Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Sacara geografis Jawa Barat miboga luas daérah anu kawilang lega, anu ngajadikeun wilayahna miboga wates langsung jeung daérah séjénna saperti di belah Kulon watesna jeung Provinsi Jakarta sarta Provinsi Banten, ogé di belah Wétan watesna jeung Provinsi Jawa Tengah. Ieu hal ngajadikeun wilayah Jawa Barat miboga sababaraha daérah anu miboga wates langsung jeung wilayah di luar Jawa Barat, diantarana waé Kabupaten Bekasi, Kota Depok, Kabupaten Bogor, Kabupaten Sukabumi, Kabupaten Cirebon, Kabupaten Kuningan, Kabupaten Ciamis jeung Kota Banjar. Ti sababaraha Kabupaten jeung Kota anu miboga wates langsung jeung daerah di luar Jawa Barat tangtu ngabalukarkeun ayana parobahan kabudayaan.
Parobahan Kabudayaan lain ngan saukur dilantarankeun ku daérah anu miboga wates langsung jeung daérah séjénna, tapi ieu hal bisa ogé dilantarankeun ku kamajuan teknologi jeung transportasi masarakatna. Kiwari masarakat geus teu hésé rék indit jauh lantaran sistem transportasi anu gampang jeung maju, ieu hal ngajadikeun pacampurna budaya di masarakat hiji daérah.
Pacampurna budaya nu mangrupa basa di hiji masarakat lolobana aya di wates daérah anu masarakatna heterogen. Basa mangrupa alat komunikasi masarakatna, saluyu jeung pamadegan Sudaryat nu nétélakeun yén
Basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsinal) antar anggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi. (Sudaryat, 2004 kc. 6).
Dumasar kana pamadegan di luhur, tangtu jelas basa miboga peran anu penting dina hirup kumbuh masarakat. Lantaran ku ayana basa, masarakat bisa mikaharti naon maksud hiji jalma. Dina masarakat anu heterogen basa miboga ragam-ragam basa anu jelas lantaran ayana bébéda kasang tukang pamaké basa.
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
cara makéna basa. Ieu hal saluyu jeung Sudaryat (2004, kc. 11) nu nétélakeun ragam basa dibagi kana dua jihat nya éta pamaké jeung pamakéan. Ditilik tina jihat pamaké, ragam basa diwincik deui jadi dua nya éta idiolék jeung dialék. Idiolék nya éta pangbéda basa nu ngabédakeun omongan tiap individu. Sedengkeun dialék nya éta pangbéda basa nu ngabédakeun omongan tiap kelompok masarakat. Dialék diwincik deui jadi tilu nya éta régiolék, sosiolék, jeung kronolék. Sedengkeun ditilik tina jihat pamakéan, ragam basa dibagi tilu nya éta dumasar tujuan makéna basa, kabakuan makéna basa, jeung medium makéna basa. Ragam basa nurutkeun tujuanna diwincik jadi tilu bagian, nya éta basa sapopoé, basa paélmuan, jeung basa kasastraan. Sedengkeun ragam basa nurutkeun kabakuanna diwincik jadi dua nya éta basa baku jeung basa teu baku. Pamungkas ragam basa nurutkeun mediumna diwincik jadi dua nya éta basa lisan jeung basa tulisan.
Bangsa Indonésia hususna masarakat Jawa Barat mangrupa masarakat dwibahasawan, nu ngawasa basa kahiji (B1) basa Daérah (basa Sunda), jeung basa kadua (B2) basa Indonesia. Di Kabupaten Karawang anu miboga wates langsung jeung Kabupaten Bekasi, masarakatna miboga ragam basa anu béda. Sanajan sacara Geografis Bekasi kaasup Provinsi Jawa Barat tapi basa anu dipakéna nya éta basa Betawi. Ieu hal mangaruhan kana basa anu aya di
sabudeureunana saperti Kabupaten Karawang.
Dina ieu panalungtikan, dipedar ragam basa dumasar pamaké. Ieu hal dikasangtukangan ku ayana ragam basa di Kecamatan Pakisjaya. Kecamatan Pakisjaya perenahna di wates Kabupaten Bekasi jeung laut Jawa anu masarakatna heterogen boh tina basana boh tina budayana. Masarakat anu aya di wates laut Jawa lolobana ngagunakeun basa Jawa sedengkeun wates Kabupaten Bekasi lolobana ngagunakeun basa Betawi, ku kituna masarakat Pakisjaya miboga tilu basa anu hirup.
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Pakisjaya ngahudang panalungtik pikeun medar ragam basa anu hirup di masarakat Pakisjaya ngagunakeun tilikan Sosiolinguistik.
Sosiolinguistik mangrupa widang élmu antardisiplin sosiologi jeung linguistik. Sosiologi nya éta élmu anu maluruh hirup kumbuhna masarakat di hiji daérah, sedengkeun linguistik nya éta élmu anu maluruh basa salaku objek kajianna. Jadi sosiolinguistik nya éta élmu anu maluruh ngeunaan hubungan antara basa jeung faktor-faktor sosial dina hiji masarakat tutur.
Panalungtikan saméméhna anu medar ngeunaan ragam basa, nya eta Nida Kania Dewi dina taun 2013 anu judulna Ragam jeung Adegan Basa dina Upacara Adat Ritus Tiwu Panganten di Kecamatan Babakan Kabupaten Cirebon. Dina
panalungtikan anu dilakukeun ku Nida Kania Dewi dipedar ngeunaan ragam basa jeung adegan basa dina upacara adat ritus tiwu pangantén, sedengkeun panalungtikan ngeunaan ragam basa nu aya di masarakat mah can kungsi dilaksanakeun, anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta objek dina ieu panalungtikan museur kana masarakat salaku pamaké basa. Salian ti éta, dina ieu panalungtikan ogé dipedar ngeunaan kontak basa nu ditilik tina sosiolingistik.
Indit tina éta pasualan, ku kituna panalungtikan anu judulna “Ragam Basa di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang (Tilikan Sosiolingistik)” perlu
dilaksanakeun.
1.2 Rumusan Masalah
Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta ragam basa, alih kode, campur kode jeung faktor nu ngabalukarkeun ayana ragam basa. Ragam basa mangrupa bagian tina sosiolinguistik anu medar basa anu dipaké ku masarakat. Dina ieu panalungtikan ragam basa anu dimaksud nya éta ragam basa sosiolék (Chaer, 2004) anu aya di masarakat Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang.
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
éta inner code-mixing (capur kode tina basa Indonesia), jeung outer code-mixing (campur kode tina basa asing).
Tiori anu dipaké pikeun medar faktor anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nya éta tiori anu aya dipedar ku Chaer (2004).
Dumasar kana kasangtukang sarta rumusan masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. 1) Ragam basa naon waé nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang? 2) Kumaha alih kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang? 3) Kumaha campur kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang? 4) Faktor naon waé anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nu aya di Kecamatan
Pakisjaya Kabupaten Karawang?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta maluruh ragam basa anu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang ditilik tina Sosiolinguistik.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun 1) ragam basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang;
2) campur kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang; 3) alih kode nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang;
4) faktor anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan ragam basa ditilik tina Sosiolinguistik.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Nanang Suhendar, 2016
RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG
Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
gambaran pikeun guru maham karakteristik siswa di daerah perbatasan nalika diajar basa Sunda.
1.5 Raraga Tulisan
Sistematika panulisan dina ieu tesis ngawengku lima bab, nya éta:
1) BAB 1 BUBUKA, anu ngawengku kasangtukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan;
2) BAB II ULIKAN PUSTAKA JEUNG RARAGA MIKIR, anu ngawengku tiori-tiori ngeunaan ragam basa, alih kode campur kode jeung raraga mikir; 3) BAB III METODE PANALUNGTIKAN, anu ngawengku desain
panalungtikan, partisipan jeung tempat panalungtikan, ngumpulkeun data, tehnik analisis data;
4) BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN, anu ngadadarkeun hasil tina panalungtikan anu geus dilakukeun. Ngadadarkeun ngeunaan ragam basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang, Nyieun klasifikasi ragam basa, alih kode, campur kode, ngadeskripsikeun faktor anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nu aya di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang;
5) BAB V KACINDEKAN, IMPLIKASI JEUNG REKOMENDASI, mangrupa kacindekan tina hasil panalungtikan, implikasi panalungtikan sarta méré saran ngeunaan hal anu aya patalina jeung panalungtikan anu dilakukeun.