• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1402539 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1402539 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

91 BAB V KACINDEKAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana pedaran jeung hasil panalungtikan dina bab 4, ieu

panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di di handap.

Ragam basa nu kapanggih di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang

aya genep nya éta akrolek, basilek, kolokial, argot, slang, jeung jargon. Ragam

basa akrolek kapanggih di profesi guru, pagawé pamaréntah, petani, jeung tokoh

agama. Ragam basa basilek ngan kapanggih di profesi petani. Ragam basa

kolokial kapanggih di profesi guru, siswa, pagawé pamaréntah, petani, padagang,

tokoh agama, jeung pamayang. Ragam basa argot ogé kapanggih di guru, siswa,

pagawé pamaréntah, petani, padagang, tokoh agama, jeung pamayang. Ragam

basa slang kapanggih di profesi padagang jeung siswa. Pamungkas Ragam basa

Hasil analisis alih kode di Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang,

kapanggih 36 data alih kode, dina paguneman ngan kapanggih wanda alih kode

interen. Alih kode nu kapanggih lolobana nya éta alih kode ti basa Sunda ka basa

Indonésia jeung basa Sunda ka basa Betawi, ieu hal dilantarankeun masarakat

Pakisjaya anu basa sapopoéna basa Betawi. Panalungtik salaku panyatur basa

Sunda leuwih sering alih kode ka basa Betawi atawa basa Indonésia sangkan

komunikasi lumangsung lancar.

Sedengkeun hasil analisis campur kode di Kecamatan Pakisjaya

Kabupaten Karawang kapanggih 38 data campur kode, dina paguneman ngan

kapanggih wanda campur kode ka jero. Masarakat Pakisjaya salaku panyatur basa

Betawi anu miboga pangaweruh basa Sunda tangtu dina komunikasina dua basa

(2)

92

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan. Campur kode nu kapanggih lolobana basa Betawi jeung basa

Indonesia pacampur jeung kekecapan basa Sunda, ieu jelas lantaran pangaweruh

masarakat kana basa Sunda anu heureut.

Salian ti ragam basa, alih kode jeung campur kode kapaluruh ogé

faktor-faktor anu ngabalukarkeun ayana Ragam basa di Pakisjaya. Aya dua faktor-faktor nya

éta:

a) Sacara geografis Kecamatan Pakisjaya perenahna di wates daérahKabupaten

Bekasi jeung Laut Jawa anu masarakatna heterogen boh tina basana boh tina

budayana. Masarakat anu aya di perbatasan Laut Jawa lolobana ngagunakeun

basa Jawa sedengkeun perbatasan Bekasi lolobana ngagunakeun basa Betawi,

ku kituna masarakat Pakisjaya miboga tilu basa anu hirup.

b) Dina kahirupan sapopoé masarakat ngarasa butuh medium pikeun

ngagampangkeun nalika komunikasi. Komunikasi di dieu bisa ngawengku

komunikasi profesi, komunikasi sapopoé, jeung komunikasi komunitas.

5.2 Implikasi

Implikasi dina ieu panalungtikan ditétélakeun yén ragam basa salaku

variasi dina hiji basa dilantarankeun ku ayana faktor-faktor nu aya di masarakat,

saperti umur, atikan, agama, widang kagiatan, profesi, letak geografis, jeung

kasang tukang budaya miboga peran penting di masarakat hususna dina ieu

panalungtikan masarakat Pakisjaya. Ragam basa anu kapanggih méré gambaran

kaayaan basa Sunda di Pakisjaya dianggap teu penting lantaran basa sapopoéna

basa Betawi. Di sakola gé nalika pangajaran basa Sunda basa panganteurna basa

Indonesia jeung basa Betawi. Sanajan kitu dina paguneman masarakat Pakisjaya

basa Sunda masih hirup jeung nyicingan fungsi di masarakat salaku alat

komunikasi, éta hal katitén ku ayana alih kode jeung campur kode antara basa

Betawi jeung basa Sunda.

Ragam basa ogé nyicingan fungsi sosial di masarakatna salaku alat

komunikasi nalika hirup kumbuh sapopoé saluyu jeung kabutuhan. Misalna nalika

komunikasi di lingkungan pagawéan, ragam basa argot miboga peran anu penting

sangkan komunikasi leuwih efektif, kitu ogé ragam basa nu séjénna bakal

(3)

93

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.3 Rekomendasi

Ieu hasil panalungtikan dirékomendasikeun hususna pikeun masarakat

Kecamatan Pakisjaya Kabupaten Karawang sangkan apal kana kabeungharan basa

anu hirup di sabudeureunna hususna basa Sunda. Salian éta, ieu panalungtikan

dirékomendasikeun pikeun pamaréntah Kabupaten Karawang hususna Kecamatan

Pakisjaya sangkan basa Sunda leuwih diperhatikeun deui ngaliwatan sosialisasi

langsung ka masarakat jeung pangajaran di sakola hususna sakola anu aya di

Referensi

Dokumen terkait

sosial, pakakas jeung téknologi, pakasaban, kapercayaan, jeung kasenian. Unsur budaya nu aya dina Wawacan Barjah, ditataan ieu di handap. a) Aspék basa nu dipaké dina

Dumasar kana pedaran dina bab saméméhna, bisa dicindekkeun opat hal anu patali jeung tradisi Babarit Désa saperti ieu di handap. 1) Tradisi Babarit Désa dilaksanakeun di Désa

aya mangpaatna pikeun siswa, ieu novél miboga unsur struktur anu jelas saperti téma, galur, palaku jeung latar nepi ka tiori sastra gampang dipaham ku siswa,

M a’na acuan kecap bi langan panangtu dina basa Sunda nyoko kana kecap barang anu diterangkeun jumlahna ka kecap bilangan panangtu. 5.2

Ajén moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung batin kapanggih aya dua paguneman anu eusina ngandung ajen moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung

unsur runtuyan (struktur) jeung unsur semiotik anu aya dina upacara adat nikah Sunda.. Hasil ulikan anu ngagunakeun Format Tabel 1 jeung 2 aya dina

Salaku conto dipakéna kode basa antara basa Sunda (BS) jeung basa Indonesia (BI) atawa sabalikna nalika komunikasi mangrupa hiji hal nu teu bisa disingkahan ku

Laku basa dina rohang status facebooktéh némbongkeun ciri atawa karakteristik anu tangtu, boh patali jeung adeganana boh patali jeung ma’nana. Salian ti éta, aya