• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1100940 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1100940 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

Thaifur Abu Yazid, 2015

Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Novel nu mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu raket pisan

patalina jeung lingkungan sosial katut budaya nu aya disabudeureun pangarangna.

Budaya mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu ngawujud kana

gagasan, tindakan, sarta benda pikeun nyumponan pangabutuh hirupna. Ku kituna,

novel tangtu miboga ajén budaya nu luyu jeung lingkungan sosial budayana, ka

asup novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata nu mangrupa novel

Sunda munggaran. Dina ieu panalungtikan ti mimiti tatahar, ngumpulkeun data,

nganalisis data, nepi ka nyusun laporan hasilna bisa dicindekkeun saperti ieu di

handap.

Novel mangrupa salah sahiji wujud karya sastra modern nu ditulis dina

wangun lancaran (naratif) nu nyaritakeun kajadian nu aya dina kahirupan sapopoé.

Novel nu mangrupa salah sahiji karya sastra dina wangun lancaran (prosa) miboga

struktur (unsur pangwangunna) sorangan nu ngawengku téma, fakta carita (plot,

palaku, jeung latar), sarta sarana carita (sudut pandang, gaya basa, jeung suasana).

Inti carita dina novel Baruang ka nu Ngarora nya éta nyaritakeun kahirupan

rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah nu diruksak ku Aom Usman. Aom

Usman nu miboga gelar ménak ngajadikeun manéhna bisa laku lampah

sangeunahna, salah sahijina nya éta nyokot pamajikan batur. Lian ti éta, ieu novel

ogé pinuh ku ajén atikan sarta papatah sangkan hirup bener.

Saperti novel-novel séjénna, ieu novel diwangun ku unsur-unsur (struktur)

saperti téma, fakta, jeung sarana carita. Téma tina ieu novel nya éta sosial, nu

nyaritakeun kaayaan sosial dina jaman kolonial Walanda, nu harita masarakat

pribumi kabagi jadi dua golongan, nya éta golongan ménak jeung cacah.

Sedengkeun fakta carita nu aya ieu novel di antarana nya éta galur, palaku,

jeung latar. Galur tina ieu novel nya éta ngagunakeun galur mérélé (maju) nu

katitén tina kajadian-kajadianna nu ngaguluyur ti mimiti Ujang Kusén jeung Nyi

Rapiah nikah, nepi ka kudu pepegatan, sarta nepi ka hirupna teu puguh. Nu jadi

(2)

83

Thaifur Abu Yazid, 2015

Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Aom usman bisa digolongkeun kana palaku kadua nu jadi lawan tina palaku

utamana, ogé katambahan ku sababaraha palaku tambahan. Latar nu dipaké dina

ieu novel nya éta latar tempat sarta suasana Bandung dina mangsa pamaréntahan

Walanda.

Sarana carita dina ieu novel ngawengku judul, puseur panitén, gaya basa,

sarta suasana. Judul ieu novel geus jelas pisan Baruang ka nu Ngarora, nu hartina

racun pikeun nu ngarora, nu éta racun téh nu ngaruksak kana kulawargana Ujang

Kusén jeung Nyi Rapiah. Puseur panitén dina ieu novel nya éta ngagunakeun

sawangan jelema katilu nu sarwa nyaho. Gaya basa nu kapanggih dina ieu novel

aya sababaraha rupa, di antarana gaya basa personifikasi, simile, litotes, hiperbol,

jeung repetisi. Salian éta, aya ogé pakeman basa nu ngawengku babasan jeung

paribasa.

Sedengkeun ajén budaya dina ieu novel disawang tina sababaraha jenis, nya

éta: 1) ajén tiori, minangka idéntitas éta masarakat bisa katitén tina babasan jeung

paribasa nu aya dina masarakat, sarta paripolah éta masarakat; 2) ajén ékonomi,

minangka paédah (nilai guna) barang nu ngarojong pikeun nyumponan

pangabutuh hirupna nu saluyu jeung kaayaan alam sabudeureunana; 3) ajén

éstétik nu nyangkaruk dina ieu novel nu katitén tina cara ngagunakeun basa nu

murwakanti; 4) ajén politik nu timbul dina éta masarakat nu diakibatkeun ku

sistem pamaréntahan jaman harita; sarta 5) ajén sosial, minangka gambaran

kondisi masarakat nu kabagi jadi dua golongan, sarta sikep masarakat dina

campur gaul jeung masarakat nu séjén.

Ajén budaya dina ieu novel ogé katitén tina unsur-unsur budaya nu kasampak

dina ieu novel, saperti sistem kapercayaan, sistem organisasi kamasarakatan,

sistem basa, sistem pangaweruh, kasenian, sistem pakasaban, sarta sistem pakakas

jeung téknologi.

5.2 Saran

Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan struktur jeung ajén budaya dina

novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata, di dieu aya sababaraha

hal atawa saran, boh saran pikeun masarakat, sakola, boh mahasiswa atawa

(3)

84

Thaifur Abu Yazid, 2015

Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Masarakat

Pikeun masarakat dipiharep bisa ngarobah pola pikirna kana karya sastra

(hususna novel) yén dina novel atawa karya sastra séjénna miboga ajén

budaya, ku kituna ku cara maca karya sastra dipiharep masarakat bisa leuwih

apal kana budayana sorangan. Salian éta ieu hal bisa jadi ajang pikeun

ngamumulé sarta miara budaya sorangan sangkan masarakat Indonésia

(hususna Sunda) teu leungiteun idéntitas dirina, sabab budaya mangrupa

cicirén hiji bangsa.

2) Sakola

Pikeun sakola teu jauh béda jeung masarakat, sabab ajén budaya kudu

diwanohkeun ka budak ti leitik kénéh, sangkan jadi générasi panerus nu teu

leungiteun idéntitas bangsana sorangan.

3) Mahasiswa/Panalungtik

Pikeun mahasiswa sarta panalungtik nu séjén ulah bosen ngulik ngeunaan

budaya, hususna nu aya dina karya sastra. Sabab budaya bisa mekar luyu

jeung jaman, dina ieu panalungtikan nalungtik ngeunaan budaya nu aya dina

jaman kolonial Walanda, dina karya sastra Sunda nu séjénna tangtu miboga

ajén budaya séjénna nu luyu jeung mangsana. Sarta dipiharep bisa leuwih

ngajembaran élmu ngeunaan budaya jeung sastra, sarta dipiharep bisa

Referensi

Dokumen terkait

Lalu kasus terbanyak yang menyebabkan perdarahan saluran cerna bahagian atas adalah varices esofagus sebanyak 104 kasus (31%), disusul oleh ulkus gaster sebanyak 52

[r]

Analisis Pengaruh Kualitas Produk, Kualitas Layanan, Harga Dan Tempat Terhadap Keputusan Pembelian (Studi pada rumah makan “Soto Angkring Ms Boed” di Semarang),

Ditinjau dari perkembangan kognitif pada masa remaja, Piaget (Sciarra. 129) menyatakan bahwa remaja dengan rentang umur 12-15 tahun berada pada tahap berpikir formal

[r]

Diajukan untuk memenuhi sebagian syarat untuk memperoleh gelar Sarjana Pendidikan Luar Sekolah Konsentrasi

Terdapat kekurangan yang signifikan dalam jumlah tenaga dokter, terutama di FKTP, dan tempat tidur rumah sakit dibandingkan dengan permintaan calon pasien untuk mendapatkan perawatan

Hubungan iq (intelligence quotient) dengan keterampilan teknik dasar futsal pada siswa ekstrakurikuler futsal SMA NEGERI 1 KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia |