• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1202952 Chapter 5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1202952 Chapter 5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

181

Yedi Sudrajat, 2016

Ajén Kaagamaan Dina “Wawacan Samaun” (Ulikan Filologi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu skripsi judulna “Ajén Kaagamaan dina “Wawacan Samaun” (Ulikan

Filologi)”. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif-analisis anu mangrupa salah sahiji métode dina panalungtikan kualitatif. Téhnik anu digunakeun nya éta téhnik studi pustaka. Dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan déskripsi Wawacan Samaun, hasil édisi téks Wawacan Samaun, jeung ajén kaagamaan dina Wawacan Samaun. Dina ieu bab dipedar kacindekan-kacindekan anu dicangking tina ieu panalungtikan.

Wawacan Samaun mangrupa salasahiji naskah Sunda buhun nu aya di tatar Sunda. Naskah Wawacan Samaun nu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta naskah milik Bapa Ahidin nu alamatna di Kampung Samarang Desa Linggamanik Kecamatan Cikelet Kabupaten Garut. Dina naskah ditulis yén nu nyalin naskah ngaranna Sutama nu alamatna di Sindang Rasa Désa Ngamplang Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut. Naskah Wawacan Samaun ditulis dina kertas pabrik ukuran 21 x 15,5 Cm. ditulis dina basa Sunda maké aksara Arab Pégon. Kandel naskahna aya 63 kaca, kaca hijina leungit tapi teu mangaruhan kana eusi wawacan.

Wawacan Samaun nyaritakeun ngeunaan kagagahan, kawani, jeung kaperkosaanna Samaun nu hirup dina jaman Nabi Muhammad. Samaun dicaritakeun mangrupa jalma anu gedé kawanina sanajana umurna ngora kénéh, Samaun geus bisa ngéléhkeun kapir-kapir anu jumlahna rébuan.

Dina hasil édisi téks aya 20 kecap dina naskah Wawacan Samaun anu teu sarua jeung éjahan basa Sunda kiwari. Dina nyusun édisi téksna, éta 20 kecap téh dirobah disaluyukeun jeung éjahan basa Sunda dumasar Palanggeran Éjahan

Basa Sunda. Kecap-kecap anu dirobah dina naskah Wawacan Samaun lolobana

mangrupa kecap anu dua engang atawa leuwih nu diwangun ku hiji sora vokal sok ditambahan ku maké konsonan ي (y) atawa و (w), contona dina naskah ditulis

(2)

182

Yedi Sudrajat, 2016

Ajén Kaagamaan Dina “Wawacan Samaun” (Ulikan Filologi)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ajén kaagamaan anu kapanggih dina Wawacan Samaun nya éta ajén kaagamaan dumasar kana dasar-dasar agama Islam. Ajén-ajénna nya éta: 1) ancaman pikeun jalma kapir; 2) hukum jalma nu maéhan; 3) jihad/perang di jalan Allah; 4) solat tahajud; 5) larangan jinah jeung hukuman pikeun nu jinah; 6) kautaman maca Al-quran; 7) iman kana qodo jeung qodar ti Allah; 8) paréntah kudu asup Islam; 9)kautamaan muji ka Allah; 10) kautamaan ménta tulung ngan ka Allah; 11) kautamaan dikir ka Allah; 12) maca solawat ka Nabi; 13) ngamulyakeun Nabi; 14) kautamaan maca salam; jeung 15) babakti jeung hurmat ka Indung-Bapa.

6.1 Saran

Dumasar hasil analisis anu geus ditétélakeun di luhur, aya sababaraha saran ti panulis ka nu maca, di antarana saperti ieu di handap.

1) Masarakat Sunda henteu saukur maca jeung wanoh kana karya sastra modern, tapi kudu maca jeung wanoh kana karya sastra buhun.

2) Ajén kaagamaan anu aya dina karya sastra buhun perlu dilarapkeun kana kahirupan sapopoé sarta diwariskeun ka unggal generasi.

Referensi

Dokumen terkait

Mewujudkan LPSB IPB yang terkemuka dalam bidang kajian biofarmaka yang memaksimalkan nilai tambah bahan hayati baik di dalam maupun di luar negeri, serta menjadi rujukan

Pola asuh orang tua merupakan salah satu faktor yang mempengaruhi perkembangan anak pra sekolah.Terdapattigakategoripolaasuh orang

Informasi yang diberikan kepada publik selama ini menurut saya tidak dapat meningkatkan pengelolaan transparansi penyusunan laporan keuangan. Akses untuk memperoleh dokumen

atas kerugian yang terjadi pada pelaksanaan operasi kontrak operasi bersama. perusahaan minyak dan

Menggunakan uji Anova dua jalur, untuk mengetahui perbedaan peningkatan pemahaman konsep geometri dan kemampuan tilikan ruang antara siswa yang menggunakan pembelajaran

Eddy Syafri Husein Ritonga, 2016, Judul Skripsi : Tata Cara dan Adat Perkawinan Pada Masyarakat Etnis Angkola (Di Luat Halongonan Kabupaten Padang Lawas Utara)..

[r]

Dari hasil evaluasi dapat diketahui kesalahan pengelolaan yang selama ini dilakukan oleh pengelola IPLT Kabupaten Grobogan, sehingga dapat ditentuksn tindakan optimalisasi