211
BAB V
KACINDEKAN & SARAN
5.1. Kacindekan
Dumasar hasil panalungtikan tina 68 dongéng anu ditalungtik anu béda téh
ukur 40 dongéng. Tina 40 dongéng téh, aya 2 dongéng sasakala anu nyaritakeun
asal-usul hiji tempat, tapi palaku jeung jalan caritana béda.
Dumasar hasil analisis klasifikasi dongéng, kapanggih yén lolobana
dongéng sasakala, nu lobana aya 22 dongéng, 12 dongéng fabel, 5 dongéng
parabel, jeung 1 dongéng mite.
Sabada nganalisis strukturna, kapanggih yén téma nu nyangkaruk tina
dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya lolobana ngeunaan hirup kumbuh di
masarakat, Ieu téma téh ngeunaan kulawarga, percintaan, hubungan jeung papada
mahluk hirup, ogé kakawasaan. Palaku nu aya dina dongéng rata-rata diwakilan
ku jalma biasa, jalma sakti, Raja, Putri, jeung sasatoan. Latar tempat nu
digunakeun umumna di leuweung, kebon, pasawahan, basisir, jeung
pakampungan. Galur nu nyampak tina 40 dongéng kabéhanna maké galur mérélé.
Amanat nu ditepikeun ku pangarang rata-rata yén dina hirup kumbuh di masarakat
téh kudu maké tingkah paripolah nu hadé luyu jeung tetekon agama katut
darigama.
Tina 40 dongéng nyangkaruk ajén-ajen étnopédagogi. Ajén étnopédagogi
nu aya hubunganna jeung kapribadian ngawengku kudu tuhu kana pasini,
henteu pondok harepan , tong haripeut ku pangbibita, ulah gampil ngaluarkeun
212
ucap, butuh pitulung batur, pinter, réa akal, luhung élmu jembar panalar, henteu
takabur, ulah ngarasa pangaingna (adigung) tapi kudu handap asor, kudu asak
tinimbangan ulah gurung gusuh, calakan, ngagugu napsu bakal kaduhung, sipat
adigung lain sipat nu alus, ulah ngalamun, hirup kudu calakan, hirup kudu
waspada, adil, wijaksana, ulah ginding ku barang batur, ulah maksa, kudu sabar,
bageur, bener, ulah sarakah, narima titis tulis, teu putus harepan, ulah dir jeung
sombong, ulah korét, soson-soson, bageur, bener, nyiar élmu, ulah takabur, ulah
kurung batok, jeung ulah pidunya.
Tina 40 dongéng nu ditalungtik, éta dongéng téh ngandung ajén-ajén
étnopédagogi nu aya hubunganna jeung masarakat. Ieu ajén ngawengku hirup
kudu luyu jeung aturan , sauyunan, tutulung ka nu susah, aya idin ti pamajikan,
hirup kudu silihtulungan, musyawarah pikeun mupakat, badami, gotong royong
,sieun, mulang tarima, silih ingétan, euweuh nu resep ka jalma nu sarakah, hormat
ka kolot, sipat adigung lain sipat nu alus, hayang ditaksir, jadi jalma kudu
beunang dipercaya, kudu bisa ngajénan batur, ku rasa éra sagala gé dibikeun,
bohong bakal kapanggih jeung bakal meunang wawales, sombong tur adigung teu
dipikaresep, embung kalindih jeung kasaingan, béréhan ka sasama, tara
ngabéda-béda jalma,waspada, ngarasakeun kasusah kolot jeung sopan.
Dumasar hasil nalungtik tina ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna
jeung alam, dongéng nu 40 téh ngandung ajén étnopédagogi. Ieu ajén téh nya éta
manusa merlukeun suluh, manusa butuh ku tutuwuhan, manusa merlukeun alam,
213
Ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung kapercayaan aya 7 ajén.
Ieu ajén téh ngawengku percaya ka Déwata nu ngajaga, sukuran, percaya ka
Gusti Alloh, manusa ukur ihtiar nu nyageurkeun Nu Maha Kawasa, ngado’a, dosa
kawin ka indung, jeung percaya kana paririmbon téh musrik.
Ajén-ajén étnopédagogi nu aya hubunganna jeung kasugemaan lahiriah
jeung bathiniah aya 11 ajén. Ieu ajén-ajén téh nya éta hayang beunghar, embung
dijodokeun, hirup tentrem, nikah, boga turunan, permaisuri, dahareun teu halal,
kalangenan, miara sasatoan, nembang, jeung nyorangan.
Dumasar hasil ulikan ajén-ajén étnopédagogi nu nyangkaruk dina dongéng
nu sumebar di Kota Tasikmalaya. Ieu dongéng bisa dijadikeun salahsahiji bahan
ajar, sabab dumasar wangun basana, wangun caritana, jeung ajén nu nyangkaruk
dina dongéng nu 40 bisa dipaké salaku alternatif bahan pangajaran di TK, SD,
SMP, jeung SMA.
Ku ngajarkeun dongéng nu ngandung ajén-ajén étnopédagogi, dipiharep
jadi salahsahiji léngkah stratégis dina nanjeurkeun atikan kasundaan, bisa nuyun
masarakat Sunda sangkan leuwih motékar jeung parigel tur napak dina kasadaran
budaya Sunda, nu ngarojong pangwangunan bangsa.
5.6 Saran
Dumasar hasil kacindekkan di luhur, aya sababaraha hal nu perlu
disarankeun. Kahiji, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya bisa
dijadikeun bahan pangajaran, sabab ieu dongéng téh ngandung ajén étnopédagogi
214
Kadua, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya bisa
ditalungtik ku cara panalungtikan nu béda.
Katilu, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya luyu jeung
atikan karakter. Ku kituna, dongéng-dongéng nu sumebar di Kota Tasikmalaya
bisa dijadikeun bahan pangajaran berbasis karakter.
Kaopat, Pamaréntah alusna ngayakeun panalungtikan ngeunaan
dongéng-dongéng ti Kota Tasikmalaya, sabab ieu hal pikeun maluruh sabagéan budaya nu