• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1200506 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1200506 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Tanti Nurkomalasari, 2016

RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KANCINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi anu geus dijéntékeun dina bab

IV, analisis ragam basa Sunda Ciak dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Ragam basa Sunda Ciak mangrupa salah sahiji basa anu dipaké ku masarakat

Cibiuk pikeun alat komunikasi antar masarakat Cibiuk dina kahirupan

sapopoéna di jaman baheula. Ari jaman kiwari mah basa Sunda Ciak téh geus

jarang dipaké, lantaran masarakat Cibiuk geus lolobana teu wanoh kana basa

Ciak. Aya salah sahiji kalangan masarakat jaman ayeuna anu masih kénéh

ngagunakeun basa Ciak timimiti budak rumaja nepi ka kolotna, nya éta

masarakat anu miboga pakasaban dagang. Lantaran para pedagang

ngagunakeun basa Ciak dina komunikasina di pangumbaranana.

2) Asal muasal ayana ragam basa Sunda Ciak di Cibiuk téh lantaran ku ayana

para penjajah. Dina éta mangsa masarakat Cibiuk ngarasa teu aman dina

sagala laku lampah nu dilakukeun dina kahirupan sapopoéna, kaasup kana

komunikasi antar masakat. Nu jadi kasang tukang ayana rasa teu aman pikeun

masarakat Cibiuk téh nya éta ku lobana mata-mata ti para penjajah pikeun

numpas masarakat anu boga niat majuangkeun kamerdekaan atawa nu boga

niat pikeun ngalawan penjajah. Ku kituna masarakat Cibiuk hususna para

ulama boga inisiatif nyieun basa sandi anu digunakeun husus ku urang Cibiuk

pikeun komunikasi dina kahirupan sapopoéna.

3) Ari kagunaan basa Ciak di jaman harita salian ti pikeun komunikasi antar

warga masarakat Cibiuk dina ngalawan penjajah, basa Ciak ogé digunakeun

ku para padagang pikeun ngarusiahkeun téhnik atawa stratégi dagang urang

Cibiuk ka padagang Cina. Lantaran ti baheula masarakat Cibiuk lolobana

boga pakasaban dagang.

4) Ari Cara Menangkeun data panalungtikannana, panalungtik maké cara

ngayakeun babandingan antara basa lulugu jeung basa Ciak dina kahirupan

sapopoéna, dumasar kana istilah-istilah dina kahirupan sapopoé masarakatna.

(2)

113

Tanti Nurkomalasari, 2016

RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

aya 20 kecap (5.6%), istilah gaganti jeung sesebutan aya 15 kecap (4,2%),

istilah kahirupan désa jeung masarakat aya 10 kecap (2,8%), istilah babagian

awak aya 22 kecap (6,1%), istilah imah jeung babagianna aya 13 kecap

(3,6%), istilah pakakas aya 33 kecap (9,2%), istilah kadaharan jeung inuman

aya 44 kecap (12,3%), istilah panyakit aya 13 kecap (3,6%), istilah pakasaban

aya 18 kecap (5,0%), istilah pakéan aya 6 kecap (1,7%), istilah tutuwuhan

jeung bungbuahan aya 31 kecap (8,6%), istilah sasatoan aya 28 kecap (7,8%),

istilah kaayaan jeung usum aya 13 kecap (3,6%), istilah budi parangi aya 28

kecap (7,8%), istilah kaulinan aya 3 kecap (0,8%), istilah pagawéan aya 35

kecap (9,7%), istilah pananya, panambah, panganteb, jeung panyambung aya

15 kecap (4,2%), istilah bilangan aya 12 kecap (3,4%).

5) Dina hasil panalungtikan, ragam basa Sunda Ciak anu kapanggih di

Kacamatan Cibiuk téh aya 359 kecap tina 664 kecap Sunda lulugu anu

diujikeun ka masarakat. Tina hasil analisis kapanggih aya dua rupa wangun

kecap basa Ciak di Cibiuk nya éta:

a. Kecap Asal dina ragam basa Sunda Ciak anu kapanggih dina hasil analisis téh

aya 206 (57,4%) kecap tina 359 kecap basa Sunda Ciak.

b. Kecap rékaan dina ragam basa Sunda Ciak anu kapanggih dina hasil analisis

téh aya 153 (42,6%) kecap tina 359 kecap basa Sunda Ciak. Tina 153 kecap

anu kaasup kecap rékaan kapanggih aya 15 (9,8%) kecap anu kaasup kana

kecap rundayan, 4 (2,6 %) kecap kaasup kana kecap rajékan, 7 (4,6 %) kecap

anu kaasup kecap kantétatan, 2 (1,3 %) kecap wancahan, jeung aya 125

(81,7%) kecap anu kaasup kana kecap rékaan pamaseuk.

6) Dumasar kana hasil analisis pola parobahan kecap, kapanggih aya 110

(30,6%) kecap anu kaasup kana pola parobahan kecap asal dumasar kana 17

pola, 133 (37,1%) kecap anu kaasup kan pola parobahan kecap rékaan

dumasar kana 15 pola , jeung aya 116 (32,3%) kecap anu kaasup kana pola

ganti kecap.

5.2 Saran

Dumasar kana hasil analisis anu geus ditétélakeun aya sababaraha saran ti

(3)

114

Tanti Nurkomalasari, 2016

RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Dina hasil panalungtikan anu geus laksanakeun ku panalungtik, nuduhkeun

yén basa Sunda Ciak téh geus jarang dipaké ku masarakat Cibiuk. ku kituna,

masarakat Sunda, hususna masarakat Cibiuk bisa ngamumulé basa Sunda

Ciak ku cara maké dina kahirupan sapopoé, ogé di ajarkeun ka budakna

sangkan pada nyaho kana éta basa. Malah mun bisa mah diajarkeun di sakola,

sangkan basa Sunda Ciak teu kalindih atawa leungit di mangsa di kahareupna.

2) Ieu panalungtikan ngan saukur nalungtik jeung ngabahas ngenaan asal-usul

basa ciak, kandaga kecap basa Sunda Ciak, sarta analisis wangun kecapna.

Ku kituna, kudu aya panalungtikan kahareupna sangkan pangaweruh ngenaan

Referensi

Dokumen terkait

jeung paélmuan manusa. Tina ieu naskah, bisa kapaluruh yén masarakat Sunda miboga pangaweruh. anu kacida jembarna. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna

Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék ngeunaan kasatiaan, kareueus ngagunakeun basa Sunda, jeung kasadaran ayana norma basa, bisa katitén yén rata-rata siswa

Pikeun pihak pamaréntah, utamana Dinas Pendidikan Jawa Barat kudu mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta dipaké kénéh ku masarakat,

kaagamaan geus dileungitkeun leuwih nyoko kana kritik kawijakan.. silsilah mangsa kademangan ngaliwatan dongéng. Ku sabab dina bagéan dongéng disebutkeun yén

Damono (dina Koswara, 2011, kc.10), netelakeun yén karya sastra téh diciptakeun ku sastrawan pikeun bisa dirarasakeun kaéndahanana, dipaham, jeung bisa dimangpaatkeun ku

1) Pikeun pihak pamaréntah, utamana Dinas Pendidikan Jawa Barat kudu mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta dipaké kénéh ku masarakat, ulah

pikeun dibaca ku batur. Kamampuh siswa nulis éséy téh teu bisa dicangking kitu.. waé tapi kudu ngaliwatan prosés pangajaran jeung latihan. Ku kituna, guru téh. kudu miboga

Anu jadi dadasar nyokot judul éta téh, nya éta: (1) hayang ngawanohkeun deui karya sastra Sunda buhun hususna wawacan anu geus dipopohokeun ku masarakat balaréa; (2)