No. 722/FPBS/0251/2014
MODÉL TIME TOKEN AREND DINA NGARONJATKEUN
KAMAMPUH NYARITA
(Studi Kuasi Éksperimen ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)
SKRIPSI
diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Neni Nur’alia
NIM 1002597
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
No. 722/FPBS/0251/2014
PERNYATAAN
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul Modél Time
Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Studi Kuasi Eksperimen ka
Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014) ini
beserta isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan
penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika
keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap
menanggung resiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian
ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau
ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, 20 Februari 2014
Yang membuat pernyataan,
No. 722/FPBS/0251/2014
LEMBAR PENGESAHAN
NENI NUR’ALIA
NIM 1002597
MODÉL TIME TOKEN AREND DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITA
(Studi Kuasi Éksperimen ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)
Disaluyuan jeung disahkeun ku : Pangaping I,
Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 19590119198601101
Pangaping II,
Ade Sutisna, S.Pd. NIP 197607312001121001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
MODÉL TIME TOKEN AREND DINA NGARONJATKEUN KAMAMPUH NYARITA
(Studi Kuasi Éksperimén ka Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)1)
NENI NUR’ALIA2)
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya kemampuan siswa dalam pembelajaran berbicara, khususnya berbicara dengan Bahasa Sunda di depan umum. Salahsatu cara yang bisa digunakan untuk mengatasi permasalahan tersebut yaitu dengan menggunakan modél pembelajaran. Salah satunya yaitu modél Time Token Arend. Penelitian ini bertujuan untuk mengétahui tingkat modél Time Token Arend dalam kemampuan berbicara siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung taun ajaran 2013/2014. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan one-group pretést-posttést design. Tékniknya adalah téknik tés dan observasi. Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah tés dan observasi. Berdasarkan hasil penelitian dikéta hui bahwa kemampuan berbicara siswa setelah menggunakan modél Time Token Arend meningkat dari 17,1 % menjadi 85,7% dan dari uji hipotésis didapatkan hasil thitung (10,63) > ttabel (2,44). Berdasarkan hasil penelitian, dapat disimpulkan
bahwa modél Time Token Arend bisa meningkatkan kemampuan berbicara siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung tahun ajaran 2013/2014.
Kata Kunci: modél Time Token Arend, kemampuan berbicara
1)
Skripsi dibimbing oleh Pembimbing I Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Pembimbing II Ade Sutisna, S.Pd.
DAPTAR EUSI
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABEL ... viii
DAPTAR GRAFIK ... ix
DAPTAR SINGGÉTAN ... x
DAPTAR LAMPIRAN ... xi
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watésan jeung Rumusan Masalah ... 3
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.5 Raraga Panulisan ... 5
BAB II MODÉL PANGAJARAN, TIME TOKEN AREND, JEUNG KAMAMPUH NYARITA ... 7
2.1 Ulikan Teori ... 7
2.1.1 Wangenan Modél Pangajaran ... 7
2.1.2 ModélTime Token Arend ... 8
2.1.3 Kamampuh Nyarita ... 10
2.1.3.1 Wangenan Nyarita ... 10
2.1.3.2 Tujuan jeung Fungsi Nyarita ... 11
2.1.3.3 Mangpaat Nyarita ... 12
2.1.3.4 Ragam Nyarita ... 13
2.1.3.5 Bangbaluh Nyarita ... 14
2.1.3.8 Pangajaran Nyarita ... 20
2.1.3.9 Diskusi ... 21
2.1.4 Modél Time Token Arend dina Pangajaran Nyarita ... 25
2.2 Raraga Mikir ... 26
2.3 Asumsi jeung Hipotésis Panalungtikan ... 28
BAB III METODE PANALUNGTIKAN ... 29
3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan ... 29
3.2 Desain Panalungtikan ... 29
3.3 Metodé Panalungtikan ... 30
3.4 Variabel jeung Watésan Opersional ... 30
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 32
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 37
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 37
3.8 Uji Sipat Data ... 39
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 45
4.1 Hasil Panalungtikan ... 45
4.1.1Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung Samemeh Make ModélTime Token Arend ... 44
4.1.2 Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung Sanggeus Make ModélTime Token Arend ... 53
4.2 Bédana Antara Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 saméméh jeung sanggeus maké Modél Pangajaran Time Token Arend ... 60
4.3 Pedaran Hasil Panalungtikan Modél Pangajaran Time Token Arend pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ... 75
BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI ... 78
5.1 Kacindekan ... 76
5.2 Saran ... 77
DAPTAR PUSTAKA ... 80
DAFTAR TABEL
Kaca
Tabel 3.1 Desain Panalungtikan ...30
Tabel 3.2 Padoman Meunteun Tés Kamampuh Nyarita ...33
Tabel 3.3 Ugeran Observasi ...36
Tabel 3.4 Format Ajen Kamampuh Nyarita ...38
Tabel 3.5 Kriteria Peunteun ...39
Tabel 3.6 Format Frekeunsi Peunteun Tés Awal jeung Tés Ahir3 ...40
Tabel 3.7 Frekuensi Observasi jeung Frekuensi Ekspéta si Pratés ...41
Tabel 3.8 Format Uji Gain ...43
Tabél 4.1Kamampuh Awal Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung ...45
Tabél 4.2 Hasil Pratés Caritaan S31 ...49
Tabél 4.3 Hasil Pratés Caritaan S12 ...50
Tabél 4.4 Hasil Pratés Caritaan S29 ...51
Tabél 4.5 Kamampuh Ahir Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung ...53
Tabél 4.6 Hasil Postés Caritaan S31 ...56
Tabél 4.7 Hasil Postés Caritaan S12 ...58
Tabél 4.8 Hasil Postés Caritaan S29 ...59
Tabél 4.9 Distribusi Frékuénsi Data Tés Awal ...62
Tabél 4.10 Hasil Chi Kuadrat Data Tés Awal...63
Tabél 4.11 Distribusi Frékuénsi Data Tés Ahir ...66
Tabél 4.12 Hasil Chi Kuadrat Data Tés Ahir ...67
Tabél 4.13 Uji Gain Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 Maké Modél Pangajaran Time Token Arend ...71
DAPTAR GRAFIK
Kaca
Grafik4.1 Kamampuh Nyarita Siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2
Bandung taun ajaran 2013/2014 samemeh make Modél Time Token
Arend ...52
Grafik4.2Kamampuh Nyarita Siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2
Bandung taun ajaran 2013/2014 sanggeus make ModélTime Token
Arend ...60
DAPTAR SINGGÉTAN
DAMAS : Daya Mahasiswa Sunda
FPBS : Fakultas Pendidikan Bahasa Daerah
jrrd. : jeung rea-rea deui.
jst. : jeung saterusna.
kc. : kaca
KKM : Kriteria Ketuntasan Minimal
KUBS : Kamus Umum Basa Sunda
KTSP : Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan
OSIS : Organisasi Siswa Intra Sekolah
PMR : Palang Merah Remaja
RPP : Rencana Pelaksanaan Pembelajaran
SAMBADA : Sanggar Mahasiswa Basa Sunda
SD : Sekolah Dasar
SKKD : Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar
SMP : Sekolah Menengah Atas
SMA : Sekolah Menengah Atas
spk. : saparakanca
TK : Taman Kanak-kanak
UKM : Unit Kegiatan Mahasiswa
UM : Ujian Mandiri
DAPTAR LAMPIRAN
Lampiran 1 ...
Surat Kaputusan Ngesahkeun Judul jeung Nangtukeun Pangaping Skripsi ... 82
Surat Izin Ngalaksanakeun Panalungtikan ... 84
Surat Keterangan Ngalaksanakeun Panalungtikan ... 85
Lampiran 2 ... Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) Pra-Panalungtikan ... 86
Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) Panalungtikan ... 90
Lampiran 3 ... Transkrip Hasil Tés Awal Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung ...95
Transkrip Hasil Tés Ahir Nyarita Siswa Kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung ...104
Kamampuh Awal Nyarita Siswa Kelas ...117
Kamampuh Ahir Nyarita Siswa Kelas ... 119
Ugeran Obsérvasi ... 121
Lampiran 4 ... Poto-poto Kagiatan Pangajaran Ngagunakeun Modél Time Token Arend...122
Lampiran 5 ... Tabel Z ...125
Tabel Chi Kuadrat ...126
Tabel Distribusi Harga F ...127
Tabel Nilai Persentil Distribusi t ...130
1
BAB I
BUBUKA
1.1Kasang tukang
Geus lain hal anu aneh deui nalika manggihan kecap-kecap samodél “bangor, teu disiplin,
teu kondusif nalika diajar jeung loba heureuy” napel dikalangan para siswa jurusan IPS. Ieu hal,
lain ngan saukur catur anu taya bukur tapi bukti nu kaalaman ku panalungtik nalika obsérvasi ka
sawatara sakola. Salasahijina nya éta sakola anu jadi tempat Program Pangalaman Lapangan
(PPL) panalungtik.
Pasualan-pasualan samodél kitu nyampak nalika proses diajar basa Sunda lumangsung.
Kaayaan kelas henteu kondusif, siswa loba ngalakukeun hal sangeunahna, nyarita lain dina
waktuna. Nalika guru nyarita siswa milu nyarita, nalika waktuna nyarita siswa loba cicing. Salian
ti éta, siswa anu aya lain asli urang Sunda. Antukna anu loba nyarita di kelas ngan sawatara
siswa anu bisa basa Sunda, anu liana jadi pasif dina proses diajar. Dumasar kana SKKD (Standar
Kompetensi dan Kompetensi Dasar)dina Mata Pelajaran Basa Sunda salian ti ngarégépkeun,
maca jeung nulis. Siswa dipiharep boga kamampuh dina nyarita ku basa Sunda. Siswa lain ngan
saukur narima, tapi ogé bisa leuwih aktip dina pangajaran nyarita sarta bisa maham kana
praktékna. Salasahijina bisa nepikeun naon kereteg haténa atawa pamadeganna.
Nyarita mangrupa salahsahiji aspék kaparigelan basa anu posisina ka dua sanggeus
ngarégépkeun. Ieu pamadegan luyu jeung pamanggih Rivers (dina Iskandawassid 2004, kc. 156)
yén umumna jalma dina maké waktuna 45% ngarégépkeun, 30% nyarita, 16 % maca jeung 9%
nulis dina aktivitas sapopoéna. Ngaliwatan nyarita manusa bisa ngedalkeun naon anu aya dina
kereteg haténa. Nyarita mangrupa kamampuh maké basa dina wangun lisan, pikeun nepikeun
gagasan, eusi pikiran, kahayang atawa kereteg haté. Hal anu kacida pentingna dina nyarita nya
éta ngalatih kamampuh uteuk dina mekarkeun pola pikir anu leuwih kritis jeung kréatif.
Dina sababaraha pasualan tadi, tarékah sangkan siswa alus dina pangajaran nyarita nya éta
ayana modél pangajaran anu luyu jeung pangajaran nyarita. Lantaran modél pangajaran miboga
fungsi minangka pedoman pikeun guru dina ngararancang jeung ngalakukeun pangajaran. Dina
milih modél pangajaran kudu diluyukeun jeung matéri anu rék diajarkeun, tujuan anu rék
2
Joyce & Weil (dina Rahman, 2006, kc. 4) nétélakeun yén modél pangajaran nya éta hiji
rarancang anu dipaké dina nyusun kurikulum, ngatur matéri pangajaran, jeung méré pituduh ka
pengajar di kelas dina setting pangajaran atawa settingan lianna. Sedengkeun numutkeun Kemp
(Rahman, 2006, kc. 4), modél pangajaran nya éta hiji rarancang pangajaran nu dipaké dina
nangtukeun maksud jeung tujuan unggal poko jeung jejer bahasan, nganalisis karakteristik siswa,
nyusun tujuan instruksional khusus, milih eusi pangajaran, ngalakukeun kagiatan diajar-ngajar
atawa sumber diajar, ngayakeun dukungan pelayanan, ngalakukeun evaluasi, jeung nyieun
revisi. Dumasar wangenan diluhur, modél pangajaran miboga kalungguhan anu penting pikeun
ngahontal tujuan pangajaran. Ku kituna pikeun ngungkulan pasualan-pasualan diluhur, perlu
ayana modél pangajaran.
Modél pangajaran Time Token Arend nurutkeun Suprijono (2011,kc. 133), nya éta modél
pangajaran anu tujuanna sangkan unggal siswa miboga kasempétan dina nepikeun pamadeganna
sarta ngarégépkeun pamadegan ti siswa nu lian. Ngaliwatan ieu modél siswa dipiharep bisa
nepikeun pamadeganna ngaliwatan nyarita, sarta bisa ngungkulan dominasi siswa anu loba
nyarita sangkan siswa anu cicingeun atawa pasif dina nyarita miboga hak sarua dina nepikeun
pamadeganna.
Modél pangajaran Time Token Arend lain mangrupa modél pangajaran anyar. Di Jurusan
Pendidikan Bahasa Daerah can aya panalungtik anu nalungtik étamodél, boh pikeun pangajaran
nyarita boh pangajaran nu lianna. Ari nu nalungtik perkara pangajaran nyarita kungsi dilakukeun.
Sababaraha panalungtikan anu geus aya ngeunaan nyarita nya éta: Penerapan Téhnik
Jigsaw pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita (Penelitian Tindakan Kelas ka Siswa SMA
Negeri 1 Cicalengka Kabupaten Bandung Taun Ajaran 2009-2010) anu ditulis ku Siti Raeni
Nisa, Éféktivitas Media Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nepikeun Biantara
Siswa Kelas IX MTS Negeri Sukasari Cimahi anu ditulis ku Lilis Wahyu Winarni, Modél Debat
pikeun Ngaronjatkeun Pangawéruh jeung Kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina
Nyarita anu ditulis ku Rahardian Mu’minati Dewi, ÉféktivitasModél Debat pikeun
Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita anu ditulis ku Arif Firmansyah, ÉféktivitasModél
Pangajaran Talking Stick dina Ngaronjatkeun Kamampuh nyarita anu ditulis ku Elliyawati
Nurhayat, jrrd.
Nilik kana sababaraha panalungtikan nu geus aya, panalungtikan ngeunaan pangajaran
3
pamadegan sarta pasualan-pasualan anu geus dijéntrékeun diluhur, ieu panalungtikan anu
judulna Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nyarita Siswa Kelas X IPS 1
di SMA Kartika XIX – 2 Bandung dianggap perlu dilakukeun.
1.2Watésan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watésan Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, sangkan ieu panalungtikan bisa dilakukeun sacara
sistematis jeung henteu mengpar tina pembahasan ieu panalungtikan baris diwatésanan.
Masalah dina ieu panalungtikan nya éta kana cara nepikeun pangajaran nyarita siswa kelas
X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung maké modél Time Token Arend . Éta pangajaran téh
ditepikeun ku cara ngadiskusikeun hiji pasualan kalayan hiji tema anu tangtu, sangkan siswa bisa
nyarita maké basa Sunda.Ku kituna, siswa dipiharep bisa leuwih parigel jeung ngaronjat dina
nyarita ku basa Sunda.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watésan masalah di luhur, éta masalah dirumuskeun dina kalimah pananya
ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2 Bandung
saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?
2) Naha modél Time Token Arend bisa ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1
di SMA Kartika XIX – 2 Bandung ?
3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika
XIX – 2 Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend ?
4
Unggal panalungtikan tangtu miboga tujuan séwang-séwangan anu rék dihontal. Kitu ogé
dina ieu panalungtikan miboga tujuan umum jeung husus nu rék dihontal.
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji naha aya pangaruh modél Time
Token Arend pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nya éta hayang ngadeskripsikeun:
1) Kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1di SMA Kartika XIX – 2 Bandung saméméh jeung
sanggeus maké modél Time Token Arend
2) Ngdeskripsikeun ngaronjat atawa henteu kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA
Kartika XIX – 2 Bandung nalika maké modél Time Token Arend.
3) Signifikan henteuna antara kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 di SMA Kartika XIX – 2
Bandung saméméh jeung sanggeus maké modél Time Token Arend.
1.4Mangpaat Panalungtikan
Salian ti miboga tujuan, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun nu maca.
Anapon anu jadi mangpaat dina ieu panalungtikan nya éta:
1.4.1 Mangpaat Teoritis
Mangpaat teoritis dina ieu panalungtikan nya éta dipiharep méré sumbangan pikeun
kamekaran modél-modél pangajaran anu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat praktis pikeun guru, siswa, nu nalungtik
jeung panalungtik séjénna. Mangpaatna nya éta :
a. Pikeun Siswa
1) Ningkatkeun kamampuh nyarita siswa dina nepikeun pamadeganna sanggeusmaké ieu
modél;
2) Ngaronjatkeun kawani siswa nyarita hareupeun balaréa;
b. Pikeun Guru
1) Nambahan referensi guru dina maké modél-modél pangajaran anu luyu kana pangajaran
nyarita;
5
c. Pikeun Panalungtik
1) Méré motivasi ka panalungtik séjén dina mekarkeun modél pangajaran basa Sunda;
2) Méré pangawéruh ka panalungtik kumaha kamampuh nyarita siswa saméméh jeung
sanggeus maké modél Time Token Arend ;
1.5Raraga Tulisan
Eusi ieu skripsi ngawéngku lima bab di antarana : bab I bubuka. Dina ieu bab dipedar
sacara gurat badag ngeunaan pasualan anu rék ditalungtik, di jerona aya sub pokok anu
dimimitian ku kasang tukang masalah, watésan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan,
mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.
Bab II ulikan tiori. Dina ieu bab medar ngeunaan tiori-tiori anu dipaké jeung dijadikeun
tatapakan ku panalungtik dina ngalakukeun panalungtikan. Tiori-tiori anu dipaké dumasar para
ahli jeung panalungtik anu geus ngalakukeun panalungtikan anu leuwih tiheula ngeunaan
pasualan anu sarua.
Bab III metedologi panalungtikan. Dina ieu bab medar ngeunaan téhnik-téhnik sarta
tahap-tahapan panalungtikan anu rék dilakukeun ku panalungtik.
Bab IV hasil panalungtikan. Ieu bab eusina ngeunaan hasil panalungtikan anu geus
dilakukeun ku panalungtik sarta ngeunaan data-data anu dikumpulkeun salila panalungtikan.
Bab V eusinangeunaan kacindekan anu dihasilkeun ku panalungtik minangka jawaban tina
28
BAB III
METODÉ PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan
3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi atawa tempat ngalakukeun ieu panalungtikan di SMA Kartika XIX 2
Bandung jln. Pak Gatot Raya 73 S Tlp. 2011854 Kota Bandung.
3.1.2 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data panalungtikan nya éta subjek anu ngahasilkeun éta data
(Arikunto, 2010, kc. 129). Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X
IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung anu jumlahna 35 siswa, ngawengku 20 lalaki
jeung 15 awéwé.
3.2 Desain Panalungtikan
Nurutkeun Champbell jeung Stanley (dina Arikunto, 2010, kc. 123) desain
panalungtikan dibagi dua dumasar kana sampurna atawa henteuna éta panalungtikan.
Desain panalungtikan kahiji nya éta pre-examperimental design atawa disebut ogé
ékspérimén anu can sampurna. Ku sabab kitu, sok disebut ogé quasi ékspérimén
atawa ékspérimén semu. Desain anu kadua disebut true ékspériméntal design atawa
ékspérimén murni.
Metodé panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kuasi
ékspérimén. Arikunto (2010, kc. 123) nétélakeun yén aya tilu jenis desain
panalungtikan dina kategori pre ékspériméntal desain 1) One Shot Case Study, 2)
Pre-Tést jeung Post-Pre-Tést, 3) Static Group Comparison. Desain anu dipaké dina ieu
panalungtikan nya éta Pre-Tést jeung Post-Téstanu maké dua kali tés, tés awal (tés
saméméh perlakuan) jeung tés ahir (tés sanggeus perlakuan). Desain panalungtikan
29
Tabél 3.1
Desian Panalungtikan
O1 X O2
(Arikunto, 2010, kc. 123)
Keterangan :
O1 = Pre-tés (tés awal saméméh perlakuan)
X = Tréatmen (perlakuan maké modél Time Token Arend ) O2 = Post-tést (tés ahir sanggeus perlakuan)
3.3 Metodé Panalungtikan
Metodé nya éta cara utama anu dipaké pikeun ngahontal tujuan. Metodé anu
dipaké dina ieu panalungtikan nya éta metodé kuasi ékspérimén, nya éta metodé
panalungtikan ékspérimén semu anu nyoko kana sebagian variabel, tujuanna pikeun
nyangking informasi kalawan pratés jeung postést.
Metodé ékspérimén mangrupa metodé anu dipaké ku cara ngayakeun kagitan
percobaan pikeun ningali kalungguhan hubungan kausal antara variabel-varibel anu
ditalungtik. Tujuan dipakéna metodé ékspérimén kuasi dina ieu panalungtikan nya éta
pikeun ngukur jeung nguji kamampuh siswa dina nyarita.
3.4 Variabel jeung Watésan Opersional
3.4.1 Variabel
Variabel nya éta objek panalungtikan atawa naon-naon anu jadi puseur
perhatian dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 161). Variabel dibagi jadi dua
30
Variabel bebas (variabel X) dina ieu panalungtikan nya éta modél Time Token
Arend , sabab mangrupa variabel nu mangaruhan kana varibel séjén. Sedengkeun
kamampuh nyarita kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa
variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bebas.
3.4.2 Watésan Operasional
Nurutkeun Nurhayat (2011, kc. 38) watésan operasional nya éta rumusan
ngeunaan ruang lingkup jeung ciri-ciri dina konsep anu jadi poko pedaran dina
panalungtikan.
Sangkan ieu panalungtikan teu ngabalukarkeun rupa-rupa tafsiran jeung puguh
udagannana, ieu di handap baris dijéntrékeun wangenan operasional tina ieu judul
panalungtikan, nya éta:
1) Modél Time Token Arend dina pangajaran nyarita nya éta modél pangajaran anu
maké kupon waktu minangka alat pangawatés pikeun siswa nyarita dimana
tujuanna sangkan unggal siswa miboga hak sarua dina nyarita. Ieu modél
pangajaran ngungkulan siswa anu dominasi dina nyarita atawa siswa anu
cicingeun salila pangajaran nyarita lumangsung.
Léngkah-léngkah maké modél timen token Arend dina pangajaran nyarita
nya éta:
1) guru ngajelaskeun tujuan pangajaran atawa kompetensi dasar;
2) guru ngakondisikeun kelas pikeun nyieun kelompok anu anggotana 4-6
siswa;
3) guru méré ka unggal siswa kupon nyarita anu waktuna 30 detik;
4) guru méré hiji topik pasualan nu kudu didiskusikeun ku unggal kelompok;
5) siswa ngadiskusikeun topik pasualan jeung kelompok diskusina, tuluy
ngadiskusikeun topik pasulan ka kelompok nu lian;
6) siswa nu rék nyarita atawa nepikeun pamadeganna maké kupon nyaritana;
7) saumpama rengse nyarita, kupon anu dicekel siswa dibérékeun ka guru.
31
8) siswa anu kuponna séép, henteu miboga hak pikeun nyarita. Siswa anu
masih nyekel kupon kudu nyarita nepi ka kuponna séép. Sangkan unggal
siswa miboga hak nyarita anu sarua;
9) unggal siswa dibéré nilai luyu jeung waktu anu dipakéna;jeung
10) guru jeung siswa nyindekeun hasil diskusina.
2) Kamampuh nyarita nya éta kamampuh anu dipimilik ku hiji jalma pikeun
ngedalkeun naon anu aya dina pikiranna, kereteg haténa boh mangrupa ide atawa
gagasan ku cara omongan atawa caritaan.
Dina ieu panaluntikan nu dijadikeun aspékdina kamampuh nyarita nya éta: (1)
Akurat jeung aktualitas pedaran, (2) Hubungan antar eusi nu dipedar, (3) Adegan
basa jeung kabeungharaan kecap, (4) Kalancaran, (5) Kawajaran urutan
pedaram/eusi, jeung (6) Gaya.
Jadi anu dimaksud “Modél Time Token Arend dina Ngaronjatkeun
Kamampuh Nyarita” nya éta pikeun maluruh sajauh mana signifikan atawa henteu modél Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1
SMA Kartika XIX 2 Bandung.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan
(Purnamasari, 2013, kc. 4). Instrumén nya éta komponen penting dina hiji
panalungtikan anu fungsina pikeun ngahasilkeun data ngeunaan hal-hal anu
ditalungtik. Data nu dihasilkeun tina instrumén panalungtikan dipaké pikeun
ngajawab hipotésis jeung masalah anu aya dina panalungtikan. Instrumén anu dipaké
dina ieu panalungtikan nya éta wangun tés jeung obsérvasi.
1) Tés
Instrumén tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés dilakukeun
dua kali, nya éta tés awal anu dilakukeun saméméh maké modél Time Token
32
Data tina hasil tés lisan dipeunteun dumasar kana ugeran meunteun kamampuh
nyarita anu ngawengku genep aspék, nya éta akurat jeung aktualitas pedaran,
hubungan antar eusi nu dipedar, adegan basa jeung kabeungharan kecap,
kalancaran, kawajaran urutan eusi, jeung gaya (Haerudin & Suherman, 2013, kc.
128-130). Ugeran meunteun kamampuh nyarita digambarkeun saperti ieu di
handap.
Tabél 3.2
Padoman Meunteun Tés Kamampuh Nyarita
No Aspék nu Diajén Skor Tingkat
(1) (2) (3) (4)
1 Akurat jeung aktualitas pedaran
(teu akurat – akurat pisan)
2 Hubungan antar eusi nu dipedar
(saeutik pisan- sagemblengna aya
3 Adegan basa jeung kabeungharan kecap
33
5 Kawajaran urutan pedaran/eusi
(teu normal – normal)
Jumlah ajén/skor 300-600
Peunteun 50-100
Keterangan :
1) Akurat jeung aktualitas pedaran
a) 90 – 100 eusi caritaan akurat tur lengkep pisan luyu jeung topik;
b) 80 – 89 eusi caritaan akurat jeung topik, tapi aya sababaraha hal anu teu kacaritakeun;
c) 70 – 79 eusi caritaan cukup akurat jeung topik, aya sababaraha teu nyambung, jeung kurang lengkep;
d) 60 – 69 eusi caritaan kurang akurat jeung topik, jeung
34
a) 90 – 100 pedaran kahiji jeung pedaran nu saterusna silihpakait, tur mibanda hubungan anu logis;
b) 80 – 89 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait;
c) 70 – 79 pedaran kahiji jeung pedaran saterusna silihpakait tapi henteu sagemblengna;
d) 60 – 69 pedaran eusi kahiji jeung pedaran eusi silihpakait, tapi teu aya
kalimah anu ngahubungkeunnana; jeung
e) 50 – 59 pedaran eusi kahiji jeung pedaran saterusna teu silihpakait jeung teu logis.
3) Adegan basa jeung kabeungharaan kecap
a) 90 – 100 kekecapan nu dipaké mérénah jeung variatif, luyu jeung kaayaan sabudeureun, jeung kayaan paregep;
b) 80 – 89 kekecapan nu dipaké mérénah, variatif, tapi henteu luyu jeung kaayaan atawa konteks caritaan;
c) 70 – 79 kekecapan nu dipaké cukup mérénah tapi kurang variatif; d) 60 – 69 kekecapan nu dipaké kurang mérénah, kurang variatif sarta teu
luyu jeung kaayaan; jeung
e) 50 – 59 kekecapan nu dipaké teu mérénah tur teu payus jeung kaayaan. 4) Kalancaran dina nyarita
a) 90 – 100 caritaan lancar pisan, boh tina basana boh tina nyangking bahanna, jeung teu arapap-eureupeup;
b) 80 – 89 caritaan lancar tapi kadang ngarandeg;
c) 70 – 79 caritaan cukup lancar, kadang ngarandeg, jeung kekecapanana dibulak-balik;
d) 60 – 69 caritaan kurang lancar, loba ngarandeg, kekecapanana dibulak-balik, jeung loba cicing; jeung
e) 50 – 59 caritaan teu lancar, loba ngarandeg, loba cicing jeung kekecapanana parondok.
35
a) 90 – 100 caritaan sistematis pisan nurutkeun urutanana;
b) 80 – 89 caritaan sistematis tapi aya sababaraha hal anu teu kajéntrékeun sacara jéntré;
c) 70 – 79 caritaan cukup sistematis nurutkeun urutanana tapi kurang jéntré;
d) 60 – 69 caritaan kurang sistematis, jeung teu kaharti; jeung
e) 50 – 59 caritaan teu sistematis, teu kaharti, jeung teu jéntré. 6) Gaya/pintonan
a) 90 – 100 pasemon, réngkak, jeung péta luyu pisan jeung eusi caritaan nepi ka ngajadikeun caritaan leuwih ngirut;
b) 80 – 89 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi masih keneh aya pasemon atawa péta anu teu payus jeung kaayaan;
c) 70 – 79 pintonan luyu jeung eusi caritaan, tapi loba pasemon atawa péta anu kaleuleuwihi tur teu payus jeung kaayaan;
d) 60 – 69 pintonan, péta jeung pasemon henteu luyu boh jeung eusi caritaan boh jeung kaayaan; jeung
e) 50 – 59 pintonan, pasemon, réngkak jeung péta patukangtonggong jeung eusi caritaan ogé kaayaan.
(Nurhayat, 2011, kc. 41-43)
2) Obsérvasi
Instrumén obsérvasi dipaké pikeun niténan aktivitas siswa kelas X IPS 1 SMA
Kartika XIX 2 Bandung jeung aktivitas guru dina pangajaran nyarita dina diskusi
saméméh jeung sanggeusmaké modél Time Token Arend. Instrumén anu dipaké
nya éta padoman obsérvasi ieu di handap.
Tabél 3.3
Ugeran Obsérvasi
36
Éféktif Teu Éféktif
1 Guru nepikeun matéri
pangajaran nyarita dina
diskusi
2 Tés kamampuh siswa dina
nyarita (Pratés)
3 Guru nepikeun cara-cara
nyarita dina diskusi maké
modél Time Token Arend
4 Tés kamampuh siswa dina
nyarita (postés)
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta
téhnik tés jeung obsérvasi.
1) Tés
Tés nya éta alat pikeun ngukur kamampuh hiji objek nu ditalungtik (Arikunto,
2006, kc. 223). Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés lisan
dilakukeun dua kali, nya éta tés awal jeung tés ahir. Tés awal dilakukeun
saméméh dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh nyarita
siswa saméméh maké modél Time Token Arend. Tés ahir dilakukeun sanggeus
dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus maké
modél Time Token Arend.
37
Obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara niténan sakabeh
kagiatan-kagiatan salila proses panalungtikan lumangsung. Ieu téhnik dilakukeun sangkan
panalungtik nyaksian jeung maham sacara gembleng kana jejer panalungtikan ti
mimiti nepi ka ahir panalungtikan.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun ngajawab masalah-masalah dina
ieu panalungtikan. Kagiatan pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan ngaliwatan
sababaraha kagiatan, nya éta:
1) ngarobah caritaan siswa dina wangun lisan kana wangun tulisan;
2) mariksa hasil tés awal jeung tés ahir siswa; jeung
3) meunteun kana hasil tés awal jeung tés ahir caritaan siswa. Carana nya éta maké
pedoman anu geus ditangtukeun saperti dina tabél ieu di handap.
Tabél 3.4
Format Ajén Kamampuh Nyarita
No Kode
Siswa
A B C D E F Kategori
38
B = hubungan antar eusi caritaan
C = basa jeung kabeungharan kecap caritaan D = kalancaran
E = kawajaran urutan pedaran F = gaya nyarita
Sanggeus kapanggih skorna, tuluy dipeunteun dumasar rumusna:
Keterangan :
P = peunteun
∑ skor siswa = jumlah peunteun siswa
∑ skor maksimal = jumlah peunteun maksimal
Kategori :
Dumasar kana kritéria ketuntasan Minimal (KKM) nu geus ditangtukeun ku
sakola, yén:
Peunteun 70, siswa dianggap tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener. Sabalikna,
Peunteun ≤ 70, siswa dianggap can tuntas nyarita dina diskusi kalawan bener.
4) Ngasupkeun data peunteun tés awal jeung tés ahir kana ieu tabél di handap.
Tabél 3.5
No Kode
Siswa
Kritéria Peunteun ∑ P % Kategori
A B C D E F
P =
39
Data anu aya tuluy dianalisis maké analisis statistik. Léngkah-léngkahana
ngawengku(1) uji normalitas;(2) uji homogénitas; (3) uji gain; jeung (4) uji hipotésis.
3.8 Uji Sipat Data
a. Uji Normalitas
Uji normalitas nya éta uji sipat data anu fungsina pikeun mikanyaho normal
henteuna data populasi nu dipaké dina panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, uji
normalitas dilakukeun ku cara saperti:
1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna.
2) Ngitung rentang (r) maké ieu rumus di handap.
3) Nangtukeun jumlaah kelas interval (k).
4) Nangtukeun panjang kelas interval.
5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké tabél ieu di
handap.
Tabél 3.6
tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir
No Kelas Interval
r = peunteun panggedena – peunteun pangleutikna
k = 1 + 3,3 log N
40
6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké rumus
di handap.
Keterangan :
X = rata-rata (mean)
∑ = jumlah
= jumlah data = nilai tengah
(Sudjana, 2005, kc. 70)
7) Ngitung standar déviasi (s) kalayan maké rumus ieu di handap.
8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspektasi. Carana nya éta:
a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ekspétasi
Tabél 3.7
Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ekspétasi Pratés
Interval Oi BK
Handap
BK
Luhur
L
∑
X =
sd = √
41
b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)
c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)
d) Ngitung (transformasi normal standar bebas kelas)
e) Nangtukeun
f) Ngitung legana unggal kelas interval (L)
g) Ngitung frékuénsi ekspétasi (Ei)
h) Nangtukeun nilai (chi kuadrat)
(Sudjana, 2005, kc. 273)
9) Nangtukeun derajat kabebasan (dk)
(Sudjana, 2005, kc. 293)
10) Nangtukeun harga
11) Nangtukeun normalitas maké kritéria ieu di handap.
a. Lamun > , hartina data atawa populasi distribusina normal.
b. Lamun < , hartina data atawa populasi distribusina teu normal.
Sanggeus dilakukeun uji normalitas, tur data nu dihasilkeun normal, kagiatan nu
satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji
Z =
̅Ei = n x L
∑
42
(Arikunto, 2006, kc. 320)
b. Uji Homogénitas
Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu fungsina pikeun mikanyaho varian
populasi data nu diujikeun mibanda varian anu homogén atawa henteu.
Léngkah-léngkah uji homogénitas nya éta:
1) Ngitung variasi unggal kelompok
Variasi tés awal
Variasi tés ahir
(Sudjana, 2005, kc. 95)
2) Ngitung harga variasi (F)
3) Ngitung derajat kabebasan (dk)
4) Nangtukeun harga
5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria di handap
a) Lamun < hartina variasi sampel homogén.
b) Lamun > hartina variasi sampel henteu homoogén.
(Sudjana, 2005, kc. 250)
=
=
F =
43
c. Uji Gain
Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara
hasil tés awal jeung tés ahir. Hasil tina uji gain dipaké pikeun gambaran ngeunaan
pangaruh modél pangajran Time Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita
siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX 2 Bandung taun ajaran 2013-2014. Léngkah
dina nguji gain nya éta maké tabél ieu di handap.
Tabél 3.8
No Ngaran Siswa Peunteun tés
awal
Peunteun tés
ahir
D
∑
d. Uji Hipotésis
Uji hipotésis dilakukeunngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:
1) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun
tés ahir.
2) Ngitung derajat kabebasan (dk).
3) Ngitung jumlah kuadrat déviasi.
4) Ngitung t, rumusuna nya éta:
Md =
dk = n - 1
∑
d = ∑
-
44
Keterangan :
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina neda antara hasil tés awal jeung tés ahir
∑ d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subjek dina sampel
5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria.
a) Lamun > hartina hipotésis kerja ( ) ditarima jeung
hipotésis nol ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend
mampu ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA
Kartika XIX 2 Bandung.
b) Lamun < hartina hipotésis nol ( ) ditarima jeung hipotésis
kerja ( ) ditolak, nya éta modél pangajaran Time Token Arend teu
mampu dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1
78
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
Dina ieu bab dipedar tur diebrehkeun kacindekan hasil panalungtikan kuasi
ékspérimen perkara modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun kamampuh nyarita
siswa kelas X IPS SMA Kartika XIX-2 Bandung. Sanggeus dicindekkeun,
diebrehkeun saran-saran nu patali jeung panalungtikan.
5.1 Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan modélTime Token Arend dina
ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2
Bandung, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.
1) Kamampuh nyarita siswa dina basa Sunda saméméhmaké modélTime Token
Arend katingali masih kurang jeung jauh dina nyumponan kritéria katuntasan
minimal (KKM). Hal éta kabuktian tina hasil tés lisan jeung obsérvasi salila
pretés, masih loba siswa anu cicing jeung henteu nepikeun pamadeganna tur
skorna masih kurang, hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu tuntasaya 6
(17,1%) jeung nu can tuntas aya 29 (82,9%).
2) Kamampuh nyarita siswa siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung
sanggeus maké modél Time Token Arend ,ngaronjat tur bisa nyumponan kritéria
katuntasan minimal (KKM). Siswa anu tadina loba cicing jeung pasif dina
nyarita mampu nepikeun pamadeganna sok sanajan masih keneh era dina
nepikeunna. Kaayaan kelas dina pangajaran diskusi jadi leuwih tartib jeung hak
dina nepikeun pamadegan atawa kereteg haténa sarua atawa samarata,euweh
salahsahiji pihak anu ngadominasi. Hal ieu katitén kalayan rincian siswa nu
tuntas aya 30 (85,7%) jeung siswa nu can tuntas aya 5 (14,3%).
3) Aya bédana sanggeusmaké modélTime Token Arend dina ngaronjatkeun
kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2 Bandung, dumasar
79
jumlahna 73,4 . Hal ieu dirojong ogé ku hasil uji hipotésis anu nétélakeunyéntitung
(10,63) > ttabel (2,44).
Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yénmodél pangajaran Time Token
Arend éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA
Kartika XIX-2 Bandung.
5.2 Saran
Sanggeus dilakukeun panalungtikan modélTime Token Arend dina
ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa kelas X IPS 1 SMA Kartika XIX-2
Bandung, aya sababaraha saran anu baris ditepikeun nya éta :
1) Modél pangajaran Time Token Arend geus kabuktian kaéféktifann. Ku sabab
kitu, disarankeun sangkan ieu modél dijadikeun salahsahiji alternatif pikeun
guru-guru dina ngajar nyarita.
2) Sangkan leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modélTime Token Arend perlu
80
DAPTAR PUSTAKA
Anonim. (2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas
Pendidikan Indonesia.
Arend s. (2012) Pengertian Pembelajaran Kooperatif Time Token .
Tersedia:http://kuliahpgsd.blogspot.com/2012/01/langkah-langkah-modél-pembelajaran.html. [11 09 2013]
Arikunto, S. (2006) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta:
Rineka Cipta.
Arikunto, S. (2010) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta:
Rineka Cipta.
Arsyad, M. dan Mukti, U.S. (1988) Pembinaan Kemampuan Berbahasa Bahasa
Indonesia. Jakarta: PT Erlangga.
Firmansyah, A. (2011) ÉféktivitasModél Debat pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh
Nyarita (Studi Ékspérimen ka Siswa Kelas X SMA Pasundan 3 Bandung Taun
Ajaran 2010/2011). Skripsi Program Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Bandung: Tidak Diterbitkan.
Haerudin, D. (2009) Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI.
Haerudin, D. jeung Suherman, A. (2013) Panganteur Kaparigelan Nyarita.
Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Iskandarwassid. (2004) Raksarasa Antologi Basa jeung Sastra Sunda Katut
Pangajaranana. Bandung: CV. Geger Sunten.
Iskandarwassid, Spk. (2009) ModélModél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra
Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
LBBS. (1995) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.
Nugriyantoro, B. (2009) Penilaian dalam Pengajaran Bahasa Dan Sastra.
Yogyakarta: BDFE
Nurhayat, E. (2011) ÉféktivitasModél Pangajaran Talking Stick dina
81
VII SMPN 19 Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi Program Pendidikan
Bahasa Daerah FPBS UPI. Bandung: Tidak Diterbitkan.
Purnamasari, E.L. (2013) Éféktivitas Media Audio-Visual Pikeun Pangajaran
Maca Dongeng (Studi Kuasi Ékspérimen ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri
45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013). Skripsi Program Pendidikan Bahasa
Daerah FPBS UPI. Bandung: Tidak Diterbitkan.
Rahman. (2006) Teori Belajar Dan Pembelajaran. Bandung: -.
Sudjana, N. (2005) Metode Statistik. Bandung: Tarsito.
Suprijono, A. (2011) Cooperative Learning: Teori dan Aplikasi PAIKEW.
Yogyakarta: Pustaka Pelajar.