• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1202960 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1202960 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Dina pangajaran basa Sunda aya opat aspék kaparigelan, anu ngawengku kaparigelan ngaregepkeun, kaparigelan nyarita, kaparigelan maca, jeung kaparigelan nulis. Cara makéna basa bisa ngaliwatan dua media nyaéta media lisan jeung tulisan, ngaliwatan media lisan ngawengku kaparigelan ngaregepkeun jeung kaparigelan nyarita, sedengkeun ngaliwatan media tulisan mah ngawengku kaparigelan maca jeung kaparigelan nulis.

Nulis mangrupa salasahiji kaparigelan basa nu digunakeun pikeun komunikasi sacara teu langsung. Nulis miboga sipat produktif jeung éksprésif. Dina kagiatan nulis, nu nulis kudu miboga kaparigelan dina ngadumaniskeun struktur basa jeung kosa kecapna. Nulis bisa dina rupa-rupa widang, boh widang fiksi, boh widang non fiksi. Salasahiji conto nulis dina widang non fiksi nyaéta nulis laporan.

Nulis laporan nyaéta salasahiji cara komunikasi dimana nu nulis nepikeun informasi ka salasahiji jalma atawa lembaga lantaran tangungjawab anu diamanatkeun ka manéhna (Keraf, 2004, kc. 324). Nulis laporan téh kaasup salasahiji pangajaran anu aya di sakola nyaéta di SMP/MTs kelas VIII. Ayana pangajaran nulis laporan di sakola téh nyaéta pikeun ngalatih siswa sangkan parigel dina nulis, hususna dina nulis laporan anu mangrupa bekel pikeun siswa dina nyorang mangsa ka hareupna nyaéta mangsa nalika ancrub ka dunya masarakat hususna dunya gawé anu di jerona bakal patali jeung nulis laporan. Éta hal luyu jeung pamanggih Mary Elizabeth Fowler (dina A. Widyamartaya, Spk. 2005, kc. 3) dina bukuna Teaching Language, Literature and Composition“Today we are finding that the command of the written word is in increasing demand in

the business world, both as a key to job and success in it. ”Hartina nyaéta: “kiwari

(2)

Pangajaran nulis di sakola mangrupa prosés transformasi ide/gagasan tina pamikiran siswa kana wangun tulisan. Nyieun hiji tulisan téh lain hal anu gampang, ieu hal luyu jeung pamadegan Heaton (dina Slamet, 2008, kc. 141) yén nulis téh mangrupa kaparigelan anu hésé jeung kompléks. Loba hal anu kudu diébréhkeun sacara sistematis nepi ka nu maca bisa ngarti jeung maham kana naon anu dimaksud ku nu nulis.

Sakuduna nulis téh geus jadi kaparigelan siswa, tapi nilik kana kaayanna, loba kénéh siswa anu masih ngarasa hésé dina nulis. Pangajaran nulis anu dianggap hése ku siswa téh nyaéta nulis laporan, lantaran dina nulis laporan siswa diperedih sangkan mikir kritis ngébréhkeun eusi pikiranna sacara logis pikeun ngaruntuykeun kagiatan anu geus dilaksanakeun kana wangun tulisan. Ku kituna loba siswa anu hésé dina mekarkeun ide atawa gagasanna, mekarkeun rangka karangan, milih kandaga kecap anu merenah, nyusun kalimah sacara éféktif, jeung ngalarapkeun éjahan. Kurangna kamampuh siswa dina nulis laporan ngabalukarkeun rendahna kualitas karangan anu hasilkeun. Cara ngajar guru ogé di sakola masih konvénsional, éta hal ngabalukarkeun siswa teu resep kana pangajaran nulis, kaasup dina nulis laporan.

Pikeun ngungkulan bangbaluh di luhur, diperlukeun rupa-rupa tarékah. Salasahiji tarékahna nyaéta patali jeung modél pangajaran. Modél pangajaran dipiharep bisa méré stimulus ka siswa sangkan bisa ngébréhkeun ide/gagasanna ngaliwatan tulisan. Modél pangajaran (model of teaching) nyaéta rarancang dina nyusun kurikulum, ngatur materi pangajaran, sarta méré gambaran pikeun guru dina setting pangajaran di kelas (Rahman, 2007, kc. 1). Ku kituna modél pangajaran bisa leuwih mantuan guru dina nepikeun bahan pangajaran, sangkan tujuan dina prosés pangajaran bisa kahontal. Modél pangajaran ogé bisa nyieun suasana diajar sangkan teu monoton.

(3)

diungkulan sacara kelompok. Pangajaran anu dilakukeun sacara kelompok bakal ngaronjatkeun motivasi anu jauh leuwih gedé tibatan pangajaran sacara individual, sabab siswa bisa silih diajar jeung anggota nu séjénnna (Joyce, Spk. 2009). Modél pangajaran group investigation dipilih sabab dina hakékatna mah modél pangajaran group investigation mangrupa strategi dina prosés ngajar pikeun ngarojong guru dina nepikeun bahan ajar, sangkan siswa bisa aktif tur materi anu ditepikeun ku guru bisa leuwih kacangking ku siswa. Ku kituna dilarapkeunna modél group investigation dina pangajaran nulis laporan dipiharep bisa ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina nulis laporan.

Saméméhna, panalungtikan anu ngalarapkeun modél group investigation

(4)

Dumasar pedaran anu geus diébréhkeun di luhur, nu nyusun perlu ngalaksanakeun panalungtikan ngeunaan modél group investigation dina pangajaran nulis laporan. Ku kituna ieu panalutikan dijudulan “Modél Group Investigation pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Laporan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung Taun Ajaran 2015/2016)”.

1.2Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, hal anu rék ditalungtik nyaéta larapna modél group investigation dina nulis laporan di kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung. Léngkah-léngkah modél group investigation téh ngawengku: 1) Siswa disanghareupkeun kana kaayaan anu pinuh ku tetebakan (boh direncanakeun boh henteu), 2) Siswa ngaéksplorasi réaksi kana situasi, 3) Siswa ngarumuskeun tugas jeung ngatur pangajaran (masalah, definisi, kalungguhan, jeung pancén, jst), 4) Kamandirian jeung kelompok diajar, 5) Siswa nganalisis kamekaran jeung prosés, 6) Ngalakukeun deui prosés kagiatan atawa recycle activities. Kamampuh nulis laporan téh ngawengku: 1) eusi, 2) organisasi, 3) diksi, 4) makéna basa, jeung 5) mekanik. Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan baris dirumuskeun dina wangun kalimah tanya ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung saméméh dilarapkeun modél group investigation?

2) Kumaha kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung sabada dilarapkeun modél group investigation?

3) Naha aya béda anu signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung saméméh jeung sabada dilarapkeun modél group investigation?

1.3Tujuan

(5)

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun larapna modél group investigation dina pangajaran nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung taun ajaran 2015/2016.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun: 1) kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung

saméméh dilarapkeun modél group investigation;

2) kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung sabada dilarapkeun modél group investigation; sarta

3) béda anu signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung saméméh jeung sabada dilarapkeun modél group investigation.

1.4Mangpaat

Mangpaat dina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung pangpaat praktis, anu baris diébréhkeun ieu di handap.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mekarkeun modél pangajaran basa Sunda dina opat aspék kaparigelan basa nyaéta ngaregepkeun, maca, nyarita jeung nulis. Anu hususna dina pangajaran nulis laporan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis nyaéta, ieu di handap.

1) Pikeun siswa sangkan bisa ngaronjatkeun motivasi diajar siswa dina pangajaran nulis, hususna dina nulis laporan anu mangrupa hasil diajar-ngajar ngagunakeun modél group investigation.

2) Pikeun guru basa Sunda, sangkan bisa maluruh ngeunaan alternatif modél pangajaran basa Sunda, hususna pangajaran nulis, anu salah sahijina ngagunakeun modél group investigation dina pangajaran nulis laporan. 3) Pikeun panalungtik nyaéta bisa nambahan pangaweruh dina ngalarapkeun

(6)

1.5 Raraga Tulisan

Sacara gurat badag raraga skripsi dibagi jadi lima bab, anu diwincik ieu di handap.

BAB I mangrupa bubuka, anu ngawengku kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

BAB II mangrupa ulikan pustaka, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtikan, raraga mikir, jeung hipotésis, anu ngawengku tiori modél pangajaran, tiori modél pangajaran group investigation, tiori nulis, tiori laporan, pangajaran laporan dina SKKD mata pelajaran basa jeung sastra Sunda SMP/MTs kelas VIII taun 2006, modél group investigation dina pangajaran nulis laporan, kamampuh nulis laporan, panalungtikan saméméhna, kalungguhan tioritis panalungtikan, raraga mikir, jeung hipotésis.

BAB III mangrupa metode panalungtikan, anu ngawengku desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumen panalungtikan, prosedur panalungtikan, jeung téhnik nganalisi data.

BAB IV mangrupa hasil panalungtikan jeung pedaran, anu ngawengku kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung saméméh ngagunakeun modél group investigation, kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung sabada ngagunakeun modél group investigation, béda anu signifikan kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII-6 SMP Negeri 43 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél group investigation, jeung pedaran hasil panalungtikan.

Referensi

Dokumen terkait

Dalam peraturan yang ada hak pengelolaan dapat diberikan kepada instansi atau perusahaan baik melalui konversi atau melalui penetapan pemerintah/Permohonan juga Hak

Table 3.2 Kriteria Norma Penilaian Operan Basket

[r]

[r]

Dalam pembuatan mind mapping peserta didik dituntut untuk menggunakan. gambar dan simbol; menggunakan warna; ide/gagasan ditulis

atas kerugian yang terjadi pada pelaksanaan operasi kontrak operasi bersama. perusahaan minyak dan

Hubungan iq (intelligence quotient) dengan keterampilan teknik dasar futsal pada siswa ekstrakurikuler futsal SMA NEGERI 1 KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia |

pelayanan dengan baik untuk menciptakan kepuasan nasabah