• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006457 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006457 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Sastra mangrupa karya tulis nu miboga unsur éstétika, nu ngagunakeun basa salaku medium utamana. Dina karya sastra pangarang ngaekspresikeun rasana ngaliwatan runtuyan basa anu endah tur pinuh ku ma’na, ieu hal luyu jeung pamadegan Isnendes (2010, kc. 6) nu nétélakeun yén sastra nya éta potensi basa nu ngaronjat tina segi ma’na, ku kituna basa-basa sastra mah ambigu; konotatif; henteu sajalantrahna; henteu saujratna, aya hal-hal nu dikemu salian ti harti kahijina (meaning; leksikal). Sastra nya éta hiji karya tinulis nu méré hiburan jeung ditepikeun ngaliwatan basa nu unik, éndah tur artistik sarta nyangkaruk ajén-ajén kahirupan jeung moral nu bisa ngahudangkeun pangalaman, kasadaran, moral, spiritual jeung emosi nu maca (Minderop, 2011, kc. 76).

Mun disawang tina waktu gelarna sastra dibagi jadi dua nyaéta, sastra buhun jeung sastra modern. Gendre sastra Sunda buhun diantarana carita pantun, wawacan, sisindiran, jeung kakawihan, sedengkeun sastra Sunda modern mah nya éta sajak, prosa, jeung drama. Anu jadi objek dina ieu panalungtikan nyaéta karya sastra wangun drama. Nu kaasup garapan sastra dina wangun drama nya éta naskahna, naskah anu jadi dadasar pintonan drama.

Naskah drama mangrupa karangan sastra nu eusina dialog tokoh anu ngaguluyur ngawangun hiji jalan carita, nu engkéna dijieun hiji pintonan drama, ieu hal luyu jeung pamadegan Isnendes (2010, kc. 21) nu nétélakeun yén drama atawa carita drama nya éta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilalakonkeun ku aktor dina pintonan drama.

(2)

drama geus diperankeun ku aktor jadi hiji pintonan drama. Drama bisa dijadikeun “Pajaratan Cinta”. Naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba ieu kungsi jadi naskah pilihan FDBS, nu dialpukahan ku Teater Sunda Kiwari taun leupas ti kaparigelan pangarang dina ngaekspresikeun eusi carita ngaliwatan susunan dialog-dialog di antara lakon caritana. Tétéla dina hiji drama, dialog mangrupa situasi basa nu kacida pentingna, tapi Hasanudin (1996, kc. 99) nétélakeun garapan basa dina karya sastra henteu ngan saukur dialogna wungkul tapi ogé kudu merhatikeun basa nu dipaké ku pangarang nu jadi situasi basa. Leuwih merenahna nu dimaksud garapan basa di dieu nya éta nu biasa disebut

style atawa gaya. Gaya nya éta cara pangarang ngagunakeun basa dina karya

sastra.

(3)

Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (efek) anu leleb karasana kanu maca atawa nu ngadéngékeun, ku cara ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén (Sudaryat, 2010, kc. 123). Gaya bahasa adalah unsur karya sastra sebagai akibat cara

penyusunan bahasa sehingga menimbulkan aspek estetis Ratna (2013, kc. 416).

Nurutkeun Keraf (1984, kc. 129) gaya basa dumasar kana langsung henteuna ma’na dibagi jadi dua golongan nyaéta gaya basa retoris jeung gaya basa kiasan. Ieu biasa disebut trope atawa figure of speech nu hartina penyimpangan atawa

pembalikan, nu miboga pungsi ngajelaskeun, nguatkeun, ngahirupkeun, atawa

pikeun hiasan.

Dilarapkeunna ciri has gaya basa hiji tokoh ngaliwatan ucapan-ucapan, dialog-dialog dina drama mangrupa salasahiji hal anu penting diperhatikeun ku pamaca atawa penikmat drama, lantaran ngaliwatan gaya basa nu dipaké ku tokoh-tokoh dina jalan carita, urang bisa leuwih wanoh kana karakter tokohna. Salah sahiji tarékah maham drama nyaéta ku cara niténan atawa merhatikeun ciri has gaya basa tokoh-tokoh nu diwangun ku pangarang. Tapi dina panalungtikan sastra, kaasup téks drama, tarékah pikeun maham gaya basa dianggap kurang penting jeung lain hal nu utama, lantaran situasi basa utama dina drama nyaéta mangrupa dialog. Ku kituna sanajan maké basa tulis tapi tuturan lisan dina basa langsung tetep leuwih dominan dina drama dibandingkeun jeung fiksi, padahal basa (kaasup dijerona gaya basa) mangrupa pangwangun karya sastra nu kawilang penting pisan (Hasanudin, 1996, kc. 100).

Dumasar pedaran-pedaran di luhur nu jadi kasang tukang dipilihna naskah drama “Pajaratan Cinta” jadi objek panalungtikan, lantaran ieu naskah téh

(4)

Nur Fajrih nu judulna “Gaya Basa dina Novel Puputon Karya Aam Amalia” (2009), aya ogé nu kungsi nalungtik gaya basa dina sajak nya éta, Hari Ramdani nu judulna “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Lagu Hujan Silampang Karya Etty R.S” taun (2005), kitu ogé dina carpon geus aya sababaraha urang nu nalangtik, salah sahijina Syamsudin nu judulna “Gaya Basa Dina Kumpulan Carpon Oknum Karya Hadi Aks (2005).

Di Jurusan Pendidikan Basa Sunda kungsi ogé aya sababaraha anu nalungtik ngeunaaan drama, diantarana “Analisis Naskah Drama “Meredong” Karya Rosyid E. Abby Saduran tina Naskah Drama Ke Karya Yudhistira ANM Massardi (Ulikan Semiotik)” nu ditalungtik ku Sanjani taun 2012, terus Hendi Perdiansyah kungsi nalungtik “Ajén Moral dina Naskah Drama “Cucunguk” Karya Yoseph Iskandar” taun 2007 jeung Asri Afriliani kungsi nalungtik “Aspék Sosiologi Naskah Drama “Cempor” Karya R. Hidayat Suryalaga: Tilikan Strukturalisme” Genetiktaun 2007.

Panalungtikan gaya basa dina karya sastra lolobana nganalisis gaya basa dina novel, carpon jeung sajak, kitu ogé dina panalungtikan anu maké naskah drama, can aya nu nalungtik ngeunaan gaya basana. Ku kituna, dumasar tinimbang-tinimbang di luhur, ieu panalungtikan ngeunaan Analisis Naskah

Drama “Pajaratan Cinta” Karya Dhipa Galuh Purba (Tilikan Struktural &

Stilistika) perlu dilaksanakeun.

1.2Identifikasi Masalah

Identifikasi masalah dina ieu panalungtikan nya éta, analisis gaya basa nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba, dumasar tiori gaya basa Keraf (1998), ngawengku gaya basa dumasar langsung henteuna ma’na nya éta, gaya basa retoris: aliterasi, asonansi,asidenton, ellipsis, eufemismus,

pleonasmeu, jeung hiperbola, sarta gaya basa kiasan: simile, metafora,

(5)

1.3Rumusan Masalah

Patali jeung panalungtikan, aya sababaraha masalah anu perlu dirumuskeun, nya éta:

1) kumaha struktur drama dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba?;

2) gaya basa naon waé nu nyampak dina naskah “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba?;

3) kumaha ma’na gaya basa kiasan nu nyampak dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba?;

1.4Tujuan Panalungtikan

1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho struktur, gaya basa jeung ma’na tina gaya basa nu aya dina karya sastra, hususna naskah drama.

1.4.1 Tujuan Khusus

Tujuan dina ieu panalungtikan nya éta, pikeun mikanyaho jeung ngadeskripsikeun:

1) struktur drama nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba;

2) gaya basa naon waé nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba;

3) ma’na gaya basa nu aya dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba;

1.5 Métode Panalungtikan

Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif

analisis. Metode deskriptif analisis, nya éta metode nu dilakukeun ku cara

(6)

1.6 Mangpaat Panalungtikan

1.6.1 Mangpaat Téoritis

Mangpaat téoritis dina ieu panalungtikan nyaéta sangkan bisa méré sumbangan élmu dina hal kasusastraan jeung kabasaan, hususna dina karya sastra drama.

1.6.1 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan, nya éta: 1) méré informasi ngeunaan struktur carita dina naskah drama;

2) méré informasi ngeunaan gaya basa naon waé nu dipaké dina hiji naskah drama;

3) méré informasi ngeunaan ma’na-ma’na gaya basa nu aya dina hiji naskah drama;

4) bisa jadi referensi ngeunaan matéri gaya basa nu dipaké dina karya sastra;

1.7 Anggapan Dasar

Anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta: 1) gaya basa bisa kapanggih dina karya sastra;

2) naskah drama mangrupa salasahiji jenis karya sastra;

3) dina naskah drama “Pajaratan Cinta” karya Dhipa Galuh Purba kapanggih sababaraha gaya basa;

1.8 Raraga Nulis

BAB I ngawengku kasang tukang masalah, idèntifikasi masalah, rumusan

masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, mètode jeung sarta sistematika nyieun skripsi.

BAB II ngawengku tiori ngeunaan drama, gaya basa jeung stilistika.

BAB III ngawengku mètode panalungtikan, wangenan operasional, instrument

(7)

BAB V ngawengku kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus

Referensi

Dokumen terkait

Sumber data ieu panalungtikan kabagi tilu nya éta sumber data nu mangrupa tempat, sumber data manusa/ informan, jeung sumber data mangrupa téks puisi sawér anu

Gambar kolase nya éta média anu nganteur siswa ngajieun carita pondok. Gambar kolase anu dipaké dina ieu panalungtikan téh aya hiji frame anu unggal. gambar miboga

Analisis data mangrupa tarekah anu dilakukeun pikeun ngorganisasikeun data, milah-milah data jadi hiji hal nu bisa dikokolakeun, disistensikeun, diteangan jeung

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode deskriptif. Data anu dicangking mangrupa kekecapan anu eusina gambaran deskriptif ngeunaan

Tahap interprétasi mangrupa tahap napsirkeun hasil data pikeun ngolah pamahaman nu luyu jeung tujuan panalungtikan. Tahap interprétasi dina ieu panalungtikan nya

Anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan nu saméméhna nya éta, lian ti nangtukeun téks adegan paguneman, prinsip jeung maksim omongan dina

Hal ieu téh luyu jeung pamadegan Hodgson dina Tarigan (2008:7)nu nétélakeun yén maca téh nya éta hiji prosés anu dipilampah sarta digunakeun ku nu maca pikeun narima

Luyu jeung kasang tukang masalah di luhur, ieu panalungtikan dilakukeun lantaran kurangna kamampuh siswa ngalarapkeun vokal é , e , jeung eu dina nulis pangalaman. Minat siswa