• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1205849 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1205849 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 81

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaraan kamampuh

nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi ka siswa

kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016, bisa dicindekkeun ieu di

handap.

1) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung

taun ajaran 2015/2016 saméméh ngagunakeun pangajaran multiliterasi kaasup

teu nyugemakeun. 100% tina 40 siswa nu dijadikeun sampel meunang

peunteun <75, nu hartina asup kana katégori can mampuh. Hasil rata-rata

pretest nya éta 50,83.

2) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung

taun ajaran 2015/2016 saenggeus ngagunakeun modél pangajaran multiliterasi

kaasup nyugemakeun. 97,5% atawa 39 urang tina 40 siswa nu dijadikeun

sampel meunang peunteun ≥75, nu hartina asup kana katégori mampuh. Hasil

rata-rata pretest nya éta 81,05.

3) Ngaronjatna kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45

Bandung taun ajaran 2015/2016 saenggeus ngagunakeun modél pangajaran

multiliterasi bisa katitén tina babandingan hasil pretest jeung protest siswa

ngaronjat tina 50,83% jadi 81,05%. Hartina gedéna pangaruh modél

pangajaran multiliterasi dina ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan

éksposisi téh nya éta 30,23%.

4) kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung

taun ajaran 2015/2016 ngaronjat kalayan signifikan. Hasil uji béda dua

rata-rata nuduhkeun yén titung > ttabél nya éta 27,72 > 2,46, hartina hipotésis kerja

(2)

82

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana hasil panalungtikan, bisa dicindekkeun yén aya béda anu

signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi sisa kelas VII-C SMPN 45

Bandung taun ajaran 2015/2016 saméméh jeung saenggeus ngagunakeun modél

pangajaran multiliterasi.

5.2 Implikasi

Saenggeus pangajaran nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél

pangajaran multiliterasi dilarapkeun, siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun

ajaran 2015/2016 leuwih:

1) Kritis jeung aktif dina ngébréhkeun kamandangna ngeunaan hiji pasualan di

hareupeun kelas;

2) Leuwih sistematis dina ngébréhkeun ideu jeung gagasan ngaliwatan tulisan

utamana dina nulis karangan éksposisi;

3) Parigel dina mekarkeun eusi karangan.

4) Nambahan kandaga kecap basa Sunda sarta merenah dina ngalarapkeun kana

kalimah; jeung

5) Maham kana éjahan basa Sunda, sarta parigel ngawasa jeung ngalarapkeun

kalimah sangkan jadi beungkeutan paragraf nu merenah.

5.3 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan kamampuh nulis karangan

éksposisi siswa kelas VII-K SMPN 45 Bandung taun ajaran 2015/2016,

panalungtik moboga saran anu dijéntrékeun ieu di handap.

1) Hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun nuduhkeun yén modél pangajaran

multiliterasi bisa ngaronjatekeun kamampuh nulis karangan éksposisi. Ku

kituna, ieu modél téh bisa jadi bahan alternatif pikeun guru dina pangajaran

nulis karangan éksposisi, ogé pikeun ngaronjatkeun kompeténsi pangajaran

(3)

83

Wira Oka Kurnia, 2016

MODÉL PANGAJARAN MULTILITERASI PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Pangajaran multiliterasi, saupama rék dilarapkeun dina pangajaran aya

sababaraha anu kudu dititénan, diantarana: a) siswa kudu geus diajar heula

saméméhna, b) bahan pangajaran kudu pareatif (buku, majalah, koran jrrd.), c)

lingkungan sakola boh di jero boh di luar kelas, kudu ngarojong kana sagala

kagiatan diajar. Sabab, pangajaran multitliterasi ngajarkeun siswa sangkan

kritis kana sagala kayaan nu aya disabudeureunna, d) léngkah-léngkah modél

pangajaran multiliterasi kudu dilarapkeun ku siswa kalawan ngaruntuy, e)

leuwih asak dina ngararancang pangajaran.

3) Modél pangajaran multiliterasi ogé luyu upama dilarapkeun dina kontéks

kurikulum 2013. Tapi can kapanggih panalungtikan nu ngalarapkeun modél

pangajaran multiliterasi dina salasahiji pangajaran Basa Sunda berbasis

Referensi

Dokumen terkait

LAYANAN D ASAR BIMBINGAN D AN KONSELING UNTUK PENINGKATAN SURVIVAL AND SAFEY SKILLS SISWA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

[r]

Implikasi secara praktis berkenaan dengan pengembangan dan pembuatan program bimbingan karir untuk mengembangkan kemampuan keputusan karir siswa, yakni guru

[r]

Tesis yang berjudul “Perbedaan Keberhasilan Model Pembelajaran Problem Based Learning Dengan Model Pembelajaran Sains Teknologi Masyarakat Terhadap Peningkatan

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D

Layanan Dasar Bimbingan Untuk Mengembangkan Survival And Safety Skills Peserta Didik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu..

Dari hasil penelitian yang dilakukan maka dapat diambil kesimpulan bahwa Pengaturan kewajiban notaris dalam pembuatan akta otentik berdasarkan revisi UU Nomor 30 Tahun 2004