• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1102975 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1102975 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa salaku mahluk hirup miboga dua fungsi, nya éta salaku mahluk individual jeung salaku mahluk sosial. Salaku mahluk individual hartina hubungan antara jiwa jeung raga, sedengkeun manusa salaku mahluk sosial hartina manusa teu bisa hirup sosoranganan tapi butuh batur pikeun hirup jeung

huripna. Manusa butuh ku batur téh kaungggel dina pupuh Pucung “utamana

jalma kudu réa batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal

lantaran ti pada jalma”.

Manusa salaku mahluk Pangéran anu dibéré akal jeung budi ngahasilkeun paripolah jeung kabiasaan-kabiasaan anu ngabédakeun jeung mahluk hirup séjénna, saperti sato jeung tutuwuhan. Éta kabiasaan-kabiasaan jeung paripolah anu sarua ti sakelompok jalma, ngawangun hiji beungkeutan anu disebut masarakat. Kahirupan nu ngawengku paripolah jeung kabiasaan hiji masarakat leuwih lega deui ku para ahli sok disebut kabudayaan. Nurutkeun E.B Taylor

(dina Lestari, 2013, kc. 1) “kebudayaan adalah seluruh kompleks yang ada

didalamnya terkandung ilmu pengetahuan yang lain, serta kebiasaan yang didapat manusia sebagai anggota masyarakat”. Sedengkeun nurutkeun Arnold (dina Liliweri, 2014, kc. 6) kontak individu atawa sakelompok jalma anu miboga pikiran, omongan, jeung paripolah anu alus ngeunaan dunya disebut kabudayaan.

Kabudayaan raket patalina jeung adat. Adat nya éta istilah dina budaya

Sunda, anu dipikawanoh dina sababaraha harti. Dina Kamus Umum Basa Sunda,

adat nya éta kabiasaan anu turun-tumurun ti karuhun. Dina basa Arab disebut

‘Urf’ nya éta hiji hal anu dipikaweruh, dipikanyaho, tur dipigawé tuluy-tumuluy nepi ka jadi hiji kabiasaan di masarakat (Ensiklopedi Sunda, 2000, kc. 14).

(2)

dipaké nya éta upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung mangrupa salasahiji prosesi adat anu dilakonan sacara turun-tumurun anu sok dilaksanakeun dina unggal poé Senén tanggal welasan ahir bulan Safar. Asal-muasal upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung nurutkeun Rd. Mumu (wawancara Saptu 6 Desember 2014) ieu acara dipatalikeun jeung caritaan kolot anu geus turun-tumurun, yén waktu Radén Ranggamantri alias Pucuk Umun jeung garwana Ratu Parung Sunyalarang, ngucapkeun dua kalimah syahadat munggaran. Éta acara ngislamkeun téh diluluguan ku Sunan Gunung Jati Cirebon téh dina poé Senen bulan Safar tanggal welasan ahir. Ieu upacara nu nanteng nepi ka kiwari, minangkaupaya anu dilakonan ku kaprabonan Talaga pikeun ngamumulé barang-barang titinggal Karajaan Talaga Manggung.

Prosesi upacara adat nyiramkeun diayakeun minangka media silaturahmi antara warga katurunan karajaan Talaga Manggung jeung masarakat sabudeureun karajaan Talaga. Ieu prosési ogé minangka hiji wangun panghormatan ka luluhur anu geus ngawariskeun titinggalna anu leubeut ku simbol.

Simbol mangrupa bagian tina tanda. Elmu anu ngabahas ngeunaan tanda jeung simbol disebut sémiotik. Nurutkeun C.S Peirce (dina Sobur, 2009, kc. 41-42) simbol nya éta salah sahiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat. Maksudna nya éta hiji hal atawa kaayaan anu ngawakilan pamahaman hiji jalma kana hiji objek. Salian ti éta, C.S Peirce nétélakeun yén tanda téh ngawengku ikon, indéks, jeung simbol.

Ayana unsur sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, jeung simbol, nu boga harti husus pikeun kahirupan masarakat, jadi kasang tukang dipilihna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung pikeun objék panalungtikan. Upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung anu leubeut ku unsur sémiotik perlu dianalisis, sangkan masarakat bisa mikawanoh jeung maham kana naon anu jadi udagan tina éta upacara.

(3)

Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Ageung jeung ngan saukur bisa ditingali ku wanoja, teu meunang aya lalaki hiji-hiji acan anu asup kana éta rohangan Bumi Ageung. Kadieunakeun nyaluyukeun jeung kamekaran jaman jeung pikeun kapentingan pariwisata, éta acara nyiramkeun arca Ratu Simbarkancana téh sok dilaksanakeun di Bumi Alit atawa nu disebut museum Talaga Manggung jeung bisa diliput ku wartawan sanajan wartawanna lalaki ogé (wawancara H. Tatang, Senén 6 Desember 2014).

Salian ti éta, dumasar observasi di Desa Talaga Wétan dina tanggal 23 Desember 2013, kiwari beuki saeutik nu wanoh kana adat-istiadat, hususna kana upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Padahal ieu tradisi penting pisan pikeun dipikawanoh, lantaran loba pisan ma’na-ma’na anu bakal

mangpaat pikeun kahirupan. Bahan ajar ngeunaan tradisi dina buku pangajaran ogé rélatif saeutik. Kurangna kasadaran ti unggal jalma pikeun milu ngajaga éta adat-istiadat nu hirup di masarakat ogé jadi salah sahiji pasualan nu ngabalukarkeun adat-istiadat geus loba nu teu maliré deui, boh ku barudak rumaja boh ku kolot.

Saméméhna geus aya panalungtikan anu objekna upacara nyiramkeun anu

judulna “Upacara Nyiramkeun di Kecamatan Talaga Kabupaten Majalengka: (Suatu Tinjauan Sosial Budaya)” ku Arief Rifqi Zakiyudin (2010) (Skripsi jurusan

Pendidikan Sejarah, FPIPS UPI). Salian ti éta can kapanggih deui panalungtikan anu objekna upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung. Anapon panalungtikan anu objekna ampir sarupa jeung upacara nyiramkeun nya éta “Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA

Kelas XI” ku Tresna Yuniawati (2012). Salian ti panalungtikan anu objekna ampir sarua, geus loba ogé panalungtikan ngeunaan unsur semiotik jeung simbol,

diantarana “Simbol-simbol Kasenian Goong Rénténg di Desa Cisarua Kacamatan

Cisarua Kabupaten Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII: Ulikan

Semantik” ku Usép Nandang S (2013), “Upacara Panjang Jimat di Karaton Kasepuhan Cirebon (Tilikan Sémiotik)” ku Thohir (2006), “Ajén Falsafah dina

(4)

Cikaum Kabupaten Subang (Ulikan Struktural Sémiotik)” ku Déasy Hapsari Suciati Harsono (2008). Tina hasil panalungtikan di luhur teu kapanggih ngeunaan unsur sémiotik dina upacara adat nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung.

Ku kituna dumasar kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dijudulan

Upacara Nyiramkeun Pusaka Karajaan Talaga Manggung di Désa Talaga Wétan

Kacamatan Talaga Kabupaten Majalengka pikeun Pangajaran Maca Artikel

Budaya di SMA Kelas XII (Ulikan Sémiotik)”.

1.2Rumusan Masalah

Dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung réa pisan ajén-ajén jeung unsur anu perlu ditalingtik. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan ngan medar prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, unsur sémiotik dina properti jeung aktifitas dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung ieu hasil kajian téh baris dijadikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.

Anapon ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan ieu di handap:

1. Kumaha deskripsi upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung

dina saméméh upacara, lumangsungna upacara, jeung sabada upacara?

2. Unsur sémiotik naon baé anu nyangkaruk dina upacara nyiramkeun pusaka

karajaan Talaga Manggung?

3. Naon waé ma’na tina unsur sémiotik anu aya dina upacara nyiramkeun

pusaka karajaan Talaga Manggung?

4. Ieu hasil kajian unsur sémiotik téh naha bisa dipaké pikeun pangajaran maca

(5)

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya nu aya di masarakat Sunda, jeung nambahan pangaweruh ngeunaan budaya nu aya di sabudeureun urang Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga udagan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun:

1. asal-usul upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;

2. prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;

3. unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga

Manggung;

4. hasil kajian unsur sémiotik baris dipaké bahan pangajaran maca artikel

budaya di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nya éta sangkan bisa méré pangaweruh ka masarakat dina hal kabudayaan, hususna ngeunaan upacara adat nu aya di tatar Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis anu dipiharep bisa dihontal tina ieu panalungtikan nya éta:

1. Pikeun masarakat, bisa numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda nu aya di

sabudeureunana, anu satuluyna bisa numuwuhkeun karep pikeun ngariksa budaya Sunda;

2. Pikeun guru bisa nambahan pangaweruh dina ngamekarkeun bahan

(6)

3. Pikeun siswa, bisa mikawanoh upacara adat nu aya disabudeureunana jeung maham kana unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung;

4. Pikeun panalungtik, bisa mikanyaho leuwih teleb ngeunaan upacara

nyiramkeun pusaka Karajaan Talaga Manggung, jeung numuwuhkeun kareueus kana budaya Sunda, hususna upacara tradisional nu aya di sabudeureun panalungtik.

1.5 Raraga Nulis

Tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan dina wangun skripsi. Sacara gurat badag ieu skripsi dibagi jadi lima bab, anu diwincik dina ieu di handap :

BAB I Bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu kabagi jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu dibagi jadi mangpaat praktis jeung mangpaat tioritis, anu pamungkas nya éta raraga nulis.

BAB II Tatapakan tiori, dipedar ngeunaan semiotik, tiori kabudayaan, upacara adat, upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, ngeunaan maca, bahan pangajaran sarta pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.

BAB III Métode panalungtikan, dipedar ngeunaan lokasi géografis tempat panalungtikan jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

BAB IV Déskripsi unsur sémiotik dina upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung, prak-prakan upacara nyiramkeun pusaka karajaan Talaga Manggung jeung hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca artikel di SMA kelas XII.

Referensi

Dokumen terkait

$sial yag .tuadapi oleh pd tokoh yos terdatat di dalm novel.. Melode pqelitim ydg diFkai

Dalam menyusun desain penelitian perlu diperhatikan unsur-unsur penting, antara lain : latar belakang masalah, rumusan masalah, tujuan penelitian, manfaat hasil

Prosedur yang ada di perusahaan diterapkan dengan cara yang sama pada setiap

ekstrak etanol daun jambu bol mempunyai efek menurunkan kadar kolesterol darah tikus yang mengalami hiperkolesterolemiab. terdapat perbedaan antara efek penurunan kadar kolesterol

a) Untuk mengetahui apa saja yang menjadi ruang lingkup terjadinya kekerasan terhadap anak dalam Lembaga Pendidikan khususnya pada Sekolah Dasar Negeri di

Wahyuni Yusuf, Sri. “Penerapan Prinsip World Trade Organization dalan Undang-Undang Nomor 7 Tahun 2014 Tentang Perdagangan”. Makassar: Universitas Hasanuddin, 2015. “Kebijakan

Rumusan masalah yang diangkat peneliti adalah: apakah pendidikan reproduksi sehat memberikan perbedaan yang nyata terhadap tingkat pengetahuan dan perilaku

Pembuatan Website Yayasan Baiâaturridwan dengan menggunakan salah satu aplikasi CMS yaitu Joomla 1.0.12 ini bertujuan untuk memudahkan penyebaran informasi terkait dengan