• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105226 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105226 Chapter5"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik budak. Kolot baheula mah ngabéjaan atawa nyarék téh cukup ku dibalibirkeun, teu togmol. Cukup ku nyebut pamali éta kolot téh ngatikna, upama kedal kecap pamali téh, timbul kasieun anu gedé, tara ieuh protés sok nurut baé. Kapamalian anu aya di Kecamatan Subang, Kabupatén Subang, sabagian masih kénéh sok diparaké. Kabuktian masih loba kénéh anu percaya sarta tumut kana naon anu disebutkeun pamali téa.

Kapamalian anu dikumpulkeun ngaliwatan wawancara ka 6 narasumber anu aya di Kecamatan Subang téh aya 65 kapamalian. Éta kapamalian anu aya téh didéskripsikeun harti jeung fungsina, dianalisis ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama, sarta dianalisis ogé unsur sémiotik anu nyangkaruk dina éta kapamalian.

Kapamalian anu ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Kecamatan Subang kawengku ku istilah daur hidup (life cycle), di antarana kawin, kelahiran, sunat jeung maot. Sakabéh kapamalian éta kapasing-pasing numutkeun kagunaan katut saha nu makéna. Ieu di handap mangrupa hasil tina papasingan éta kapamalian:

1. Dina kapamalian anu aya patalina jeung urusan kawin, aya 6 (3.9%) kapamalian anu eusina husus jang nu arék jeung nu geus kawin. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana aspék kawin nyaéta “Ulah dahar pipir lawang mantak hésé jodo”, “Ulah diuk dina bangbarung matak burung babakalan”,

jeung “Mun awéwé ulah ngadahar tunggir sok mangnunggirkeun”.

2. Dina kapamalian anu patali jeung urusan kelahiran, aya 11 (7.15%) kapamalian anu eusina ngeunaan kapamalian-kapamalian husus ditujulkeun nu kakandungan. Sababaraha kapamalian anu asup kana aspék kelahiran

(2)

88

jeung “Ari keur kakandungan ulah hayang kadaharan batur bisi ngelay budakna”.

3. Dina kapamalian anu patali jeung urusan sunat, aya 2 (1.3%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu disunatan. Kapamalian anu asup kana

aspék sunat nyaéta “Ulah jangji nerapkeun babango mun rék di sunat bisi kakeureut kanjutna” jeung “Budak sunat kudu di lulur ku konéng supaya leungit kokotorna”.

4. Dina kapamalian anu patali jeung urusan maot, aya 4 (2.6%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu maot. Kapamalian anu kaasup kana aspék

maot nyaéta “Mun aya nu maot poé sabtu ulah di angir sok nuturkeun” jeung

“Mun nyangu na hawu ulah ngasupkeun suluh bagal ti heula tapi congona heula bisi maot gering nangtung”.

Salian ti éta aya ogé kapamalian anu sipatna umum, di mana éta kapamalian dipaké ku sakumna masarakat di sagédéngeun hal-hal anu aya patalina jeung life

cycle, nyaéta 42 (27.3%) kapamalian. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana

aspék kapamalian umum nyaéta “Ulah mamangkatan mun larangan bulan ku sabab sok cilaka”, “Kudu amitan mun rek mandi di walungan bisi aya nu ngageugeuhana”, “Mun urang saré ulah ngujur kalér da éta mah bagéan nu paéh”,

“Mun nu liwat mawa mayit urutna bajur ku cai bisi apes”, jeung “Mun nyarek budak ulah di teunggeul ku hihid mantak sakalor”.

Hasil analisis semiotik kapanggih aya 22 unsur ikon, unsur ikon nyaéta tanda anu nyoko kana obyékna dumasar hubungan faktual jeung éksisténsial antara penanda jeung petandana, salasahijina nu aya dina kapamalian “Tong nguah coét bisi meunangkeun randa”, dina ieu kontéks coét ikon tina wadah paranti nyambel , Coét lain tempat dahar, salah tempat saupama aya nu dahar tina coét. Ku lantaran kitu ulah nguah dina coét bisi meunangkeun randa, maksudna kudu bisa pipilih dina ngagunakeun hiji barang, kitu ogé tina milih pamajikan.nu bisa nyababkeun rewog barangdahar sabab ku teu kaukur téa sakumaha daharna.

Lian ti éta aya 20 kapamalian anu ngandung kana unsur indéks, unsur indéks nyaéta tanda anu ngébréhkeun ayana hubungan kausal/sabab-akibat,

(3)

89

kalakuan jalma nu ménta ijin pikeun ngalakukeun hijji kagiatan. Anu dipenta ijinna biasana mangrupa mahluk goib anu teu katingal. Maksud amitan didieu nya éta pikeun menta ijin ka sasama mahluk ciptaan gusti nu ngageugeuh éta walungan.

Dina unsur simbol kapanggih 23 kapamalian anu ngahubungkeun yén antara tanda jeung denotatumna téh disapukan ku balaréa. Salasahijina saperti

kapamalian “Keur kakandungan ulah cicing di tengah lawang mantak hésé bijil orokna”, dina ieu kontéks Dina ieu kontéks tengah lawang ngalambangkeun bagian lawang nu tengahnna, dijieun tina kai, biasana digunakeun pikeun jalma lalar liwat atawa cicing, nyawang, ngalamun, jeung bingung. Lamun saupamana nu reuneuh cicing di tengah lawang biasana dipatalikeun jeung kapamalian matak hésé bijil orokna.

Dina éta kapamalian téh leubeut pisan ku ajén atikan anu ngatik, ngadidik urang aya dina kahadéan jeung kasalametan, saperti dina ajén atikan moral aya 32

kapamalian anu kaasup kana ajén moral saperti kapamalian “Teu meunang ngadahar daging tikukur sok barorok atawa ateul” jeung “Ulah meulitkeun anduk dina beuheung mun keur kakandungan bisi orok di jero beuteungna kabeulit ku tali ari-ari.”. Aya 23 kapamalian anu kaasup kana ajén sosial saperti kapamalian

“Teu meunang hajat mun taun alif sok kahuruan atawa sok aya nu gelut.” jeung

“Ulah molongokeun panto wanci sareupna, sok aya longlongan asup kajero”. Sedengkeun anu kaasup kana ajén agama aya 10 kapamalian saperti kapamalian

“Ulah ngalacuran pamajikan batur matak ripuh hirup di dunya jeung di akherat” jeung “Ulah nembal ka kolot mantak doraka”.

(4)

90

5.2 Rekomendasi

Aya sababaraha saran anu hayang ditepikeun ku panyusun saréngséna ieu panalungtikan:

1. Pikeun pihak pamaréntah, utamana Dinas Pendidikan Jawa Barat kudu mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta dipaké kénéh ku masarakat, ulah nepika tumpur teu aya tapakna, sabab kapamalian téh mangrupa titinggal karuhun urang baheula, anu kudu dimumulé ku urang salaku masarakat anu nyicingan tatar Sunda sangkan teu tumpur ku kamajuan jaman anu sarwa modern.

2. Ieu kapamalian nu aya di Kecamatan Subang téh mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu mangrupa titinggal karuhun urang sararéa. Kapamalian téh mangrupa alat pikeun ngatik, ngadidik ti kolot ka budakna, ogé ngajauhkeun tina sagala rupa marabahaya, ku cara dibalibirkeun téa, teu togmol. Ku kituna, sangkan ieu kapamalian téh teu tumpur taya tapakna, urang salaku masarakat Sunda kudu ngajaga sarta ngamumulé ieu kapamalian.

Referensi

Dokumen terkait

Akan tetapi, masih banyak pelaku usaha yang berusaha untuk menghindarkan diri dari pajak yang dilakukan dengan berbagai cara yang salah satunya adalah memanipulasi laporan

Blend sampling and testing plans are revised to be more explicit (for example, when replicate blend samples should be assayed), and statistical approaches are used for the analysis

Universitas Negeri

Dengan demikian, gagasan kemerdekaan dalam Pembukaan UUD 1945 bukan hanya bermakna sebagai dekolonisasi formal berupa pemindahan kekuasaan dari pemerintah kolonial

Pada penulisan ilmiah ini, penulis akan menguraikan tentang perancangan aplikasi pembuatan resep menu makanan yang khusus dibuat untuk para penderita kanker dengan

Pengaruh Penerapan Akuntansi Pertanggungjawaban Dan Komitmen Organisasi Terhadap Penyusunan Anggaran.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Niaga/Bisnis Fakultas Ilmu Sosial dan Ilmu Politik Universitas Sumatera Utara yang telah berjasa dalam memberikan ilmu, nasihat serta arahan kepada penulis selama penulis menimba

Berdasarkan hasil penelitian maka dapat ditarik kesimpulan bahwa pelaksanaan International Standards Organization (ISO) 9001 pada PDAM Tirtanadi Medan dengan menggunakan metode