• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1402539 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1402539 Chapter3"

Copied!
17
0
0

Teks penuh

(1)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

6

2.1 Ulikan Pustaka 2.1.1 Ragam Basa

Ragam basa mangrupa salasahiji poko bahasan dina kajian sosiolinguistik. Kridalakasana dina Chaer & Agustina (2004, kc. 61) nétélakeun yén sosiolinguistik mangrupa cabang linguistik nu miboga tujuan pikeun ngajelaskeun ciri-ciri ragam basa jeung nangtukeun korelasi ciri ragam basa éta kalawan ciri sosial kamasarakatanana.

Aya sababaraha unsur dina komunikasi masarakat di antarana panyatur, pangregep, tempat nyarita, eusi carita, suasana nyarita, jsb. Nalika nyarita hiji panyatur kudu merhatikeun ka saha manéhna nyarita, di mana nyaritana, ngeunaan naon, iraha, jeung dina suasana nu kumaha. Ieu hal saluyu jeung nu ditétélakeun ku Rene Apple dina Pateda (1987, kc. 15-16) yén aya dua faktor anu ngabalukarkeun ayana ragam basa nya éta faktor situasional jeung faktor sosial. Faktor situasional mangaruhan panyatur utamana dina kekecapan, iraha makéna kode basa nu tangtu, dina situasi nu kumaha gumantung tempat nyaritana. Sedengkeun faktor sosial mangaruhan panyatur tina kahirupan sosialna saperti jenis kelamin, status sosial, atikan, kasangtukang ekonomi, jsb.

A. Wangenan

Ragam basa bisa dihartikeun salaku variasi makéna basa. Hal ieu saluyu jeung anu ditétélakeun ku Suwito (1983, kc. 148) yén ragam basa téh nya éta hiji istilah anu dipaké pikeun nuduhkeun salasahiji cara makéna basa dina komunikasi, ayana ragam basa dilantarankeun ku ayana kabutuhan panyatur saluyu jeung situasi dina kontek sosialna. Ayana ragam basa nuduhkeun yén nu makéna basa téh sifatna heterogen.

Kitu deui ditétélakeun ku Chaer & Agustina (2004, kc. 61) yén ragam basa nya éta sub sistem dina basa anu dibalukarkeun ku ayana pamaké basa atawa panyatur anu heterogen sarta kagiatan panyatur anu beragam. Ragam basa bakal

(2)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ragam basa nya éta kabeungharan basa nu dilantarankeun dua faktor nya éta ti panayaturna saperti umur, jenis kelamin jeung ti lingkunganna nya éta status sosial kamasarakatanna. Kartomihardjo dina Fathur Rokhman (2013, kc. 15) nétélakeun yén ragam basa mangrupa media pikeun nepikeun ma‟na sosial atawa artistik anu teu bisa dikedalkeun ngaliwatan kekecapan nu ngabogaan ma‟na

harfiah. Tuluy Kridalaksana dina Fathur Rokhman (2013, kc. 15) ogé nétélakeun yén ragam basa nya éta variasi basa dumasar nu makéna basa gumantung topik pagunemananna jeung dumasar media ngedalkeun éta paguneman. Jadi bisa dicindekeun yén, ragam basa nya éta rupa-rupa variasi dina hiji basa nu dilantarankeun panyatur nu heterogen sarta media anu dipaké ku panyatur. Faktor-faktor nu ngabalukarkeunna ayana masarakat nu heterogen saperti umur, atikan, agama, widang kagiatan jeung profesi, kasang tukang budaya, jsb.

B. Wanda Ragan Basa

Ragam basa dibagi jadi dua dumasar pamaké jeung pamakéan, dumasar pamaké nya éta saha nu makéna basa, di mana cicingna, kumaka kalungguhan sosial di masarakat, genre, jeung iraha éta basa dipakéna. Sedengkeun dumasar pamakean nya éta basa dipaké pikeun naon, dina widang naon, naon mediumna, jeung kumaha situasina. Eta hal saluyu jeung nu ditétélakeun ku Sudaryat (2004, kc. 11) ngawincik ragam basa kana dua jihat nya éta pamaké jeung pamakéan.

1) Pamaké Basa

Ditilik tina jihat pamakéna, ragam basa diwincik deui jadi dua nya éta idiolék jeung dialék.

a) Idiolék

(3)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu b) Dialék

Nurutkeun Fathur Rokhman (2013, kc. 17) dialék nya éta ciri has atawa pangbéda basa nu ngabédakeun omongan tiap kelompok masarakat. Dina basa

Sunda mah leuwih dipikawanoh ku istilah “basa wewengkon”. Salaku conto: tiap daérah boh ti mimiti tingkat nagara nepi ka tingkat désa tur wewengkon miboga gaya nyaritana séwang-séwangan, sanajan di Jawa Barat sarua ngagunakeun basa Sunda pikeun pakakas komunikasina, can tangtu tiap Kabupaten ngagunakeun basa nu sarua, boh lentongna boh kandaga kecapna. Élmu nu ngulik ngeunaan

dialék nya éta “dialéktologi”

Conto:

basa Sunda Priangan ocon = heureuy

basa Sunda Kuningan sisiwo = heureuy

basa Sunda Priangan sué = sial

basa Cirebon sué = lila

basa Sunda Priangan isukan = poé sabada poé ayeuna

basa Sunda Ciamis isukan = iraha-iraha

Dumasar kana jihat dialék, Sudaryat (2004, kc. 11) ngawincik ragam basa dialék jadi tilu bagian, nya éta:

(1) Régiolék

Régiolék nya éta ragam basa ditilik tina kaayaan régional atawa geografisna. Conto, basa nu dipaké di daérah basisir leuwih teugeug jeung umumna lentongna naék, sedengkeun di daérah pegunungan leuwih leuleus tur lentongna ogé turun.

(2) Sosiolék

(4)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Chaer & Agustina (2004, kc. 64) nétélakeun yén variasi basa atawa ragam basa patali jeung tingkat, golongan, status, jeung kelas sosial panyaturna, éta bisa ngawengku umur, atikan, genre, pakasaban, kabangsawanan, jeung sosial

ekonomi. Dumasar umur katémbong ragam basa nu dipaké ku barudak, rumaja, dewasa jeung kolot béda-béda. Bédana ragam basa ieu lain patali jeung eusina, tapi patali jeung aspek morfologi, sintaksis, jeung kandaga kecap. Dumasar atikan nu makéna basa patali jeung kandaga kecap, artikulasi, morfologi jeung sintaksis. Dumasr genre nu makéna basa ragam basa katémbong nalika komunikasi

sapopoé, upamana waé dina paguneman ibu-ibu jeung bapa-bapa aya bédana boh dina kandaga kecapna boh dina eusi caritana. Satuluyna dumasar pakasaban atawa profesi jabatan nu makéna basa, ragam basa katémbong tina paksaban jalma nu béda-béda contona basa guru, basa tukang dagang, basa supir, jeung bakasaban séjénna aya bédana, utamana dina kandaga kecap. Dina masarakat nu masih maké tingkatan kebangsawanan aya ogé ragam basa nu patali jeung kebangsawanan éta.

Basa Jawa, basa Bali, jeung basa Sunda miboga ragam kabangsawanan contona undak usuk basa atawa tatakrama basa. Pamungkas dumasar sosial ekonomi nu makéna basa, ragam basa teu bisa kitu waé dibédakeun dumasar kabangsawanan hiji jalma, tapi leuwih kana saha nu leuwih beunghar atawa henteu. Dumasar kana ragam basa nu geus dipedar di luhur ragam basa dibagi dalapan jenis nya éta

akrolek, basilék, vulgar, slang, kolokial, jargon, argot, jeung ken.

Akrolek nya éta variasi sosial anu dianggap leuwih luhur ajénna tibatan

variasi sosial nu lianna. Salaku conto, dina taun 1914 basa Jawa leuwih luhur ajénna tibanatan basa Sunda tur ngan ukur dipaké ku kalangan ménak atawa kaum borjuis. Dina basa Sunda aya undak usuk basa. Undak usuk basa sacara umum kabagi tilu, nya éta basa keur ka sahandapeun, basa keur ka sorangan jeung basa ka saluhureun. Akrolek nya éta nalika makéna basa saluyu jeung undak usuk basa. Contona: kecap “balik” dipaké keur ka sahandapeun, kecap “wangsul” dipaké keur ka sorangan jeung kecap “mulih” dipaké keur ka saluhureun

Basilek nya éta variasi sosial nu dianggap kurang luhur ajénna. Salaku

conto, upamana di Jawa aya basa Jawa “krama ndesa”, upama dina basa Inggris

(5)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

basa Sunda dusun (teu baku), basa nu teu saluyu jeung undak basa, atawa basa

kasar. Contona: kecap “heueuh”

Vulgar nya éta variasi sosial nu miboga ciri yén panyaturna teu nyakola.

Bahasana cenderung teu sopan. Contona: Sia !

Slang nya éta variasi basa nu ngabogaan sifat husus tur rusiah. Hartina, ieu

variasi basa téh dipakéna ngan saukur ku panyatur nu tangtu, ogé teu meunang dipikanyaho ku panyatur séjén salian ti anggota kelompok panyaturna. Salng

miboga pasipatan anu temporal tur leuwih jembar digunakeun ku panyatur rumaja, tapi teu jarang sok dipaké ku panyatur kolot. Slang ogé miboga sipat

gancang robah ti mangsa ka mangsa. Contona: basa rumaja mangsa kiwari saperti cemungudh (semangat), unyu-unyu (lucu), visun (pisan), jsb.

Kolokial nya éta variasi sosial anu digunakeun dina guneman sapopoé.

Kecap kolokial asalna tina kecap collquium (percakapan, konversasi) anu hartina

paguneman. Jadi anu disebut kolokial téh nya éta basa paguneman atawa basa

lisan. Contona: kecap “teu” anu asalna tina henteu, kecap “rék” anu asalna tina

arék, jsb

Jargon nya éta variasi sosial anu dipakéna diwatesanan ku

kelompok-kelompok sosial anu tangtu. Ungkara nu dipaké mindengna mah teu bisa dipikaharti ku masarakat sacara umum atawa panyatur di luar kelompok panyaturna, sanajan teu miboga sipat nu rusiah. Contona: jargon nu dipaké ku

BKKBN “dua anak cukup”

Argot nya éta variasi sosial anu pamakéanna diwatesanan ku

pakasaban-pakasaban anu tangtu tur miboga pasipatan anu rusiah. Koncina aya dina kandaga kecap. Contona: dina kalangan koruptor aya istilah “apel malang” anu hartina rupiah, jeung “apel washington” anu hartina dolar.

Ken (Inggris = cant) nya éta variasi sosial anu ngagunakeun lentong “ngahelas” ogo tur bohong. Ken mindeng dipaké ku panyatur anu pakasabanana

salaku baramaén. Contona: “nyuhunkeun kanggo tuangna pa”

(3) Kronolék

(6)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sastra mah, kandaga kecap jeung gaya nyarita nu dipaké dina novel “Baruang kanu Ngarora” karya D.K. Ardiwinata dina taun 1914 tangtu béda jeung kumpulan carpon “Panggung Wayang” karangan Aam Amilia dina taun 1992.

2) Pamakéan Basa

Nurutkeun Chaer & Agustina (2004, kc. 68) ragam basa nu patali jeung pamakéan basa umumna patali jeung widang-widang nu tangtu nu miboga ciri séwang-séwangan sarta miboga fungsi nu tangtu. Misalna basa dina widang atikan, jurnalistik, militer, jsb, bakal miboga ragam basa anu béda lantaran nyicingan fungsi anu béda. Supama ragam basa dumasar pamaké basa leuwih nyoko ku saha dipakéna basa, dimana dipakéna basa. Ragam basa dumasar pamakéan basa mah leuwih nyoko kana tujuan dipakéna basa boh lisan boh tulisan.

Ditilik tina jihat pamakéanna ragam basa diwincik deui jadi tilu nya éta tujuan, kabakuan, jeung médium.

a) Tujuan

Ditilik tina tujuanna, basa ogé dipaké gumantung kana tujuanna. Naha pikeun komunikasi sapopoé, pikeun paélmuan, atawa pikeun kasastraan. Ragam basa numutkeun tujuanana diwincik jadi tilu bagian, nya éta:

(1) Basa sapopé

Basa sapopoé nya éta basa anu dipaké nalika kagiatan sapopoé. Contona:

“ kamari aya nu demo di gedong DPR” “Ceu, bade angkat kamana mani tos gaya?”

“ Isukan ka dieu deui nya, aya nu rék dipihapékeun! “

(2) Basa paélmuan

Basa paélmuan nya éta basa atawa istilah nu digunakeun dina salasahiji widang paélmuan. Conto:

 Linguistik, fonologi, morfologi, sintaksis, sematik, jsb.

 Logaritma, modus, mean, median, jsb. (3) Basa kasastraan

Basa kasusastraan nya éta basa nu digunakeun pikeun karya sastra. Conto:

 Gaya basa mijalma (majas personifikasi)

(7)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu  Sisindiran

Cikaracak ninggang batu Laun-laun jadi legok Tai cakcak ninggang huntu Lila-lila mah dilebok

b) Lulugu (baku)

Ragam basa kabakuan nya éta dipakéna basa gumantung kana situasi panyatur. Ragam basa kabakuan ogé katelahna mah nya éta „tatakrama basa‟ atawa „undak-usuk basa‟. Nurutkeun kana jihat kabakuan, ragam basa diwincik jadi dua nya éta:

(1) Basa baku

Basa baku (basa lulugu), nya éta basa anu lumrah dipaké dumasar tatakrama basa Sunda.contona:

“mangga geura tuang heula, parasmanan parantos sayogi.” “Dupi Bapa tabuh sabaraha nyondong di Bumi?”

“Duh, hapunten manawi abdi anu lepat.”

(2) Basa teu baku

Basa teu baku (basa loma), nya éta basa anu lumrah dipaké masarakat nalika paguneman sapopoé atawa dina kaayaan teu resmi. Contona:

“sia deuk ngilu moal jeung ngaing ka Sawah?”

“Pék geura dalahar heula bisi si Ujang kaburu nyampeur” “Isukan Aing nyampeur ka imah Sia nya!”

c) Médium

Ragam basa médium nya éta dipakéna basa gumantung kana media anu dipakéna. Dumasar kana jihat kabakuan, ragam basa diwincik jadi dua nya éta: (1) Basa lisan

Basa lisan dipaké sacara lisan, umumna teu puguh adegan kalimahna. Contona:

“Mang, baso hiji!” (meuli baso ka tukang baso)

“Pa, baso!” (nawaran baso)

(8)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(2) Basa tulisan

Basa tulisan nya éta basa anu dipaké dina tulisan, umumna leuwih jéntré jeung tangtu adegan kalimahna. Contona:

“Mang, Abdi mésér baso samnagkok.” “Pa, bade mésér baso?”

“Hayu urang mésér baso!”

2.1.2Alih Kode jeung Campur Kode

Nurutkeun Hudson (1998, kc. 51) nétélakeun yén dina prakna kode ragam basa bisa pacampur jeung kode ragam basa séjén pikeun lancarna komunikasi antara dua panyatur anu miboga kode ragam basa anu béda. Pacampurna kode ragam basa ieu Hudson ngaistilahkeun alih kode jeung peminjaman (campur

kode).

Salaku conto dipakéna kode basa antara basa Sunda (BS) jeung basa Indonesia (BI) atawa sabalikna nalika komunikasi mangrupa hiji hal nu teu bisa disingkahan ku masarakat dwibahasa atawa multi bahasa anu miboga kode ragam basa nu béda. Unggal panyatur umumna hayang ngimbangan basa nu dipaké ku batur nyaritana. Kusabab kitu masarakat multilingual atawa dwibahasa saperti masarakat Indonesia salaku pnyatur kudu alih kode saluyu jeung nu diajak nyaritana.

(9)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ku ayana ngawasa dua basa atawa leuwih, alih kode jeung campur kode bisa lumangsung di masarakat nu hetereogen. Panyatur sawaktu-waktu ngahaja alih kode ka nu diajak nyarita sangkan bisa kahontal tujuan nyaritana. Tujuan nyaritana saperti panyatur hayang ngrobah suasana formal ka teu formal. Panyatur ogé sawaktu-waktu robah jadi campur kode tina hiji basa ka basa séjénna lantaran kabiasaan.

2.1.2.1 Alih Kode A. Wangenan

Alih kode nya éta barobahna maké basa dina komunikasi nu dilakukeun sacara sadar atawa dihaja, parobahan pacampurna basa atawa ragam basa nu dipaké masih kénéh ngabogaan fungsi otonomi séwang-séwangan. Appel dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 107) nétélakeun yén alih kode nya eta

“gejala peralihan bahasa karena berubahnya situasi”. Sedengkeun nurutkeun Hymes dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc, 107-108) nétélakeun yén alih

kode “bukan hanya terjadi antarbahasa, tetapi dapat juga terjadi antar ragam -ragam atau gaya-gaya yang terdapat dalam satu bahasa”

Upama urang niténan naon anu ngalantarankeun ayana alih kode, nurutkeun Fishman dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 108) nya éta bisa

dilantarankeun ku “siapa berbicara, dengan bahasa apa, kepada siapa, kapan, dan dengan tujuan apa”. Dina buku-buku élmu linguistic anu ngabalukarkeun ayana alih kode sacara umum diantarana: (1) panyatur, (2) pamiarsa atawa lawan tutur, (3) parobahan situasi ku ayana jelema ka tilu, (4) parobahan situasi formal kana informal atawa sabalikna, (5) parobahan topik paguneman. Ieu ogé nu ditétélakeun ku Aslinda & Leni (2010, kc. 85) yén faktor nu ngabalukarkeun ayana Alih kode aya lima nya éta saha nu nyarita, make basa naon, jeung saha nyaritana, iraha, jeung naon udagan caritana.

(10)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu B. Wanda Alih Kode

Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc. 68-71) alih kode kabagi jadi dua, nya éta alih kode intern (alih kode tina basa Indonesia), jeung alih

kode ekstern (aih kode tina basa asing).

(1) Alih kode intern

Alih kode intern nya éta robahna maké basa ti basa Sunda ka basa Indonesia atwa basa daérah séjénna. Biasana basa nu digunakeun mimiti nya éta basa sunda salaku basa asli urang sunda tuluy Alih kode ka basa Indonesia atawa basa daérah séjénna. Conto Alih kode ti basa Sunda ka basa Indonesia saperti ieu di handap.

Dadan: “Den poé ayeuna aya tugas naon euy?”

Deni: “Oh enya ayeuna téh aya tugas linguistik, ai manéh enggeus can?”

(tuluy datang Made milu nyarita)

Made: “Eh lagi pada ngomongin apa sih?”

Dadan: “Ini lagi ngomongin tugaslinguistik, kamu udah?” Made: “oh iya ya, aku lupa”

(2) Alih kode ekstern

Alih kode ekstern nya éta robahna maké basa ti basa Sunda ka basa asing

saperti basa Inggris, Arab, Jepang jeung basa séjénna. Biasana basa nu digunakeun mimiti nya éta basa sunda salaku basa asli urang sunda tuluy alih kode ka basa asing. Conto alih kode ti basa Sunda ka basa Inggris saperti ieu di handap.

Situasi paguneman di jero kelas.

Dadan: “Den naha Mr. Hennry can datang waé, datang moal nya?” Deni: “Teuing, urang ka kantin waé kitu?”

Dadan: “Hayu atuh”

(kakara rék kaluar ti kelas, tuluy Mr. Hennry datang)

Mr. Hennry: “Good morning class!”

Dadan jeung Deni: “Good morning Mr.”

(11)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Mr. Hennry: “86!”

C. Faktor anu Ngalantarankeun Alih kode

Alih kode lumangsung nalika panyatur ngawasa dua basa atawa leuwih saperti nu geus dijéntrékeun di luhur. Nurutkeun Hymes dina Chaer & Leonie Agustina (2004, kc. 107) nétélakeun yén alih kode lain ngan saukur lumangsung anatar basa tapi ogé antar ragam basa dina hiji basa. Dumasar éta sawangan jelas robahna basa tina hiji basa ka basa séjén dilakukeun nalika hiji jalma robah situasina. Saperti nu ditétélakeun ku Widjajakusumah dina Chaer & Agustina (2004, kc. 112) nu ngabalukarkeun ayana alih kode tina basa Sunda kana basa Indonésia nya éta:

(1) ayana jelema ka tilu;

(2) robahna topik paguneman tina non teknis kana teknis; (3) robahna suasana paguneman;

(4) hayang dianggap pinter; (5) hayang ngajauhkeun jarak;

(6) nyingkahan ayana salah make tatakrama basa dina basa Sunda; (7) nyutat paguneman batur;

(8) kapangaruhan batur anu ngomong basa Indonésia; (9) batur nu diajak nyaritana leuwih gampang basana; (10) aya di pasamoan;

(11) ngamimitian nyarita lain make basa Sunda; jeung (12) robahna media nyarita.

Ari anu ngabalukarkeun ayana alih kode tina basa Indonésia kana basa Sunda nya éta:

(1) inditna jelema ka tilu nu maké basa Indonesia; (2) jejer paguneman tina hal teknis ka non teknis; (3) robahna suasana tina resmi ka teu resmi;

(4) ngarasa teu biasa saupama teu nyarita make basa Sunda jeung batur salembur;

(5) hayang ngadeukeutkeun manéh; (6) nyutat tina paguneman batur nyarita;

(12)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(8) jelema nu diajak nyaritana leuwih ngora; (9) ngarasa di imah sorangan; jeung

(10) hayang nembongkeun basa indungna nya éta basa Sunda;

2.1.2.2 Campur Kode A. Wangenan

Campur kode nya éta makéna dua unsur basa atawa leuwih dina hiji omongan, dimana antara unsur basa nu hiji jeung nu lianna silih pangaruhan sacara konsistén. Nurutkeun Chaer jeung Leonie Agustina (2004, kc. 114) campur kode nya éta:

Pemakaian dua bahasa atau lebih atau dua varian dari sebuah bahasa dalam suatu masyarakat tutur, di mana salah satu merupakan kode utama atau kode dasar yang digunakan dan memiliki fungsi dan keotonomiannya, sedangkan kode-kode lain yang terlibat dalam peristiwa tutur itu hanyalah berupa serpihan-serpihan (Pieces) saja.

Silih pangaruhanna dua unsur basa nu mangrupa serpihan-serpihan éta téh biasana muncul dina situasi komunikasi nu tangtu, biasana dina situasi informal nu balukar ayana kabiasaan ngagunakeun basa sapopoé, pikeun ngalengkepan atawa ngajembaran kandaga kecap, jrrd.

Ari nurutkeun Kridalaksana (2009, kc. 40) campur kode nya éta makéna unsur hiji basa kana basa séjén pikeun ngalegaan gaya basa atawa ragam basa, kaasup di jerona kana makéna kecap, klausa, idiom, jrrd. Wangenan di luhur nétélakeun yén campur kode mangrupa gejala sosiolinguistik anu nyababkeun pacampurna dua varian basa boh dina wangun lisan boh dina wangun tulisan anu biasana sifatna informal.

Nyaritakeun campur kode biasana dibarengan ku nyaritakeun alih kode, dua hal éta miboga sasruaan nu hésé dibédakeun. Sasruaan campur kode jeung alih kode nya éta dipakéna dua basa atawa leuwih dina komunikasi masarakat. Dina kajadian campur kode jeung alih kode basa nu dipaké miboga fungsi jeung

keotonomian séwang-séwangan, nu dilakukeun boh sacara sadar boh teu sadar.

Wangun keotonomianna mangrupa kekecapan basa. Sedengkeun campur kode

miboga hiji kode utama nu dipaké salaku dasar keotonomian jeung geus

(13)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kekecapan basa Sunda. Éta hal nu dilakukeun ku panyatur ngabalukarkeun ayana ragam basa Sunda nu kamalayon atawa sabalikna.

Dina prak-prakanna, panyatur nalika lumangsungna campur kode sok ngasupkeun unsur basa séjén nalika maké basa nu tangtu. Unsur basa nu dimaksud bisa mangrupa kecap, frase, atawa klausa. Nalika panyatur milih kecap keur komunikasi campur kode nu dipilih nya éta campur kode gejala peminjaman, nginjeumna kecap nu dipilih ku panyatur ngabalukarkeun kahéngkéran keur dirina sorangan sarta teu ngarasa maké campur kode, lantaran geus jadi kabiasaan.

Contona, kalimah “hakim wajib taat hukum” kecap taat mangrupa injeuman tina

basa arab. Panyatur nalika ngagunakeun éta kecap ngarasa teu sadar lantaran kecap taat geus ilahar dipaké ku urang Sunda salaku basa sorangan. Aya ogé

kalimah “besok rék datang moal” kecap besok mangrupa kecap asli ti basa Indonesia. Éta hal dilantarankeun panyatur miboga kamampu ngawasa basa Sunda jeung basa Indonesia dina paguneman sapopoé nu tuluy jadi kabiasaan.

B. Wanda Campur Kode

Dumasar kana wandana, nurutkeun Suwito (1983, kc.76) campur kode kabagi jadi dua, nya éta inner code-mixing (capur kode tina basa Indonesia), jeung

outer code-mixing (campur kode tina basa asing). Kitu ogé nu ditétélakeun ku

Nababan (1991, kc. 32) yén campur kode nya éta kaayaan nalika pacampurna hiji kode basa jeung kode basa séjénna nu dilantarankeun ku situasi jeung kabiasaan panyaturna.

(1) Campur kode tina basa Indonesia

Campur kode tina basa Indonesia nya éta campur kode nu lumangsung di diri panyatur kalayan ngagunakeun dua unsur basa. Biasana basa anu digunakeun basa kahiji (B1) salaku basa indung (basa Sunda), jeung basa kadua (B2) salaku basa séjén anu mangaruhanna (basa Indonesia). Conto campur kode ti basa Sunda ka basa Indonesia saperti ieu di handap.

Dadan: “Den besok si Dini nikah, datang moal?” Deni: “wahh besok? Nya atuh hayu urang datang”

(14)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(2) Campur kode tina basa asing

Campur kode tina basa asing nya éta campur kode nu lumangsung di diri panyatur kalayan basa nu mangaruhanna basa asing saperti Walanda, Inggris, Jerman, Arab, jsb. Conto campur kode ti basa Sunda ka basa Inggris saperti ieu di handap.

Dadan: “Den bualn hareup Ariana Grande rék ka Indonesia” Deni: “Wahh maenya nonton yu?”

Dadan: “Maneh meni excitedkitu euy”

Kecap excited magrupa kecap asli ti basa Inggris, dina paguneman di luhur

kecap excited teu kahaja diomongkeun ku panyatur lantaran kabiasaan maké basa

Inggris atawa kecap excited geus lumrah dipaké dina paguneman sapopoé.

Tina dua wanda campur kode, boh wanda campur kode tina basa Indonesia boh wanda campur kode tina basa asing, sipatna bisa murni nya éta pacampurna serpihan basa nu kapanggih dina data campur kode mangrupa basa atawa kosa kecap basa deungeun nu teu kadaptar dina Kamus Basa Sunda, atawa bisa serepan nya éta pacampurna serpihan basa nu kapanggih dina data campur kode mangrupa basa serepan nu geus kadaptar dina Kamus Basa Sunda.

C. Faktor nu ngalantarankeun campur kode

Campur kode béda pisan jeung alih kode nalika proses lumangsungna. Proses lumangsungna campur kode, sabenerna lumangsung nalika panyatur nyampurkeun dua ragam basa dina hiji komunikasi non formal.

Nurutkeun (Suwito, 1983 kc. 35;72) lumangsungna campur kode tangtuna aya kasang tukang jeung faktor-faktor anu ngalantarankeunana nya éta (1) kabiasaan ngagunakeun basa sapopoé, (2) butuh sinonim pikeun nambahan kabeungharan kecap, jeung ayana kahayang pikeun medar jeung nafsirkeun. Sedengkeun nurutkeun Nababan (1991 kc. 32) nu nyababkeun panyatur nyampurkeun kode basa hiji jeung basa séjénna utamana nalika nyampurkeun kode basa asing nya éta pikeun némbongkeun pangaweruh basa asing manéhna sangkan kalungguhan panyatur dianggap leuwih luhur.

(15)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Geus aya sababaraha panalungtikan ngeunaan ragam basa anu kungsi ditalungtik nya éta:

Aya sababaraha panalungtikan saméméhna anu medar ngeunaan ragam basa nya éta kahiji panalungtikan Nida Kania Dewi dina taun 2013 anu judulna Ragam

jeung Adegan Basa dina Upacara Adat Ritus Tiwu Panganten di Kecamatan

Babakan Kabupaten Cirebon. Dina panalungtikan anu dilakukeun ku Nida Kania

Dewi dipedar ngeunaan ragam basa jeung adegan basa dina upacara adat ritus tiwu pangantén, sedengkeun panalungtikan ngeunaa ragam basa nu aya di masarakat mah can kungsi dilaksanakeun, anu ngabédakeun ieu panalungtikan jeung panalungtikan saméméhna nya éta objek dina ieu panalungtikan museur kana masarakat salaku pamaké basa. Salian ti éta, dina ieu panalungtikan ogé dipedar ngeunaan kontak basa nu ditilik tina Sosiolingistik.

Kadua panalungtikan anu judulna Ragam Bahasa Transaksi Jual Beli Ikan

di Pasar Pelelangan Ikan Cilamaya Karawang ku Astri Susilawati taun 2014.

Dina éta panalungtikan medar ragam basa anu dipaké ku Nelayan nalika transaksi jual beli di Pasar lelang Cilamaya Karawang anu masarakatna make tilu basa nya éta basa Jawa, basa Sunda jeung basa Indonésia. Salian ti éta, panalungtikan Astri leuwih museur kana jihat pamakéan basa upama dipatalikeun jeung tiori dialék sedengkeun ieu panalungtikan leuwih museur kana jihat pamaké basa.

Katilu panalungtikan anu judulna Variasi Bahasa Jawa di Kecamatan

Waringinkurung Kabupaten Serang Provinsi Banten (Kajian Sosiodialektologi)

ku Ratu Fatimatujahro taun 2015. Dina éta panalungtikan medar ragam basa sosial anu kapanggih di masarakat anu umumna maké basa Jawa dialék Banten, kajian anu dipakéna nya éta Sosiodialektologi pikeun meunangkeun peta basa sosial anu dipaké masarakatna tina jihat fonologi, morfologi jeung leksikal.

Kaopat panalungtikan anu judulna Bahasa Prokem di Kalalangan Remaja

Kotagede ku Ismiyati taun 2011. Dina éta panalungtikan medar ngeunaan Prokem

anu kaasup kana salasahiji jenis ragam basa, salian ti éta dina ieu panalungtikan medar robahna struktur fonologis, proses ngawangun kecap sacara morfologis,

jenis ma‟na kecap dina basa prokem.

Kalima panalungtikan anu judulna Kajian Sosiolinguistik pada Stiker

(16)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Universitas Pendidikan Indonesia| repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan medar bentuk lingual, ragam basa, jeung ma‟na kalimah dina stiker

nu dipaké. Hasil panalungtikanna kapanggih ayana ragam basa sosial dina stiker

sarta kapanggih ma‟na tina kekecapan jeung kalimah anu umumna nyindir jeung

heureuy.

Kagenep panalungtikan anu judulna Register di Kalangan Remaja pada

Tabloid Gaul dan Asia Plus ku Devy Elkayanti Karmana taun 2013. Dina éta

panalungtikan medar register salaku salasahiji ragam basa anu medar dipakéna basa (pamakéan basa) saluyu jeung kaperluan atawa widang anu tangtu. Dina ieu panalungtikan majalah Gaul jeung Asia Plus dianggap ngawakilan basa rumaja harita, nepi ka bisa kapanggih ragam basa naon anu dipaké jeung sakumaha jumlahna.

Katujuh panalungtikan anu judulna Register Aktivis PMI Cabang Kota

Surakarta (Kajian Sosiolinguistik) ku Susanti taun 2006. Dina éta panalungtikan

medar ragam basa anu dipaké ku aktivis PMI dina panguneman sapopoéna. Ieu panalungtikan leuwih museur kana pamakéan basa nalika aya di hiji lingkungan anu tangtu atawa kelompok nu tangtu, anu dina ieu panalungtikan lingkungan aktivis PMI. Kapanggih ayana ragam basa register nu kapanggih alatan lingkungan basa anu heterogen. Lingkungan aktivis PMI anu asalna ti sababaraha daérah tangtu ngabalukarkeun ayana ragam basa. Ku kituna ieu panalungtikan leuwih medar ragam basa naon waé nu kapanggih sarta factor naon anu ngabalukarkeun ayana ragam basa di lingkungan aktivis PMI cabang Surakarta.

Cindekna tina tujuh panalungtikan saméméhna anu ngabahas kajian Sosiolinguistik, di unggal panalungtikanna pasti maké kajian sosiolék sanajan medar bagian-bagian anu béda, lantaran basa sosial masarakat utamana masarakat anu heterogen pasti ngabalukarkeun ayana ragam basa. Kitu deui dina ieu panalungtikan, panalungtik miboga tarékah pikeun medar ragam basa di Pakisjaya anu daérahna heterogen.

2.3 Raraga Mikir

(17)

Nanang Suhendar, 2016

RAGAM BASA DI KECAMATAN PAKISJAYA KABUPATEN KARAWANG

Referensi

Dokumen terkait

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Teknik dan kejuruan. © Tina Septiani Nurachman 2014

2.4 Sistem Tarif Dalam BPJS Kesehatan Yang Berhubungan Dengan Isu Kepentingan Negara. Sistem tarif BPJS Kesehatan diatur dalam Permenkes

tersebut maka penulis tertarik untuk melakukan penelitian dengan judul “ Pengaruh rasio likuiditas, rasio solvabilitas dan rasio aktivitas terhadap laba perusahaan dagang di

Menurut Zethaml dan Bitner (1996) kualitas pelayanan adalah tingkat keunggulan yang diharapkan dan pengendalian atas tingkat keunggulan tersebut untuk memenuhi

Analisis Pengaruh Kualitas Produk, Kualitas Layanan, Harga Dan Tempat Terhadap Keputusan Pembelian (Studi pada rumah makan “Soto Angkring Ms Boed” di Semarang),

bentuk partisipasi masyarakat yang dapat dilihat dalam pembangunan desa adalah. bentuk pemikiran, tenaga, materi

Alkansa no garante seguransa ne’e hanesanprioridade topu ka boot ida ba Timor-Leste no prosesu rekonstrusaun inklui dezenvolve forsa polísia profisional ho nomeasaun no promosaun

Intervensi Program Gizi Spesiik dilakukan oleh Kementerian Kesehatan (Kemenkes) melalui Pusat Kesehatan Masyarakat (Puskesmas) dan Pos Pelayanan Terpadu (Posyandu) melalui