• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1202017 Chapter (5)

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1202017 Chapter (5)"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

75

3.1Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi dokuméntasi. Ieu téhnik nya éta sumber–sumber tinulis anu dipaké pikeun ngarojong lumangsungna panalungtikan (Sugiyono, 2009, kc. 240).

Léngkah-léngkahna saperti anu kaunggel ieu di handap:

1) ngaidéntifikasi sumber data anu mangrupa dua buku kumpulan carpon Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga;

2) maca sakabéh carpon anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan; 3) maca inténsif carpon-carpon anu jadi sumber utama panalungtikan; 4) maluruh téori-téori anu patali jeung objék panalungtikan;

5) input data struktur, semiotik jeung ajén sosial budaya kana kartu data luyu jeung pedoman analisis.

3.2Téhnik Ngolah Data

Pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan, digunakeun téhnik struktural, semiotik, jeung sosiologi sastra. Téhnik struktural digunakeun pikeun maluruh struktur pangwangun carita pondok sangkan bisa dianalisis.

Téhnik anu kadua nya éta sémiotik. Sakumaha anu ditétélakeun ku Preminger (dina Pradopo, 2012, kc. 122) yén studi semiotik sastra mangrupa tarékah anu digunakeun pikeun nganalisis tanda sangkan hiji karya sastra miboga ma’na. Sosiologi sastra dipaké pikeun maluruh ajén-inajén sosial budaya anu nyangkaruk dina carpon dumasar interprétasi kana situasi sosial budayana.

Dumasar pedaran di luhur, léngkah-léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngadéskripsikeun data anu geus aya dina instrumén panalungtikan (kartu data) kana wangun tabél akumulasi.

2) Méré kode carpon jeung kode data. Kode carpon digunakeun pikeun ngabédakeun carpon dina Guriang Tujuh jeung carpon dina Surat keur ka Sawarga. Kode data nya éta kode anu digunakeun pikeun nyirian dta anu

(2)

76

a. kode carpon

conto 1 : Carpon kadua belas dina buku Guriang Tujuh kode : GT-12

katerangan : GT : Guriang Tujuh ; 12 : Carpon kadua belas b. kode struktur, semiotik, data sosial, ajén sosial, jeung ajén budaya

ngagunakeun téhnik kode anu sarua. conto : GT-01:8/12

katerangan : GT-01 : kode carpon ; 8 : kaca ; 12 : paragraf 3) Ngadéskripsikeun unsur intrinsik dina unggal carpon.

4) Ngébréhkeun hubungan antarunsur.

5) Ngulik harti anu aya dumasar hubungan antarunsur.

6) Ngulik ma’na sacara semiotik ku cara ngainterprétasikeun tanda (ikon, indéks, simbol) anu aya dina carpon.

7) Maluruh ajén-inajén sosial-budaya dina unggal carpon dumasar interprétasi tanda jeung data sosial.

8) Nyindekkeun hasil déskripsi jeung analisis struktur, semiotik jeung ajén-inajén sosial budaya anu aya dina sumber data.

3.8 Midangkeun Hasil Analisis

Sanggeus meunangkeun hasil panalungtikan, tuluy dipidangkeun dina widang atikan nonformal. Hasil analisis anu dipidangkeun dina hiji komunitas nulis carpon (Panglawungan 13), rarancang midangkeunna nya éta saperti ieu di handap.

1) Anggota maca dua carpon anu dipilih luyu jeung hasil panalungtikan. 2) Anggota nyaritakeun deui eusi carpon anu geus dibaca.

3) Anggota nyawalakeun unsur pangwangun carpon (téma, palaku, galur, jeung latar).

4) Kalawan luyu jeung rarancang, panalungtik jeung anggota nyawalakeun ajén-inajén sosial budaya anu aya dina carpon.

Referensi

Dokumen terkait

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Ieu téhnik miboga tujuan pikeun nyangking data saméméh dibéré perlakuan jeung sanggeus

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh jeung

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan dilaksanakeun dua kali nya éta pretest jeung postest,

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi pustaka jeung téhnik dokuméntasi. Studi pustaka nya éta téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data

struktural, semiotik, jeung étnopédagogik. 2) Panalungtikan saméméhna kana Babad Panjalu. 3) Raraga mikir dumasar konsep panalungtikan sacara gembleng. 4) Anggapan dasar dina ieu

Mangpaat praktis anu kapaluruh dina ieu panalungtikan nya éta. 1) Pikeun guru, ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salah sahiji sumber référénsi jeung bisa ngeuyeuban

Pamarekan objéktif digunakeun pikeun nganalisis struktur carita pondok (unsur intrinsik), sedengkeun pamarekan mimétik digunakeun pikeun kaayaan sosial masarakat dina

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh pikeun ngukur