BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
Metode panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data kalayan
miboga tujuan jeung mangpaat anu tangtu (Sugiyono, 2012, kc. 2). Metode nu
digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif. Métode déskriptif
nya éta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil panalungtikanana leuwih nekenkeun ma’na tibatan generalisasi. (Sugiono, 2010, kc. 8)
Pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pamarekan
kualitatif. Pamarekan kualitatif nurutkeun Bogdan jeung Taylor (dina Basrowi
jeung Suwandi, 2008, kc. 21), nya éta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun
data déskriptif, mangrupa kekecapan anu ditulis atawa sacara lisan mangrupa
omongan ti jalma-jalma jeung paripolah anu bisa ditempo jeung ditalungtik.
Nurutkeun Basrowi jeung Suwandi (2008, kc. 187), pamarekan kualitatif téh bisa nyangking pamahaman jeung panafsiran anu nyosok jero ngeunaan ma’na, kanyataan, jeung fakta anu relevan. Moleong nétélakeun yén panalungtikan
kualitatif sipatna déskriptif, data anu dikumpulkeun leuwih loba mangrupa
kecap-kecap atawa gambar dibandingkeun jeung angka-angka (Basrowi jeung Suwandi,
2008, kc. 187).
Saluyu jeung metode anu digunakeun, ieu panalungtikan miboga udagan nya
éta: 1) pikeun ngadéskripsikeun prak-prakan dina Tradisi Ngikis di Désa
Karangkamulyan Kabupatén Ciamis, 2) maluruh unsur semiotik dina ieu tradisi
nya éta ikon, indéks, jeung simbol ngagunakeun tiori Charles Sanders Peirce,
jeung 3) ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel
di SMA kelas XII.
3.1 Desain Panalungtikan
Desain nya éta rarancang. Desain panalungtikan nya éta rarancang kagiatan ti
saméméh panalungtikan, prakna panalungtikan, ngolah data sarta nyusun laporan
Bagan 3.1
Desain Panalungtikan
Tujuan panalungtikan ngadeskripsikeun: 1. sajarah tradisi ngikis 2. prak-prakan dina tradisi ngikis 3. unsur semiotik dina tradisi ngikis
Nangtukeun masalah
Ngarumuskeun masalah
Nangtukeun metode jeung tehnik panalungtikan
Ngumpulkeun data
Ngolah data
3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan 3.2.1 Partisipan
Partisipan bisa disebut ogé sumber data. Sumber data nya éta subjék ti mana
éta data dicangking. Sumber data kabagi jadi tilu rupa, nya éta jalma, tempat,
jeung kertas atawa dokumén (Arikunto, 2010, kc. 172).
Lofland jeung Loflan (dina Basrowi jeung Suwandi, 2008, kc. 169) nétélakeun
yén sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nya éta kecap-kecap jeung
paripolah, saleuwihna mah data tambahan saperti dokumén jeung sajabana.
Kecap-kecap jeung paripolah jalma-jalma anu ditalungtik atawa diwawancara
mangrupa data anu utama. Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta
saperti ieu di handap.
a. Sesepuh atawa kuncén Karangkamulyan anu leuwih apal kana Tradisi Ngikis
di Karangkamulyan.
b. Aparat Désa Karangkamulyan pikeun nyangking data ngeunaan kaayaan di
Désa Karangkamulyan.
c. Masarakat di Désa Karangkamulyan, Kecamatan Cijeungjing, Kabupatén
Ciamis, nu apal kana Tradisi Ngikis.
d. Aparat pamaréntahan dinas pariwisata Kabupatén Ciamis anu apal kana Tradisi
Ngikis di Karangkamulyan.
Format data informan anu diasongkeun waktu lumangsungna kagiatan wawancara
nya éta:
Tabél 3.1
Format Data Informan
1. Wasta :
2. Jenis Kelamin :
3. Yuswa :
4. Alamat :
5. Pakasaban :
6. Atikan :
3.2.2 Tempat Panalungtikan
Lokasi anu dijadikeun tempat panalungtikan pikeun nyangking data ngeunaan
Tradisi Ngikis téh, pernahna di Désa Karangkamulyan, Kecamatan Cijeungjing,
Kabupatén Ciamis, Provinsi Jawa Barat, Indonésia. Désa Karangkamulyan
mangrupa salah sahiji désa tina sabelas désa nu aya di wilayah Kecamatan
Cijeungjing, pernahna tujuh kilometer ti ibu kota Kecamatan Cijeungjing
Kabupatén Ciamis. Kantor Désa Karangkamulyan pernahna di Jalan Raya Ciamis-
Banjar Nomor 804, Karangkamulyan.
Lega ieu désa téh kira-kira 481,25 Ha. Anu di jerona aya padumukan legana
195,5 Ha. pasawahan 29 Ha. kebon anu jadi tempat panglegana di ieu desa nya éta
120,153 Ha, sesana mangrupa kuburan, pakarangan, kantor, jeung prasarana
umum séjénna. Wates Désa Karangkamulyan téh di beulah wétan walungan
Citanduy jeung Cimuntur, beulah kulon Désa Bojongménggér, di beulah kalér
Désa Kepel, jeung di beulah kidul Désa Cibeureum.
Sacara administratif Désa Karangkamulyan téh ngawengku opat dusun,
nyaéta Dusun Karangkamulyan, Dusun Cibéka, Dusun Sumur Bandung, jeung
Dusun Kedungcaung. Désa Karangkamulyan kabagi jadi 12 RW jeung 37 RT.
Salian ti éta, jumlah warga di Désa Karangkamulyan nyaéta 3.718 urang tina
1.239 kuren, anu jumlah lalaki 1.883 urang sedengkeun awéwé aya 1.885 urang.
Pakasaban masarakat Désa Karangkamulyan téh leuwih loba anu jadi buruh
tani nyaéta 400 urang, patani nya éta 343 urang, tukang dagang 66 urang, nu
miara ingon-ingon 121 urang, pengrajin aya 96 urang, sésana aya nu jadi PNS,
pensiunan, perangkat désa, tukang ngaput, buruh industri, tukang kai, jeung nu
séjénna.
Sakabéh masarakat Désa Karangkamulyan téh ngagem agama Islam. Ku
kituna, loba fasilitas umum anu ngarojong pikeun ngalaksanakeun ibadah. Di ieu
désa jumlah masjidna aya 11, musola aya 9, jeung langgar aya 5. (Data 27
Gambar 3.1
[image:5.596.113.515.112.667.2]3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumen Panalungtikan
Instrumen panalungtikan nya éta cara atawa alat anu digunakeun ku nu
nalungtik dina ngumpulkeun data, sangkan pagawéanana leuwih hadé jeung
datana leuwih gampang diolah, dina harti bisa leuwih gancang, lengkep, jeung
sistematis (Arikunto 1997, kc. 136).
Sukardi (2011, kc. 121) nétélakeun yén instrumén panalungtikan téh alat
atawa pakakas pikeun ngumpulkeun data lapangan. Instrumén nu alus nya éta alat
anu mampuh nyangking informasi boh tina objék boh tina subjék panalungtikan.
Instrumén nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan
nya éta:
1) Handphone digunakeun dina prosés wawancara pikeun ngalakukeun
sadap-rékam ka narasumber.
2) Kaméra digital digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya
pakuat-pakaitna jeung ieu panalungtikan sacara visual saperti poto atawa
gambar, atawa sacara audio-visual saperti video dina Tradisi Ngikis atawa
waktu wawancara.
3) Pedoman wawancara, digunakeun pikeun nungtun panalungtik dina prosés
wawancara, ogé pikeun museurkeun patalékan-patalékan anu penting, anu
bisa dijadikeun data dina panalungtikan. Pedoman wawancara gé bisa
ngaéféktifkeun waktu dina prosés wawancara. Format wawancara anu
digunakeun dina prosés wawancara waktu panalungtikan ditataan saperti di
Tabel 3.2
Pedoman Wawancara
Rumusan Patalékan dina wangun pernyataan
(1) (2)
Sajarah 1. Sajarah ayana Tradisi Ngikis di Désa Karangkamulyan
nepi ka ayeuna.
2. Waktu mimiti ngalaksanakeun Tradisi Ngikis.
3. Asal-usul ngaran Tradisi Ngikis.
4. Udagan dina nyiptakeun Tradisi Ngikis
5. Kaayaan Tradisi Ngikis jaman kiwari
Prak-prakan 6. Ritual
7. Du’a atawa mantra
8. Lalaguan
9. Prosési atawa upacara adat
10. Jalma anu ngaganti pager awi/ngecét pager
11. Ngayunkeun kujang
12. Udagan dahar tumpeng babarengan
13. Kasenian
Pakakas 14. Pakakas nu dipaké baheula jeung kiwari
15. Pungsi pakakas
16. Pakéan jalma-jalma anu ilubiung
17. Kadaharan
Unsur semiotika 18. Ikon, indéks jeung simbol
Cara ngamumulé 19. Cara nanjeurkeun jeung ngamumulé Tradisi Ngikis
3.3.2 Téhnik Panalungtikan
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka,
téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.
1) Téhnik Talaah Pustaka
Téhnik talaah pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan
pikeun nyangking sarta néangan tiori-tiori anu saluyu jeung objék anu
[image:7.596.128.518.149.584.2]2) Téhnik Obsérvasi
Téhnik obsérvasi nya éta téhnik niténan objék nu ditalungtik, pikeun
nyangking data atawa gambaran objék nu ditalungtik éta. Nurutkeun Arikunto
(2010, kc. 199), observasi atawa pengamatan téh mangrupa prosés niténan
anu museurkeun panitén kana hiji objék ngagunakeun kabéh alat indera.
Observasi dilakukeun sacara langsung, bisa ngaliwatan tes, kuesioner,
rékaman gambar, jeung rekaman sora.
3) Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara nya éta téhnik nu digunakeun pikeun nyangking informasi
lisan ti narasumber. Luyu jeung pamadegan Keraf (1979, kc. 161) yén
wawancara nya éta hiji cara nu digunakeun pikeun nyangking data ku cara
méré patalékan-patalékan sacara langsung ka masarakat atawa audiens anu
tangtu.
4) Téhnik Dokuméntasi
Ténik dokuméntasi nya éta téhnik pikeun nyangking informasi ngaliwatan
lisan, tulisan, jeung gambar (poto) anu bisa dicangking ngaliwatan média
elektronik kayaning handphone, kamera digital, kamera SLR jeung sajabana.
Hasil dokuméntasi téh bisa dijadikeun referensi sarta bukti yén panalungtikan
geus dilaksanakeun.
3.4 Analisis Data
Nganalisis data atawa ngolah data dilakukeun sanggeus panalungtik
meunangkeun data-data ngeunaan Tradisi Ngikis di Désa Karangkamulyan
Kabupatén Ciamis sacara lengkep. Aya sababaraha tahapan ngolah data sanggeus
data kakumpulkeun, di antarana:
1) Milih jeung milah data anu saluyu jeung naon anu ditalungtik.
2) Mariksa data nu rék diolah.
3) Data nu geus bener téh didéskripsikeun saluyu jeung udagan panalungtikan.
4) Nganalisis unsur semiotika (ikon, indéks, jeung simbol) dina Tradisi Ngikis ku
5) Ngalarapkeun kana bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII,
jeung
6) Nyieun kacindekkan tina déskripsi jeung hasil nganalisis unsur sémiotik dina
DAFTAR PUSTAKA
Amalia, E. (2013). Simbol-simbol dina Tradisi Guar Bumi di Blok Kampek Desa Salawana Kecamatan Dawuan Kabupaten Majalengka pikeun Alternatif bahan pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII. (Skripsi) Sekolah Sarjana, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Amelia, K. (2014). Unsur Semiotik dina Trdisi Nyepuh di Desa Ciomas Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel di SMA. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Arikunto, S. (1997). Prosedur Penelitian. Edisi Revisi V. Yogyakarta: Rineka Cipta.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pengantar Praktik . Jakarta: Rineka Cipta.
Basrowi jeung Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1989). Penggunaan Waktu dan Pola Kehidupan Pelajar, Tradisi dan Perubahan. Jakarta: Depdikbud.
Departemen Pendidikan Nasional. (1991). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.
Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). SKKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.
Fitriyasih, S. (2012). Tradisi Gusaran di Desa Cimindi Kecamatan Cigugur Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA. (Skripsi). JPBD FPBS, UPI, Bandung.
Haetami, V.F. (2011). Fungsi Simbol dina Upacara Tradisi Ruatan Bumi di Kampung Banceuy Kacamatan Ciater Kabupaten Subang. Bandung.
Isnendes, C.R. (2009). Panyawangan Sastra (Handout Perkuliahan Teori Sastra), Bandung.
Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing. JPBD FPBS UPI.
Koentjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.
Koenjtaraningrat. (2005). Pengantar Antropologi Pokok-pokok Etnografi II. Jakarta: Rineka Cipta.
Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.
Kuswari, U. (2008). Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: UPI.
Kuswari, U. (2010). Evaluasi Pembelajaran Bahasa. Bandung: CV Wahana.
Lembaga Basa jeung Satra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Lubis, H.Spk. (2011). Sejarah Kebudayaan Sunda. Bandung: Yayasan Masarakat Sejarawan Indonesia.
Luxemburg, J. V. (1989). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: PT Gramedia.
Mustapa, H. (1996). Adat-istiadat Sunda. Bandung: Alumni.
Nugraha, I. (2011). Ajen sosiologis dina tradisi Upacara Adat Ngalaksa di Desa Rancakalong Kecamatan Rancakalong Kabupaten Sumedang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Proyek Penelitian dan Pencatatan Kebudayaan Daerah. (1979). Adat Istiadat Daerah Jawa Barat. Jakarta: Depdikbud.
Rusman. (2009). Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Putra.
Salim, Y & Peter, S. (2002). Kamus Bahasa Indonesia Kontemporer. Jakarta: Modern English Press.
Santosa, P. (1993). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: CV Angkasa.
Santosa, P. (2013). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa Bandung.
Sobur, A. (2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.
Sudaryat, Y. Spk. (2008). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.
Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Sudjiman, P & Van, Z.A. (1991). Serba-serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia Pustaka.
Sudjiman, P & Van, Z.A. (1996). Serba-serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia Pustaka.
Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Pendidikan Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sukardi. (2011). Metodologi Penelitian Pendidikan. Jakarta: PT Bumi Aksara.
Supartono. (2009). Ilmu Budaya Dasar. Bogor: Ghalia Indonesia.
Syamsuddin dan Damaianti, V.S. (2011). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Sekolah Pasca Sarjana UPI dan PT Rosda.
Tarigan, H.G. (2008). Membaca sebagai sebuah Keterampilan. Bandung: Angkasa.
TIM Redaksi Kamus Besar Bahasa Indonesia. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Keempat. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.
TIM Pengembang Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung.
Widiastuti, W. (2014). Tradisi Ngaruat Lembur di Desa Tanjungsiang Kecamatan Tanjungsiang Kabupaten Subang Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA kelas XII. Bandung.