Rosi Gasanti
Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Salasahiji folklor nu nyampak dina kahirupan masarakat Sunda nya éta
carita rayat atawa dongéng. Hal ieu luyu jeung pamadegan James Danandjaja
(1994:56) nu nétélakeun yén “Folklor adalah sebagian kebudayaan suatu kolektif
yang tersebar dan diwariskan turun-temurun, di antara kolektif macam apa saja,
secara tradisional dalam versi yang berbéda, baik dalam bentuk lisan maupun
contoh yang disertai dengan gerak isyarat atau alat bantu pengingat.” Dongéng
kaasup kana carita pondok koléktif dina kasusastraan lisan, jeung mangrupa carita
prosa rayat nu caritana dianggap euweuh kajadianana (fiktif). Hal ieu luyu jeung
pamanggih Iskandarwassid (1992: 32) nu nétélakeun yén dongéng téh
diwariskeunana sacara turun temurun jeung sumebarna sacara lisan. Lantaran
gelarna sacara lisan atawa tatalépa, ilaharna dongéng sumebarna henteu sarua ti
unggal daérah. Umumna dongéng caritana parondok. Kajadianana sakapeung sok
pamohalan. Tokoh-tokohna, jalan caritana, jeung latarna sakapeung mah hésé
ditarima ku akal.
Dongéng mangrupa salasahiji matéri pangajaran basa Sunda nu geus aya
dina kurikulumna sarta kudu ditepikeun luyu jeung SKKD (Standar Kompeténsi
jeung Kompeténsi Dasar). Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Mata
Pelajaran basa Sunda disusun dumasar Peraturan Daérah Provinsi Jawa Barat No.
5 taun 2003 ngeunaan ngamumulé basa, sastra, jeung aksara daérah nu netepkeun
basa Sunda mangrupa salasahiji mata pelajaran nu diajarkeun di lembaga
(Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) mangrupa salasahiji pedoman pikeun
ningkatkeun pangajaran basa Sunda sangkan leuwih interaktif sarta mampu
mekarkeun kompeténsi dasar jeung indikator pangajaran luyu jeung standar
kompetensina dina ngahontal katuntasan diajar anu maksimal. Hal ieu luyu jeung
tujuan pangajaran basa Sunda di SMA nurutkeun KTSP (2006:24) nya éta:
“Murid mampu menikmati dan memanfaatkan karya sastra Sunda untuk
meningkatkan pengetahuan dan kemampuan berbahasa Sunda, mengembangkan
kepribadian, dan memperluas wawasan kehidupan.” Luyu jeung anu geus
dijéntrékeun dina SKKD SMA kelas X dina aspék nyarita, ditétélakeun dina
kompetensi dasarna nya éta ngeunaan ngadongéng.
Dumasar kana panalungtikan anu geus dipaluruh, kiwari loba siswa SMA nu kamampuh ngadongéngna masih kénéh handap. Ieu hal bisa kajadian lantaran
siswa teu miboga élmu pangaweruh nu jembar ngeunaan ngadongéng. Salasahiji
tarékah pikeun ngungkulan pasualan saperti kitu nya éta ku cara ngagunakeun
métode pangajaran nu bisa ngadeudeul pangaweruh siswa sangkan mampuh
ngadongéng kalawan hadé. Métode pangajaran anu baris ditepikeun ka siswa kudu
leuwih unggul, luyu jeung kamekaran élmu pangaweruh jeung téhnologi.
Dina ieu panalungtikan, panalungtik baris nerapkeun métode Demonstrasi
nu dipiharep bisa nyugemakeun siswa. Métode Demonstrasi mangrupa salasahiji
métode pangajaran nu digunakeun ku guru kalawan ngadémonstrasikeun matéri
pangajaran sacara aktif jeung kréatif sarta dirojong ku kaparigelan dina
ngagunakeun alat peraga. Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa
ngaregepkeun wungkul, tapi engkéna mampuh ngadémonstrasikeun deui matéri
pangajaran kalawan ngalaksanakeun prakték-prakték ngagunakeun basa, sarta
parigel dina ngagunakeun alat peraga. Ku sabab kitu, dina prak-prakanana ieu
métode kudu dirojong ku alat peraga nu aya patalina jeung aspék ngadongéng.
Hasil panalungtikan séjén anu maluruh kaéféktifan métode Démonstrasi
nya éta dina ngaronjatkeun kamampuh siswa ngalaksanakeun prakték solat dina
mata pelajaran agama Islam di SD Al-Azhar 2 Bandar Lampung nu meunangkeun
hasil anu alus. Sedengkeun dina ieu panalungtikan, baris ngagunakeun metode
kamampuh siswa dina ngadongéng kalawan parigel ngagunakeun alat peraga,
jeung bisa leuwih museurkeun paniténna nalika narima matéri.
Luyu jeung pamadegan jeung pasualan-pasualan nu geus dijéntrékeun di
luhur, ku kituna panalungtikan ngeunaan Métode Démonstrasi pikeun
Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa dina Ngadongéng perlu dilaksanakeun.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Dumasar kasang tukang nu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan
miboga maksud pikeun nalungtik kumaha kamampuh siswa kelas X-11 dina
ngadongéng sasakala. Aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun minangka aspék
penting dina ngadongéng, diantarana; volume sora, lafal, basa (ucapan, lentong,
adegan basa, jeung diksi), eusi (sistematika eusi, pamekaran eusi jeung
pamahaman eusi, tehnik/gaya (cara ngagunakeun alat peraga, susunan jeung
hubungan, réngkak jeung peta). Di antara sababaraha aspék di luhur, aspék nu
digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku lafal, lentong, pamahaman eusi,
sistematika eusi, réngkak jeung peta, sarta cara ngagunakeun alat peraga. Tina
sababaraha hiji métode pangajaran, panulis milih métode Démonstrasi dina
pangajaran dongéng nu diperedih bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa
dina ngadongéng sasakala. Aya sababaraha léngkah nu kudu dilaksanakeun ku
guru nalika ngagunakeun métode Démonstrasi. Di antarana nya éta ti mimiti
ngararancang, dituluykeun kana uji coba jeung prak-prakanana nu dilakukeun ku
guru kalawan diturutan deui ku siswa, jeung dipungkas ku évaluasi.
1.2.2 Rumusan Masalah
Anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun
patalékan ieu di handap:
a. Kumaha kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 saméméh jeung
b. Naha métode Démonstrasi téh bisa ningkatkeun kamampuh siswa kelas
X-11 dina ngadongéng?
c. Naha aya béda nu signifikan kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun metode Démonstrasi?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho
signifikansi métode Démonstrasi kana kamampuh siswa dina ngadongéng
sasakala.
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngajelaskeun
jeung ngadéskripsikeun:
a. kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun métode Démonstrasi;
b. ningkatna kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 ngagunakeun métode
Démonstrasi; jeung
c. béda nu signifikan kamampuh ngadongéng siswa kelas X-11 saméméh
jeung sanggeus ngagunakeun metode Démonstrasi.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh pikeun
guru dina nepikeun pangajaran dongéng sarta bisa nyiptakeun kaayaan kelas nu
kondusif.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat sacara praktis nu dipiharep dina ieu panalungtikan diantarana:
Bisa ngaronjatkeun pamahaman jeung kamampuhna dina pangajaran
ngadongéng, sarta bisa nimbulkeun kareueus siswa kana sastra Sunda
hususna dongéng sasakala;
b) pikeun Guru
Bisa ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng, hususna ngadongéng
sasakala;
c) pikeun Sakola
Salasahiji pangaweruh dina tarékah ngaronjatkeun kualitas
pangajaran di sakola, hususna dina pangajaran basa Sunda.
1.5 Raraga Tulisan
BAB I ngawengku: 1) kasang tukang masalah, 2) watesan masalah,
rumusan masalah, 3) tujuan panalungtikan, 4) mangpaat panalungtikan, jeung
5) sitematika nyusun skripsi.
BAB II ngawengku: 1) tiori ngadongéng; 2) dongéng; 3) pangajaran
ngadongéng; 4) métode Démonstrasi; 5) pangajaran ngadongéng ngagunakeun
métode Démonstrasi; 6) anggapan dasar jeung hipotésis; tur 7) raraga mikir.
BAB III ngawengku: 1) métode panalungtikan; 2) wangenan operasional;
3) desain panalungtikan; jeung 4) téhnik ngolah data.
BAB IV ngawengku: 1) kamampuh ngadongéng ngagunakeun métode
Démonstrasi siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya nu ngawengku
kamampuh awal ngadongéng jeung kamampuh ahir ngadongéng; 2) uji sipat data
anu ngawengku uji normalitas pretés, uji normalitas postés, uji homogénitas;
jeung uji hipotésis.
BAB V baris medar kacindekan tina panalungtikan jeung rékoméndasi anu