• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1002597 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1002597 Chapter1"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang tukang

Geus lain hal anu aneh deui nalika manggihan kecap-kecap samodél “bangor, teu disiplin,

teu kondusif nalika diajar jeung loba heureuy” napel dikalangan para siswa jurusan IPS. Ieu hal, lain ngan saukur catur anu taya bukur tapi bukti nu kaalaman ku panalungtik nalika obsérvasi ka

sawatara sakola. Salasahijina nya éta sakola anu jadi tempat Program Pangalaman Lapangan

(PPL) panalungtik.

Pasualan-pasualan samodél kitu nyampak nalika proses diajar basa Sunda lumangsung.

Kaayaan kelas henteu kondusif, siswa loba ngalakukeun hal sangeunahna, nyarita lain dina

waktuna. Nalika guru nyarita siswa milu nyarita, nalika waktuna nyarita siswa loba cicing. Salian

ti éta, siswa anu aya lain asli urang Sunda. Antukna anu loba nyarita di kelas ngan sawatara

siswa anu bisa basa Sunda, anu liana jadi pasif dina proses diajar. Dumasar kana SKKD (Standar

Kompetensi dan Kompetensi Dasar)dina Mata Pelajaran Basa Sunda salian ti ngarégépkeun,

maca jeung nulis. Siswa dipiharep boga kamampuh dina nyarita ku basa Sunda. Siswa lain ngan

saukur narima, tapi ogé bisa leuwih aktip dina pangajaran nyarita sarta bisa maham kana

praktékna. Salasahijina bisa nepikeun naon kereteg haténa atawa pamadeganna.

Nyarita mangrupa salahsahiji aspék kaparigelan basa anu posisina ka dua sanggeus

ngarégépkeun. Ieu pamadegan luyu jeung pamanggih Rivers (dina Iskandawassid 2004, kc. 156)

yén umumna jalma dina maké waktuna 45% ngarégépkeun, 30% nyarita, 16 % maca jeung 9%

nulis dina aktivitas sapopoéna. Ngaliwatan nyarita manusa bisa ngedalkeun naon anu aya dina

kereteg haténa. Nyarita mangrupa kamampuh maké basa dina wangun lisan, pikeun nepikeun

gagasan, eusi pikiran, kahayang atawa kereteg haté. Hal anu kacida pentingna dina nyarita nya

éta ngalatih kamampuh uteuk dina mekarkeun pola pikir anu leuwih kritis jeung kréatif.

Dina sababaraha pasualan tadi, tarékah sangkan siswa alus dina pangajaran nyarita nya éta

ayana modél pangajaran anu luyu jeung pangajaran nyarita. Lantaran modél pangajaran miboga

fungsi minangka pedoman pikeun guru dina ngararancang jeung ngalakukeun pangajaran. Dina

milih modél pangajaran kudu diluyukeun jeung matéri anu rék diajarkeun, tujuan anu rék

(2)

Joyce & Weil (dina Rahman, 2006, kc. 4) nétélakeun yén modél pangajaran nya éta hiji

rarancang anu dipaké dina nyusun kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh ka

pengajar di kelas dina setting pangajaran atawa settingan lianna. Sedengkeun numutkeun Kemp

(Rahman, 2006, kc. 4), modél pangajaran nya éta hiji rarancang pangajaran nu dipaké dina

nangtukeun maksud jeung tujuan unggal poko jeung jejer bahasan, nganalisis karakteristik siswa,

nyusun tujuan instruksional khusus, milih eusi pangajaran, ngalakukeun kagiatan diajar-ngajar

atawa sumber diajar, ngayakeun dukungan pelayanan, ngalakukeun evaluasi, jeung nyieun

revisi. Dumasar wangenan diluhur, modél pangajaran miboga kalungguhan anu penting pikeun

ngahontal tujuan pangajaran. Ku kituna pikeun ngungkulan pasualan-pasualan diluhur, perlu

ayana modél pangajaran.

Modél pangajaran Time Token Arend nurutkeun Suprijono (2011,kc. 133), nya éta modél

pangajaran anu tujuanna sangkan unggal siswa miboga kasempétan dina nepikeun pamadeganna

sarta ngarégépkeun pamadegan ti siswa nu lian. Ngaliwatan ieu modél siswa dipiharep bisa

nepikeun pamadeganna ngaliwatan nyarita, sarta bisa ngungkulan dominasi siswa anu loba

nyarita sangkan siswa anu cicingeun atawa pasif dina nyarita miboga hak sarua dina nepikeun

pamadeganna.

Modél pangajaran Time Token Arend lain mangrupa modél pangajaran anyar. Di Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah can aya panalungtik anu nalungtik étamodél, boh pikeun pangajaran

nyarita boh pangajaran nu lianna. Ari nu nalungtik perkara pangajaran nyarita kungsi dilakukeun.

Sababaraha panalungtikan anu geus aya ngeunaan nyarita nya éta: Penerapan Téhnik

Jigsaw pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Penelitian Tindakan Kelas ka Siswa SMA

Negeri 1 Cicalengka Kabupaten Bandung Taun Ajaran 2009-2010) anu ditulis ku Siti Raeni

Nisa, Éféktivitas Media Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nepikeun Biantara

Siswa Kelas IX MTS Negeri Sukasari Cimahi anu ditulis ku Lilis Wahyu Winarni, Modél Debat

pikeun Ngaronjatkeun Pangawéruh jeung Kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina

Nyarita anu ditulis ku Rahardian Mu’minati Dewi, ÉféktivitasModél Debat pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita anu ditulis ku Arif Firmansyah, ÉféktivitasModél

Pangajaran Talking Stick dina Ngaronjatkeun Kamampuh nyarita anu ditulis ku Elliyawati

Nurhayat, jrrd.

Nilik kana sababaraha panalungtikan nu geus aya, panalungtikan ngeunaan pangajaran

(3)

pamadegan sarta pasualan-pasualan anu geus dijéntrékeun diluhur, ieu panalungtikan anu

judulna Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1

di SMA Kartika XIX 2 Bandung dianggap perlu dilakukeun.

1.2Watésan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watésan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, sangkan ieu panalungtikan bisa dilakukeun sacara

sistematis jeung henteu mengpar tina pembahasan ieu panalungtikan baris diwatésanan.

Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kana cara nepikeun pangajaran nyarita siswa kelas

X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung maké modél Time Token Arend . Éta pangajaran téh

ditepikeun ku cara ngadiskusikeun hiji pasualan kalayan hiji tema anu tangtu, sangkan siswa bisa

nyarita maké basa Sunda.Ku kituna, siswa dipiharep bisa leuwih parigel jeung ngaronjat dina

nyarita ku basa Sunda.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watésan masalah di luhur, éta masalah dirumuskeun dina kalimah pananya

ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung

saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?

2) Naha modél Time Token Arend bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1

di SMA Kartika XIX – 2 Bandung ?

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika

XIX – 2 Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?

(4)

Unggal panalungtikan tangtu miboga tujuan séwang-séwangan anu rék dihontal. Kitu ogé

dina ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung husus nu rék dihontal.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji naha aya pangaruh modél Time

Token Arend pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nya éta hayang ngadeskripsikeun:

1) Kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1di SMA Kartika XIX – 2 Bandung saméméh jeung

sanggeus maké modél Time Token Arend

2) Ngdeskripsikeun ngaronjat atawa henteu kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA

Kartika XIX – 2 Bandung nalika maké modél Time Token Arend.

3) Signifikan henteuna antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2

Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Salian ti miboga tujuan, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun nu maca.

Anapon anu jadi mangpaat dina ieu panalungtikan nya éta:

1.4.1 Mangpaat Teoritis

Mangpaat teoritis dina ieu panalungtikan nya éta dipiharep méré sumbangan pikeun

kamekaran modél-modél pangajaran anu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat praktis pikeun guru, siswa, nu nalungtik

jeung panalungtik séjénna. Mangpaatna nya éta :

a. Pikeun Siswa

1) Ningkatkeun kamampuh nyarita siswa dina nepikeun pamadeganna sanggeusmaké ieu

modél;

2) Ngaronjatkeun kawani siswa nyarita hareupeun balaréa;

b. Pikeun Guru

1) Nambahan referensi guru dina maké modél-modél pangajaran anu luyu kana pangajaran

nyarita;

(5)

c. Pikeun Panalungtik

1) Méré motivasi ka panalungtik séjén dina mekarkeun modél pangajaran basa Sunda;

2) Méré pangawéruh ka panalungtik kumaha kamampuh nyarita siswa saméméh jeung

sanggeus maké modél Time Token Arend ;

1.5Raraga Tulisan

Eusi ieu skripsi ngawéngku lima bab di antarana : bab I bubuka. Dina ieu bab dipedar

sacara gurat badag ngeunaan pasualan anu rék ditalungtik, di jerona aya sub pokok anu

dimimitian ku kasang tukang masalah, watésan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan,

mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II ulikan tiori. Dina ieu bab medar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké jeung dijadikeun

tatapakan ku panalungtik dina ngalakukeun panalungtikan. Tiori-tiori anu dipaké dumasar para

ahli jeung panalungtik anu geus ngalakukeun panalungtikan anu leuwih tiheula ngeunaan

pasualan anu sarua.

Bab III metedologi panalungtikan. Dina ieu bab medar ngeunaan téhnik-téhnik sarta

tahap-tahapan panalungtikan anu rék dilakukeun ku panalungtik.

Bab IV hasil panalungtikan. Ieu bab eusina ngeunaan hasil panalungtikan anu geus

dilakukeun ku panalungtik sarta ngeunaan data-data anu dikumpulkeun salila panalungtikan.

Bab V eusinangeunaan kacindekan anu dihasilkeun ku panalungtik minangka jawaban tina

Referensi

Dokumen terkait

Panalungtikan anu geus pernah dilakukeun ku mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah patali jeung kasalahan morfologis aya dua nya éta (1) “Kasalahan Morfologis dina

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta maluruh pasualan struktur- sémiotik jeung ajén moral anu aya dina kumpulan dongéng Si Kabayan Tapa karya Min

téks tina hasil panalungtikan anu luyu sarta bisa dipaké pikeun pangajaran. maca di kelas

„Group Triyasa‟ , ku kituna perlu ayana tarékah pikeun ngadokuméntasikeun jeung ngaprésiasi. Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa numuwuhkeun deui kareueus

norma agama jeung moral. Dina kahirupan masarakat Sunda, aya aturan lisan anu geus nyampak. jeung ngawujud dina budaya

basa jeung sastra Sunda séjénna nu saluyu jeung karakteristik ieu modél, ku kituna hasilna téh leuwih optimal. 3) Pikeun panalungtik lainna nu ngalakukeun panalungtikan sanggeus

Naskah drama mangrupa karangan sastra nu eusina dialog tokoh anu ngaguluyur ngawangun hiji jalan carita, nu engkéna dijieun hiji pintonan drama, ieu hal luyu jeung

Dumasar hasil analisis anu geus ditétélakeun di luhur, aya sababaraha saran ti panulis ka nu maca, di antarana saperti ieu di handap. 1) Masarakat Sunda henteu saukur maca jeung