S BD 1103285 Chapter5

Download (0)

Full text

(1)

150

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar déskripsi jeung analisis aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun ngagambarkeun kahirupan sosial urang Sunda tur ciri has masarakat Sunda, bisa dicindekkeun jadi sababaraha hal anu dipedar di handap ieu.

Kahiji babasan jeung paribasa anu ngandung aspék sosial kapanggih aya 985 data nu diwangun ku 851 babasan jeung 134 paribasa. Aspék sosial anu kakandung dina babasan jeung paribasa nya éta kelompok sosial, étika sosial, idéntitas sosial, stratifikasi sosial jeung interaksi sosial.

Kadua, kelompok sosial di masarakat Sunda dipasing jadi kelompok sosial dumasar umur, wanda jinis, jeung pancakaki. Masarakat Sunda miboga panitén husus ka kelompok umur kolot. Idéalna geus kolot mah kuduna geus asak pisan pikiran jeung pangalamanana, loba kanyaho, leuwih bijaksana jeung déwasa tur kahirupanana kudu beuki senang. Ku kituna masarakat Sunda kudu bibilintik ti

leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké.

Kelompok sosial dumasar wanda jinis dibagi jadi awéwé jeung lalaki.

Awéwé kuduna satia-satuhu, bisa ngajaga kahormatan dirina, tegep tur perlénté, paripolah, omonganana pikaresepeun, jeung kudu nurut tur kumawula ka salaki.

Kelompok sosial dumasar pancakaki ngagambarkeun hubungan kolot ka budak. Kanyaah kolot saperti gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. Hartina tan wates wangenna kanyaah kolot ka anak, ngorbankeun kaperluanana pikeun ngahirupan barudakna. Ku kituna budak ka kolot geus sakuduna hormat tilawat, hartina ngahormat sarta kacida merhatikeun ka kolot. Dina hubungan kulawarga atawa dulur, masarakat Sunda mah miboga prinsip bengkung ngariung, bongkok ngaronyok. Hartina kajeun hirup ripuh asal tetep henteu pajauh jeung anak incu. Masarakat Sunda tara poho atawa miceun ka dulur, sakumaha goréngna ogé jeung dulur sorangan, upama dulur ka musibahan mah angger baé kudu ditulungan.

Katilu, étika sosial anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda nya éta étika dina nyarita, ngaregepkeun, dahar, nyémah, étika dina laku lampah, étika ka

(2)

151

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kolot jeung étika nalika ka lembur batur. Nalika nyarita jeung batur, basa jeung rengkah-rengkuh kudu dijaga sangkan henteu nganyerikeun haté batur, kudu soméah, daréhdéh jeung nunjukeun pasemon anu hadé. Di masarakat Sunda katelah aya babasan malapah gedang nya éta nalika rék nepikeun hiji pamaksudan, henteu togmol tapi malibir heula, aya basa-basi heula.

Nalika ngaregepkeun nya éta kudu merhatikeun, tong api-api ngadéngékeun padahal naon anu diomongkeun ku batur henteu didéngé, utamana papatah. Dina laku lampah kudu sopan, soméah, daréhdéh, ngarumasakeun manéh, tetep ngajaga perasaan batur jeung bisa mihapékeun diri, tong nepi ka milampah anu dianggap teu hadé di antarana teu bisa diwarah, ngalunjak, loba jamedud atawa goréng budi, teu ngahargaan batur, munapék, teu nalipak manéh, teu nyaho diuntung, tara bébéja atawa amit heula, tur ngantep. Upama aya jalma anu ngalakukeun laku lampah anu goréng sakali, diantepkeun heula, kadua kali dihampura, katilu kalian mah kudu ditindak saperti dina babasan nista, maja, utama. Upamana datang ka lembur batur, boh lila boh sakeudeung, aya mangsana kudu ngeukeuhan adat-kabiasaan asal, aya mangsana kudu nyaluyukeun jeung adat-adat-kabiasaan tempat nu dicicingan.

Kaopat, Idéntitas sosial anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda nya éta dipangaruhan ku ajaran Islam, kapangaruhan ku ajaran Hindu, percaya kana tahayul, jampé jeung jimat, diajar isim, upacara kawinan, salametan jeung

sidekahan, ngingu kuda, maké iket atawa totopong, kasenian, cara nyangu jeung kabiasaan séjénna.

(3)

152

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

bujangga atawa sastrawan, duta lalana, jaksa, pagawéan anu henteu netep, nu sok nyieun apu, jurutelik jeung pagawé kantor. Tina umur, masarakat Sunda gé ngawangun hiji stratifikasi nya éta ayana rengkah-rengkuh jeung hormat anu béda antara ka nu saluhureun, sapantaran jeung sahandapeun.

Kagenep, Interaksi sosial masarakat Sunda dipasing jadi interaksi anu sipatna asosiatif jeung disosiatif. Interaksi anu sipatna asosiatif ngawengku gotong royong, silih tulungan, gawé bareng dina kagiatan ékonomi, hirup sauyunan, teu aing-aingan. Dina ngaréngsékeun pasualan, aya sawatara cara nu dilakukeun keu masarakat Sunda di antarana ku cara badami, maréntah, ngaregepkeun pamadegan atawa naséhat batur nu leuwih bener, ngéléhan manéh, jeung silih hampura. Lalampahan anu dilakonan sabisana henteu matak nganyerikeun pihak mana baé tapi hasilna bisa kaarah saperti digambarkeun dina paribasa hérang caina beunang laukna. Sedengkeun interaksi sosial anu disosiatif ngawengku persaingan,

kontravénsi jeung pacogrégan.

5.2 Saran

Babasan jeung paribasa mangrupa kabeungharan basa Sunda anu penting pikeun dipaké dina kahirupan sapopoé sangkan basa Sunda teu tumpur. Babasan

jeung paribasa Sunda ogé ngandung loba pisan ajén inajén anu gedé mangpaatna pikeun masarakat Sunda. Aya sababaraha saran anu ditepikeun dina ieu

panalungtikan nya éta dijéntrékeun di handap ieu.

a. Aspék sosial mangrupa ambahan anu lega. Dina ieu panalungtikan ngan diulik lima aspék sosial sacara umum. Teu nutup kamungkinan panalungtikan ngeunaan aspék sosial bisa leuwih jembar saupama nalungtik parobahan sosial jeung sajabana.

Figure

Updating...

References