• Tidak ada hasil yang ditemukan

t pbbs 0907684 chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "t pbbs 0907684 chapter3"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif, kalayan

ngagunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif digunakeun pikeun

ngadéskripsikeun salasahiji gejala, kajadian nu kaalaman dina waktu

panalungtikan lumangsung kalayan ngébréhkeun hal-hal nu jadi puseur panitén

dina éta objek panalungtikan. Ieu métode dieuyeuban ku kagiatan prosés analisis

sangkan nyangking pedaran nu teleb ngeunaan struktur sintaksis jeung peran

semantis dina kawih Sunda satuluyna dianalisis. Ari anu déskripsikeunana nya éta

perkara adegan jeung hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét nu aya

dina rumpaka kawih Sunda.

3.2Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih sunda. Judul

rumpaka kawih téh éstu loba jumlahna sarta pangarangna. Sakumna judul

rumpaka kawih dina ieu panalungtikan dijadikeun populasi. Anapon judul

rumpaka kawih nu dianalisis rumpakana dina ieu panalungtikan jumlahna 50

judul rumpaka kawih kalayan pangarangna nu béda di antarana: Mang Koko,

Nano S., Doel Sumbang, Darso, jeung Yayan Jatnika, jeung sajabana.

(2)

dina populasi téh teu sakabéhna dianilis, tapi digunakeun sawatara sampel.

Anapon judul rumpaka kawih nu dianalisis rumpakana dina ieu panalungtikan

jumlahna 10 judul rumpaka kawih. Dipilihna éta sampel data ngagunakeun téhnik

snowball sampling.

3.3Téhnik Ngumpulkeun Data

Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik téks atawa talaah pustaka, nya éta

téhnik pikeun ngumpulkeun informasi nu tumali jeung tiori-tiori nu aya patalina

jeung masalah katut varibel nu keur ditalungtik. Ieu téhnik digunakeun pikeun

meunangkeun data sekunder, dina ieu hal panalungtik meunang ti perpustakaan

jeung buku rujukan lianna. léngkah-lengkah ngumpulkeun data, di antarana waé:

1) studi dokumentasi di perpustakaan;

2) invetarisasi rumpaka kawih Sunda nu kakumpul dina studi dokumen

ngaliawatan internet;

3) milah-milah data rumpaka kawih dumasar kana jaman jeung wandana

(kategori); jeung

(3)

3.4Instrumén Panalungtikan

Instrumén ieu panalungtikan ngagunakeun kartu data, sakumaha ieu di

handap.

Kode: Kalimah:

Adegan:

Hubungan Semantis Antarklausa:

Bagan 3.1: Format Kartu Data

3.5Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipuseurkeun kana wangun jeung hubungan semantis

antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Anu ditalungtik dina

wangun kalimah ngantét nya éta kalimah ngantét koordinasi. Sedengkeun nu

ditalungtik dina wengkuan hubungan semantis antarklausana nya éta hubungan

jumlah, hubungan lalawanan, hubungan milih, hubungan tumuluy, hubungan

sinambung, jeung hubungan panandes.. Patalina jeung masalah dina ieu

(4)

Jejer Panalungtikan

Wangun jeung Hubungan Semantis Antarklausa Kalimah Ngantét dina Rumpaka Kawih Sunda

(5)

3.6Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis unsur

langsung, nya éta téhnik nu digunakeun pikeun meunangkeun gambaran nu jéntré

ngeunaan objek nu ditalungtik. Ngaliwatan ieu téhnik, panalungtik bisa

ngaanalisis data nepika réngsé. Ieu téhnik téh miboga ogé fungsi salaku éksplorasi

nu bisa méré gambaran kalayan jéntré ngeunaan masalah jeung méré pituduh

ngeunaan cara ngungkulanana.

Basa jadi panitén poko dina ieu panalungtikan adegan kalimah dina

rumpaka kawih sunda. Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy

dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngaidéntifikasi kalimah ngantét nu aya dina rumpaka kawih Sunda;

3) Ngadistribusikeun data luyu jeung papasinganana, dina ieu hal ngarékap

jumlah kalimah kalimah ngantét nu kapanggih dina rumpaka kawih Sunda;

4) Nalaah fungsi sintaksis kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda;

5) Nalaah hubungan semantis antarklausa dina kalimah ngantét; jeung

6) Nyieun kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan.

Referensi

Dokumen terkait

"E-KTP yang sudah jadi, chip berada di dalam, berbeda dengan e-KTP uji coba di mana chip ada di luar," kata Mendagri saat ditemui di Pangkalpinang dalam

Demo images and fonts used in our preview files: Graphic elements: flaticon.com/packs/font-awesome subtlepatterns.com iconsmind.com Images: flickr.com/photos/astragony unsplash.com

penelitian dalam skripsi ini adalah bersifat deskriptif yaitu penelitian yang menggambarkan, menelaah, dan menjelaskan serta menganalisa suatu peraturan hukum.

Dalam pengujian emisi gas buang didapat bahwa nilai Opacity, HC(Hidrocarbon), dan CO(Carbonmonoksida) semakin berkurang yang menunjukkan bahwa bahan bakar biodiesel biji

Wahyuni Yusuf, Sri. “Penerapan Prinsip World Trade Organization dalan Undang-Undang Nomor 7 Tahun 2014 Tentang Perdagangan”. Makassar: Universitas Hasanuddin, 2015. “Kebijakan

Gambar: Rerumputan tumbuh lebat di pinggir saluran hingga ke tengah saluran. menyebabkan air tidak

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Ilmu Pendidikan.

Penggunaan Media Audio Visual Film untuk Meningkatkan Keterampilan Menyimak dan Berbicara Siswa Kelas V SDN Inpres Cikahuripan Kabupaten Bandung Barat.. Fakultas