• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1302589 Chapter I

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1302589 Chapter I"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Nalika maca, urang ngalakukeun hiji kagiatan mutalaah kana hiji téks. Téksna bisa mangrupa téks sastra atawa nonsastra. Nu kaasup téks sastra di antarana fiksi, puisi, jeung naskah drama. Éta sakabéh téks téh diaktualisasikeun kana basa. Ayana basa pikeun nepikeun sarta ngomunikasikeun informasi, gagasan, idé, rarasaan, amanat, jeung naon waé nu baris ditepikeun ku panulis ka nu maca. Singetna, basa téh mangrupa pakakas utama pikeun komunikasi.

Umumna kagiatan komunikasi bisa dilakukeun ku cara verbal atawa nonverbal. Verbal biasa diungkapkeun sacara lisan jeung tinulis. Béda jeung nonverbal nu biasa diungkapkeun ku basa isyarat maké gerak awak, panon, jeung sajabana.

Raharjo (dina Nurgiyantoro, 2014) nétélakeun yén komunikasi bisa dihartikeun salaku hiji prosés nepikeun kode atawa simbol basa ti pangirim ka nu narima. Carana bisa sacara langsung ku lisan atawa teu langsung ku tinulis. Ka dua hal éta miboga kahadéan jeung kakuranganana. Dina situasi lisan panyatur bisa langsung nepikeun tujuan komunikasina didukung ku faktor situasi jeung konteks nu sabenerna, saumpama aya nu ambigu gé bisa langsung ditanyakeun satra langsung aya jawabanana. Sabalikna, dina tinulis nu maca teu bisa langsung nanyakeun hal-hal naon waé nu teu dipikaharti.

Saluyu jeung hal nu di luhur, dina maca teks sastra nu maca ngan saukur nyingharepan buku atawa naskah. Otomatis, mun aya tulisan nu teu jelas maksudna nu maca kudu sababaraha kali maca éta teks, atawa miboga inisiatif pikeun langsung nanya ka nu ahlina ngeunaan naon anu dipimaksud.

(2)

varéasi basa. Varéasi basa éta muncul ku sabab ayana kabutuhan panyatur kana basa nu saluyu jeung situasi nu aya dina konteks sosialna. “Wujud varéasi basa éta mangrupa idiolék, dialék, ragam basa, régister, jeung undak-usuk” (Suwito dina Nurhadi, 2013, kc.8).

Basa umumna dipaké ku panyatur disaluyukeun jeung lingkungan tempat lumangsungna omongan. Dina wuwujudanana aya sagala rupa ragam atawa varéasi basa. Chaer jeung Agustina (1995, kc.56) ngabagi varéasi basa kana opat

Pamarekan basa dina paguneman naskah drama ngébréhkeun sagala rupa aspék kahirupan dina jihat émosi. Ti mimiti nanya, ngajawab, ngomong sorangan,

seuri, nyeungseurikeun, diseungseurikeun, nyarekan, dicarékan, ceurik,

diceurikan, ambek, diambekan, jsb. Basa dina naskah drama éta nyumpon kana tilu cara pikeun mangaruhan masyarakat saperti nu ditétélakeun ku Aristoteles nya éta ethos, logos, jeung pathos.

Rakhmat (dina Nurhadi, 2013:9) nétélakeun batasan ethos, pathos, jeung

logos. Ethos nya éta kasanggupan pikeun némbongkeun kamampuh nu lega, sikep

nu bisa dipercaya, jeung status panyatur nu hadé. Pathos kamampuh pikeun

ngaragap haté pamiarsa; rarasaan, emosi, harepan, kaambek, jeung kanyaah.

Logos nya éta mangaruhan pamiarsa ku cara logika (utek).

(3)

widang élmu anu mayungan pragmatik, wacana (discourse), stilistika, jeung seni

nuturkeun omongan (elocution).

Ku sabab pamakéan basa dina prosés panulisan naskah drama ngabutuhkeun pamanfaatan stratégi basa ku kituna diwujudkeun dina pamanfaatan wanda linguistik, pamanfaatan gaya basa nu tangtu, pamanfaatan konteks tutur, jeung pamanfaatan klien (minta tutur). Kajian retorik ieu ngamanfaatkeun hal-hal éta kana interaksi antara pragmatik jeung stilistika.

Panalungtikan pragmatik loba dilakukeun ku panalungtik strategi tindak tutur, implikatur, pamanfaatan prinsip kerja sama jeung prinsip kasopanan. Sajauh ieu panalungtik néangan panalungtikan khusus ngeunaan pragmastilistik naskah drama can aya. Aya ogé panalungtikan “Pragmastilistik Bahasa Indonesia (Kajian Omongan Hipnoterapi)” karangan Jatmika Nurhadi, S.S.,M.Hum

Manfaat pragmastilistik dina kahirupan sapopoé urang nya éta ayana seni dina paguneman sapopoé sarta jadi bahan pikiraneun pikeun saha waé anu pragmastilistik, struktur naskah dramana ogé kudu pikeun dipaluruh, ku sabab leuwih ngajéntrékeun bagéan-bagéan naon waé nu aya dina éta naskah drama.

Ku ayana kitu, panalungtik kataji pikeun maluruh hiji naskah drama nu saéstuna bisa ngeuyeban jeung maparin pangaweuruh sarta ngaleungitkeun kapanasaran panalungtik. Panalungtik ngayakeun panalungtikan ngeunaan hiji naskah drama nu judulna “Naskah Drama Rajapati Karangan Ahmad Bakri

(Tilikan Stuktural jeung Pragmastilistik)”.

1.2Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah jeung kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya di handap:

(4)

2) Kumaha struktur carita dina naskah drama rajapati?

3) Kumaha aspek-aspek pragmastilistik nu aya dina naskah drama rajapati karangan Ahmad Bakri?

1.3Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung masalah anu dipedar, ieu panalungtikan ngabogaan tujuan anu baris dihontal, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun maluruh naskah drama Rajapati karangan Ahmad Bakri ngaliwatan tilikan struktur jeung pragmastilistik. 1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan miboga tujuan nu hayang dihontal, nyaéta ngadéskripsikeun:

1. Deskripsi naskah drama Rajapati;

2. Struktur carita dina naskah drama Rajapati; jeung

3. Aspek-aspek pragmastilistik nu aya dina naskah drama Rajapati karangan Ahmad Bakri.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh di antarana mangpaat nu sipatna téoritis jeung nu sipatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis ieu panalungtikan nyaéta sangkan bisa méré sumbangan pikeun sistim atikan dina hal sastra, hususna ngeunaan élmu sastra, élmu basa, jeung pragmatik nu nyangkaruk dina naskah drama Rajapati karangan Ahmad Bakri tilikan struktur jeung pragmastilistik nu bisa ngalemeskeun budi jeung ngalempengkeun akal, sarta ngeuyeuban nilai budaya sastra Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

(5)

1) Pikeun nu Nalungtik

Ku ayana ieu panalungtikan, panalungtik bisa ngaplikasikeun kanyaho kana hiji naskah drama sarta ngulik leuwih teleb ngeunaan naskah drama Rajapati karangan Ahmad Bakri tilikan struktur jeung pragmastilistik.

2) Pikeun Siswa

Hasil ieu panalungtikan bisa dipaké siswa pikeun mikawanoh kana seni drama ogé ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kasenian tradisional Sunda. 3) Pikeun Guru

Ngaliwatan ieu panalungtikan bisa ngeuyeuban pangaweruh guru dina ngamekarkeun bahan ajar basa Sunda ku cara ngalarapkeun naskah drama Rajapati jadi bahan pangajaran.

4) Pikeun Masarakat

Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa numuwuhkeun minat jeung karesep nu balukarna bisa nimbulkeun karep pikeun ngamumulé seni tradisional Sunda, nyaéta seni drama di tengah-tengah pangaruh budaya modern.

1.5 Rangkay Tulisan

Sistematika anu dipaké pikeun nyusun ieu tésis, nya éta:

1.5.1 BAB I ngeunaan bubuka. Eusina ngawengku kasang tukang masalah,

watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat

panalungtikan, mangpaat panalungtikan, asumsi, jeung métode

panalungtikan.

1.5.2 BAB II ngeunaan tiori. Eusina ngawengku tiori nu baris dipaké dina nganalisis naskah drama Rajapati. Anapon tiori nu dipedar ngeunaan wangenan naskah drama, sturtur naskah drama, jeung pragmastilistik,. 1.5.3 BAB III ngeunaan metodologi panalungtikan. Eusina ngawengku desain

(6)

1.5.4 BAB IV ngeunaan analisis naskah drama Rajapati karangan Ahmad Bakri. Eusina ngawengku pedaran naskah drama, analisis struktural, verba perfomatif, jeung gaya basa dumasar kana hasil ulikan pragmastilistik.

Referensi

Dokumen terkait

Hak Cipta Komisi

[r]

Sebagai informasi yang penting dan tambahan pengetahuan bagi petugas kesehatan khusunya perawat komunitas untuk mengetahui hubungan peran keluarga dengan pengetahuan remaja putri

[r]

Dalam pembuatan mind mapping peserta didik dituntut untuk menggunakan. gambar dan simbol; menggunakan warna; ide/gagasan ditulis

Hubungan iq (intelligence quotient) dengan keterampilan teknik dasar futsal pada siswa ekstrakurikuler futsal SMA NEGERI 1 KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Menggunakan uji Anova dua jalur, untuk mengetahui perbedaan peningkatan pemahaman konsep geometri dan kemampuan tilikan ruang antara siswa yang menggunakan pembelajaran

Studi ini memfokuskan pada permasalahan bagaimana posisi perusahaan terhadap lingkungan internal dan lingkungan eksternal serta strategi pemasaran apa yang tepat diterapkan