• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006281 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006281 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Ida Jubaidah, 2014

Kasalahan Éjahan Dina Nulis Warta Siswa Kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun kasalahan éjahan siswa kelas IX SMP Laboratorium

Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014. Dumasar kana hasil analisis data, tétéla

kapanggih yén masih loba kénéh siswa anu ngalakukeun kasalahan éjahan dina

nulis warta. Éta kasalahan téh ngawengku kasalahan (1) makéna aksara, (2)

nuliskeun aksara, (3) nuliskeun kecap, (4) nuliskeun unsur serepan, jeung (5)

makéna tanda baca.

a. Kasalahan dina makéna aksara anu kapanggih, nyaéta kasalahan makéna vokal

é, e jeung eu, aya 101 (43,72%). Patukeurna vokal e jeung é aya 88 kasalahan

(87,13%); patukeurna vokal e jeung eu, aya 10 kasalahan (9,90%); patukeurna

vokal eu jeung e aya 2 kasalahan (1,98%); jeung patukeurna vokal é jeung e

aya 1 kasalahan (0,99%).

b. Kasalahan nuliskeun aksara aya 83 (35,93%) kasalahan, anu ngawengku

kasalahan nuliskeun aksara gedé aya 33 kasalahan (39,76%) jeung kasalahan

nuliskeun aksara condong aya 50 kasalahan (60,24%).

c. Kasalahan nuliskeun kecap anu kapanggih aya 26 (11,26%) kasalahan anu

ngawengku kasalahan nuliskeun: (1) angka jeung lambang bilangan aya

kapanggih 7 kasalahan (26,92%); (2) kecap pangantét aya kapanggih 13

kasalahan (50%); (3) kecap rundayan aya kapanggih 5 kasalahan (19,23%);

jeung (4) kecap sulur aya kapanggih 1 kasalahan (3,85%).

d. Kasalahan nuliskeun unsur serepan anu kapanggih aya 7 kasalahan (3,03%).

e. Kasalahan makéna tanda baca anu kapanggih, aya 14 (6,06%) kasalahan, anu

ngawengku kasalahan makéna: (1) tanda titik, aya kapanggih 7 kasalahan

(50%); (2) tanda kekenteng aya kapanggih 4 kasalahan (28,57%); (3) tanda

geret aya kapanggih 2 kasalahan (14,29%); jeung (4) tanda pisah aya

(2)

73

Ida Jubaidah, 2014

Kasalahan Éjahan Dina Nulis Warta Siswa Kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana data kasalahan nu aya, kasalahan anu panglobana dilakukeun ku

siswa téh, nyaéta kasalahan makéna aksara. Kasalahan makéna aksara jumlahna

téh aya 101 kasalahan, anu sakabéh kasalahanna téh mangrupa kasalahan makéna

vokal é, e, jeung eu.

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan aya sababaraha saran nu perlu ditepikeun.

a. Pikeun guru

Parasiswa masih kénéh patukeur dina nuliskeun vokal é, e, jeung eu. Éta hal

téh bisa dijadikeun cecekelan pikeun guru basa Sunda sangkan leuwih jero deui

ngajéntrékeun vokal é, e, jeung eu. Teu ngan saukur nepikeun matérina, tapi

ogé dina prak-prakanana. Dina pangajaran nulis, hasil nulis siswa lain ngan

saukur dipeunteun, tapi ogé dipariksa tuluy dioméan ku guru kalayan

dituliskeun catetanana keur siswa. Éta hasilna téh tuluy dipulangkeun deui ka

siswa sangkan siswa nyaho, yén éjahanana masih kénéh aya nu salah. Ku

kituna, pangajaran éjahan kudu diajarkeun leuwih jero deui, sangkan parasiswa

bisa ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah anu saluyu jeung

palanggeran éjahan basa Sunda dina nyieun tulisan, boh sipatna fiksi boh

nonfiksi.

b. Pikeun siswa

Siswa kudu leuwih merhatikeun deui éjahan dina tulisanana, boh dina

tulisan fiksi boh nonfiksi.

c. Pikeun masarakat

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan kasalahan éjahan

anu dipilampah ku siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun

Ajaran 2013/2014, anu saterusna mudah-mudahan ieu panalungtikan téh bisa

Referensi

Dokumen terkait

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kasalahan éjahan anu dilakukeun ku siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun

(3D) dina Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015) ” , bisa dicindekkeun

KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014.. Universitas Pendidikan Indonesia |

dicindekkeun yén modél Mind Mapping bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis warta siswa kelas IX-B SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016. Kecap galeuh: model Mind Mapping, nulis,

Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Kesalahan Leksiko-Semantik Dina Karangan Narasi Siswa Kelas VII- C SMP Laboraturium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013-2014.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

4.2.2 Kamampuh Nulis Aksara Sunda Siswa Kelas X-C SMA Laboratorium- Percontohan Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2012-2013 Sabada Ngagunakeun

KASALAHAN SINTAKSIS DINA NULIS PANGALAMAN SISWA KELAS VII SMP NEGERI 1 SUKARATU KABUPATÉN TASIKMALAYA TAUN AJARAN 2013/2014.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu