BAB III
MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan nu ngawengku:
(1) sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) métode
panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) instrumén panalungtikan, (6)
prosédur panalungtikan, (7) téhnik ngumpulkeun data, jeung (8) téhnik ngolah
data.
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 129) sumber data nya éta subjék anu
ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kumpulan
sajak periode taun 2008-2013 kalayan wincikan: (1) Serat Panineungan karangan
Étti R.S. medal taun 2008, (2) Nu Nyusuk dina Sukma karangan Chyé Rétty
Isnéndés medal taun 2010, (3) Paguneman karangan Acép Zamzam Noor medal
taun 2011, jeung (4) Tariking Angin karangan Godi Suwarna medal taun 2013.
3.2 Desain Panalungtikan
Panalungtikan kualitatif ngagunakeun desain panalungtikan studi kasus,
dina harti panalungtikan dipuseurkeun kana hiji runtuyan kajadian nu dipilih
jeung dicangkem sacara leuwih teleb (Sukmadinata, 2012, kc. 99). Panalungtikan
kualitatif nataharkeun jeung ngararancang sacara leuwih asak pikeun nangtukeun
tempat, partisipan, jeung ngamimitian ngumpulkeun data.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Watesan jeung Rumusan
Masalah Panalungtikan
Nyusun Patalékan-patalékan Inti
Ngumpulkeun Data, Ngaanalisis jeung Ngainterprétasi Data
3.3 Métode Panalungtikan
Métode umum nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode
déskripsi. Anu dimaksud métode déskripsi nya éta métode anu bisa ngungkulan
pasualan kalawan aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, nyieun papasingan,
ngaanalisis, jeung nafsirkeun (Surakhmad, 1994, kc. 139).
Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun
ngadéskripsikeun sacara sistematis data nu aya dina kumpulan sajak periode taun
2008-2013. Boh data struktur batin, unsur stilistikna, boh ajén-ajén
etnopedagogina.
Métode husus nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode
struktural, stilistika, jeung etnopedagogi. Ieu métode téh mangrupa gabungan
antara métode panalungtikan struktural-stilistika jeung etnopedagogi.
Dina prak-prakanana, ngagunakeun métode struktural-stilistika jeung
etnopedagogi téh nya éta ngaanalisis struktur batin (téma, nada, rasa, jeung
amanat), kajian stilistika, jeung kajian etnopedagogi.
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan aya persépsi anu sarua kana ieu panalungtikan, ieu di handap
ditétélakeun wangenan ngeunaan kecap-kecap anu jadi judul panalungtikan.
1) Analisis struktural nya éta analisis sajak kaasup unsur-unsurna jeung
fungsina dina struktur sajak jeung ngajéntrékeun tiap unsur éta mibanda
ma’na lamun aya patalina jeung unsur-unsur séjénna, bisa ogé dumasar kana tempat dina strukturna;
2) Stilistika mangrupa élmu nu nalungtik ngeunaan cara ngagunakeun basa
jeung gaya dina karya sastra;
3) Ajén etnopedagogi mangrupa atikan nu leuwih nekenkeun kana ulikan
anu aya patalina jeung ajén-ajén budaya;
4) Sajak nya éta wujud karya sastra nu ngébréhkeun pikiran jeung perasaan
pangarang sacara imajinatif, disusun ku cara ngonséntrasikeun sakabéh
3.5 Instrumén Panalungtikan
Dina prakna ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké dina ieu
panalungtikan nya éta ngagunakeun kartu data jeung tabél. Kartu data digunakeun
pikeun nyirian data-data nu aya dina kumpulan sajak periode taun 2000-an. Data
ngeunaan struktur batin nu dipatalikeun ma’nana maké kajian stilistika sarta ajén
etnopedagogi diasupkeun kana format data nu geus disadiakeun. Sedengkeun ari
tabél, digunakeun pikeun ngasupkeun data nu geus dikumpulkeun diasupkeun
kana format tabél nu geus disadiakeun. Kartu data jeung tabél bisa diilikan ieu di
handap.
Tabél 3.1 Format Analisis Struktural
No Judul Sajak Analisi Struktur Batin
Tema Nada Rasa Amanat
1 2 3 4 5 6
Judul Buku Kumpulan Sajak
JUDUL SAJAK Pangarang A. Struktural
1. Tema 2. Nada 3. Rasa 4. Amanat B. Stilistika C. Etnopedagogi
1. Hakékat manusa salaku pribadi 2. Hakékat manusa salaku masarakat 3. Hakekat manusa jeung alam
4. Hakékat manusa jeung kapercayaan
Tabél 3.2 Format Analisis Stilistika/Gaya Basa
No Judul
Buku
Analisis Stilistika
Kalimah
Gaya Basa Kode
1 2 3 4 5
Tabél 3.3 Format Analisis Etnopédagogi
No. Judul
Sajak
Etnopedagogi
(Hakékat manusa salaku Pribadi, Masarakat, Alam,
Kapercayaan, jeung Kasugemaan)
Pribadi Masarakat Alam Kapercayaan Kasugem aan
1 2 3 4 5 6 7
3.6 Prosedur Panalungtikan
Prosédur dina ieu panalungtikan téh digambarkeun dina diagram ieu di
handap:
3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngagunakeun tilu cara, Néangan jeung
Ngumpulkeun Data:
Studi Dokuméntasi, Analisis Eusi, jeung Wawancara
Idéntifikasi Pasualan
(Buku Kumpulan Sajak Periode 2008-2013)
Analisis Data
Téhnik studi dokuméntasi digunakeun pikeun maluruh dokumén-dokumén
anu ngandung informasi ngeunaan kajian strukturalisme, kajian stilistika, jeung
kajian etnopedagogi
Téhnik wawancara terbuka digunakeun pikeun maluruh, nalaah, jeung
ngalengkepan informasi nu dianggap perlu, ku cara ngayakeun wawancara jeung
sawatara narasumber, atawa ahli nu dianggap paham kana pasualan nu ditalungtik,
sarta mibanda informasi anu dianggap penting pikeun ngalengkepan data
panalungtikan.
3.8 Téhnik Ngolah Data
Dumasar métode jeung téknik nu geus disebutkeun di luhur, téknik ngolah
data baris diébréhkeun saperti ieu di handap.
1) Maluruh unsur struktur batin sajak (téma, nada, rasa, jeung amanat)
dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013;
2) Nyindekkeun/mindahkeun sakabéh unsur kana wangun tabél;
3) Tiap-tiap data stilistika nu kapanggih dina kumpulan sajak periode
taun 2008-2013 dibéré kode anu tangtu.
Conto: (1/001/01)
1 : nomer urut
001 : kaca
01 : padalisan
4) Ngainterprétasi sakabéh data stilistika dina kumpulan sajak periode
taun 2008-2013;
5) Ngarékapitulasi data stilistika anu kapanggih dina kumpulan sajak
periode taun 2008-2013 dumasar kana kelompok dina wangun tabél;
6) Nyirian sakabéh ajén-ajén etnopedagogi nu aya dina kumpulan sajak
periode taun 2008-2013;
7) Ngarékapitulasi data etnopédagogi anu kapanggih dina kumpulan
sajak periode taun 2008-2012; jeung