99
DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN
5.1 Kacidekan
Naskah Palintangan ti Majaléngka anu jadi bahan ieu panalungtikan dijieun
dina taun 1959 Maséhi/Landa (1374 Cina, jeung 1884 Jawa). Ieu naskah ditulis
dina basa Jawa-Cirebon kalawan maké aksara Cacarakan. Alat tulis anu dipaké
pikeun nuliskeun téksna nya éta bélpoin kalawan mangsi warna hideung jeung
beureum. Sedengkeun anu jadi média tulisna nya éta kertas pabrik ukuran 19,8x30
cm kalawan ruang tulis ± 17x13,5 cm. Jumlah kacana nya éta 68 sarta henteu
maké katerangan paginasi. Ngaran naskah Palintangan dicokot tina babandingan
eusi téks naskah anu sarupa. Naskah Palintangan ti Majaléngka medar perkara
ramalan atawa totondén nu hadé jeung goréng dumasar kana itung-itungan nu
tangtu.
Tina hasil transliterasi téksna kapanggih yén ieu naskah masih maké
kabiaasaan nulis kecap jaman harita anu loba kapangaruhan ku tata tulis kecap
basa Jawa. Ieu hal tangtuna henteu lumrah dipaké dina jaman kiwari. Kabiasaan
nulis kecapna mangrupa nambahna sora konsonan, saperti kecap salasa anu
ditulis sallassa jeung kecap puasa anu ditulis puwassa. Salian ti éta, aya ogé anu
mangrupa robahna foném, saperti foném /h/ anu jadi /k/ dina kecap akir anu
sakuduna ditulis ahir.
Ditilik tina strukturna téksna, naskah Palintangan ti Majalengka téh bisa
ditataan saperti kieu: 1) itungan kolénjér, 2) pananggalan, 3) poé-poé naas dina
bulan nu 12, 4) poé hadé jeung poé naas dina sabulan, 5) poé naas dumasar kana
pitu naas (naas nu tujuh), 6) perwatekan samagaha, 7) perwatekan lindu, 8)
perwatekan dina ngadegkeun imah, 9) naga poé, 10) itungan nasib dumasar kana
lintang jeung sadwara, 11) nambaan sawah, 12) siklus rejeki, 13) hajat, 14)
wayangan dina lahiran, 15) nambaan panyakit anu datang dina poé nu tangtu.
99
DENA SETIAWAN, 2014
TRANSLITERASI JEUNG KAJIAN TÉKS NASKAH PALINTANGAN TI MAJALENGKA
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
kasalametan diri jeung rejeki anu bisa diramalkeun ngaliwatan kajadian alam
jeung paélmuan manusa.
Tina ieu naskah, bisa kapaluruh yén masarakat Sunda miboga pangaweruh
anu kacida jembarna. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna pangaweruh palintangan,
ubar, kajadian alam, wayang, jeung tokoh-tokoh séjénna. Masarakat Sunda geus
bisa matalikeun totondén/ramalan jeung itung-itungan anu dumasar kana kajadian
alam atawa pananggalan. Tina ieu naskah ogé bisa kagambarkeun yén lingkungan
budaya harita mangrupa hasil akulturasi tina budaya-budaya séjénna. Éta budaya
téh diantarana: Arab kuno, Islam, jeung Jawa. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna
istilah-sitilah atawa ngaran-ngaran tina éta budaya pikeun dijadikeun dadasar dina
itungan palintangan.
5.2 Saran
Ieu panalungtikan anu ngaguar perkara eusi téks naskah Palintangan tangtuna
masih heureut kénéh kajianana, ku kituna aya sababaraha saran anu pikeun
panalungtik séjén. Éta hal dipedar ieu di handap.
1) Sabada ayana ieu panalungtikan, dipiharep aya panalungtikan séjén anu
medar naskah Palintangan atawa naskah-nasakah sarupa tina jihat paélmuan
séjénna.
2) Panalungtik ka hareupna dipiharep bisa nalungtik naskah kalawan leuwih
gemet, tur bisa matalikeun naskah-naskah anu sipatna paélmuan kana widang