• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1005794 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1005794 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh nganalisis ajén éstétis anu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung, karya Apung S. Wiratmadja, ditilik tina unsur kabasaan jeung unsur eusina. Ditalungtik ngagunakeun métode

formal anu digabungkeun jeung métode déskriptif analitis. Ari téhnikna mah studi pustaka. Analisisna ngalarapkeun tiori ti Richard (unsur eusi), Tamsyah (unsur kabasaan jeung eusi), Dian Hendrayana (pedotan), jeung Horatius (ukuran ajén éstétis). Tina 29 judul dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung téh anu ditalungtikna mah 16 judul.

Unsur kabasaan dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung

téh lolobana ngagunakeun basa Sunda nu geus ilahar diucapkeun dina paguneman sapopoé. Salian ti éta, ogé aya basa anu teu ilahar; ngareumpak aturan katatabasaan jeung jarang dipaké dina paguneman sapopoé urang Sunda. Kekecapan anu asalna lain tina basa Sunda gé kapanggih dina ungkara dangding-dangding Lagu Liwung Urang Bandung, nyaéta tina basa Arab, basa Jawa, jeung basa Indonesia. Basa dina karya sastra téh bakal karasa éndah saupama dimomonés ku gaya basa. Umumna mah, rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung ngagunakeun gaya basa mijalma jeung ngupamakeun. Gaya basa téh nuduhkeun kasaimbangan bakat jeung kaparigelan pangarang dina ngolah basa sangkan bisa numuwuhkeun ajén éstétis (sarat éstétis nature & ingenium). Apung S.W. parigel pisan dina ngarakit basa anu éndah, sanajan kauger ku rupa-rupa patokan.

(2)

117

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

aya patalina jeung kaéndahan alam di Bandung, infrastruktur (jalan), jeung kalakuan urang Bandung. Dina sababaraha rumpaka, pangarang ngabandingkeun kaayaan Bandung kiwari jeung mangsa bihari. Sabenerna mah, Bandung anu baheula leuwih éndah, tingtrim, genah, merenah, tur tumaninah ti batan Bandung ayeuna. Loba hal-hal anu piéndaheun ti Bandung téh geus laleungitan jeung raruksak. Antukna, timbul rasa sedih, prihatin, jeung ambek, lantaran Bandung nu

ayeuna geus lain dayeuh anu dipikameumeut siga baheula. Tina rumpaka-rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh pamaca diajak mikir (nada) pikeun nyiar bongbolonganana. Salian ti diajak mikir, pamaca gé dipapagahan ngeunaan cara ngurus alamna ngarah resik tur asri. Inti amanatna téh nyaéta kaéndahan alam kudu dijaga tur diriksa, sangkan moal ngarugikeun kahirupan manusa.

Salian ti éta, aya unsur pangwangun eusi séjénna anu nambahan kualitas ajén éstétis éta rumpaka-rumpaka dangding, nyaéta purwakanti jeung pedotan. Rumpaka-rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh beunghar pisan ku purwakanti, matak kekecapanna karasa éndah pas dibaca téh; ngagalindeng. Panglobana nu dipaké mah purwakanti laraswekas jeung maduswara. Kekecapan anu murwakanti téh henteu ngan saukur genah dibacana, tapi ogé bakal merenah ditembangkeun ku cara ngalarapkeun pola pedotan anu merenah ogé. Pola pedotan dina ungkara-ungkara rumpaka dangding Lagu Liwung Urang Bandung téh lolobana 2-2-2-2 jeung 3-2-3 (tiori Hendrayana).

Dumasar kana ukuran ajén éstétis: harmoni, nature & ingenium, jeung fungsi sastra, unsur eusi rumpaka dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung téh geus nyumponan éta tilu sarat. Ma’nana nu éndah saluyu jeung ciri has eusina. Salian ti kitu, kaéndahanana karasa tina gumulungna unggal unsur

pangwangun eusi (téma, rasa, nada, amanat, purwakanti, jeung pedotan). Ma’na

anu éndah téh bakal karasa leuwih éndah ku cara genah ditembangkeun (dampak

(3)

118

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh bisa dimangpaatkeun dina kahirupan sapopoé, bakal kapaké pisan.

Ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung téh bisa dilarapkeun kana pangajaran maham rumpaka tembang di SMA, sabab saluyu jeung kurikulum 2013 (Kompetensi Inti dan Kompetensi Dasar). Sanggeus dipatalikeun jeung kritéria bahan ajar nu hadé, hasil ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan ajar dina éta pangajaran.

5.2 Saran

Tina hasil ieu panalungtikan téh loba hal-hal penting anu bisa dimangpaatkeun, tapi di sagigireun éta panalungtik gé sadar kana kakurangan ieu panalungtikan. Ku kituna, panalungtik ngajukeun saran keur sababaraha pihak, nyaéta pikeun guru basa Sunda, panalungtik, pamaréntah, jeung masarakat umum.

1) Guru basa Sunda dipiharep bisa ngamangpaatkeun hasil ieu panalungtikan pikeun dijadikeun bahan ajar dina pangajaran maham rumpaka tembang, sabab geus kaasup kritéria nu hadé.

2) Panalungtik diperedih nalungtik dangding kalayan leuwih teleb tur mundel ambahanana, anu ditilik tina aspék séjén, leuwih hadé deui dipatalikeun jeung widang atikan. Hasil ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan référénsi pikeun panalungtikan satuluyna.

3) Pamaréntah disarankeun leuwih merhatikeun deui kalungguhan rumpaka tembang dina widang atikan. Hususna, rumpaka dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung téh bisa dijadikeun pangdeudeul dina pangajaran tembang, sabab miboga ajén éstétis.

Referensi

Dokumen terkait

Gambar kolase nya éta média anu nganteur siswa ngajieun carita pondok. Gambar kolase anu dipaké dina ieu panalungtikan téh aya hiji frame anu unggal. gambar miboga

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dipedar dina bab saméméhna, dina ieu bab diébréhkeun kacindekan saperti ieu di handap. 1) Kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI

mah anu dipaluruh téh perkara biografi pangarang ngaliwatan pamarekan sosiologi sastra anu dipatalikeun jeung fakta carita dina éta novel. Ieu panalungtikan béda

Anapon instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta panalungtikna sorangan salaku instrumén, Tuluy pikeun meunangkeun data nu lengkep panalungtik

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis sajak, aya sababaraha saran anu patali jeung ieu panalungtikan, nya éta ieu di handap. 1) Dumasar

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kamampuh ngalarapkeun éjahan, kasalahan-kasalahan éjahan, jeung faktor nu mangaruhan kana

Dumasar kana tatapakan anu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan museur kana tilu aspék talaah, nyaéta: (1) aspék sosiologi pangarang nu ngawéngku data riwayat

Dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa téh dianalisis tina jihat semantik, nyaéta tina aspék harti jeung warna harti, anu matalikeun babasan jeung paribasa