• Tidak ada hasil yang ditemukan

MODÈL PANGAJARAN ROLE PLAYING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÈNG : Studi Kuasi Èkspèrimèn ka Siswa Kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MODÈL PANGAJARAN ROLE PLAYING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÈNG : Studi Kuasi Èkspèrimèn ka Siswa Kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

MODÈL PANGAJARAN ROLE PLAYING PIKEUN

NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÈNG

(Studi Kuasi Èkspèrimèn ka Siswa Kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daèrah

ku

Gina Giyanti

1005770

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

MODÈL PANGAJARAN ROLE PLAYING PIKEUN NGARONJATKEUN

MODÈL PANGAJARAN ROLE PLAYING PIKEUN

NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGADONGÈNG

(Studi Kuasi Èkspèrimèn Ka Kelas XI IPS SMA

Kartika XIX-3 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh

Gina Giyanti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Asaretkha Adjane 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Dongèng miboga kalungguhan anu penting pikeun ngamèkarkeun basa jeung budaya, lantaran dina dongèng anu ngandung tèma atikan loba ngainpèntariskeun ajèn inajèn pikeun ngarobah prilaku nu tadina kurang hadè bisa jadi leuwih hadè ti saacanna. Dongèng kaasup kana budaya Sunda anu lahir sacara turun-tumurun, sumebarna ngaliwatan lisan. Dongèng mangrupa salasahiji cara pikeun ngamekarkeun basa, ngaliwatan pangajaran ngadongèng sacara teu langsung urang bisa ngagunakeun basa anu samèmèhna geus diajarkeun makè cara jeung gaya sèwang-sèwangan. Ayana mata pelajaran ngadongèng, miboga tujuan anu penting nyaèta pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa dina sagala rupa situasi jeung kondisi anu bakal karandapan, kalayan maham jeung ngarti kana masalah anu bakal dicaritakeunana. Bahan pangajaran anu dipedar dina pangajaran basa Sunda kudu disaluyukeun jeung kamampuh, pangabutuh sarta tujuan anu bakal dihontal ku siswana sangeus ngalaksanakeun kagiatan pangajaran. Ngaliwatan ngadongèng sacara teu langsung siswa bisa ngainventarisasi dongèng-dongèng jaman baheula anu ditèangan tina buku atawa sacara langsung nanyakeun ka kolotna, èta mangrupa salasahiji cara pikeun ngamèkarkeun budayana.

(5)

2012 ngaronjat jadi 55% atawa 11 urang anu tuntas tina jumlah siswa 20 urang. Dumasar kana data anu geus dièbrèhkeun, hasil pangajaran basa Sunda kurang nyugemakèun, sanajan aya ngaronjatna saeutik tapi acan nuduhkeun hasil anu signifikan. Ku kituna, kudu ditingali tina sababaraha aspèk anu ngabalukarkeun peunteun pangajaran ngadongèng kurang nyugemakèun. Dumasar kana hasil panalungtikan di SMA Kartika Siliwangi XIX-3 Bandung anu geus kaasup sakola berstandar nasional, mata pelajaran ngadongèng mangrupa salasahiji bahan pangajaran anu dianggap ngabosenkeun jeung teu ngirut kana minat siswa, kulantaran cara pangajaranna anu monoton jeung eweuh variasi dina nepikeun pangajaran ngadongèng di kelas. Nu ngabalukarkeun siswa hèsè mekarkeun imajinasina. Modèl pangajaran anu di pakè ku guruna nyaèta modèl pangajaran ceramah anu nyieun siswa jenuh nu matak ngabalukarkeun eusi dongèngna teu kacangkem ku siswa bisa ditingali dinapeunteun ngadongèng anu kurang nyumponan Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM).

(6)

(4) kurangna motivasi anu tumuwuh ti guruna dina nepikeun pangajaran ngadongèng nu matak ngabalukarkeun pangajaran ngadongèng jadi monoton, (5) aspek siswa teu pati dipalirè dina pangajaran ngadongèng. Ku sabab ayana masalah-masalah anu jiga kitu, perlu modèl pangajaran anu bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa pikeun ngadongèng. Padahal loba modèl-modèl anu anyar jeung modern anu bisa ngarojong guru dina rupa-rupa pangajaran, anu bisa ngarojong siswa leuwih aktip, krèatip jeung inovatif. Di antarana ngagunakeun modèl pangajaran Role Playing.

Prosès kagiatan diajar ngajar moal mungkin bisa mandeg mandiri, aya patalina jeung komponen matèri sarta waktu. Lèngkah pangajaran ngawengku rangkaian kagiatan anu kudu dipilampah ku guru jeung jeung siswa sacara sistematis atawa ngurut sahingga bisa cocog jeung kamekaran siswa dina prosès pangajaran. Modèl Role Playing dijadikeun alternatif pikeun nungkulan hasil pangajaran ngadongèng, modèl Role Playing kaasup kana modèl pangajaran anu modern jeung kasohor anu matak panalungtikan ieu dilaksanakeun. Hal anu ngarojong pangna modèl ieu digunakeun lantaran lèngkah-lèngkah modèl Role Playing ngondisikeun aktipitas siswa leuwih aktip saperti ditingali tina kaaktipan siswa dina nyieun kelompok, krèatipna siswa dina maham eusi dongèng, nyieun dialog pikeun disaluyukeun jeung tokoh anu aya dina eusi dongèng, ngamekarkeun imajinasi siswa sangkan bisa ngabayangkeun hal-hal anu aya dina dongèng padahal siswa aya dina situasi pangajaran kelas, siswa bisa nyaritakeun eusi dongèng jeung kelompokna ngagunakeun gaya sorangan, bebas ngaèksplorasi krèatipitasna. Dina ieu modèl katingali yèn siswa bisa leuwih aktip tibatan saacana sabab Role Playing mangrupa salasahiji jenis permainan gerak anu dijerona miboga tujuan, aturan, sarta bisa ngayakeun unsur anu nyugemakèun.

(7)

kabèh informasi anu gedè jadi komponèn-komponèn anu leutik. Salian èta aya deui hasil panalungtikan nu ditulis ku Ai Maya Risa’adah (2013:53) eusina nètèlakeun yèn tèhnik Bermain Peran bisa ngaronjatkeun kamampuh paguneman siswa ngaliwatan lèngkah-lèngkah dina èta tèhnik di antarana siswa diperedih kudu bisa ilubiung salaku palaku, nu nitènan sarta nu mariksa gumantung kana tujuanna, dina hasil ieu panalungtikan miboga tujuan anu sarua nyaèta miharep siswa diajar leuwih aktip jeung krèatip. Dina hasil panalungtikan-panalungtikan sèjèn kataji hasilna bisa nyugemakèun (ngaronjatkeun) kamampuh diajar.

Dumasar kana kasang tukang anu geus dièbrèhkeun di luhur, ieu panalungtikan hayang ngabuktikeun yèn modèl pangajaran Role Playing bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa kana pangajaran ngadongèng, bisa ngajadikeun suasana kelas aktip jeung kondusif, sarta bisa ngaronjatkeun kapercayaan guru ka siswa ngaliwatan lèngkah-lèngkah tina modèl Role Playing. Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan anu judulna Modèl Pangajaran Role Playing pikeun ngaronjatkeun Kamampuh Ngadongèng (Studi Kuasi Èkspèrimèn ka Siswa Kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) perlu dilaksanakeun.

1.2Identifikasi Masalah

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan sarta udaganna, diidentifikasikeun masalah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

1) Loba masalah anu aya dina pangajaran basa Sunda salasahijina dina pangajaran ngadongèng katitèn peunteunna anu masih kènèh can nyumponan kana KKM, dina kamampuh ngadongèng masih kènèh kurang bisa ditingali tina ucapan, lentong, rèngkak jeung pidangan, ngajiwaan eusi jeung pasemon di kelas XI IPS SMA KARTIKA XIX-3 ku sabab pangajaran ngadongèng kudu bisa dironjatkeun.

(8)

imajinasi jeung penghayatan siswa kana tokoh anu tangtu anu bisa dipakè dina pangajaran ngadongèng. Siswa kelas XI IPS ngagunakeun model Role Playing pikeun pangajaran dongèng sangkan bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongèng saluyu jeung ketuntasan kriteria minimal (KKM).

1.3Rumusan Masalah

Masalah-masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan saperti ieu di handap:

1) Kumaha kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika Siliwangi XIX-3 Bandung samèmèh ngagunakeun modèl pangajaran Role Playing?

2) Kumaha kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika Siliwangi XIX-3 Bandung sanggeus ngagunakeun modèl pangajaran Role Playing?

3) Naha aya bèda nu signifikan kamampuh ngadongèng samèmèh jeung sanggeus ngagunakeun modèl pangajaran Role Playing dina siswa kelas XI IPS SMA Kartika Siliwangi XIX-3 Bandung ?

1.4Tujuan Panalungtikan

1.4.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho modèl pangajaran Role Playing bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika Siliwangi XIX-3 Bandung.

1.4.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) Kamampuh ngadongèng samèmèh ngagunakeun modèl Role Playing. 2) Kamampuh ngadongèng sanggeus ngagunakeun modèl Role Playing.

(9)

1.5 Mangpaat Panalungtikan

1.5.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat bisa mikanyaho modèl Role Playing dina pangajaran ngadongèng di kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung. Hasilna dipiharep bisa ngaronjatkeun kréatifitas guru dina ngagunakeun modèl pangajaran sangkan teu monoton. Lian ti éta oge dipiharep bisa ngaronjatkeun minat siswa dina ngadongèng hususna minat pikeun diajar basa Sunda.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktisna, ieu panalungtikan tèh bisa miboga mangpaat pikeun guru, pikeun peserta didik, sarta pikeun panalungtik.

a. Pikeun Guru

Mangpaat pikeun guru nyaèta pikeun ngabeungharan perbendaharaan modèl pangajaran, sarta bisa jadi alternatip modèl pangajaran anu dipakè.

b. Pikeun Peserta didik

Pikeun peserta didik ieu panalungtikan tèh bisa jadi modèl atawa cara diajar anu ngirut kana minatna, sangkan peserta didik kamotivasi pikeun diajar ngadongèng. c. Pikeun Panalungtik

Pikeun panalungtik ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi sawangan keur kahareupna nalika ngajar.

1.6 Raraga Tulisan

1) BAB 1 : bubuka, ngawengku; kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

2) BAB II : ulikan tiori, rangkay mikir, asumsi jeung hipotèsis tindakan. Ulikan tiori ngawengku; modèl pangajaran, modèl Role Playing, Dongèng jeung kamampuh ngadongèng.

(10)

panalungtikan, desain panalungtikan, tèhnik panalungtikan, tèhnik ngolah data, tèhnik ngumpulkeun data, instrumen panalungtikan, sarta wangenan operasional.

4) BAB IV : hasil analisis jeung pedaran pangajaran ngadongèng samèmèh jeung sanggeus ngagunakeun modèl Role Playing, mangrupa hasil panalungtikan jeung pedaranana.

(11)

BAB III

MÈTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina ieu panalungtikan nyaèta hasil diajar ngadongèng ngagunakeun modèl Role Playing siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014 anu jumlahna aya 15 urang, ngawengku 8 urang awèwè jeung 7 urang lalaki dina pangajaran basa Sunda semester 1 taun ajaran 2013/2014.

3.2 Desain Panalungtikan

Dina ieu prosès panalungtikan, kamampuh ngadongèng murid diukur dua kali, nyaèta samèmèh jeung sanggeus ngagunakeun modèl Role Playing. Cara ngukur samèmèh dibèrè perlakuan disebut tès awal (pratès), sedengkeun ngukur kamampuh siswa sanggeus dibèrè perlakuan disebut tès ahir (postès).

Desain panalungtikan anu digunakeun nyaèta One-group pretest and posttest design. Desain ieu leuwih dipikiwanoh salaku desain saméméh jeung sanggeus

kalawan struktur desain saperti ieu di handap:

O1 X O2

(12)

3.3 Mètode Panalungtikan

Mètode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaèta mètode kuasi èkspèrimèn. Èkspèrimèn nyaèta wangun panalungtikan anu kokoh jeung paling loba digunakeun. Mètode kuasi èkspèrimèn nyaèta mètode anu miboga tujuan pikeun ngaguar informasi ku cara ngagunakeun metode èkspèrimèn anu nyokot sabagian variabel kalawan desain pratès jeung postès (Suyatna, 2012, kc. 17).

Tujuan dipakèna metode kuasi èkspèrimèn dina ieu panalungtikan nyaèta pikeun nguji kamampuh siswa kelas XI IPS dina pangajaran ngadongèng ku cara ngagunakeun modèl Role Playing.

3.4Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan sarta udaganna, baris ditataan heula variabel-variabel anu aya dina ieu panalungtikan.

1) Modèl Role Playing atawa bisa disebut ogè modèl pangajaran bermain peran mangrupa salasahiji pangajaran ngalakonkeun tokoh atawa palaku anu aya dina carita dongèng ku cara ngabayangkeun salasahiji tokoh anu rèk dilakonnan, siswa ngabayangkeun kumaha lamun jadi palaku anu aya dina dongèng, sanggeus manèhna boga gambaran ngeunaan palakuna, siswa ngadongèng saluyu jeung peran sèwang-sèwangan. Dina modèl Role Playing siswa diperedih ngagunakeun pikiranna pikeun mekarkeun imajinasi dina waktu pangajaran sahingga siswa leuwih krèatip. Ieu modèl mibanda tujuan anu hade salian mekarkeun imajinasi, siswa bisa leuwih aktip dina interaksi jeung babaturanna sarta leuwih aktip dina pamikiranna. Prosedur dina modèl Role Playing mung saukur masalah atawa pokok tina pangajaran anu rèk diajarkeun, di dieu prosedurna nyaèta pangajaran ngadongèng jadi modèl pangajaran Role Playing disaluyukeun kana aspèk-aspèk ngadongèng anu ngawengku kana uacapan, lentong, rèngkak jeung pidangan, ngajiwaan eusi sarta pasemon nu aya dina dongèng.

(13)

pangajaran ngadongèng siswa diperedih bisa nepikeun gagasan, pikiran, sarta ajèn-inajèn anu sacara teu langsung aya dina eusi dongèng, saluyu jeung aspèk-aspèk anu aya dina dongèng anu ngawengku; ucapan, lentong, rèngkak jeung pidangan, ngajiwaan eusi sarta pasemon. Ku cara nyaritakeun di hareupeun kelas ka babaturan jeung guruna. Lamun siswa geus nyumponan aspèk kaparigelan dina nyarita, tandana siswa geus mampuh ngadongèng.

3.5 Instrumèn Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan anu kagolong kana tès lisan kelompok. Tès lisan nyaèta dimana tèster (guru) ngajèn siswa ngaliwatan kamampuh lisan atawa non tulis. Tès lisan di dieu digolongkeun deui kana tès kelompok (group tèst) jadi siswa dijieun kelompok, dina masing-masing kelompok siswa geus boga peran sèwang-sèwangan pikeun ngadongèng ku cara sewang-sèwangan (Sudijono, 1996, kc. 46).

Dina tès lisan ieu siswa dibèrè kisi-kisi ngeunaan tès diantarana geus ngainventarisasikeun naon-naon waè anu bakal jadi peunteun boh individu atawa kelompokna, ditegeskeun prinsip obyektivitas jeung prinsip kaadilan anu bakal aya dina tès lisan. Pratès digunakeun pikeun nguji kamampuh ngadongèng siswa samèmèh ngagunakeun modèl Role Playing. Postès digunakeun pikeun nguji kamampuh ngadongèng siswa sanggeus ngagunakeun modèl Role Playing. Format tès na saperti ieu di handap.

3.6Tèhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta teknik tès. Tèhnik tès

Tès Ngadongèng

 Prak barudak jieun 3 kelompok, masing-masing kelompok

jumlahna 5 urang. Pilih salasahiji dongèng tuluy caritakeun

(14)

mangrupakeun evaluasi pendidikan ngaliwatan prosedur dina rangka ngukur jeung meunteun dina wangun tugas atawa patalekan-patalekan (anu kudu dijawab), parèntah-parèntah (anu kudu dikerjakeun) sahingga bisa dijieun peunteun anu ngalambangkeun paripolah atawa prestasi (Sudijono, 1996, kc. 48). Tès ogè miboga pungsi salaku alat pikeun ngukur ka kamampuh siswa, salian èta tès miboga pungsi salaku alat pikeun ngukur hasil program pangajaran sabab ngaliwatan tès bakal kanyahoan sakumah jauhna program atikan anu bisa kahontal. Ku sabab kitu dina ieu tehnik ngumpulkeun data anu digunakeun kaasup kana tès lisan (Sudijono, 1996, kc. 51).

Tès anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaèta pratès jeung postès anu diujikeun ka siswa anu jadi sumber data panalungtikan. Lèngkah-lèngkah dina tèhnik ngumpulkeun data ngawèngku sababaraha tahapan di antarana:

1) dina pratès siswa langsung dititah ngadongèng saurang-saurang di hareupeun babaturanana pikeun mikanyaho sakumaha kamampuh ngadongèng siswa 2) sanggeus mikanyaho kamampuh ngadongèng siswa dina pratès panalungtik

nangtukeun pakakas anu kudu disiapkeun pikeun nerapkeun modèl Role Playing. Ti mimiti nataharkeun perangkat pangajaran, matèri pangajaran sarta

matèri jeung lèngkah-lèngkah modèl Role Playing

3) ngalaksanakeun prosès diajar ngajar ngagunakeun modèl Role Playing anu bakal dipatalikeun kana matèri ngadongèng anu geus disaluyukeun dumasar kana lèngkah-lèngkahna

4) sanggeus dijelaskeun ngeunaan modèl Role Playing saterusna dilaksanakeun postès pikeun mikanyaho kamampuh ngadongèng siswa sanggeus ngagunakeun modèl Role Playing naha aya bèdana (ngaronjat atawa henteu)

3.7Tèhnik Nganalisis Data

(15)

Pikeun maluruh ieu masalah digunakeun sababaraha lèngkah pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan, di antarana:

1) mèrè penteun kana kamampuh ngadongèng siswa dina pratès jeung postès, dumasar kana patokan penilaian dina tès lisan saperti dina tabèl 3.1, anu ngawengku:

Tabèl 3.1

Format Peunteun Ngadongèng Siswa

No Aspèk anu diajèn Skor Peunteun Bobot Skor/Ajèn

1 Ucapan 2 Lentong

3 Rèngkak jeung Pidangan

4 Ngajiwaan eusi 5 Pasemon

Jumlah

(Kosasih, 2010, kc. 117)

katerangan :

 bobot Idèal = 25  skor Idèal = 100

 skor = bobot × skor idèal Bobot ideal

 kategori

(16)

Tabèl 3.2

Kritèria Peunteun dumasar Skor

Jumlah skor Kritèria Peunteun dumasar Skor

86-100 Hadè Pisan

Bobot 5 = ngadongèng kacida lancar jeung bèntèsna. Bobot 4 = ngadongèng lancar jeung bèntès.

Bobot 3 = ngadongèng cukup lancar jeung bèntès. Bobot 2 = ngadongèng teu pati lancar jeung bèntès. Bobot 1 = ngadongèng teu lancar arapap areupeup. b) Lentong

Bobot 5 = Tekenan, wirahma, jeung randegan kacida mèrènah tepi ka bisa dicangkem.

Bobot 4 = Tekenan, wirahma, jeung randegan mèrènah bisa dicangkem.

(17)

ngalakukeun gerak nu ngaganggu konsèntrasi.

Bobot 4 = Gerak awak jeung Pidangan rada tegang tapi teu ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konsèntrasi. Bobot 3 = Gerang awak jeung Pidangan teu tegang tapi rada

ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konsèntrasi. Bobot 2 = Gerak awak jeung Pidangan tegang jeung loba

ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konsèntrasi. Bobot 1 = Gerak awak jeung Pidangan kacida tegang jeung loba

ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konsèntrasi. d) Ngajiwaan eusi dongèng

Bobot 5 = Ngajiwaan jeung ngawasaan kana eusi dongèng. Bobot 4 = Ngajiwaan tapi teu pati ngawasaan kana eusi

dongèng.

Bobot 3 = Kurang ngajiwaan tapi ngawasaan eusi dongèng Bobot 2 = Teu ngajiwaan jeung kurang ngawasaan eusi

dongèng.

Bobot 1 = Teu ngajiwaan jeung teu ngawasaan kana eusi dongèng.

e) Pasemon

Bobot 5 = Teuteupan museur jeung komunikatif. Bobot 4 = Teuteupan museur tapi kurang komunikatif. Bobot 3 = Teuteupan kurang museur tapi cukup komunikatif. Bobot 2 = Teuteupan teu museur jeung kurang komunikatif. Bobot 1 = Teuteupan teu museur jeung teu komunikatif.

Sanggeus ngaliwatan tahap penilaian geus bisa dijieun kana penilaian hasil tes lisan ngadongèng siswa kelas XI IPS ngagunakeun modèl Role Playing.

(18)

Tabèl 3.3

Format Daftar Peunteun Pratès jeung Postès

No Wasta Peunteun Pratès Jumlah Peunteun Postès Jumlah Skor %

a b c d e a b c d e

1 2 …

Jumlah Rata-rata

3.7.1 Uji Sipat Data

Pikeun nguji sipat data ngaliwatan dua cara nyaèta uji normalitas jeung uji homogènitas.

1) Uji Normalitas

Uji normalitas nyaèta uji sipat data anu miboga tujuan pikeun ngayakinkeun kamampuh siswa miboga distribusi anu normal. Uji normalitas ogè dipilampah pikeun nangtukeun yèn èta data miboga sipat normal atawa henteu bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat (X2).

Dina ieu panalungtikan uji normalitas dilaksanakeun sababaraha lèngkah saperti ieu di handap.

1) Nangtukeun peunteun panggedena jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu di handap

(Sudjana, 2005, kc. 91)

(19)

(Sudjana, 2005, kc. 47)

4) Nangtukeun panjang kelas interval

P=

(Sudjana, 2005, kc. 47-48)

5) Nyieun tabèl frèkuènsi peunteun tès awal jeung tès ahir kalayan ngagunakeun tabèl ieu di handap.

Tabèl 3.4

Format Frekuensi Peunteun Pratès jeung Postès

No Kelas Interval f1 x1 X12 F1 X1 F1 X12

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pratès jeung postès kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap:

X= ∑f1 x1

∑f1

(20)

Katerangan:

X = rata-rata (mean) ∑ =jumlah

Fi = jumlah data Xi = nilai tengah

(Sudjana, 2005, kc. 70) 7) Ngitung standar dèviasi makè rumus ieu di handap:

SD =√

(Sudjana, 2005, kc. 93)

8) Ngitung frèkuènsi obsèrvasi jeung frèkuènsi èkspètasi.

a) Nyieun tabèl frèkuènsi obsèrvasi jeung frèkuènsi èkspètasi.

Tabèl 3.5

Frèkuènsi Obsèrvasi jeung Frèkuènsi Èkspètasi Pratès

Interval Oi BK

Handap BK

Luhur

Z1 Z2 L E1 X2

b) Nangtukeun Oi (frèkuènsi Observasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

(21)

Z=

e) Nangtukeun Ztabèl

f) Ngitung lega kelas interval (L)

L = Ztabèl1 – Ztabèl2

g) Ngitung frèkuènsi èkspètasi ku cara

Ei= n x L

h) Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

X2= ∑

(Sudjana, 2005, kc. 273) i) Nangtukeun darajat kabèbasan (dk)

dk = k – 3

(Sudjana, 2005, kc. 293) j) Nangtukeun harga X2tabèl

k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria ieu di handap:

(a) lamun X2itung<X2tabèl hartina data atawa populasi distribusina normal.

(b) lamun X2itung> X2tabèl hartina data atawa populasi distribusina teu normal.

(22)

2) Uji Homogènitas

Uji homogènitas mangrupa salasahiji uji sipat data anu miboga tujuan pikeun mikanyaho homogèn atawa henteuna sampel tina populasi anu sarua.

Aya sababaraha lèngkah pikeun nangtukeun homogènitas di antarana: 1) Ngitung masing-masing variansi kelompok

Variansi tès awal

S1 =

Variansi tès ahir

S2 =

(Sudjana, 2005, kc. 95) 2) Ngitung harga variasi (f)

(Sudjana, 2005, kc. 250) 3) Ngitung derajat kabebasaan (dk)

dk = n – 1

4) Nangtukeun harga ftabèl

5) Nangtukeun homogèn henteuna data dumasar kana kritèria ieu di handap: Saupama Fitung < Ftabèl hartina variasi sampel homogèn.

Saupama Fitung > Ftabèl hartina variasi sampel teu homogèn.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3.7.2 Uji Gain

(23)

anu signifikan dina hasil pratès jeung postès. Hasil tina uji gain bisa mikanyaho gambaran ngeunaan pangaruh modèl Role Playing dina pangajaran ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014.

Aya sababaraha lèngkah dina uji gain, di antarana ngagunakeun tabèl ieu di handap.

Tabèl 3.6

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Ngadongèng

No Peunteun Pratès Peunteun Postès d d2

1. 2.

3.7.3 Uji Hipotèsis

Aya dua cara pikeun milampah uji hipotèsis. Nu kahiji, saupama dina uji normalitas hasilna nuduhkeun yèn èta data miboga distribusi normal, nguji data hipotèsisna ngagunakeun statistik paramètris kalawan ngagunakeun uji t-tès. Anu kadua, saupamana dina uji normalitas nuduhkeun yèn èta data teu miboga distribusi anu normal, nguji data hipotèsisna ngagunakeun statistik non paramètris nyaèta ngagunakeun uji Wilcoxon (Sudjana,2005, kc. 450).

1) Statistik Paramètris

Statistik paramètris bisa digunakeun nalika data miboga distribusi normal. Aya sababaraha lèngkah dina statistik paramètris.

(24)

b) Ngitung darajat kabebasab (dk), ku cara ngagunakeun rumus :

dk = n – 1

c) Ngitung jumlah kuadrat dèviasi, ku cara ngagunakeun rumus:

∑ x2d = ∑ d2

-

d) Ngitung t, ngagunakeun rumus:

t = Md √

katerangan :

t = tès signifikan

Md = rata-rata (mean) tina bèda antara hasil tès awal jeung tès ahir ∑x2

d = jumlah kuadrat dèviasi n = jumlah subjek dina sampel

e) Ditarima henteuna hipotèsis dumasar kana kritèria ieu di handap.

 Lamun titung < ttabèl hartina hipotèsis ditolak , yèn modèl Role Playing teu

(25)

 Lamun titung > ttabèl hartina hipotèsis ditarima, yèn modèl Role Playing

èfèktip dina ngaronjatkeun kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014.

2) Statistik Non-Paramètris

Statistik Non-Paramètris digunakeun saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yèn data distribusi miboga data anu teu normal, nguji ieu data ngagunakeun uji Wilcoxon.

Numutkeun Sudjana, (2005, kc. 450) lèngkah-lèngkah uji Wilcoxon di antarana:

a) asupkeun peunteun pratès siswa kana kolom ka-2 (XA1); b) asupkeun peunteun postès siswa kana kolom ka-3 (XB1);

c) itung bèdana antara pratès jeung postès ku cara XA1-XB1, tuluy hasilna asupkeun kana kolom ka-4;

d) nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil bèda tina kolom ka-4 ti mimiti peunteun bèda anu pangleutikna nepi ka peunteun panggedena;

e) sanggeus diurutkeun (misalna aya peunteun nu sarua), pikeun nangtukeun jenjangna, èta peunteunna dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Peunteun tina èta hasil tèh mangrupa hasil jenjangna;

f) sanggeus diurutkeun, asupkeun peunteun jenjang JB kana kolom ka-5;

g) ngasupkeun peunteun jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya bèda anu negative asupkeun kana kolom ka-7;

h) tingali kana tabèl harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan Wtabèl = 73;

i) data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabèl uji Wilcoxon ieu di handap.

(26)

No XA1 XB1 Bèda Tanda Jenjang

XA1-XB1 Jenjang + -

katerangan :

XA1 : peunteun pratès XB1 : peunteun postès

Ditarima henteuna hipotèsis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kritèria ieu di handap.

 Saupama Witung(-) < Wtabèl dumasar taraf nyata nu di tangtukeun, hartina

Ha ditarima yèn modèl Role Playing èfèktip dina ngaronjatkeun kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014.

 Saupama Witung(-) > Wtabèl dumasar taraf nyata nu di tangtukeun, hartina

(27)

BAB X

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data anu aya dina bab opat ngeunaan modèl pangajaran Role Playing dina ngaronjatkeun kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014 samèmèh ngagunakeun modèl Role Playing masih kènèh kurang, bisa ditingali tina rata-ratana anu can nyumponan kana KKM nyaèta 75. Ditingali tina aspèk anu aya dina kamampuh ngadongèngna masih kènèh kurang di antarana dina ucapan jumlahna 46 rata-ratana ngan kahontal 3,06, dina lentong jumlahna 41 rata-ratana 2,7, dina rèngkak jeung pidangan jumlahna 43 rata-ratana 2,8, dina ngajiwaan eusi jumlahna 42 rata-ratana 2,8, dina pasemon jumlahna 41 rata-ratana 2,7. Kalayan peunteun rata-ratana 56,8. 2) Kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus ngagunakeun modèl Role Playing ngaronjat ti nu kurang jadi sedeng sarta geus bisa nyumponan kana KKM. Ditingali tina ngaronjatna unggal aspèk anu aya dina kamampuh ngadongèng di antarana dina ucapan jumlahna 57 rata-ratana ngan kahontal 3,8, dina lentong jumlahna 54 ratana 3,6, dina rèngkak jeung pidangan jumlahna 59 rata-ratana 3,9, dina ngajiwaan eusi jumlahna 52 rata-rata-ratana 3,4, dina pasemon jumlahna 62 rata-ratana 4,1. Kalayan peunteun rata-ratana 75,2.

3) Tina hasil pratès jeung postès sarta hasil tina uji gain yèn modèl Role Playing tèh bisa ngaronjatkeun kana kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS SMA Kartika XIX-3 Bandung taun ajaran 2013/2014. Ieu hal dibuktikeun tina hasil uji hipotèsis anu ngahasilkeun titung > ttabèl nyaèta 36 > 2,46 bisa dicindekkeun

(H1) ditarima (H0) ditolak. Hartina modèl Role Playing bisa ngaronjatkeun

(28)

5.2Saran

Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran ngadongèng ngagunakeun modèl pangajaran Role Playing, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun, ieu di handap.

1) Tina hasil panalungtikan modèl pangajaran Role Playing bisa ngaronjatkeun kamampuh ngadongèng. Ku kituna ieu modèl bisa dijadikeun salasahiji aternatif pikeun guru dina pangajaran ngadongèng. 2) Modèl pangajaran Role Playing tètèla bisa dipikaresep ku siswa sabab bisa

nyugemakeun kagiatan diajar-ngajar, ku kituna miboga peluang sangkan kagiatan diajar-ngajar bisa leuwih efektip.

(29)

DAFTAR PUSTAKA

Arifin, Z. 1997. Ekspresi penelitian. Jakarta: Rineka Cipta. Roestiyah. 2008. Strategibelajarmengajar. Jakarta: RinekaCipta

Sudijono, Anas. 1996. Pengantarevaluasipendidikan. Jakarta: Rajawali Pers. Arikunto, S. 1996. Prosedur penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus basa sunda. Bandung: Kiblat.

Trianto. 2007. Model pembelajaranterpadudanpraktek. Jakarta: PrestasiPustaka. Suyatna, A. 2002.Pengantar metodologi penelitian pendidikan dan pengajaran

bahasa. Bandung: Upi Bandung.

Heriawan. 2012. Metodologi pembelajaran. Banten: LP3G Sudjana.N. 2005. Metoda statistika. Bandung: PT.Tarsito

Fawaid, A. 2009. Model-model pengajaran. Yogyakarta: PustakaPelajar. Emdzir. 2009. Metode penelitian pendidikan. Jakarta: Rajawali Pers.

Kosasih, D. 2010. Santika basa sunda pangajaran basa sunda. Bandung: CV KingQlaban.

Faturahman, T., Soesanto, H., jeung Budi R. T. 2008. Pamager basa pangajaran basa sunda pikeun murid SMA/SMK/MA. Bandung: CV Geger Sunten gawè

bareng jeung PT Tiga Serangkai.

Iskandarwassid. 2009. Strategi pembelajaran bahasa. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Sudaryat, Yayat. 2010. Ulikan fonologi basa sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daèrah FPBS UPI.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman penulisan karya ilmiah: Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

(30)

Papan Tulisku. 2010. Tèhnik Pembelajaran Role Playing|Education For Our Country

- Pendidikan Untuk Negeri Kita. [Online].

Gambar

gambaran ngeunaan pangaruh modèl Role Playing dina pangajaran ngadongèng siswa

Referensi

Dokumen terkait

[r]

Jika ditinjau dari KAM siswa, untuk kemampuan berpikir kritis, hanya siswa dengan kelompok tengah pembelajaran kooperatif tipe co-op co-op yang memiliki pencapaian

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D

Monica Nunik, Prinsip Keadilan Dan Kepastian Hukum Dalam Undang- Undang Nomor 25 Tahun 2007 Tentang Penanaman Modal Terhadap Pemberian Insentif Bagi Investor Asing

PENERAPAN PEMBELAJARAN SEJARAH KONTEKSTUALBERBASIS BUKU TEKS DI SMAN 1 PADALARANGKABUPATEN BANDUNG BARAT.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Keyword: Micro Small And Medium Enterpries (MSMEs), Credit, Income, Total Of Labor. Universitas

Pembuatan Alat Evaluasi Pembelajaran Praktek Busana Kerja Wanita Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu..

[r]