• Tidak ada hasil yang ditemukan

s bd 0900229 chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "s bd 0900229 chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

68

Ayu Yuningsih , 2013

Modél Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Dina Pangajaran Nulis Laporan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran Think-Talk-Write dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013, bisa dicindekkeun yén kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna can nyugemakeun atawa kurang tina KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 3, 27; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,03; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 2, 83; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 2,3. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 11, 37 kalawan rata-rata penteun 55,83.

Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna nyugenakeun atawa geus bisa ngahontal KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 4,13; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,77; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 3,73; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 3,5. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 15,2 kalawan rata-rata penteun 76.

Tina hasil pretés, postés, jeung uji gain tétéla modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013. Ieu hal dibuktikeun ogé tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabél , nya éta 19,46 > 2,46 bisa dicindekkeun

yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Hartina, aya

(2)

69

Ayu Yuningsih , 2013

Modél Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Dina Pangajaran Nulis Laporan Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

5.2 Rékoméndasi

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis laporan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, aya sababaraha rékoméndasi anu baris ditepikeun, diantarana nya éta:

1) Tina hasil panalungtikan modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh nulis laporan, ku kituna ieu modél pangajaran bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran nulis laporan.

2) Dina ngalaksanakeun panalungtikan dipiharep panalungtik nataharkeun sagala rupana saluyu jeung prosedur anu geus ditangtukeun.

Referensi

Dokumen terkait

Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku handapna kamampuh undak-usuk basa Sunda siswa dina pangajaran basa Sunda. Dumasar kana masalah jeung tujuanana, didéskripsikeun

Dumasar kana hasil panalungtikan anu dipedar dina bab saméméhna, dina ieu bab diébréhkeun kacindekan saperti ieu di handap. 1) Kamampuh nulis carita pondok siswa kelas XI

Kamampuh nulis sajak siswa saméméh jeung sabada dilarapkeun modél. pangajaran invéstigasi kelompok, tétéla hsilna

pangajaran tiori jeung aprésiasi sastra, nya éta: mantuan dina ngaronjatkeun kaparigelan basa, ngaronjatkeun pangaweruh ngeunaan budaya, mekarkeun cipta jeung rasa,

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan medar kumaha efektifitas métode dramatic reading dina ngaronjatkeun pangajaran maca dongéng pikeun siswa MAN

MODÉL PANGAJARAN FIELD TRIP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS PANGALAMAN PRIBADI.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

1) Pikeun dijadikeun alternatif modél pangajaran di kelas ku guru sangkan bisa ngaronjatkeun minat siswa kana mata pelajaran basa Sunda hususna dina pangajaran nulis

Model pangajaran mikir induktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh ngalarapkeun vokal e,e,jeung eu dina nulis pangalaman.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu