• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1202965 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1202965 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

77

Fitri Wulandari, 2016

MODÉL PANGAJARAN PICTURE AND PICTURE DINA PANGAJARAN NULIS LAPORAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan Modél Pangajaran Picture and

Picture dina Pangajaran Nulis Laporan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas

VIII-C SMP Negeri 26 Bandung Taun Ajaran 2015/2016). Dicindekkeun saperti

ieu di handap.

1) Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26 Bandung taun

ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun modél pangajaran Picture and

Picture kaasup can mampuh nulis laporan lantaran peunteun rata-ratana can

ngahontal KKM anu geus ditangtukeun, nyaéta 57,78 ≤ 75. Katitén yén tina

jumlah 36 siswa atawa 100%, siswa anu geus dianggap mampuh nulis laporan

sarta meunangkeun peunteun ≥ 75 nyaéta opat siswa atawa 11,11%, sedengkeun sésana 32 siswa atawa 88,89% dianggap can mampuh nulis

laporan lantaran skorna kurang ti KKM. Rata-rata skor tina aspék éjahan

nyaéta 2,76; rata-rata skor tina aspék adegan basa nyaéta 2,76; rata-rata skor

tina aspék eusi nyaéta 3,10; jeung rata-rata skor tina aspék struktur eusi

nyaéta 2,93.

2) Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26 Bandung taun

ajaran 2015/2016 sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Picture and

Picture umumna geus mampuh nulis laporan lantaran peunteun rata-ratana

geus ngahontal KKM anu geus ditangtukeun, nyaéta 80,83 ≥ 75. Katitén yén

tina jumlah 36 siswa atawa 100%, siswa anu geus dianggap mampuh nulis

laporan sarta meunangkeun peunteun ≥ 75 nyaéta 31 siswa atawa 86,11%, sedengkeun sésana lima siswa atawa 13,89% dianggap can mampuh nulis

laporan lantaran skorna kurang ti KKM. Rata-rata skor tina aspék éjahan

nyaéta 3,82; rata-rata skor tina aspék adegan basa nyaéta 3,81; rata-rata skor

tina aspék eusi nyaéta 4,42; jeung rata-rata skor tina aspék struktur eusi

(2)

78

Fitri Wulandari, 2016

MODÉL PANGAJARAN PICTURE AND PICTURE DINA PANGAJARAN NULIS LAPORAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Aya peningkatan kamampuh nulis laporan saméméh jeung sanggeus

ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture. Katiten tina rata-rata

peunteun pretest jeung posttest nyaéta tina 57,78 ngaronjat jadi 80,83. Unggal

aspék nu diajén hasilna ngaronjat, nyaéta aspék éjahan hasil pretestna 2,76

ngaronjat jadi 3,82 nalika posttest. Aspék adegan basa hasil pretestna 2,76

ngaronjat jadi 3,81 nalika posttest. Aspék eusi hasil pretetsna 3,10 ngaronjat

jadi 4,42 nalika posttest. Aspék struktur eusi hasil pretestna 2,93 ngaronjat

jadi 4,13 nalika posttest.

4) Aya béda anu signifikan antara hasil pretest jeung posttest nulis laporan

saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Picture and

Picture. Katitén tina uji hipotésis yén titung > ttabél nyaéta 21,14 > 2,42. Ku

kituna bisa dicindekkeun hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol

(Ho) ditolak. Jadi, modél pangajaran Picture and Picture éféktif pikeun

ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-C SMP Negeri 26

Bandung taun ajaran 2015/2016.

5.2 Implikasi

Modél Picture and Picture dilarapkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh

nulis laporan. Larapna modél Picture and Picture meunang sawangan positif ti

siswa jeung guru. Dina prak-prakanna ieu modél bisa ngirut jeung pikaresepeun

pikeun siswa, lantaran aya peran siswa dina ieu modél Picture and Picture. Ku

kituna modél Picture and Picture miboga poténsi pikeun siswa diajar mikir kritis,

wani ngébréhkeun naon-naon anu aya dina pikiranana, kréatif, jeung mantuan

siswa ngageuing imajinasi dina diajar, lantaran dina prosés diajarna ngaliwatan

media gambar anu bisa mantuan siswa sangkan leuwih gampang maham matéri

(3)

79

Fitri Wulandari, 2016

MODÉL PANGAJARAN PICTURE AND PICTURE DINA PANGAJARAN NULIS LAPORAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.3 Rékoméndasi

Tina hasil panalungtikan, aya sawatara rékoméndasi anu baris ditepikeun

saperti ieu di handap.

1) Modél pangajaran Picture and Picture bisa dijadikeun hiji alternatif ku guru

dina pangajaran nulis laporan, lantaran tina hasil panalungtikan, modél

pangajaran Picture and Picture bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina

nulis laporan.

2) Dina ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture aya sababaraha hal

nu kudu diperhatikeun nyaéta:

a. Pilih gambar-gambar nu jelas, alus, jeung ngirut siswa. Perhatikeun ogé

ukuran gambarna.

b. Nalika ngagunakeun modél pangajaran Picture and Picture kudu

merhatikeun situasi jeung kondisi tempat, waktu sarta siswana sorangan.

c. Guru kudu nyieun suasana nu interaktif, nyaéta aya komunikasi antara

guru jeung siswa.

3) Milih modél pangajaran kudu leuwih kréatif jeung inovatif, disagédéngeun

luyu jeung matéri nu baris ditepikeunana.

4) Siswa kudu leuwih dilatih nulis ngagunakeun aturan nu luyu jeung

palanggeran basa Sunda, sarta kudu dihudang deui minat jeung karesepna

kana basa Sunda.

5) Perlu diayakeun deui panalungtikan anu ambahanna leuwih lega.

6) Dipiharep hasil tina ieu panalungtikan bisa nambahan widang paélmuan

Referensi

Dokumen terkait

Ayu Sasiary Prawani tersebut pasien sedang melakukan tindakan operasi Caesar pasien tersebut dikasih suntik berupa suntik formalin di paha kanannya dan lama kelamaan dapat

[r]

Kelalaian diartikan pula dengan melakukan tindakan kedokteran di bawah standar pelayanan medis (standar profesi dan standar prosedur operasional).Permasalahan yang dibahas

PENERAPAN PENDEKATAN REALISTIC MATHEMATICS EDUCATION (RME) UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA KELAS IV SEKOLAH DASAR.. U niversitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Kegagalan untuk memberikan pelayanan profesional dan melakukan pada ukuran tingkat keterampilan dan kepandaian yang wajar di dalam masyarakatnya oleh teman sejawat rata-rata dari

Melalui pembelajaran Tolak Peluru yang di terapkan dalam materi keterampilan gerak dasar pebelajaran tolak peluru di tingkat sekolah, akan meningkatkan nilai-nilai

Studi ini memfokuskan pada permasalahan bagaimana posisi perusahaan terhadap lingkungan internal dan lingkungan eksternal serta strategi pemasaran apa yang tepat diterapkan

KAJIAN STRUKTUR DAN NILAI BUDAYA DALAM LEGENDA ORANG KAYO HITAM DI JAMBI DAN PEMANFAATANNYA SEBAGAI ALTERNATIF BAHAN AJAR KAJIAN PROSA FIKSI DI FKIP UNIVERSITAS