• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1200810 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1200810 Chapter3"

Copied!
14
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara ilmiah pikeun nyangking data nu miboga udagan jeung mangpaat nu tangtu. Dumasar kana éta hal, kagiatan panalungtikan kudu dumasar kana ciri paélmuan nya éta rasional, empiris, jeung sistematis. Rasional hartina kagiatan panalungtikan dilakukeun ku cara anu asup akal, data anu diteanganna mangrupa data anu empiris (bisa ditalungtik) sarta miboga kriteria nu tangtu nya éta data anu valid ngagunakeun lengkah-lengkah anu sifatna logis jeung sistematis (Sugiyono, 2013, kc 2).

Ieu panalungtikan, ngagunakeun pamarekan kualitatif kalayan métode déskriptif. Nurutkeun (Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 23) panalungtikan kualitatif mangrupa panalungtikan anu dipaké pikeun ngaguar kaunikan individu, kelompok, masarakat atawa organisasi anu tangtu dina kahirupan sapopoé sacara komprehensif jeung rinci. Panalungtikan kualitatif salaku prosedur panalungtikan déskriptif dipaké pikeun nyangking data nu mangrupa kecap-kecap tinulis atawa lisan ti manusa jeung paripolahna anu bisa ditanglungtik Bogdan jeung Taylor (dina Moleong, 2007, kc. 4). Anapon anu disebut métode deskriptif nurutkeun (Moleong, 2007, kc. 11) mangrupa métode anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa kecap-kecap, gambar, jeung lain mangrupa angka-angka. Pikeun meunangkeun éta data dilakukeun ngaliwatan wawancara, catetan lapangan, foto, videotape, dokumen pribadi, catetan atawa memo, jeung dokumen resmi séjénna.

(2)

3.1 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan mangrupa rarancang panalungtikan anu ngawengku prosés talaah pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.2 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan 3.2.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi anu dijadikeun tempat panalungtikan nya éta di Dusun Cimendong Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis. Dusun Cimendong téh

Ngumpulkeun data

(talaah pustaka, observasi, wawancara)

Ngolah data

Nyieun kacindekan

Nyusun laporan tina hasil panalungtikan Tujuan panalungtikan Ngadéskripsikeun:

1. Asal-muasal kasenian Buta Daor 2. Prak-prakan kasenian Buta Daor 3. Ajén éstétika dina kasenian Buta Daor 4. Ngalarapkeun hasil panalungtikan ngeunaan

(3)

Jumlah penduduk di Dusun Cimendong aya 1.304 jiwa, kepadatan pendudukna 839/km², tur legana 155.509. Désa Panjalu sacara géografis aya di antara 7º9’

-7º17” Lintang Selatan jeung 108º4’-108º21’ Bujur Timur, kalayan watesan wilayahna, nya éta:

1) wates wétan : Désa Kertamandala jeung Mandalare Kecamatan Panjalu 2) wates kulon : Désa Bahara jeung Hujungtiwu Kecamatan Panjalu

3) wates kidul :Désa Payungsari jeung Banjarangsana Kecamatan Panumbangan

4) wates kalér : Désa Ciomas jeung Maparah Kecamatan Panjalu

Gambar 3.1 Lokasi Panalungtikan

(4)

3.2.1.1 Kondisi Sosial 1) Penduduk

Jumlah penduduk di Désa Panjalu Kacamatan Panjalu Kabupatén Ciamis sajumlah 12.102 jiwa, ngawengku jumlah kepala keluarga aya 3.841 KK. Ku kituna, jumlah penduduk rata-rata Désa Panjalu 1.227,99 jiwa/KM. Sacara rinci bisa katitén tina data di handap.

Tabél 3.1 Jumlah Penduduk Désa Panjalu taun 2015

No Jenis Kelamin Jumlah

1 Laki – laki 6.144

2 Perempuan 5.958

Jumlah 12.102

Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015

Tabél 3.2 Kaayaan Jumlah Penduduk Désa Panjalu nurutkeun jenis kelamin

No Tahun Jumlah Jiwa

Laju Pertumbuhan Penduduk/tahun

(%)

Ratio Sex

1. 2008 10.934 2.61 104.56 2. 2009 11.241 2.81 103.72 3. 2010 11.406 1.48 103.28 4. 2011 11.453 0,04 103.50 5. 2012 11.505 0,04 103.50 6. 2013 11.528 0,02 103.55 7. 2014 12.116 5,10 103.00 8. 2015 12.102 5,04 103.12

Rata-rata 2,14 103.52

(5)

Tabél 3.3 Kaayaan Penduduk Désa Panjalu nurutkeun Jumlah Rumah Tangga (Kepala Keluarga)

No Tahun

Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015

2) Pendidikan

Kamekaran pendidikan di Désa Panjalu ngalaman parobahan anu kawilang alus, sanajan loba keneh anu lulusan SD tapi ku ayana kawijakan pamaréntah ngeunaan wajib belajar salapan taun, jenjang pendidikan di Désa Panjalu ngalaman parobahan. Katitén tina ieu tabél di handap.

Tabél 3.4 Kaayaan Désa Panjalu nurutkeun Pendidikan taun 2015

Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015

No. Jenjang Pendidikan Jumlah

(6)

Tabél 3.5 Kaayaan Jumlah Jenjang Pendidikan Formal jeung Non-formal di Désa Panjalu Taun 2015

No Jenis Jenjang Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015

3) Agama

Mayoritas masarakat Désa Panjalu ngagem agama Islam. Masarakat Désa Panjalu ngarojong pisan kana kamekaran agama Islam, ieu hal katitén tina tabél sarana kaagamaan ieu di handap.

Tabél 3.6 Kaayaan Sumber Daya Sarana Kaagamaan di Désa Panjalu taun 2015

No Jenis dan Tempat Peribadatan Jumlah Lokasi

1 Mesjid 12 10 Dusun

2 Mushola/Langgar 62 10 Dusun

3 Majelis Taklim 10 10 Dusun

Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015

4) Pakasaban

(7)

Tabél 3.7 Kaayaan Penduduk Désa Panjalu nurutkeun Pakasaban Taun 2015

No Pakasaban Jumlah

1. PNS Umum 157

2. TNI/POLRI 13

3. Purnawirawan 118

4. Pagawé Swasta 405

5. Padagang 3.798

7. Patani 378

8. Buruh Tani 1.020

9. Pamayang 4

10. Patukangan 1.752

11. Séjéna 4.437

Jumlah 10.867

Sumber: monografi Désa Panjalu Juni 2015

5) Basa

Basa anu dipaké sapopoé pikeun komunikasi masarakat Désa Panjalu nya éta basa Sunda. Ku kituna, masarakat Désa Panjalu katelah ku kasundaan sabab masih nyekel pageuh basa Sunda salaku basa anu dipaké sapopoé dina hirup kumbuhna. Tapi, nalika acara-acara resmi biasana sok maké basa Indonesia.

3.2.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan mangrupa subjek data anu rék ditalungtik. (Arikunto, 2006, kc. 129). Sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper).

1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngalewatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angka.

2) Tempat (place), nya éta sumber data anu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun métode observasi.

(8)

Dumasar kana pedaran di luhur, sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta seniman, masarakat, jeung dokumén-dokumén dina pintonan KBD.

1) Sumber data anu mangrupa jalma (person) nya éta Aan Ardiana nu nyiptakeun KBD, jeung seniman-seniman nu ilubiung dina mekarkeun KBD. 2) Sumber data anu mangrupa tempat (place), nya éta masarakat di Dusun

Cimendong Désa Panjalu.

3) Sumber data anu mangrupa kertas atawa dokumén (paper), nya éta dokumén-dokumén pintonan KBD, boh foto boh video.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta observasi, wawancara, catetan lapangan, jeung dokuméntasi.

1) Observasi

Téhnik observasi mangrupa cara anu dilakukeun ku panalungtik pikeun ngarekam unggal kagiatan jeung peristiwa anu keur kajadian boh maké alat bantu boh henteu (Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 99). Nurutkeun Ratna (2010, kc. 220) dina observasi ngalibatkeun tilu objek sakaligus, nya éta lokasi atawa tempat lumangsungna panalungtikan, para palaku, jeung aktivitas para palaku anu dijadikeun objek panalungtikan.

Téhnik observasi dina ieu panalungtikan dipaké pikeun ngumpulkeun data sacara langsung ngeunaan naon-naon anu katempo jeung karasa anu aya patalina jeung KBD, ogé pikeun niténan ngeunaan sosial masarakatna.

2) Wawancara

(9)

panalungtikan nya éta wawancara ka pihak-pihak anu sacara langsung anclub dina KBD.

3) Catetan Lapangan

Nurutkeun Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 177) Catetan lapangan mangrupa corétan anu saperluna anu singget, eusina mangrupa kecap-kecap galeuh, frase, pokok-pokok eusi paguneman dina panalungtikan, bisa mangrupa gambar, sketsa, sosiogram, diagram, jrrd. Nurutkeun Bogdan jeung Biklen (dina Moleong, 2007, kc. 209) catetan lapangan mangrupa catetan tinulis ngeunaan naon-naon anu kadangu, katempo, kaalaman, jeung anu kapikir dina ngumpulkeun data jeung refleksi kana data panalungtikan kualitatif.

Catetan lapangan dina ieu panalungtikan dipaké waktu ngawawancara informan saupama aya hal-hal anu dianggap penting pikeun pangdeudeul panalungtikan.

4) Dokuméntasi

Dokuméntasi mangrupa catetan peristiwa anu geus karandapan Sugiyono (2013, kc. 240). Dokuméntasi bisa mangrupa dokumén tinulis, gambar, vidéo jeung karya-karya monumental. Dokuméntasi dina ieu panalungtikan salaku bukti panalungtik ngalaksanakeun observasi langsung. Hasilna mangrupa gambar, foto, jeung video pikeun pangdeudeul data sangkan diolah kalayan jéntré.

3.3.2 Instrumen Panalungtikan

(10)

1) Instrumen Observasi

Instrumen observasi mangrupa alat nu dipaké waktu ngayakeun observasi ngaliwatan nongton, ngadangu, jeung nitétan pintonan KBD. Instrumen observasi anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta:

Tabél 3.8 Instrumen Observasi

No Indikator Perkara nu diobservasi Kaobservasi Henteu 1 Ngaran kasenian 1. Ngaran kasenian

2. Alesan ngaran KBD

√ - -

2 Prak-prakan pintonan KBD

3. Prak-prakan pintonan KBD 4. Lilana pintonan KBD 5. Tempat pintonan KBD 6. Iraha lumangsungna pintonan

7. Pamaén dina pintonan KBD 8. Seniman anu nyieun KBD

√ - -

4 Gerakan-gerakan dina pintonan KBD

9. Gerakan nu dipaké salila pintonan KBD

10. Ngaran gerakan dina pintonan KBD

11. Alesan gerakan anu dipaké

13. Unsur seni dina KBD 14. Pungsi KBD

6 Tarékah ngamumulé 15. Peran pamaréntah dina KBD 16. Peran masarakat dina KBD

√ - -

2) Pedoman Wawancara

(11)

Instrumen I: Data Informan

Instrumen II: Daptar Patalékan

No Aspék Patalékan

(1) (2) (3)

1. Asal-muasal Kasenian Buta Daor

1)Kumaha sajarah mimiti ayana KBD?

2) Persisna anu ngawitan nyiptakeun KBD teh saha?

3)Iraha ieu KBDdibentuk?

4)Naha ieu kasenian dingaranan Buta Daor? 5) Naon tujuan dibentuk KBD?

6) Saha waé anu milu dina nyieun KBD? 7) Bahan naon waé anu dipaké dina KBD? 8) Kumaha cara nyieun rangka nepi ka jadi

ngawujud KBD? 2. Prak-prakan Kasenian Buta

Daor

9) Iraha jeung dimana KBD dipintonkeun? 10) Naha aya ritual husus teu saméméh

minton?

11)Kumaha prak-prakan KBD téh?

12)Waditra naon waé anu dipaké dina KBD? 13)Kumaha rumpaka lagu dina KBD?

14)Gerakan naon waé anu dipaké nalika minton?

15)Tema naon anu dipaké unggal minton? 16)Kumaha tanggapan masarakat kana KBD? 3. Ajén-inajén 17)Aya ajén filosofi naon dina KBD?

18)Aya ajén éstétika naon dina KBD?

4. Kamekaran 19) Ti mimiti ngadeg KBD naha aya parobahan naon wae dina wangun jeung bahanna?

20) Naon kasang tukang ayana parobahan? 5. Layang Pangajén 21)Layang Pangajén naon anu pernah

dicangking KBD?

3) Instrumen Catetan Lapangan

Dina catetan lapangan kabagi dua, nya éta bagian déskriptif jeung réfléktif. Bagian déskriptif eusina gambaran ngeunaan kasang tukang panalungtikan, jalma, paripolah, jeung paguneman. Bagian réfléktif nu eusina ngeunaan raraga mikir,

(12)

sawangan panalungtik, ide, jeung gagasan Bogdan jeung Biken (dina Moleong, 2007, kc. 211).

4) Instrumen Dokuméntasi

Instrumen dokuméntasi mangrupa alat nu dipaké pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan observasi, instrumen dokuméntasi nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta alat rékam jeung kamera foto.

a) Alat Rékam: ieu media dipaké pikeun ngarékam lumangsungna kagiatan wawancara dina prosés ngumpulkeun data. Ieu hal dilaksanakeun sangkan data anu dicangking téh akurat jeung pikeun bukti data panalungtikan.

b) Kaméra Foto: ieu media dipaké pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan wawancara jeung observasi panalungtikan, sarta pikeun ngadokumentasikeun dina prak-prakan pintonan KBD.

Catetan Lapangan : No. Pengamatan/Wawancara : P/W

Waktu :

Disusun Jam :

Tempat :

Subjék Panalungtikan :

(Déskriptif) (Judul)

... ... ... ... Réfléktif

Sawangan Panalungtik:

(13)

3.3.3 Téhnik Ngolah Data

Data-data nu geus kakumpul diketik, tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar diluhur. Léngkah-léngkahna ieu dihandap.

1) Niténan data nu geus dikumpulkeun.

2) Milah-milah data nu nuduhkeun asal-muasal KBD, prak-prakan KBD, unsur-unsur seni nu nyampak dina KBD, jeung ajén éstétika naon waé nu nyangkaruk dina KBD.

3) Ngadéskripsikeun data nu mangrupa asal-muasal KBD, prak-prakanKBD, unsur-unsur seni nu nyampak dina KBD, ajén éstétika nu aya dina KBD, jeung larapna KBD kana bahan pangajaran maca bahasan.

4) Nyieun kacindekan tina hasil data nu dipaluruh.

3.4 Analisis Data

Analisis data mangrupa tarekah anu dilakukeun pikeun ngorganisasikeun data, milah-milah data jadi hiji hal nu bisa dikokolakeun, disistensikeun, diteangan jeung manggihan hal-hal anu penting nu bisa diajarkeun sarta bisa dicaritakeun ka jalma séjén Bogdan jeung Biklen (dina Moleong, 2007, kc. 248).

Nurutkeun Arikunto (2006, kc. 235) sacara gurat badag, dina nganalisis data ngawengku tilu hal, nya éta tatahar, tabulasi, jeung dipakéna data saluyu jeung pamarekan panalungtikan.

1) Tatahar

Tatahar mangrupa kagiatan pikeun milah-milah data hasil panalungtikan anu tuluy misahkeun data anu kapaké sangkan dina ngolah jeung nganalisis datana rapih tur gemet. Nu kaasup kana kagiatan tatahar nya éta:

a) mariksa ngaran jeung kalengkepan narasumber, ieu hal patali jeung validitas data;

b) mariksa kalengkepan data, maksudna mariksa ngeusian instrumen dina ngumpulkeun data, sangkan nalika data aya anu kurang bisa buru-buru ditambahan; jeung

(14)

2) Tabulasi

Tabulasi nya éta prosés ngahijikeun data anu kapanggih dina prosés panalungtikan. Kagiatan dina tabulasi diantarana nya éta:

a) ngumpulkeun kabéh data anu kapanggih dina hasil studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi;

b) masing-masingkeun data dumasar gundukanana; jeung c) ngaluyukeun data jeung téhnik analisis anu rék dipaké;

3) Dipakéna data saluyu jeung pamarekan panalungtikan

Gambar

Gambar 3.1 Lokasi Panalungtikan

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Segala hormat dan puji syukur penulis panjatkan kepada Bapa Yang Di Sorga, Allah Maha Kasih, Putra TunggalNya Yesus Kristus dan kehadiran Roh Kudus, yang selama ini telah

proses pemberian nomor agenda pada loket (eLoket) dilanjutkan proses verifikasi oleh staf perbendaharaan, dan proses approval dari Kasi Perbendaharaan dan Kabid Anggaran

Dengan ini saya memberi kuasa kepada rumah sakit, dokter atau orang lain yang memeriksa atau mengobati saya untuk melengkapi keterangan yang diperlukan PT ASURANSI AXA

PENERAPAN METODE KARYA WISATA PADA MATA PELAJARAN IPS TENTANG MACAM-MACAM SUMBER DAYA ALAM UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia |

PENGARUH MOD EL PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE TEAM GAME TOURNAMENT (TGT) TERHAD AP PEMBENTUKAN NILAI-NILAI KERJASAMA D ALAM PEMBELAJARAN PERMAINAN HOKIa. Universitas

Untuk tuna rungu ringan ada juga alat dan caranya agar anak-anak tuna rungu bisa mengerti apa yang kita bicarakan, sehingga tetap bisa berkomunikasi dan proses belajar

PERUBAHAN ATAS KEPUTUSAN KEPALA BADAN PERTANAHAN NASIONAL REPUBLIK INDONESIA NOMOR 57/KEP-3.43/I/2013 TANGGAL 28 JANUARI 2013 TENTANG PENETAPAN JABATAN FUNGSIONAL

Pembuatan Website Yayasan Baiâaturridwan dengan menggunakan salah satu aplikasi CMS yaitu Joomla 1.0.12 ini bertujuan untuk memudahkan penyebaran informasi terkait dengan