Ngaderes (DRNg), Éling-éling

nu Sok Solat (É2nS2), Ilahilastu Lilfirdausi Ahla (ILA), Kalimah Toyyibah (KT), Man

Taroka (MT), Ma’rifat ka Alloh jeung Rosululloh (MkAjR), Niat Ngaos/Tolab Élmu (NNg),

Pancakaki Nabi (PN).Tina sapuluh pupujian, kapanggih unsur ikon imagis jeung metaforis; unsur indeks zat, réngkak paripolah, kecap gaganti jalma, gejala fisik, jeung aktualisasi kecap panunjuk; sarta unsur simbol katut interprétasina.

Eusi téks pupujian nu dianalisis nurutkeun tiori Yus Rusyana nya éta aya genep golongan, nya éta: 1) muji kaagungan Gusti Alloh; 2) solawat ka Kangjeng Nabi; 3) ngadu’a

jeung tobat ka Gusti Alloh; 4) ménta pitulung ka Gusti Alloh jeung sapa’at ka Kangjeng Nabi

Muhammad Saw.; 5) naséhat pikeun ngajalankeun ibadah jeung amal soléh sarta ngajauhan ma’siat; jeung 6) ajaran ngeunaan agama, upamana kaimanan, rukun islam, fikir, akhlak, tarikh (riwayat), jeung tafsir Qur’an.

Kontéks nu kapanggih nya éta aya tatacara (posisi diuk). Anapon posisi diuk ngan aya

dua; (1) nyanghareup ka guru jeung (2) ngangabuleud (leter O);waktu, Ba’da Subuh, Waktu

(2)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Hasil panalungtikan Pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung, bisa dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VII saluyu jeung kriteria bahan ajar sarta luyu jeung SKKD tingkat SMP/MTs Kelas VII.

1.2 Saran

Ku ayana panalungtikan kana karya sastra Sunda wangun pupujian tangtuna miboga mangpaat anu kacida pentingna. Dumasar éta hal, aya sababaraha saran anu perlu ditepikeun pikeun nambihan pangaweruh dina kahirupan. Dumasar kana éta hal, aya sababaraha saran anu perlu ditepikeun.

1) Pikeun Guru

Pikeun guru pangajaran Basa Sunda, dina milih bahan pangajaran pikeun ditepikeun ka

siswa kudu variatif. Guru kudu bisa motékar pikeun mekarkeun bahan pangajaran

sangkan teu pikabosenenun. Bahan pangajaran anu rék ditepikeun leuwih hadé saupama aya conto nyata, sangkan siswa leuwih gampang maham jeung apal kana karya kasusastraan katut kabudayaan Sunda anu aya disabudeureunana.

2) Pikeun Siswa

Pikeun siswa, hususna siswa SMP kelas VII anu aya pangajaran pupujian sakuduna wanoh jeung maham matéri pupujian. Ku kituna perlu aya tarékah pikeun néangan jeung neuleuman informasi atawa référénsi ngeunaan pupujian, sangkan ajén-inajén pupujian anu diajarkeun di sakola bisa kacangking ku siswa.

3) Pikeun Panalungtikan Satuluyna

Ieu panalungtikan dipuseurkeun kana analisis sémiotik, téks, jeung kontéks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung. Ku kituna, perlu dilakukeun panalungtikan nu leuwih nyosok jero, lain ukur kajian sémiotik, téks, jeung kontéks hungkul, tapi bisa ditalungtik ogé unsur wirahma lagu (bahar) pupujian nepika ngawujud rupa-rupa wirahma tiap pupujian. Bakal leuwih hadé ogé saupama bisa nyieun média anu

leuwih relevan pikeun média pangajaran di sakola anu matak ngahudang karep siswa

Referensi

Dokumen terkait

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngainvéntarisir sarta ngadéskripsikeun wangun, purwakanti, eusi, harti, fungsi, jeung basa pupujian anu kapanggih di Kampung

Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Pupujian di Kampung Rancamalang Désa Margaasih Kabupatén Bandung pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Kelas. VII di

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun ajén éstétis anu

téks tina hasil panalungtikan anu luyu sarta bisa dipaké pikeun pangajaran. maca di kelas

Pasantrén Syafi’iyyah Al-Falah Désa Mekarjaya Kecamatan Bungbulang Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP”. 1.2 Idéntifikasi Jeung Rumusan Masalah. 1.2.1

Pupujian Di Pasantrén Syafi’iyah Al-Falah Désa Mekarjaya Kecamatan Bungbulang Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di Smp.. Universitas Pendidikan Indonesia

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VIIi. Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.. Universitas Pendidikan Indonesia |