• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1100940 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1100940 Chapter1"

Copied!
5
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Maju mundurna hiji bangsa, salah sahijina bisa katitén tina budayana, sabab dina hirup kumbuhna manusa moal leupas tina budaya. Salian ti éta, budaya ogé ngabédakeun bangsa nu hiji jeung bangsa séjén. Numutkeun Koentjaraningrat (2009, kc. 146) budaya téh mangrupa hasil tina cipta, karsa, jeung rasa manusa. Sedengkeun numutkeun Taylor (dina Soelaeman, 1990, kc. 10) nétélakeun yén kabudayaan téh gemblengna tina hal nu kompléks, nu di jerona ngawengku pangaweruh, mitos (kapercayaan), kasenian, moral, hukum, adat istiadat (kabiasaan), sarta kamampuh lianna nu aya di masarakat.

Kaayaan géografis Indonésia nu kabagi ku sababaraha pulo, nyababkeun Indonésia kabagi jadi sababaraha sélér bangsa nu miboga karakter nu béda-béda. Éta ogé nu ngalantarankeun unggal sélér bangsa di Indonésia jadi miboga ciri has séwang-séwangan dina budayana, salah sahijina nya éta budaya Sunda.

Masarakat Sunda nu mayoritas hirup di Jawa Barat geus katelah ku budayana, salah sahijina dina widang kasenian. Masarakat Sunda miboga rupa-rupa kasenian, salah sahijina seni sastra, saperti nu diébréhkeun ku Ajip Rosidi yén sastra téh nya éta kasenian nu digelarkeun dina wangun basa (Rosidi, 2009, kc. 227).

(2)

Éndah di dieu, maksudna karya sastra téh bisa méré kasenangan, kapuasan batin pikeun nu maca. Salian ti éta karya sastra ogé mangpaat, hartina lain saukur kagiatan heuheureuyan atawa miceunan waktu wungkul, tapi kagiatan anu daria; mibanda tujuan; jeung oriéntasi.

Karya sastra nu kabagi jadi sababaraha wangun, aya wangun prosa, puisi, jeung drama. Dina wangun prosa, karya sastra kabagi deui jadi sababaraha jenis, salah sahijina nya éta novel. Novel munggaran nu aya di sastra Sunda nya éta novel Baruang ka nu Ngarora karya Daéng Kanduruan Ardiwinata atawa D.K.

Ardiwinata, nu medal dina taun 1914 (Rosidi, 2009, kc. 103).

Minangka salah sahiji produk budaya, sastra (hususna novel) teu leupas tina campur leungeun manusa salaku kréator-na. Kitu deui dina dunya sastra Sunda, boh sastra heubeul, boh sastra modérn tangtu kapangaruhan ku budayana. Ku kituna, karya sastra miboga peran penting dina dunya budaya. Numutkeun Thomas Warton (dina Koswara, 2012, kc. 10) nétélakeun yén sastra téh gudang adat istiadat, buku sumber sajarah peradaban, ku kituna sastra dianggap sabagé dokumén sosial pikeun medar ihtisar sajarah sosial. Minangka salah sahiji unsur budaya anu raket patalina jeung kahirupan sosial budaya nu ngarojong kana éta karya sastra, salian pikeun nyumponan pangabutuh batin manusa, sastra ogé miboga peran séjén nu kalintang penting pikeun kamajuan sélér bangsa, utamana dina pasualan budaya.

Nilik kana kaayaan mangsa kiwari, masarakat nganggap karya sastra utamana novel kurang penting. Masarakat nganggap yén karya sastra ngan saukur hayalan pangarang (imajinasi) pikeun nyumponan pangabutuh batin wungkul. Padalah di sagédéngeun éta, novel miboga bebeneran di jerona sarta miboga ajén-inajén nu luhung. Salian ti éta, novel ogé lain ukur hasil tina implengan (hayalan) pangarang. Leuwih ti éta, novel téh mangrupa titiron tina kahirupan nu saenyana.

(3)

novel atawa hasil karya manéhanana (pangarang) tangtu kapangaruhan ku lingkungan sabudeureunana. Isnendes (2010, kc. 17) ngébréhkeun yén sastra (hususna novel) téh mangrupa pakakas pikeun nuluykeun tradisi jeung révitalisasi budaya. Hartina, novel minangka salah sahiji wangun karya sastra miboga konsép ngawétkeun ajén-ajén tradisi jeung budaya nu aya di jerona.

Dumasar kana éta pamadegan, salian ti medar struktur pangwangunna tangtu perlu diayakeunana panalungtikan ajén budaya nu nyangkaruk dina éta karya sastra, sangkan masarakat bisa leuwih ngahargaan turta apal kana mangpaat karya sastra dina harti nu jembar, nu salah sahijina salaku produk budaya nu tangtu miboga ajén budaya nu luhung.

Dina ieu panalungtikan, baris nganalisis novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Anapon panalungtikan saacanna nu nalungtik novel “Baruang ka nu Ngarora” téh nya éta: 1) “Babandingan Karakter Palaku Utama dina Novel Baruang ka nu Ngarora jeung Gogoda ka nu Ngarora” ku Tuti Haryati Sri; 2) “Rarangkén Hareup dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya

D.K. Ardiwinata” ku Erna Lestari; 3) “Rarangkén Barung dina Novel Baruang ka

nu Ngarora Karangan D.K. Ardiwinata pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP” ku Nani.

Nilik kana éta judul, panalungtikan ngeunaan novel Baruang ka nu Ngarora can aya nu maluruh ngeunaan budayana. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, panalungtik baris maluruh struktur pangwangunna nu mangrupa téma, fakta carita jeung sarana carita, sarta maluruh ajén budaya aya dina novel Baruang ka nu

Ngarora. Sedengkeun judul ieu panalungtikan nya éta “Analisis Struktur jeung

Ajén Budaya dina Novel ‘Baruang ka nu Ngarora’ Karya D.K. Ardiwinata”.

1.2 Rumusan Masalah

Tina idéntifikasi masalah di luhur, sangkan leuwih jéntré ngeunaan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun saperti ieu di handap.

1) Kumaha déskripsi novel Baruang ka nu Ngarora?

2) Kumaha struktur carita tina novel Baruang ka nu Ngarora?

(4)

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan tina ieu panalungtikan kabagi jadi dua, nya éta tujuan umum jeung husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun struktur jeung ajén-ajén budaya nu aya dina karya sastra wangun novel.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun:

1) Ngadéskripsikeun carita dina novel Baruang ka nu Ngarora;

2) Maluruh sarta ngadéskripsikeun struktur novel Baruang ka nu Ngarora; 3) Maluruh sarta ngadéskripsikeun ajén budaya nu aya dina novel Baruang ka

nu Ngarora.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan kabagi jadi dua, nya éta mangpaat tioritis, jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan budaya jeung sastra Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:

1) Mangpaat pikeun panyusun nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh, hususna ngeunaan ajén budaya jeung sastra;

(5)

1.5 Struktur Organisasi Skripsi

BAB I mangrupa bubuka nu eusina medar kasang tukang panalungtikan, rumusan

masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, sarta sistematika panulisan skripsi.

BAB II nu eusina medar ngeunaan tiori-tiori nu ngarojong kana ieu judul

panalungtikan, sarta diwewegan ku panalugtikan saméméhna.

BAB III eusina medar ngeunaan métodologi panalungtikan nu digunakeun dina

ieu panalungtikan, nu ngawengku: sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén sarta téknik panalungtikan.

BAB IV medar hasil panalungtikan nu eusina ngawengku déskripsi novel,

struktur carita, sarta ajén budaya nu kapanggih tina novel.

BAB V eusina medar ngeunaan kacindekan jeung rékomémdasi tina hasil analisis

Referensi

Dokumen terkait

2.4 Sistem Tarif Dalam BPJS Kesehatan Yang Berhubungan Dengan Isu Kepentingan Negara. Sistem tarif BPJS Kesehatan diatur dalam Permenkes

Dalam hal ini hendak diwujudkan oleh bangsa Indonesia adalah masyarakat yang adil dan makmur yang merata materiil dan spiritual berdasarkan Pancasila dalam wadah NKRI yang

Berdasarkan hasil data yang diperoleh dalam penelitian ini, maka dapat disimpulkan bahwa hasil belajar siswa sebelum diajar dengan media simulasi menggunakan PhET

Analisis Pengaruh Kualitas Produk, Kualitas Layanan, Harga Dan Tempat Terhadap Keputusan Pembelian (Studi pada rumah makan “Soto Angkring Ms Boed” di Semarang),

X> (µ - 1,0 ) Rendah Artinya siswa tidak bisa menyebutkan kelebihan dan kelemahan diri; kebingungan saat menyebutkan cita-cita, bakat dan minat yang

Diajukan untuk memenuhi sebagian syarat untuk memperoleh gelar Sarjana Pendidikan Luar Sekolah Konsentrasi

Terdapat kekurangan yang signifikan dalam jumlah tenaga dokter, terutama di FKTP, dan tempat tidur rumah sakit dibandingkan dengan permintaan calon pasien untuk mendapatkan perawatan

Teknik pengumpulan data dalam penelitian ini adalah dokumentasi. Dengan menggunakan teknik ini peneliti dapat menganalisis berbagai tuturan menghibur dari cerpen