• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1100740 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1100740 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Andri Tri Sulistian, 2015

MODÉL INVÉSTIGASI KELOMPOK, PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG SARAN

Dina ieu bab diébréhkeun kacindekan tina hasil panalungtikan. Dumasar kana

éta kacindekan, dipedar ogé implikasi jeung saran anu aya patalina jeung judul

panalungtikan.

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data dina bab IV, hasil ieu panalungtikan bisa

dicindekkeun yén kamampuh nulis sajak siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8

Bandung taun ajaran 2014/2015 saméméh dilarapkeun modél pangajaran

invéstigasi kelompok aya dina kritéria can mampuh. Skor rata-ratana nya éta 65,9.

Dumasar hasil analisis data, tina 30 siswa kakara 3 urang anu geus aya dina

kritéria mampuh nulis sisindiran. Upama diperséntasekeun, 10% siswa anu geus

mampuh nulis sajak, sedengkeun 90% siswa anu can kaasup dina kritéria mampuh

nulis sajak.

Kamampuh nulis sajak siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung taun

ajaran 2014/2015 sabada dilarapkeun modél pangajaran invéstigasi kelompok

geus aya dina katégori mampuh. Skor rata-ratana nya éta 86,8. Dumasar hasil

analisis data, tina 30 siswa ukur 3 urang anu masih aya dina kritéria can mampuh

nulis sajak. Upama diperséntasekeun, 90% siswa nu geus mampuh nulis sajak,

sedengkeun 10% siswa anu masih keneh aya dina kritéria can mampuh nulis

sajak.

Kamampuh nulis sajak siswa saméméh jeung sabada dilarapkeun modél

pangajaran invéstigasi kelompok, tétéla hsilna ngaronjat. Kamampuh nulis sajak

siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung taun ajaran 2014/2015

saméméh dilarapkeun modél pangajaran invéstigasi kelompok masih aya dina

kritéria can mampuh, sedengkeun sabada dilarapkeun modél pangajaran

invéstigasi kelompok hasilna ngaronjat, jadi aya dina kritéria mampuh.

Ngaronjatna kamampuh nulis sajak siswa sabada dilarapkeun modél invéstigasi

kelompok, katitén tina ayana parobahan skor rata-rata siswa tina hasil pretest

(2)

72

Andri Tri Sulistian, 2015

MODÉL INVÉSTIGASI KELOMPOK, PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

antara kamampuh nulis sajak siswa kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung

taun ajaran 2014/2015 saméméh dilarapkeun modél pangajaran invéstigasi

kelompok. Ieu hal dumasar kana ui hipotésis anu ngahasilkeun yén ti ng nya éta

16,35 sedengkeun t él tina db (29) kalawan kapercayaan 99% nya éta 2,46.

Mangka ti ng (16,35) > t él (2,46), hartina hipotésis ditarima. Jadi modél

pangajaran invéstigasi kelompok bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa

kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung.

5.2 Implikasi

Modél pangajaran invéstigasi kelompok dilarapkeun pikeun ngaronjatkeun

kamampuh nulis sajak. Ieu hal meunang réspon anu positif pikeun prosés

pangajaran. Sabab dina prak-prakanna, modél invéstigasi kelompok ngalibetkeun

siswa diajar aktip jeung miboga peran penting dina hiji lingkungan. Modél

invéstigasi kelompok munjulkeun prosés démokrasi jeung interaksi sosial pikeun

ngungkulan pasualan ngaliwatan invéstigasi. Ku cara gawé bareng, éta bisa jadi

salah sahiji lolongkrang pikeun siswa leuwih mekarkeun gagasanna sarta siswa

bisa leuwih percaya diri yén dirina miboga peran penting di hiji lingkungan sosial.

Kukituna, dina migawé pancén ngaliwatan invéstigasi kelompok, hususna pikeun

nulis hiji sajak siswa bisa mekarkeun ide, jeung ngalegaan gagasanna pikeun

diébréhkeun kana tulisan dina wangun sajak sarta miboga rasa empati pikeun silih

ngabantuan jeung siswa nu séjénna.

5.3 Saran

Sabada ngalaksanakeun ieu panalungtikan anu dijudulan Modél Invéstigasi

Kelompok pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi

Éksperimén ka Siswa Kelas XI MIA 2 SMA Pasundan 8 Bandung Taun Ajaran

2014/2015) aya sababaraha saran anu patali jeung ieu panalungtikan nya éta,

dumasar hasil panalungtikan, modél pangajaran invéstigasi kelompok bisa

ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, ku kituna modél pangajaran invéstigasi

kelompok bisa dijadikeun alternatif dina nepikeun pangajaran nulis sajak pikeun

(3)

73

Andri Tri Sulistian, 2015

MODÉL INVÉSTIGASI KELOMPOK, PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saupma modél pangajaran invéstigasi kelompok rék dilarapkeun dina

pangajaran nulis sajak, aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun nya éta guru

kudu ngabagi kelompok anu hétérogén sangkan siswa bisa silih bantuan, téma anu

dipilih pikeun nulis sajak kudu anu luyu jeung kamampuh atawa pangaweruh

siswa sangkan siswa bisa leuwih ngamekarkeun jeung ngajembaran deui sajakna

dumasar kana téma anu geus ditangtukeun.

Ieu panalungtikan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén, ku kituna perlu

diayakeun deui panalungtikan ngeunaan ieu modél ku ambahan anu leuwih lega,

teu ukur ngagunakeun métode kuasi ékspérimen tapi ngagunakeun métodé

Referensi

Dokumen terkait

4.1.3 Analisis Béda Signifikan Kamampuh Nulis Guguritan Siswa Kelas VIII-5 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 antara Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Quantum

4.1.3 Analisis Béda Signifikan Antara Kamampuh Nulis Sajak Siswa Kelas VII-F SMP Negeri 2 Banjarsari Kabupaten Ciamis Taun Ajaran 2014/2015 Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Média

kaasup kana kategori panutup wartana hadé. 3) Aya ngaronjatna kamampuh nulis warta siswa kelas IX C SMP Kartika XIX-2. Bandung taun ajaran 2015/2016 antara saméméh jeung sabada

4.1.3 Béda Kamampuh Nulis Laporan Siswa Kelas VIII-C SMP Negeri 26 Bandung Taun Ajaran 2015/2016 Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran Picture and Picture ....

dina pangajaran nulis laporan, lantaran tina hasil panalungtikan, modél. pangajaran Picture and Picture bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa

Tujuanana pikeun mikanyaho naha aya béda anu signifikan atawa henteu antara kamampuh nulis sajak siswa kelas B3 SMA Pasundan 1 Bandung saméméh jeung sabada

4.1.3 Ngaronjatna Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VII-K SMPN 45 Bandung Taun Ajaran 2014/2015 antara Saméméh jeung Saenggeus Ngagunakeun Modél Pangajaran

Cindekna, kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-C SMPN 45 Bandung dumasar kana hasil tés saméméh jeung sabada ngagunakeun média movie maker kaasup