• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1103698 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1103698 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Sastra mangrupa ébréhan (éksprési) jiwa seniman anu digelarkeun ngaliwatan rakitan basa (Sumarsono, 1986, kc. 9). Nurutkeun Teeuw (dina Koswara, 2010, kc. 3) sastra dina bahasa Indonesia asalna tina basa Sansekerta. Kecap sas miboga harti pituduh, ngajar atawa instruksi. Ahiran -tra ilaharna nuduhkeun alat, sarana. Ku sabab kitu, sastra téh hartina alat pikeun ngajar, buku pituduh, buku instruksi atawa pangajaran; saperti silpasastra, buku arsitéktur, kamasastra, buku pituduh ngeunaan seni cinta. Awalan su- hartina alus, éndah. Ku kituna susastra sok dibandingkeun jeung belles-letter atawa istilah has dina basa Perancis pikeun sastra nu ngandung ajén éstétik.

Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1995, kc. 882), sastra nya éta

karya tulis yang jika dibandingkan dengan tulisan lain memiliki berbagai ciri

keunggulan, seperti keaslian, keartistikan, keindahan dalam isi dan ungkapannya.

Sastra lain ukur seni basa wungkul, tapi mangrupa pangabisa ngagunakeun basa. Sastra bisa patali jeung pangalaman manusa nu ngalibetkeun pikiran kana kahirupan sosial, moral, psikologi, jeung agama.

Sastra miboga fungsi ngahibur, méré kani’matan ka pamaca nepi ka nimbulkeun rupa-rupa rasa saperti bungah, ambek, jeung sedih nu bisa dijadikeun eunteung pikeun manusa dina ngalakonan hirup, lantaran dina sastra aya amanat nu bisa dicokot sarta dilarapkeun dina kahirupan. Hasil tina sastra mangrupa karya sastra. Karya sastra mangrupa karangan nu miboga ajén anu hadé nu ditulis maké basa anu éndah.

(2)

kompléks (Sumardjo jeung Saini K.M, 1988, kc. 29-31). Tapi sok sanajan pondok, struktur carpon Sunda sarua jeung struktur karya sastra séjén nu mangrupa hiji rékaan (fiksi). Éta struktur diwangun ku unsur-unsur nu saling ngadukung. Unsur-unsur éta mangrupa a) tema jeung masalah, b) fakta carita, jeung c) sarana carita (Stanton dina Koswara, 2010, kc. 45).

Kiwari, carpon aya nu dikumpulkeun tuluy dibukukeun jadi buku kumpulan carpon. Éta kumpulan carpon mangrupa kumpulan carpon ti hiji pangarang saperti Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M., tapi aya ogé kumpulan carpon beunang sababaraha pangarang (antologi). Carpon asup kana wangun prosa fiksi atawa rékaan. Fiksi téh prosa naratif nu mibanda sipat imajinatif, tapi najan kitu, prosa téh kaharti ku akal jeung ngandung bebeneran nu ngadramatisasikeun hubungan-hubungan antara papada manusa (Altenbernd & Lewis, dina Isnendes, 2010a, kc. 25). Ku kituna dina carpon nyangkaruk ajén-inajén nu penting pikeun kahirupan, éta ajén bisa mangrupa ajén moral, atikan, jeung éstétika. Ajén moral téh mangrupa hal nu rék ditepikeun ku pangarang ka nu maca, mangrupa ma’na nu aya dina karya sastra, ma’na nu aya dina carita. Moral dina karya sastra biasana dipatalikeun jeung ajaran moral nu sipatna praktis, nyangkaruk dina caritaan.

Dina kahirupanana manusa moal bisa leupas dina moral. Nurutkeun Suseno (dina Budiningsih, 2004, kc. 24), moral téh nyoko kana hadé-goréngna manusa, jadi widang moral mangrupa widang kahirupan manusa nu dititénan tina kahadéanna salaku manusa. Ajén-inajén moral mangrupa tinimbangan nu dipaké masarakat dina ngukur hadé-goréngna pasipatan hiji jalma. Saéstuna moral téh lain ngan ukur dipikawanoh hungkul tapi kudu dilarapkeun dina kahirupan sapopoé dina hartian nerapkeun moral anu hadé dina diri sarta ngajauhan kana moral anu goréng.

Karya sastra bisa dijadikeun media dina nepikeun ajaran moral, lantaran loba ajaran-ajaran moral nu dibungkus dina wangun karya sastra saperti sajak, novél, jeung carpon. Ku kituna réa panalungtikan saacanna ngeunaan ajén moral dina karya sastra saperti “Ajén Moral dina Kumpulan Carpon Ajalna Sang

Béntang Pilem Karya Duduh Durahman” ku Dadang Yulianto (2006), “Kumpulan

(3)

SMP Kelas VII (Tilikan Struktur jeung Ajén Moral)” ku Jaenudin (2011), “Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit Taun 2012 pikeun Bahan

Pangajaran Maca di SMP” ku Ema Rohimah (2013) jeung “Ajén Moral dina Naskah Drama Pundén-Pundén nu Rarempag Karya R. Hidayat Suryalaga” ku Dwi Zahra Fitriani (2013).

Kiwari sawangan masarakat kana moral téh geus mimiti robah, ajén moral di masarakat kiwari ngendoran balukar tina kamajuan jaman. Padahal loba karya sastra nu miboga ajén moral nu bisa dilarapkeun dina kahirupan, tapi kurangna minat maca kana karya sastra ogé jadi bangbaluh.

Ajén moral téh perlu diajarkeun ti leuleutik di lingkungan kulawarga, nu fungsina pikeun dadasar cecekelan hirup kahareupna. Salian ti kulawarga, di lingkungan formal saperti sakola ogé kudu diajarkeun. Pikeun mekarkeun pangajaran moral di sakola, bisa ditarékahan ngaliwatan pangajaran maca karya sastra saperti carpon nu dijadikeun bahan pangajaranana. Salian ti ngajarkeun ajén moral, tujuanna ogé pikeun ngaronjatkeun minat maca siswa kana karya sastra.

Siswa bisa nganalisis ajén moral nu nyangkaruk dina carpon-carpon anu aya dina kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M. nu kaasup kana bahasan carpon nu luyu jeung Kompetensi Inti Kompetensi Dasar (KIKD) 2013 di kelas VIII. Kompetensi Inti (KI) 8.3 Memahami

pengetahuan (faktual, konseptual, dan prosedural) berdasarkan rasa ingin

tahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, terkait fenomena dan

kejadian tampak mata. Kompetensi Dasar (KD) 8.3.8 Mengidentifikasi dan

menganalisis carpon sesuai dengan kaidah-kaidahnya (Dinas Pendidikan Provinsi

Jawa Barat, 2013, kc. 6).

Ku kituna ieu panalungtikan dipuseurkeun kana ajén moral dina kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M. dina struktur caritana. Ieu panalungtikan bisa dijadikeun salasahiji alternatif pikeun milih bahan pangajaran maca di sakola. Dumasar pedaran di luhur ieu panalungtikan dirumuskeun dina judul: Ulikan Struktural jeung Ajén Moral dina Kumpulan

Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M. pikeun

(4)

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan bisa diidéntifikasi jadi sababaraha masalah anu patalina jeung a) ajén moral nu nyangkaruk dina kumpulan carpon Sanggeus Umur

Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M., b) struktur unggal carpon dina

kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M. dumasar kana téma, fakta carita (galur, tokoh jeung penokohan, jeung latar), jeung sarana carita (amanat) sarta c) carpon-carpon anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMP.

Dumasar kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah panalungtikan, aya sababaraha rumusan masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan, saperti ieu di handap.

1) Kumaha struktur carpon (téma, galur, tokoh jeung penokohan, latar, jeung amanat) dina kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M.?

2) Ajén moral nu kumaha nu nyangkaruk dina kumpulan carpon Sanggeus Umur

Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M.?

3) Naha hasil ieu panalungtikan téh bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMP?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung rumusan masalah anu dipedar diluhur, ieu panalungtikan miboga tujuan anu baris dihontal, nu dibagi kana tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina kumpulan carpon Sanggeus

Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M., sarta ngawanohkeun karya

(5)

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) struktur carita pondok (téma, galur, tokoh jeung penokohan, latar, jeung

amanat) nu nyangkaruk dina kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang

Gunung karya Usép Romli H.M.;

2) ajén moral nu nyangkaruk dina kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang

Gunung karya Usép Romli H.M. dumasar struktur caritana; jeung

3) carpon-carpon nu luyu dipaké pikeun bahan pangajaran dina kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat nu sipatna téoritis jeung nu sipatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna, di antarana: 1) pikeun panalungtik, nambahan jeung ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan

analisis struktural jeung ajén moral sarta bisa méré pangdeudeul dina maham jeung ngaprésiasi karya sastra hususna carpon;

2) pikeun akademik, hasil panalungtikan ajén moral dina kumpulan carpon

Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M. bisa

dijadikeun pangdeudeul bahan pangajaran maca di SMP kelas VIII;

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun:

(1) guru, bisa dijadikeun pangdeudeul pikeun milih jeung nangtukeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola.

(2) mangpaat pikeun siswa, panalungtik, jeung umum sangkan nambahan pangaweruh dina widang sastra, utamana dina ajén moral anu satuluyna diterapkeun dina kahirupan sapopoé.

1.5 Raraga Nulis

(6)

masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi. Dina Bab II eusina tiori-tiori anu dipaké pikeun ngarojong ieu panalungtikan. Tiori anu dipedar nya éta ngeunaan ajén moral, carita pondok, strukturalisme jeung struktur, jeung bahan pangajaran maca nu dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah anu ditalungtik, panalungtikan saméméhna, sarta kalungguhan tiori.

Dina Bab III eusina ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nu eusina ngawengku métode panalungtikan, désain panalungtikan, sumber data, téhnik panalungtikan, jeung analisis data.

Dina Bab IV eusina ngeunaan déskripsi hasil panalungtikan, anu ngawengku hasil analisis ajén moral jeung struktur carita unggal carpon dina

kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M. anu

Referensi

Dokumen terkait

nganalisis struktur batin sajak, anu ngawengku téma, nada, rasa, jeung amanat. Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu.

Bahasa dan Sastra Sunda pikeun sakola, dumasar kana Standar Kompetensi Kompetensi Dasar (SKKD) pangajaran nulis sajak bisa dilarapkeun pikeun kaparigelan nulis

adat Sinar Resmi, struktur dina tradisi ngaseuk, sarta larapna hasil panalungtikan. ngeunaan tradisi ngaseuk pikeun pangajaran maca artikel di

KUMPULAN CARPON GEULANG KORONCONG KARANGAN HOLISOH M.E PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS IX (ULIKAN FÉMINISME).. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Dina panalungtikan nu medar ngeunaan struktur jeung semiotik sajak, sarta hasil panalungtikanna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca sajak, kudu terus

Dumasar kana ieu judul panalungtikan nya éta “ Ajén Budaya dina Kasenian Gésrék di Désa Garumukti Kacamatan Pamulihan Kabupatén Garut. pikeun Bahan Pangajaran

Dina ieu bab bakal dipedar ciri-ciri naratif carpon Sunda anu awal; maluruh jeung ngajelaskeun konsépsi jeung términologi anu dipaké pikeun méré idéntitas kana carita

Ulikan Struktural Jeung Ajén Moral Dina Kumpulan Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M.. Pikeun Bahan Pangajaran Maca