• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105440 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105440 Chapter3"

Copied!
10
0
0

Teks penuh

(1)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan kasenian Topéng Banjét “Pendul” ngagunakeun métodeu déskriptif kualitatif. Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 3) kecap déskriptif asalna tina basa Inggris to describe nu hartina ngajelaskeun hiji hal, misalna kaayaan, kajadian, kagiatan, atawa hal séjén nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan. Panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu tujuanna ngadéskripsikeun jeung nganalisis fénoména, kajadian, aktivitas sosial, sikep, kapercayaan, persépsi, pamikiran boh sacara individual boh sacara kelompok (Sukmadinata, 2012, kc. 60). Panalungtikan kualitatif boga dua tujuan utama, nya éta: 1) ngagambarkeun jeung ngungkab (to describe and explore); jeung 2) ngagambarkeun jeung ngécéskeun (to describe and explain).

David William (dina Moleong, 2007, kc. 5) nétélakeun nu disebut panalungtikan kualitatif, nya éta panalungtikan ngumpulkeun data tina hiji latar alamiah, ngagunakeun métodeu alamiah, sarta dilakukeun ku panalungtik anu ka irut sacara alamiah. Tegesna métodeu déskriptif kualitatif téh, nya éta panalungtikan nu miboga maksud pikeun maham fenomena naon nu kaalaman ku hiji subjék panalungtikan, misalna: paripolah, sawangan, motivasi, tindakan, jrrd. Sacara holistik panalungtikan kualitatif téh nalungtik ku cara ngadéskripsikeun kecap-kecap jeung basa tina hiji kontéks husus nu alamiah jeung ngamangpaatkeun métodeu alamiah.

(2)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan

3.2.1 Sumber Data

Sumber data panalungtikan nya éta subjek data anu ditalungtik (Arikunto, 2010, kc. 172). Sacara gurat badag sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma (person), tempat (place), jeung keretas atawa dokumén (paper).

1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngaliwatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét.

Tujuan Panalungtikan Ngadéskripsikeun ieu hal di handap.

1. Gambaran kasenian Topéng Banjét "Pendul".

2. Unsur-unsur seni nu nyampak dina kasenian Topéng Banjét "Pendul".

3. Ajén éstétika nu nyangkaruk dina kasenian Topéng Banjét "Pendul".

4. Ngalarapkeun hasil panalungtikan kasenian Topéng Banjét "Pendul" kana bahan pangajaran bahasan budaya di SMA kelas XI.

Ngumpulkeun data tina buku-buku sumber ngeunaan kasenian Topéng Banjét "Pendul"

Ngayakeun panalungtikan di Désa Lemahduhur jeung ngayakeun wawancara ka seniman kasenian Topéng Banjét

"Pendul"

Analisis jeung déskripsi data

(3)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun métodeu observasi.

3) Keretas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data nu mangrupa tanda-tanda, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna. Dokumén mangrupa objék pikeun métodeu dokuméntasi.

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta sumber data ti seniman Topéng Banjét “Pendul”, hasil rékaman tina pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”, jeung data ti masarakat sabudeureunana. Sumber data dina ieu panalungtikan, nya éta Topéng Banjét

Umur Padumukan Pakasaban Kalungguhan

dina kasenian

Pari Juhansyah/Wa Doris 51 taun Kp. Suagar

(4)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téh Darmi 29 taun Cikampek

Kabupatén

Karawang

Seniman Panari Banjét

Kang Oman 53 taun Kp. Bayur Désa

Lemahduhur

Kabupatén

Karawang

Seniman Pamaén Rebab

3.2.2 Lokasi Panalungtikan

Désa Lemahduhur nya éta désa nu kaasup ka Kecamatan Tempuran Kabupatén Karawang. Lega wilayah Désa Lemahduhur téh aya 729,795 Ha, sacara administratif Désa Lemahduhur kabagi jadi 6 dusun 6 RW jeung 18 RT, nya éta Dusun Jarakah I, Dusun Jarakah II, Dusun Bayur I, Dusun Bayur II, Dusun Lemahduhur, jeung Dusun Néglasari. Wates Désa Lemahduhur nya éta:

(5)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tempuran

 beulah kidul : Désa Pasirkamuning Kecamatan Telagasari

 beulah kalér : Désa Pancakarya jeung Lemahkarya Kecamatan Tempuran

Gambar 3.1

Péta Tempat Panalungtikan

3.3 Instrumén Panalungtikan jeung Téhnik Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

(6)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina ieu panalungtikan, nya éta pedoman wawancara, alat rékam, jeung kaméra foto.

1) Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara nya éta alat pikeun nungtun panalungtik nalika wawancara jeung narasumber, anu eusina ngeunaan biodata informan jeung daptar pertanyaan. Pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

1. Ti iraha ayana kasenian Topéng Banjét “Pendul”?

2. Kumaha kasang tukang ayana kasenian Topéng Banjét “Pendul’?

3. Naon sababna ieu kasenian dingaranan kasenian Topéng Banjét

“Pendul”?

4. Naon udagan tina kasenian Topéng Banjét “Pendul”?

Pra Pintonan 5. Naon waé nu kudu disiapkeun saacan prungna pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul’?

Prungna Pintonan 6. Kumaha pakem dina prak-prakan kasenian Topéng Banjét “Pendul”?

Kamekaran 7. Kamekaran naon waé nu kaalaman ku kasenian Topéng Banjét

“Pendul”?

Layang Pangajén 8. Pangajén naon waé anu geus dicangking ku kasenian Topéng Banjét

“Pendul”?

Unsur-unsur Seni

9. Pungsi kasenian naon waé nu kapanggih dina kasenian Topéng Banjét

“Pendul”?

10. Unsur-unsur seni naon waé nu nyampak dina kasenian Topéng Banjét

“Pendul”?

11. Naon ngaran babagéan dina busana nu dipaké panari jeung pamaén drama kasenian Topéng Banjét “Pendul”?

12. Waditra naon waé anu dipaké dina pintonan kasenian Topéng Banjét

“Pendul”?

13. Gerak tari naon waé anu dipaké dina prungna pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”?

14. Carita jeung lalakon naon waé anu mindeng dipintonkeun dina

kasenian Topéng Banjét “Pendul”? nyokot tina sastra lisan atawa tulisan carita nu dipintokeunna téh?

Ajén Éstétika 15. Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina kasenian Topéng Banjét “Pendul” ?

(7)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.3 Kartu Wawancara

2) Alat rékam

Alat rékam dipaké pikeun ngumpulkeun data dina téhnik wawancara jeung informan atawa rékaman pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Ieu hal dilaksanakeun sangkan data anu dicangking akurat.

3) Kaméra foto

Kaméra foto dipaké pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung ieu panalungtikan, sarta pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakan pintonan kasenian Topéng Banjét “Pendul”.

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta studi pustaka, observasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi.

1) Studi Pustaka

Studi pustaka dipaké pikeun meunangkeun rupa-rupa tiori anu dijadikeun acuan dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan (Suyatna, 2002, kc. 19). Studi pustaka dipaké pikeun ngumpulkeun bahan tulisan dina néangan jeung

Kartu Wawancara

Wasta :

Jenis kelamin :

Umur :

Kalungguhan :

Alamat :

Pakasaban :

(8)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungtikan. Panalungtikan studi pustaka dilaksanakeun di Perpustakaan Universitas Pendidikan Indonesia jeung Perpustakaan Departemen Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung.

2) Observasi

Nurutkeun Fathoni (2006, kc. 104) observasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sarta nyatet tina hasil observasi. Jalma nu ngobservasi disebut

observer, jeung objék anu diobservasi disebut observee.

Téhnik observasi dipaké pikeun nyangking gambaran ngeunaan kasenian Topéng Banjét “Pendul”. Gambaran anu dipiharep lian ti kasenianana ogé ngeunaan gambaran sosial masarakatna.

3) Wawancara

Margono (2004, kc. 165) nétélakeun yén wawancara nya éta téhnik anu dipaké pikeun nyangking informasi ku cara ngajukeun pertanyaan sacara lisan pikeun dijawab sacara lisan ogé. Ciri anu utama dina wawancara langsung, nya éta kontak langsung kalayan pahareup-hareup antara nu néngan informasi (interviewer) jeung sumber informasi (interviewee). Nurutkeun Esterberg (dina Sugiono, 2010, kc. 72) wawancara nya éta “pertemuan dua orang untuk bertukar informasi dan ide melalui tanya jawab, sehingga dapat dikonstruksikan makna dalam suatu topik tertentu”.

(9)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Studi Dokuméntasi

Studi dokuméntasi nya éta téhnik pikeun ngumpulkeun data ku cara nalungtik jeung nganalisis dokumén-dokumén anu mangrupa dokumén tinulis, gambar, jeung éléktronik (Fathoni, 2006, kc. 112). Dokuméntasi dipaké pikeun meunangkeun data tina wangun arsip, gambar, video, jeung data séjénna anu dianggap perlu pikeun ngadeudeulan panalungtikan.

Objék dokuméntasi dina ieu panalungtikan, nya éta hal-hal nu patali jeung kasenian Topéng Banjét “Pendul”, boh nu sipatna tulisan boh lain tulisan. Objék dokuméntasi anu mangrupa wangun tulisan, nya éta dokumén data ti seniman, sedengkeun nu lain tulisan, nya éta foto atawa video anu patali jeung kasenian Topéng Banjét “Pendul”.

3.4 Téhnik Analisis Data

Dina nganalisis data atawa ngolah data dibutuhkeun katalitian. Panalungtik dipiharep bisa objéktif kana data anu geus dikumpulkeun, teu ngamanipulasi data pikeun tujuan-tujuan anu tangtu. Nurutkeun Suyatna (2002, kc. 25) gurat badag analisis data ngawengku opat hal, nya éta mariksa jeung milih data nu asup, klasifikasi data, tabulasi data, jeung téhnik analisis.

1) Mariksa jeung milih data nu asup. Data nu geus dikumpulkeun dipilih jeung dipariksa deui sangkan luyu jeung pedaran nu bakal ditepikeun. Data nu dipariksa, nya éta kalengkepan idéntitas narasumber jeung hasil wawancara sarta hasil dokuméntasi. Jadi, lamun aya kakurangan jeung aya data nu teu dibutuhkeun bisa gancang katitén.

(10)

Fajriansyah Noviar Arief,2015

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TOPÉNG BANJÉT “PENDUL” DI DÉSA LEMAHDUHUR KECAMATAN TEMPURAN KABUPATÉN KARAWANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAHASAN BUDAYA DI SMA KELAS XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Tabulasi data, nya éta ngalaporkeun sakabéh data dina wangun tabél. Data dicangking tina hasil studi pustaka, observasi, wawancara, jeung studi dokuméntasi.

Gambar

Gambar 3.1  Péta Tempat Panalungtikan

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data kamampuh nulis wawangsalan siswa anu ngawengku éjahan, diksi, guru wilangan, karapihan tulisan jeung ketepatan pangarang

Instrumén nya éta pakakas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data. Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta format buku, kartu data, tabel. data, sangkan babari

Téhnik nu digunakeun dina ngumpukeun data nya éta studi pustaka. Téhnik studi pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data maké cara nalaah sababaraha pustaka sangkan bisa

Sanggeus kapanggih masalah nu aya di kelas VII D SMPN 2 Lembang, diayakeun panalungtikan ka kelas pikeun ngumpulkeun data. Téhnik nu dipaké nya éta téhnik tés.

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun ajén éstétis anu

Angkét nya éta pertélaan tinulis anu digunakeun pikeun nyangking informasi ti responden dina harti laporan ngeunaan pribadi atawa hal-hal anu dipikanyaho. 199) Angket nya

nya éta obsérvasi anu dilaksanakeun sacara langsung kana objék nu ditalungtik. Tés dilakukeun dua kali, nya éta saméméh jeung sabada maké média facebook. 3.4

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik analisis data. Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis unsur intrinsik fiksimini basa. Sunda