• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1103201 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1103201 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Karya sastra mangrupa titiron atawa gambaran kahirupan manusa. Nu maca

karya sastra bisa ngeunteung kana réalitas kahirupan naon waé nu diébréhkeun ku

pangarang, boh réalitas kahirupan sosial boh budaya. Salah sahiji conto karya

sastra nu mangrupa gambaran réalita kahirupan manusa nya éta novél. Nu

dimaksud novél nya éta karangan wangun lancaran anu sipatna rékaan tapi

ngeunteung kana kanyataan sapopoé, caritana relatif panjang, tur nyaritakeun

kajadian nu sambung-sinambung. Iser (dina Teeuw, 1984, kc. 249) nyebutkeun

yén rékaan téh lain lawan tina kanyataan, tapi méré nyaho hiji hal ngeunaan

kanyataan. Ku kituna novél bisa dijadikeun salah sahiji eunteung kahirupan

masarakat Sunda.

Novél pasti miboga struktur/komponén-komponén nu ngajadikan éta novél jadi hiji karangan nu gembleng tur miboga ma’na. Iskandarwassid (1992, kc. 153) ngécéskeun yén:

“Struktur nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra; gembleng boga ma’na. Dina prosa upamana kumaha ngaréka-réka unsur téma, galur, tokoh jeung latar nepi ka bisa ngawujud jadi carita pondok atawa novél”

Nalungtik atawa maluruh struktur carita dina novél rumaja kawilang penting,

sabab para rumaja ayeuna perelu mikanyaho kana karya sastra Sunda tur

mikanyaho kana komponén-komponén naon waé anu ngawangun hiji novél.

Kayaning maluruh téma, sarana carita, jeung fakta carita saperti penokohan, latar,

galur, jeung amanat nu aya dina novél.

Karya sastra teu cukup dipikaharti wungkul, tapi kudu bari dilenyepan jeung

diinterprétasi. Ku dilenyepan jeung diinterprétasi téh ngabalukarkeun pamahaman

kana hiji karya sastra ti tiap jalma béda-béda, antukna ngahasilkeun rupa-rupa

penafsiran. Tapi henteu anéh saupama hiji karya sastra bisa nimbulkeun rupa-rupa

(2)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nimbulkeun rupa-rupa interprétasi. Pon kitu deui eusi novél, nu maca bisa miboga

interprétasi nu béda-béda kana eusi hiji novél.

Novél bisa jadi hiji média pikeun ngagambarkeun rupa-rupa kahirupan,

contona kahirupan wanoja, boh ditilik tina sisi positif boh négatifna. Salah sahiji

novél nu nyaritakeun kahirupan wanoja nya éta novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum karangan Chyé Rétty Isnéndés nu dipedalkeun ku Yrama Widya taun

2014. Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nyaritakeun kahirupan wanoja Sunda

nu keur meujeuhna pajurawet ku masalah cinta, éta wanoja Sunda téh

digambarkeun ku tokoh Mayangningrum Téjaasih. Tina kahirupan Mayang bisa

katitén kumaha pribadina dina nyanghareupan cintana nu pinuh ku teka-teki,

kumaha peran Mayang di lingkungan kulawarga jeung sosialna, kumaha kuatna

watek Mayang nu bisa nyekel jeung ngéléhkeun watek dua jajaka nu micinta

manéhna. Ku gambaran pribadi Mayang salaku tokoh utama dina ieu novél, bisa

jadi eunteung atawa gambaran pikeun wanoja Sunda jaman ayeuna jeung mangsa

nu bakal datang dina ngalaksanakeun peran salaku dirina pribadi, peran di

lingkungan kulawarga, jeung lingkungan masarakat.

Djajanegara (2000, kc. 51) nétélakeun yén umumna karya sastra anu

midangkeun tokoh wanoja téh bisa ditalungtik tina segi féminisna. Ku kituna,

panalungtik miboga maksud pikeun nalungtik citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum. Nu jadi tatapakan novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum dikaji féminisna nya éta dina ieu novél nyampak ajén-ajén féminis anu

dicirian ku ayana opat ciri téks féminis nya éta: 1) jadi forum pikeun wanoja dina

ngedalkeun aspirasina; 2) ayana usaha pikeun ngahontal kasaimbangan budaya

(androginitas); 3) nyadiakeun métode conto ku jalan éksplorasi (petualangan)

pangalaman anyar, jeung 4) ngawanohkeun solidaritas di antara tokoh wanojana

(sisterhood) (Register, dina Isnéndés 2010, kc. 48).

Dina maca téks féminis, nu maca kudu nempatkeun manéh salaku wanoja.

Hartina nu maca kudu sadar yén dina téks karya nu dibacana, aya sora wanoja nu

kudu didéngé jeung diperhatikeun leuwih jero. Sugihastuti jeung Suharto (2010,

(3)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

umum bisa katitén yén tokoh wanoja dina karya sastra tinggaleun tibatan tokoh

lalaki, misalna waé dina hal sosial, atikan, pacabakan, kalungguhan di masarakat,

sarta darajat wanoja salaku bagéan integral dina susunan masarakat. Ieu hal bisa

katingali dina réalitas sapopoé di masarakat nu digambarkeun dina hiji karya

sastra.

Pangajaran novél aya dina Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar

(SKKD) di SMA kelas XI Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan, dina Standar

Kompetensi 11.3, disebutkeun yén siswa mampu membaca untuk memahami dan

menanggapi bacaan yang berupa biografi, novel, laporan jurnalistik perjalanan,

dan bahasan jeung Kompetensi Dasar 11.3.2 Membaca novel (Dinas Pendidikan

Provinsi Jawa Barat, 2007, kc. 122). Ku kituna ieu panalungtikan dipatalikeun

jeung pangajaran di sakola, sangkan rumaja Sunda ayeuna wanoh kana karya

sastra Sunda hususna novél rumaja tur bisa ngajembaran pangaweruh sarta

pamahamanna dina ngaaprésiasi karya sastra.

Aya sababaraha panalungtikan saméméhna nu sarupa ngeunaan kajian

féminis di antarana:

1) Munisa Ambarina. 2004. “Unsur-unsur Féminis dina Novél

Kembang-Kembang PetinganKarangan Holisoh M.E”;

2) Rétty Isnéndés. 2004. “Suara Perempuan dalam Novél Sunda Puputon “Buah

Hati” Karya Aam Amilia: Kajian Féminisme”;

3) Dedi Taopik. 2006. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis Idéologis kana Novél Sunda Saméméh Perang”;

4) Ai Rohmawati. 2008. “Citra Wanoja dina Sastra Sunda: Kritik Sastra Féminis

Idéologis kana Novél PipisahanKarangan R.A.F.”, jeung

5) Yuda Irawan. 2009. ”Ajén-ajén Féminis dina Novél Suminar Karangan Anna

Mustika Ati”.

Nu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan séjén nya éta dina

(4)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung féminisna mah sarua ngagambarkeun unsur intrinsik, aspék-aspék idéologis

jeung citra wanoja dina hirup di lingkungan kulawarga jeung masarakatna. Lantaran can aya panalungtikan nu nalungtik “Ulikan Struktural jeung Féminis kana Novél Handeuleum ‘na Haté Beureum Karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun

Bahan Pangajaran Maca Novél di SMA Kelas XI”, ku kituna ieu panalungtikan

perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI.

Anu dimaksud strukturalisme nya éta salah sahiji métode atawa pamarekan

anu dipaké pikeun nganalisis karya sastra nu dirojong ku unsur-unsur

pangwangunna. Analisis struktur karya sastra bisa ku cara ngaidéntifikasi jeung

ngadéskripsikeun fungsi antar unsur instrinsik fiksi nu aya patalina jeung karya

sastra. Ambahan struktural dina ieu panalungtikan ngawengku téma, fakta carita,

jeung sarana carita nu aya dina novél.

Kritik sastra féminisme nya éta kritik sastra nu didadasaran ku ayana

kasadaran bébédaan antara lalaki jeung wanoja nu mangaruhan budaya sarta

kahirupan manusa. Ambahan féminis dina ieu panalungtikan nya éta citra wanoja

nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum, nu ngawengku citra pisik

wanoja, citra psikis wanoja, citra wanoja di kulawarga, jeung citra wanoja di

masarakat.

Nu dimaksud novél nya éta karangan wangun lancaran anu sipatna rékaan

tapi ngeunteung kana kanyataan sapopoé, caritana relatif panjang, tur nyaritakeun

kajadian nu sambung sinambung. Novél nu dijadikeun objék dina ieu

panalungtikan nya éta novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty

Isnéndés nu dipedalkeun ku Yrama Widya taun 2014, nu midangkeun tokoh

(5)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hasil tina ieu panalungtikan téh dipatalikeun jeung bahan pangajaran, nu

dimaksud bahan pangajaran nya éta salah sahiji komponén dina prosés diajar

ngajar. Bahan pangajaran ngawengku sajumlah matéri anu ditepikeun ku pangajar

ka siswa dina kagiatan diajar ngajar. Bahan pangajaran nu dipatalikeun jeung ieu

panalungtikan nya éta bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI.

Dumasar idéntifikasi masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina

wangun pananya ieu di handap.

1) Kumaha unsur intrinsik novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nu ngawengku

téma, fakta carita, jeung sarana carita?

2) Kumaha kalungguhan tokoh wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum dumasar hal sosial, atikan, jeung pacabakan?

3) Kumaha citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum

dumasar kabiasaan masarakat Sunda?

4) Kumaha lamun hasil ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na

Haté Beureum dipaké pikeun bahan pangajaran maca novél di SMA kelas XI?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana rumusan masalah di luhur, ieu panalungtikan miboga dua

tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaguar gambaran

karakter-karakter wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum

sangkan karakter-karakter nu positifna bisa dijadikeun conto wanoja Sunda

ayeuna jeung mangsa nu bakal datang.

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan ngadéskripsikeun:

1) unsur intrinsik novél Handeuleum ‘na Haté Beureum nu ngawengku téma,

fakta carita, jeung sarana carita;

2) kalungguhan tokoh wanoja dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum

dumasar hal sosial, atikan, jeung pacabakan;

3) citra wanoja nu aya dina novél Handeuleum ‘na Haté Beureum dumasar

(6)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) larapna hasil ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na Haté

Beureum dina bahan pangajaran novél di SMA kelas XI.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan dibagi jadi dua, nya éta mangpaat tioritis

jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta nambahan pangaweruh jeung

pamahaman dina ngajén karya sastra, hususna kajian kritik sastra strukturalisme

jeung féminisme kana novél rumaja.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta:

1) pikeun guru, hasil tina ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan pangajaran

novél di SMA kelas XI;

2) pikeun siswa, bisa ngajembaran pangaweruh sarta pamahaman dina

ngaprésiasi karya sastra, hususna ngeunaan ulikan struktural sarta féminis,

jeung

3) pikeun masarakat, bisa mikanyaho gambaran umum citra wanoja nu aya dina

novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun

eunteung wanoja-wanoja Sunda ayeuna jeung mangsa nu bakal datang maham

kana kalungguhan jeung peran wanoja Sunda nu sabenerna.

1.5 Sistematika Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab, sakumaha nu dipedar ieu di handap.

Bab I eusina ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah,

(7)

Ai Jamilah, 2015

Ulikan Struktural jeung feminis kana novel handeuleum na hate beureum karya Chye Retty Isnendes pikeun bahan pangajaran maca novel di SMA kelas XI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

mangpaat panalungtikan nu dibagi jadi dua, mangpaat tioritis, jeung mangpaat

praktis, jeung sistematika tulisan.

Bab II eusina ngeunaan tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan sarta

kalungguhan masalah nu ditalungtik dina widang paélmuan. Dina ulikan pustaka,

tiori-tiori nu aya dibandingkeun sarta dipatalikeun jeung masalah nu keur

ditalungtik. Salian ti ayana tiori-tiori nu ngadadasaran panalungtikan, dina Bab II

gé kudu aya pedaran ngeunaan panalungtikan saméméhna jeung kalungguhan

tioritis panalungtikan nu dilaksanakeun.

Bab III medar ngeunaan métode panalungtikan nu diwincik deui jadi desain

panalungtikan, data jeung sumber data, ngumpulkeun data, jeung analisis data.

Bab IV eusina ngeunaan hasil jeung pedaran analisis data nu patali jeung

rumusan masalah, tujuan panalungtikan, katut tiori-tiori dina Bab II.

Bab V eusina ngeunaan kumaha panalungtik nafsirkeun hasil analisis

panalungtikan. Kacindekan mangrupa jawaban tina daftar pertanyaan nu aya dina

rumusan masalah. Saran atawa rékoméndasi ditujukeun ka nu nyieun kawijakan,

ka nu ngagunakeun éta hasil panalungtikan, jeung ka para panalungtik lianna nu

rék nalungtik masalah nu sarua minangka lajuning lakuna tina hasil

Referensi

Dokumen terkait

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Dina ieu panalungtikan anu didéskripsikeun téh nyaéta babasan jeung paribasa ditilik tina wangun stilistika anu mangrupa ulikan gaya basa ngupamakeun sarta harti

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SAÉNI KARANGAN HADI AKS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI

Ulikan Struktural Novél Rasiah Nu Goréng Patut Karya Djuhana Pikeun Bahan Pangajaran Maca Novél Kelas XI.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA. Universitas Pendidikan Indonesia |

ngaguar rumpaka kawih Doel Sumbang nu museur semiotik jeung ajén moralna. Deui-deui, najan sarua objék ulikan ieu panalungtikan jeung Niknik, tapi nu diulikna mah

dumasar kana téma, fakta carita (galur, tokoh jeung penokohan, jeung latar), jeung sarana carita (amanat) sarta c) carpon-carpon anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran