BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Pangajaran nulis mangrupa salah sahiji komponén dina kaparigelan makéna
basa, nulis ogé mangrupa alat komunikasi teu langsung. Nulis téh hiji kagiatan
anu produktif jeung éksprésif, kaparigelan nulis miboga fungsi pikeun ngabantuan
prosés mikir sarta mantuan dina ngébréhkeun gagasan, pamadegan, jeung
pangalaman.
Kaparigelan nulis mangrupa kaparigelan anu pohara penting dina dunya
atikan, sabab mangrupa salah sahiji kaparigelan basa anu kudu dipiboga ku siswa
sarta nulis bisa mantuan siswa dina prosés mikir. Ku cara nulis siswa bisa
ngébréhkeun atawa ngaéksprésikeun gagasan atawa pamadegan, pamikiran, sarta
rasa anu dipiboga. Salian ti éta, kagiatan nulis bisa ngamekarkeun daya pikir sarta
kréativitas siswa.
Salah sahiji bahan pangajaran nulis nu perlu diajarkeun ka siswa nyaéta
pangajaran nulis laporan. Ieu pangajaran téh ditepikeun di kelas VIII. Kiwari
masih loba kénéh siswa anu kurang kamampuhna dina kaparigelan nulis, upamana
waé dina nulis laporan. Laporan nyaéta hiji wangun tinulis anu eusina ngeunaan
hiji kajadian sarta pasualan anu aya patalina jeung éta kajadian. Éta laporan téh
ditulis kalawan rinci dumasar kana hasil pangalaman, analisis atawa
panalungtikan nu nulisna.
Tina hasil panalungtikan jeung wawancara ka guru, pangajaran nulis di SMP
mangrupa hiji bahasan anu teu dipikaresep ku siswa, sabab dina nulis siswa kudu
bisa néangan ide jeung kudu miboga kandaga kecap nu jembar pikeun nyusun
kalimah-kalimah sangkan bisa jadi hiji paragrap. Salian ti éta siswa kudu miboga
kamampuh pikeun ngagunakeun éjahan jeung tanda baca anu bener. Pangajaran
nulis laporan miboga tujuan sangkan siswa parigel dina nepikeun jeung
ngaéksprésikeun paningal, pikiran, jeung pangalaman ku cara aktif jeung kréatif.
Salian ti éta pangajaran nulis laporan bisa ngahudang karep, karesep, jeung sikep
Dina pangajaran nulis, tangtuna guru miboga peran anu kawilang gedé, sabab
salian méré pangaweruh ngeunaan hal tinulis, guru ogé kudu bisa ngaping para
siswa dina prakna ngalaksanakeun pangajaran nulis anu nyoko kana Kurikulum
2006 (KTSP). KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) nyaéta kurikulum
operasional anu disusun, dimekarkeun, jeung dilaksanakeun nyoko kana Standar
Kompetensi jeung Kompetensi Dasar.
Sakabéh tujuan pangajaran di luhur, tangtuna moal leupas tina peran guru
dina kagiatan diajar ngajar. Guru kudu parigel dina ngatur kelas jeung dina prakna
nepikeun bahan ajar, guru diperedih parigel dina nyiptakeun situasi kelas nu
matak pikabetaheun siswa nalika pangajaran nulis laporan.
Tarékah pikeun nyumponan pameredih di luhur nyaéta ku jalan nyiptakeun
hiji modél pangajaran nu cocog sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran dimana
dina nangtukeun hiji modél anu rék dipaké téh kudu nempo heula karakteristik
jeung tujuan éta modél pangajaran.
Modél pangajaran mangrupa hiji pola atawa pedoman pikeun ngararancang
kagiatan pangajaran. Ku ayana modél pangajaran bisa leuwih mantuan guru dina
nepikeun bahan pangajaran. Ku kituna, di sagédéngeun kamahéran dina ngajar,
guru kudu maké modél pangajaran anu inovatif pikeun mantuan siswa sangkan
parigel.
Salah sahiji modél pangajaran nu bisa dipaké ku guru dina pangajaran nulis
laporan nyaéta modél pangajaran Picture and Picture. Modél pangajaran Picture
and Picture nyaéta modél pangajaran anu museur kana daya imajinasi siswa dina
nyusun kalimah, sarta maké gambar salaku médiana. Ieu modél pangajaran méré
kasempetan ka murid pikeun mérélékeun gambar jadi runtuyan gambar anu
sistematis sacara bagilir. Dina pangajaran nulis laporan siswa bisa nuliskeun
runtuyan gambar nepika jadi hiji tulisan nu logis tur informatif.
Di Departemén Pendidikan Bahasa Daérah aya sababaraha panalungtikan anu
kungsi nalungtik maké modél Picture and Picture nyaéta Nurbaeti (2008)
ngeunaan Modél Pangajaran Picture and Picture dina Nulis Karangan Éksposisi
Siswa SMPN 15 Bandung, Mustika Amalia Hidayat (2010) ngeunaan
Babandingan Métode Ceramah jeung Métode Picture and Picture dina
Modél Picture and Picture pikeun Pangajaran Nulis Carpon, Gina Kustinawati
(2014) ngeunaan Modél Pangajaran Picture and Picture pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis Warta (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX B SMP
Negeri 1 Cikajang Kabupatén Garut Taun Ajaran 2013/2014), Raisa Prestiane
(2014) ngeunaan Modél Pangajaran Picture and Picture pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis Téks Drama (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII IPA 3
SMA Negeri 17 Bandung Taun Ajaran 2013/2014).
Ieu panalungtikan téh miboga bébédaan jeung panalungtikan saméméhna
nyaéta ieu panalungtikan leuwih nalungtik kana penerapan modél pangajaran
Picture and Picture pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan. Sedengkeun
panalungtikan saméméhna mah nalungtik ngeunaan penerapan modél pangajaran
Picture and Picture dina nulis karangan éksposisi, nulis karangan déskripsi, nulis
carpon, nulis warta, jeung nulis téks drama. Ku kituna, ieu panalungtikan perlu
dilaksanakeun.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Watesan masalah dina panalungtikan kacida pentingna sangkan bisa
nangtukeun arah panalungtikan sarta leuwih museur kana udagan anu rék
dihontal. Sangkan teu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan
baris diwatesanan dumasar kana unsur linguistik jeung unsur non linguistik. Dina
unsur linguistik, ieu panalungtikan diwatesan pikeun maluruh ngeunaan cara
ngagunakeun éjahan jeung tata basa. Sedengkeun dina unsur non linguistik, ieu
panalungtikan diwatesan pikeun maluruh ngeunaan eusi jeung organisasi eusi
laporan.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan
dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap.
a. Kumaha kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26
b. Kumaha kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26
Bandung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture?
c. Naha béda kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26
Bandung saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Picture
and Picture?
1.3 Tujuan Panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, sacara umum tujuan ieu
panalungtikan nyaéta pikeun nguji bédana kamampuh dina pangajaran nulis
laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26 Bandung saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture.
1.3.2 Tujuan Husus
Sedengkeun tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun
ngadéskripsikeun:
a. kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26 Bandung
saméméh ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture;
b. kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26 Bandung
sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture; sarta
c. béda kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26 Bandung
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Picture and
Picture.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioriotis ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh
ngeunaan modél-modél pangajaran anu bisa dipaké dina pangajaran nulis laporan.
Hasilna dipiharep bisa ngaronjatkeun kréatifitas guru dina ngagunakeun modél
pangajaran sangkan teu monoton. Salian ti éta dipiharep ogé bisa leuwih
ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa dina nyangkem pangajaran di sakola, sarta
1.4.2 Mangpaat Praktis
Unggal panalungtikan anu dilaksanakeun tangtu kudu miboga mangpaat. Ieu
panalungtikan téh miboga mangpaat diantarana:
a. Pikeun siswa, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngaronjatkeun minat jeung
kamampuh siswa dina nulis laporan.
b. Pikeun guru, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa méré gambaran modél
pangajaran nu cocog pikeun dipaké dina prosés pangajaran nulis laporan.
c. Pikeun lembaga atikan, hususna di Departemén Pendidikan Bahasa Daérah,
pikeun nambahan koléksi référénsi kaélmuan dina kabasaan, utamana hasil
panalungtikan ieu aya patalina jeung dunya atikan pikeun bahan pangajaran
di sakola-sakola.
1.5 Raraga Tulisan
Sistematika dina nyusun skripsi bisa diwincik saperti ieu di handap:
Bab I Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung
rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga
tulisan.
Bab II Ulikan Pustaka, eusina ngeunaan ulikan tiori, panalungtikan
saméméhna, jeung raraga mikir, ngébréhkeun ulikan tiori anu ngawengku
wangenan modél pangajaran, modél pangajaran Picture and Picture, wangenan
nulis, jeung laporan lalampahan.
Bab III Métode Panalungtikan, eusina ngeunaan métode panalungtikan, anu
ngawengku desain panalungtikan, sumber data (populasi jeung sampel), téhnik
ngumpulkeun data, instrumén panalungtikan, jeung téhnik nganalisis data.
Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran, eusina ngeunaan kamampuh
nulis laporan siswa saméméh dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture,
kamampuh nulis laporan siswa sanggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture
and Picture, béda kamampuh nulis laporan lalampahan (lalampahan) siswa
saméméh jeung sanggeus dilarapkeun modél pangajaran Picture and Picture, sarta
pedaran hasil panalungtikan modél pangajaran Picture and Picture dina
Bab V Kacindekan, Implikasi jeung Rékoméndasi, eusina ngeunaan