• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104541 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104541 Chapter3"

Copied!
13
0
0

Teks penuh

(1)

17

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku opat sub-bab, nya éta desain panalungtikan, ngumpulkeun data, lokasi panalungtikan jeung sumber data, jeung téhnik ngolah data.

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh kagolong kana panalungtikan kualitatif kalawan pamarekan étnografi anu maké métode déskriptif. Pamarekan étnografi digunakeun pikeun panalungtik turun langsung ka lapangan, nempo aya sakumaha loba jeung naon waé kaulinan anu sok di ulinkeun ku barudak, tuluy nalungtik hal-hal anu nyampak dina unggal kaulinanana. Anu jadi dasar dipakéna métode déskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun rupa-rupa kaulinan, prak-prakan jeung unsur sémiotik nu ayadina kaulinan barudak di Désa Tanjungwangi.

Nurutkrun Sugiyono (2012, kc. 2), métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data maké tujuan jeung kagunaan anu tangtu, sedengkeun nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif numutkeun Moleong (2012, kc. 6) nya éta panalungtikan anu miboga maksud pikeun maham fénoména ngeunaan hal anu kaalaman ku subjek panalungtikan, misalna kalakuan, persépsi, motivasi, tindakan, jrrd., sacara holistik, sarta ku cara déskripsi dina wangun kecap jeung basa, dina hiji kontéks husus nu alamiah jeung ngamangpaatkeun rupa-rupa métode alamiah. Jadi, métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan.

(2)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

bagian tina panalungtikan lapangan (Moleong, 2012, kc. 26). Luyu jeung pamadegan Arikunto (2010, kc. 3), yén métode déskriptif mangrupa métode anu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi, kajadian, kagiatan, jeung sajabana, anu satuluyna hasil panalungtikan téh disusun dina wangun laporan.

Dina maké ieu métode diusahakeun dinangumpulkeun data, luyu jeung waktu sarta kamampuan anu nyampak. Saterusna disusun jadi hiji runtuyan anu sagemblengna sarta analisis tina éta data anu geus kakumpulkeun.

Minangka panalungtikan anu maké pamarekan étnografi, ieu panalungtikan ogé maké desain étnografi. Ari Desain panalungtikan téh mangrupa bagan anu ngagambarkeun léngkah-léngkah anu dilakukeun ku panalungtik dina prak-prakan panalungtikan. Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan kagambar dina bagan 3.1 ngeunaan desain panalungtikan.

(3)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2 Ngumpulkeun Data

3.2.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa alat nu dipaké pikeun meunangkeun data panalungtikan sarta nganalisis data panalungtikan. Instrumén panalungtikan nya éta hiji alat nu dipaké pikeun ngukur fénoména alam atawa sosial nu ditalungtik. Sacara spésifik sakabéh fénoména éta téh disebut variabel panalungtikan (Sugiyono, 2012, kc.102), sedengkeun Arikunto (2010, kc.203), nyebutkeun yén instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana jadi leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka leuwih babari dikokolakeunana.

Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh nya éta : Obsérvasi

Nangtukeun topik panalungtikan jeung ngawatesan masalah anu fokus kana istilah ani aya dina kaulinan barudak

- Téhnik obsérvasi - Téhnik wawancara - Téhnik talaah pustaka

Léngkah anu dilaksanakeun sacara gurat badag, nya éta: a) tahap nyadiakeun data, b) tahap analisis data, jeung c) tahap midangkeun hasil analisis data.

Hasil data anu geus di olah téh di deskripsikeun Ngumpulkeun data tina kamus, buku, jeung internet.

(4)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Alat pangrékam, anu dipaké pikeun ngumpulkeun data lisan ngeunaan kaulinan barudak naon waé anu aya di Désa Tanjungwangi.

2) Kaméra, anu dipaké dina prosés panalungtikan pikeun dokuméntasi. Di mana ieu kaméra dipaké pikeun nyokot foto narasumber jeung vidio nalika barudak arulin.

3) Kartu panalungtikan, ieu kartu eusina ngawengku idéntitas narasumber jeung hasil panalungtikan. Conto kartu panalungtikan :

Idéntitas Narasumber

4) Daftar patalékan mangrupa naon anu dijadikeun patalékan dina prosés wawancara dina ieu panalungtikan. Patalékan anu baris diajukeun nya éta: a. Naon waé kaulinan barudak anu aya di ieu désa?

b. Kumaha kaayaan kaulinan barudak di ieu désa?

c. Kumaha antusias barudak kana kaulinan barudak anu masih tradisional? d. Kumaha cara kolot ngawanohkeun sagala kaulinan barudak ka

budak-budakna?

5) Pedoman instrumén panalungtikan nya éta:

1) Pedoman obsérvasi, nya éta patokan anu dipaké pikeun niténan anggota

(5)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b) Pedoman wawancara tak terstruktur, nya éta pedoman wawancara anu nanyakeun masalah ngan gurat badagna wungkul.

6) Catetan lapangan

3.2.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nya éta téhnik obsérvasi, téhnik studi pustaka, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.

a. Téhnik Obsérvasi

Dina ieu panalungtikan, obsérvasi dilakukeun pikeun niténan objék panalungtikan pikeun ngumpulkeun data diluareun kanyahona respondén. Ieu panalungtikan téh bisa lumangsung dina kaayaan loma, bari ngobrol, sabab obsérvasi mangrupa tahap munggaran dina panalungtikan.

b. Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu sipatna dokumén, misalna data gambar-gambar atawa tinulis. Ieu téhnik digunakeun pikeun ngumpulkeun tiori-tiori jeung data anu digunakeun pikeun pangdeudeul panalungtikan.

c. Téhnik Wawancara

Nurutkeun Sugiyono (2012, kc. 137), wawancara nya éta téhnik ngumpulkeun data dimana panalungtik miboga kahayang pikeun ngalakukeun studi pendahuluan pikeun meunangkeun masalah anu kudu ditalungtik jeung

mikanyaho hal-hal ti réspondén ogé jumlah réspondén anu leuwih nyosok jero.

d. Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi nya éta téhnik nu digunakeun ku cara ngadokuméntasikeun naon-naon nu patali jeung panalungtikan, saperti ngadokuéntasikeun prak-prakanna kaulinan barudak, pakakas nu digunakeun sarta ngadokuméntasikeun wawancara jeung narasumber.

Dumasar kana téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap:

(6)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Léngkah-léngkah anu dilaksankeun dina tahap tatahar nya éta: (1) ngajukeun judul panalungtikan; (2) nyieun rarancang panalungtikan; (3) nyieun rumusan masalah jeung objék nu rék ditalungtik; (4) ngumpulkeun sumber data jeung kajian pustaka; (5) nyieun proposal; (6) nyieun surat ijin panalungtikan; sarta (7) konsultasi jeung dosén pembimbing

2) Tahap Ngumpulkeun data

Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina tahap ngumpulkeun data nya éta: (1) néangan narasumber anu apal kana kamekaran kaulinan barudak di Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung, sangkan meunang informasi jeung data anu munel; (2) ngumpulkeun kajian pustaka anu patali jeung objek panalungtikan; (3) ngalaksanakeun obsérvasi ka Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung pikeun ngaguar data ngeunaan kaulinan barudak.

3) Tahap Ngolah Data

Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina tahap ngolah data nya éta: (1) mariksa kalengkepan data; (2) ngolah data ku cara ngadéskripsikeun data ngeunaan kaulinan barudak anu aya di Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung nya éta ngadéskripsikeun kamekaran jeung prak-prakan kaulinan barudak; jeung (3) nganalisis struktur sémiotik anu nyampak dina kaulinan barudak.

4) Tahap Nyusun Skripsi

Nu pamungkas nya éta tahap nyusun skripsi. Hasil dina nganalisis data dina tahap ngumpulkeun jeung ngolah data panalungtik nyusun hasil panalungtikan kana wangun skripsi. Dina tahap ieu panalungtik nyusun hasil panalungtikan ku cara ngadéskripsikeun hasil panalungtikan sacara sistematis luyu jeung struktur nulis skripsi.

(7)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung. Désa Tanjungwangi mangrupa pamekaran tina Désa Dampit, ayana di beulah wétaneun kota Bandung, jarakna 215 km ti pamaréntahan pusat Nagara, 49 km ti pusat pamaréntahanProvinsi Jawa Barat jeung 40 km tipuseur dayeuh Kabupaten Bandung sarta 9 km ti Kacamatan Cicaléngka.

Désa Tanjungwangi legana kira-kira 637,625 Ha/ m2, kabagi jadi sababaraha bagéan, nya éta, lega pemukiman 94 Ha/m2, lega sawah 8 Ha/m2, lega kebun/tegalan/ladang434 Ha/ m2, lega kuburan 3 Ha/ m2, lega pekarangan72,225 Ha/ m2, lega kantor 0,8 Ha/ m2, jeung lega prasarana umum 22 Ha/ m2.

Désa Tanjungwangi ngadeg minangka désa swakarya. Dititén tina topografi, kaayaan wilayah Désa Tanjungwangi téh mangrupa daérah pagunungan. Ieu désa téh minangka désa panungtung. Tapi sanajan kitu ieu désa téh kaasup désa anu boga daya irutna utamana kaayaan alamna tina objék wisatana nu kasohor nya éta Curug Cindulang jeung KW (Kawasan Wisata).

Désa Tanjungwangi ngawengku tilu kadusunan, nu eusina diwangun ku 7 RW jeung 31 RT. Aya 16 wilayah kampung anu katulis sacara administratif, sarta genep wilayah kampung anu ngadeg sacara tradisional. Ieu dihandap dijéntrékeun data statistik Désa Tanjungwangi.

Tabel 3.1

Batas géografis Désa Tanjungwangi

Batas Désa/ Kalurahan

Kalér Desa Sindulang

Wétan K.S.D.A

Kidul K.S.D.A

Kulon Desa Dampit

(8)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1

Lokasi Désa Tanjungwangi

3.3.2 Sumber Data

Numutkeun Arikunto (2010, kc.172) sumber data nya éta subjék data-data panalungtikan anu dicangking ku panalungtik. Anapon sumber data anu diperlukeun dina panalungtikan nya éta kaulinan barudak naon waé anu masih aya sarta sok diarulinkeun. Dumasar kana éta hal, sumber data ieu panalungtikan nya éta narasumber/informan, nu mikanyaho kana kaulinan barudak anu aya di Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung, boh ngeunaan palaku, waktu, tempat, pakakas, jeung prak-prakanana, boh barudak anu sok arulin kaulinanana.

(9)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabel 3.2

Data Narasumber Kaulinan Barudak di Désa Tanjungwangi Kacamatan Cicalengka Kabupatén Bandung

No. Ngaran Umur Alamat Pakasaban

Jumlah

Kaulinan No. Ngaran Kaulinan Waktu mupu kaulinan

1 2 3 4 5 6 7 8 9

2 Ramadhan 12 Tanjungwangi RT

(10)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

13 “Cis Dolacis”

Congkak 24 Januari 2015

6 Helza 9 Tanjungwangi RT

Ucing Bal 24 Januari 2015

(11)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

04/04 LPMD 27 Boy-boyan

1 2 3 4 5 6 7 8 9

9 Siti 53 Tanjungwangi RT

02/04 Juru rias

3 28

29 30

Ucing Sendal Ucing Kai Ucing Kar-kub

30 Januari 2015

(12)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

(13)

Aas Srimulyani, 2015

KAULINAN BARUDAK DI DÉSA TANJUNGWANGIKACAMATAN CICALENGKA KABUPATEN BANDUNG

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4 Téhnik Ngolah Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu ngolah data nya éta:

1) ngidéntifikasi masalah. Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurang ngartina barudak kana pentingna wanoh kana kaulinan barudak tradisional; 2) niténan data ngeunaan kaulinan barudak anu aya di Désa Tanjungwangi

Kacamatan Cicalengka Kabupaten Bandung; 3) milah-milah data anu dumasar kana wangunna; 4) data nu geus kakumpulkeun tuluy dianalisis; jeung

Gambar

Tabel 3.2

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Prosedur yang ada di perusahaan diterapkan dengan cara yang sama pada setiap

PENGARUH MODIFIKASI BOLA TERHADAP HASIL KETERAMPILAN BERMAIN SEPAKBOLA SISWA DI SMPN 1 LEMBANG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Yang berhak mengajar pada semester bersangkutan adalah dosen yang tidak sedang dalam tugas belajar (studi lanjut) atau dosen yang sedang tugas belajar (studi lanjut)

Pelaksanaan Anggaran Belanja Pemerintah Pusat dan Daerah butuh partisipasi dan sinergi antar pemangku kepentingan .... UU 25/2004

[r]

Expected Outcomes Areas Project Start Project End Total Funding Capital spending (%) 2009 plan 2009 actual disburseme nt salary/ wage goods & service minor

Perkembangan Bank Perkreditan Rakyat (1998-2002) dan Peranannya dalam Penyaluran Kredit Terhadap Peningkatan Industri Kecil diSumateraUtara. 20 Tahun 2008

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%