• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1205326 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1205326 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

69

Vemy Silvia Herdyani, 2016

MÉDIA PHOTOSTORY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA DINA NULIS WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis jeung pedaram ngeunaan média

photostory dina ngaronjatkeun kamampuh nulis warta, bisa dicindekkeun yén:

1) Kamampuh nulis warta siswa kelas IX C SMP Kartika XIX-2 Bandung taun

ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun média photostory téh can mampuh. Ieu

hal bisa katiten tina rata-rata nilaina nya éta 56,6 Aya lima aspék anu dipeunteun

nya éta: aspék nu kahiji judul warta, rata-rata skorna 12,09, ieu kaasup kana

kategori kurang hadé; aspék anu kadua téras warta rata-rata skorna 14,03, ieu

kaasup kana kategori hadé; aspék anu katilu nya éta perangkai, rata-rata skorna

13,91, ieu kaasup kana kategori perangkaina kurang hadé; aspék anu kaopat nya

éta eusi (5W+1H), rata-rata skorna 13,42, ieu kaasup kana kategori kurang hadé;

aspék anu kalima nya éta panutup warta na, rata-rata skorna 12,03, ieu kaasup

kana kategori panutup wartana kurang hadé.

2) Kamampuh nulis warta siswa kelas IX C SMP Kartika XIX-2 Bandung taun

ajaran 2015/2016 sabada ngagunakeun média photostory téh mampuh. Ieu hal

bisa katitén dina rata-rata peunteunna nya éta 80,68. aya lima aspék anu

dipeunteun, nya éta: aspék anu kahiji judul warta, rata-rata skorna 15,44, ieu

kaasup kana kategori hadé; aspék anu kadua nya éta téras warta, rata-rata skorna

16,41, ieu kaasup kana kategori hadé; aspék anu katilu nya éta perangkai,

rata-rata skorna 16,50, ieu kaasup kana kategori perangkai wartana hadé; aspék anu

kaopat nya éta eusi (5W+1H), rata-rata skorna 16,29, ieu kaasup kana kategori

hadé; aspék anu kalima nya éta panutup wartana, rata-rata skorna 15,53, ieu

kaasup kana kategori panutup wartana hadé.

3) Aya ngaronjatna kamampuh nulis warta siswa kelas IX C SMP Kartika XIX-2

Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada gagunakeun

média photostory. Rata-rata pre-tést 65,48 ngaronjat jadi 80,68 dina post-tést.

Aspék judul warta, rata-rata skor pre-tést 12,09 ngaronjat dina post-tést jadi

15,44; aspék téras warta rata-rata skor pre-tést 14,03 ngaronjat dina post-tést jadi

(2)

70

Vemy Silvia Herdyani, 2016

MÉDIA PHOTOSTORY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA DINA NULIS WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

16,50; aspék eusi (5W+1H) rata-rata skor pre-tést 13,42 ngaronjat dina post-tést

jadi 16,29; aspék panutup warta rata-rata skor pre-tést 12,03 ngaronjat dina

post-tést jadi 15,53.

4) Aya béda anu signifikan dina ngaronjatna kamampuh nulis warta siswa anatara

saméméh jeung sabada ngagunakeun média photostory ka siswa kelas IX C SMP

KArtika XIX-2 Bandung taun ajaran 2015/2016. Katitén dina uji hipotésis luyu

jeung hasil data nu dibeunangkeun yén titung (9,88) > ttabél (2,46), hartina hipotésis

kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. ieu nuduhkeun yén média

Photostory bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis warta.

5.2 Implikasi

Média photostory dilarapkeun dina pangajaran nulis warta piekun

ngaronjatkeun kamampuh nulis warta siswa. Dilarapkeunana média photostory ieu

miboga dukungan anu hadé ti siswa ogé ti guru. Média photostory dianggap

mangrupa média nu positif dina prak-prakana kusababa kawilang hadé pikeun

numuwuhkeun kreatifitas siswa nalika nulis warta. Ayana média photostory jadi

alesan anu hadé sangkan siswa bisa leuwih imajinatif nalika nulis warta, sanajan

warta sipatna faktual tapi ku ayana média photostory siswa teu perlu dibawa ka

tempat kajadian, média photostory jadi média anu ngaéféktifkeun kagiatan diajar di

kelas. Média photostory ngadumaniskeun kamampuh nulis warta siswa anu

dibarengan kreatifitas jeung imajinasi siswa nu ngalantarankeun siswa bakal leuwih

gampang maham kana matéri, matak teu bosen, aktif ogé hasil anu hadé kana

pangajaran nulis warta.

5.3 Rekomendasi

Sabada dilaksanakeun panalungtikan média photostory pikeun ngaronjatkeun

kamampuh nulis warta siswa ka kelas IX C SMP Kartika XIX-2 Bandung taun

ajaran 2015/2016, aya sawatara rékoméndasi diantarana ieu dihandap.

1) Média photostory bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis warta. Ku kituna, ieu

média bisa dijadikeun salahsahiji alternatif pikeun pangajaran nulis, hususna

(3)

71

Vemy Silvia Herdyani, 2016

MÉDIA PHOTOSTORY PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA DINA NULIS WARTA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2) Diperlukeun panalungtikan ngeunaan média photostory anu ngagunakeun métod

lian sangkan meunagkeun ambahan anu leuwih lega;

3) Ayakeun panalungtikan séjén ngeunaan méia photostory boh dina pangajaran

nulis atawa dina pangajaran séjén sangkan leuwih ngabuktikeun kaefektifitasan

média photostory;

4) pieun panalungtik satuluyna, dipiharepbisa luwih asak tur hadé deui nalika

Referensi

Dokumen terkait

Tujuan ieu panalungtikan nyaéta pikeun medar kamampuh nulis guguritan siswa kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada

4.1.3 Analisis Béda Signifikan Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 antara Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Quantum

4.1.3 Analisis Béda Signifikan Antara Kamampuh Nulis Sajak Siswa Kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Média

4.1.4 Béda signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi Siswa Kelas VIII C SMPN 12 Bandung Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél

Tujuanana pikeun mikanyaho naha aya béda anu signifikan atawa henteu antara kamampuh nulis sajak siswa kelas B3 SMA Pasundan 1 Bandung saméméh jeung sabada

2) Naha aya beda anu signifikan dina kamampuh nulis aksara Sunda siswa kelas X SMAN 1 Warungkiara antara kelas ékspérimén saméméh jeung sabada ngagunakeun métode

warta saméméh ngagunakeun modél pangajaran Group Investigation. 2) kamampuh siswa kelas VIII D SMP Negeri 5 Bandung dina nulis ringkesan. warta sabada ngagunakeun

4.1.3 Béda anu Signifikan antara Kamampuh Nulis Ringkesan warta Siswa Kelas VIII D SMP Negeri 5 Bandung Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran