TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN
DINA NASKAH WAWACAN SULUK DUA PANDITA RAI SARENG RAKA
SKRIPSI
Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan
ku
YULIA DARMILAH
0902599
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG
Transliterasi jeung Ajén Kaagamaan
dina Naskah Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka
Oleh
Yulia Darmilah
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Darmilah Yulia 2013
Universitas Pendidikan Indonesia
Agustus 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,
LEMBAR PENGESAHAN
YULIA DARMILAH 0902599
TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN
DINA NASKAH WAWACAN SULUK DUA PANDITA RAI SARENG RAKA
Disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I
Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP. 195906141986011002
Pangaping II
Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP. 196411101989032002
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
TRANSLITERASI JEUNG AJÉN KAAGAMAAN DINA NASKAH
WAWACAN SULUK DUA PANDITA RAI SARENG RAKA1)
Yulia Darmilah2)
ABSTRAK
Skripsi ini berjudul “Transliterasi jeung Ajén Kaagamaan dina Naskah Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka”. Isinya mendeskripsikan naskah, menyusun hasil transliterasi naskah, serta menganalisis nilai-nilai keagamaannya.Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan, yaitu teknik studi pustaka, analisis data, serta wawancara yang berfungsi sebagai pelengkap data. Adapun sumber data dalam penelitian ini adalah teks pada naskah Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka. Tujuan dari penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan, mentransliterasi, serta menganalisis nilai-nilai keagamaan dalam naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka.” Berdasarkan hasil penelitian, hasil yang dicapai dapat disimpulkan sebagai berikut: Transliterasi Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka memiliki nilai-nilai ajaran Islam yang terdiri dari (1) keutamaan basmallah, (2) asal penciptaan manusia, (3) kesulitan yang dialami seorang ibu ketika mengandung, (4) syahadatain, (5) ciri baligh, (6) amil yatim, (7) kasih sayang terhadap anak yatim, (8) adil, (9) kewajiban orang tua mendidik ajaran Islam, (10) menjauhi zina, (11) sabilullah, (12) sakaratul maut, (13) alam kubur, (14) siksa kubur, (15) mulasara
jenazah, (16) keutamaan do’a untuk jenazah, (17) saling mengingatkan, (18) rukun Islam, (19) jaga diri dari perbuatan tercela, (20) perintah salat, (21) mengagungkan Allah, (22) Iman-Islam, (23) zakat, (24) jaga anggota badan, (25) saum Ramadan, (26) Halal dan baik, (27) rukun iman, (28) ilmu falak, (29) neraka dan surga, dan (30) larangan mengéjék orang lain. Hasil penelitian ini dapat memperkaya nilai keislaman yang terdapat dalam khasanah budaya dan karya sastra Sunda, serta memperluas pengetahuan tentang keagamaan. Saran untuk peneliti, mahasiswa, dan pihak umum diharapkan agar mempertahankan kekayaan khasana sastra dan budaya Sunda dengan tidak melupakan warisan leluhur yang memiliki banyak keteladanan, serta dapat memahami pola pikir yang tetap selaras dengan kehidupan.
1) Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dr. Ruhaliah, M.Hum.
TRANSLITERATION AND RELIGION VALUES manuscript, arranging the result of manuscript transliteration and analyzing religion values. The methode of this thesis is descriptive methode nd the technic of this research is library view, analysis data and interview to complete the data. The source of data in this research is manuscript text “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka”. The purposes of this research are to describe, to transliterate and to analyze religion values in “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka” (11) “Sabilullah”, (12) “Sakaratul maut”, (13) beyond, (14) punishment in beyond, (15) “Mulasara” corpse, (16) the important point praying for corpse, (17) mutual riminding, (18) “Rukun Islam”, (19) to keep our life from bad manner, (20) imperation praying, (21) to great Allah, (22) Iman-Islam, (23) “Zakat”, (24) to keep our body, (25) Ramadhan fasting, (26) “Halalan thoyyiban”, (27) “Rukun Iman”, (28) astronomy, (29) hell and heaven, (30) prohibit to make funny. The result of this research can enrich religion values, (moslems) in Sundanese literature and also enlarge our mind, specially moslem religion. Suggestion for researcher, students and society could hold tightly Sundanese custom and keep the custom whose brought by ancertors their education can be implemental in our life.
DAPTAR EUSI
Kaca
PANGJAJAP ... i
CATUR NUHUN ... ii
ABSTRAK ... v
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... ix
DAPTAR LAMPIRAN ... x
DAPTAR SINGGETAN ... xi
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5
1.2.1 Rumusan Masalah ... 5
1.2.2 Watesan Masalah ... 5
1.3 Tujuan jeung Panalungtikan ... 6
1.3.1 Tujuan Husus ... 6
1.3.2 Tujuan Umum ... 6
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.5 Raraga Tulisan ... 7
BAB II DASAR TIORI 2.1 Transliterasi ... 8
2.1.1 Aksara Araab jeung Aksara Pégon ... 8
2.1.2 Sistem Transliterasi Aksara Pégon... 10
vii
2.2.1 Kamekaran Wawacan... 14
2.2.2 Klasifikasi Wawacan ... 14
2.3 Naskah-naskah Sunda Dumasar Ajén-ajén Kaislaman ... 17
2.4 Ajén ... 21
2.5 Tiori Kaagamaan ... 21
2.5.1 Kaagamaan ... 21
2.5.2 Agama Islam ... 21
2.6 Sumber Hukum Islam ... 22
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 24
3.2 Métode Panalungtikan ... 24
3.3 Wangenan Operasional ... 24
3.4 Instrumen Panalungtikan ... 25
3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 26
3.6 Téhnik Ngolah Data ... 26
3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ... 28
BAB IV ANALISIS DATA JEUNG HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Déskripsi Naskah ... 30
4.1.1 Identitas Naskah ... 31
4.1.2 Ringkesan Carita Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka ... 32
4.2 Transliterasi Naskah... 37
viii
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan ... 152
5.2 Saran ... 153
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Hirup berbudaya mangrupa salah sahiji paréntah ti Alloh swt., pikeun manusa. Hal éta teu leupas tina pancén manusa salaku khalifah atawa pamingpin di alam dunya, saperti nu kaunggel dina Kalam-Na, Al-Quran Surat Al-Baqoroh
(2) ayat 30.
Hiji komunitas atawa kelompok masarakat, moal beunang dipisahkeun
tina aturan sarta kabiasaan anu geus ngawujud adat-istiadat nu disebut budaya. Ku
kituna, pikeun sumebarna Islam di Nusantara, budaya jeung Islam sajalan dina
kamekaranana. Ngaliwatan kabudayaan, nepi kiwari napas-napas Islam aya dina
kasundaan.
Manusa diciptakeun ku Pangéran pikeun berbudaya. Contona, waktu diparéntah pikeun ibadah, manusa teu bisa ngaleupaskeun diri tina budaya. Di
Indonesia, waktu ngalaksanakeun ibadah solat, maké kopéah jeung sarung geus
jadi tradisi pikeun muslim (lalaki nu agamana Islam). Sedengkeun pikeun
muslimah (awéwé nu agamana Islam) maké mukena, sajadah, tasbé, jsté. Lantaran
kitu, katitén yén budaya téh mangrupa hal anu ngéntép seureuh, bisa robah alatan
jaman, sarta ajénna rélatif (teu mutlak).
Dina basa Arab, budaya disebut „Urf. Sacara harfiah hartina hal anu
dianggap hadé tur bisa ditarima ku akal séhat. Hal ieu saluyu jeung pamadegan
Hanafie (1975: 145), “„Urf ialah apa yang biasa dijalankan orang, baik dalam kata-kata maupun perbuatan. Dengan perkataan lain, ialah adat kebiasaan.”
Nurutkeun Baried dina Suryani (2012: 101) kabudayaan nya éta
pangaweruh manusa anu dipercaya bebeneranana, anu tumali jeung rasa manusa,
sarta jadi sumber pikeun ngajén. Boh nu hadé boh nu goréng, alus atawa
henteuna, bersih atawa kotor, jsb. Sabab, dina kabudayaan nyangkaruk ajén-inajén
2
Wujud kabudayaan dina wangun naskah, mangrupa objék anu bisa
dijadikeun tatapakan pikeun meunangkeun ajén kahirupan. Eusina mangrupa
eunteung tina kahirupan manusa jaman baheula anu euyeub ku pangalaman,
pangaweruh jeung ajaran.
Nurutkeun Baried dina Pudjiastuti (2006: 160), “Naskah kuno adalah
semua bahan tulisan tangan yang menyimpan berbagai ungkapan pikiran dan
ungkapan perasaan yang merupakan budaya bangsa masa lampau.”
Wujud kabudayaan dina wangun tulisan, mangrupa salah sahiji gambaran
tina hiji peradaban. Bangsa anu geus mikaweruh tulisan (budaya baca-tulis) hartina éta bangsa geus beradab. Ngaliwatan tulisan, amanat anu hayang ditepikeun ku kolot baheula ngajanggélék dina wangun naskah. Nurutkeun
Soebadio dina Suryani (2012: 102)
“Kebudayaan lama suatu bangsa dapat dikenal kembali melalui
bermacam bentuk, seperti dalam prasasti, candi atau peninggalan purbakala yang lain, serta naskah dan peninggalan yang berbentuk lisan. Naskah merupakan dokumen yang paling menarik, karena memiliki kelebihan, yaitu dapat memberi informasi yang luas dibandingkan peninggalan yang berbentuk candi, istana, atau pemandian suci. Peninggalan yang berbentuk puing bangunan besar tidak dapat berbicara
dengan sendirinya, tetapi harus ditafsirkan.”
Lubis, dkk., (2011: 186) nétélakeun yén naskah mangrupa wujud konkret
tina hiji tulisan leungeun anu diwangun ku sababaraha komponén bahan tulisan,
Téks atawa muatan naskah salah sahijina mangrupa wawacan. Nurutkeun
Sumardjo (2011: 110), wawacan téh hasil budaya jaman Islam. Sacara harfiah
hartina bacaan. Naskah-naskah wawacan urang Sunda, lain saukur dibaca ku
sorangan, tapi sok dipidangkeun dina wangun kasenian nu disebut beluk.
3
salah sahiji wangun karya sastra Sunda dina wangun dangding, dipiboga ku
masarakat Sunda sanggeus ayana pangaruh ti Mataram.
Naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka” kaasup kana
naskah tasaup. Ieu naskah salah sahiji koléksi Museum Geusan Ulun Sumedang.
Dina kaca anu mimiti, aya katerangan “Ieu wawacan kagungan, Ibu Juragan
Dipati, Pansiun Bandung.” Nu ngahibahkeun ka J.P.S bag. Museum, R. Ating
Nata di Koesoemah. Ieu naskah geus ngaliwatan sababaraha generasi, lantaran
katitén tina titimangsa dina naskah, ditulis dina taun 1334 Hijriah. Ku kituna umur
naskah geus ngahontal 100 taun, sabab kiwari taun 1434 Hijriah atawa taun 2013
Masehi. Dumasar itungan taun Masehi, ieu naskah aya dina taun 1913 M, jaman
saméméh Kamerdikaan.
Kiwari, loba masarakat Sunda anu can nyaho kana warisan karuhunna. Ieu
alatan robahna jaman anu teu dibarung ku kasadaran, yén kalintang luhungna
pangalaman kolot baheula. Hal séjénna anu matak salah harti nya éta sabagian
masarakat nganggap naskah ngan saukur barang karamat anu kudu diteundeun,
atawa nganggap eusi naskah geus teu saluyu atawa nyimpang tina ajaran Islam.
Lamun éta naskah teu ditalungtik, hamo lamun ajén-ajén anu nyangkaruk
dina naskah moal méré mangpa’at alatan teu diropéa. Ku sabab kitu, wawacan anu beunghar ku ajén-ajén kaislaman, ajaran, pangaweruh, basa, sastra sarta miboga
kaéndahan seni kudu dijaga kaaslianana sarta ditalungtik eusina. Sabab kiwari,
budaya timur anu euyeub ku ajén-ajén kaislaman geus mimiti dilindih budaya
barat. Saperti nu ditepikeun ku Simuh dina Kalsum (2008: 17)
“Pada peradaban global terdapat dilema yang dihadapi negara berkembang seperti Indonesia. Arus komunikasi dunia terbuka lebar-lebar. Hal yang menguntungkan dengan adanya kemudahan komunikasi global yakni pengaruh kemajuan ilmu dan teknologi yang datangnya dari negara-negara barat. Efek dari kemajuan ilmu dan teknologi ini diantaranya mensejahterakan umat manusia dari segi material. Bersamaan dengan itu, budaya barat pun menawarkan paham materialisme dan sekulerisme yang membahayakan kelestarian jati diri ketimuran yang berpegang teguh kepada
religi dan fisafat religius.”
4
Padahal kasuksésan teu ngan diukur ku matéri atawa haliah dunya, tapi aya
kaajegan pikiran jeung katenangan batin nu kudu dicumponan ku sakabéh
manusa. Sedengkeun sekulerisme mangrupa paham anu misahkeun perkara dunya jeung perkara ahérat tina sagala aspék kahirupan. Lamun niténan palasipah Sunda
“Élmu tungtut dunya siar, agama jeung darigama sarua pentingna” materialisme
jeung sekulerisme téh geus nyalahan atawa patukang tonggong jeung cecekelan hirup urang Sunda.
Salian ti éta, sawangan ngeunaan pentingna nalungtik karya sastra Sunda
buhun, ditandeskeun ogé ku Kalsum (2008: 18)
“Pengertian modern seringkali disalahtafsirkan oleh masyarakat yang sumber daya pemahaman tentang kemoderenan masyarakat masih rendah. Untuk mengantisipasi ancaman-ancaman itu seyogyanya memahami kembali pola pribadi luhur nenek moyang yang tertulis dalam naskah. Kemudian menyebarluaskan kembali, antara lain nilai-nilai kemanusiaan yang terkandung pada teosofi Tasawuf.”
Skripsi ngeunaan wawacan anu saméméhna geus aya di antarana, “Ajén
Kaagamaan dina Wawacan Syeh Abdul Kodir Jaélani” ku Ai Sadiah (2006), “Wawacan Abu Nawas: Transliterasi jeung Analisis Struktural Semiotika” ku Ranti Purnama Dewi (2012), “Ajén Budaya dina Wawacan Pangantén Tujuh
pikeun Bahan Pangajaran di SMP” ku Dewi Handayani (2012), “Struktur
Wawacan Jaka Sundang pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” ku Arif
Heryana (2011), “Analisis Struktur Wawacan Samaun pikeun Bahan Pangajaran di SMA Kelas XII” ku Anik Ziyanul Jannah (2011), jeung “Wawacan Budiman:
Analisis Struktural Semiotik pikeun Bahan Ajar Maca Carita Buhun di SMA ku
M. Riza Khairillah (2012).
Ajaran agama nu aya dina naskah kudu disalametkeun pikeun kasalametan
balaréa. Salah sahijina ngaliwatan panalungtikan naskah. Naskah “Wawacan
Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka” perlu pisan pikeun ditalungtik. Eusina
ngeunaan ajaran kaislaman anu euyeub ku ajén-ajén transenden. Minangka naskah anu kaasup kana tasaup, ieu naskah euyeub ku palasipah anu hadé pikeun
5 dumasar sumber ajén ajaran Islam. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan
“Transliterasi jeung Ajén Kaagamaan dina Naskah Wawacan Suluk Dua Pandita
Rai sareng Raka.”
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Dumasar judul skripsi anu dipedar, wawacan anu ditalungtik nya éta
naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka.” Cara nalungtikna museur
kana ajén-ajén kaagamaan. Sangkan ambahan dina ieu panalungtikan henteu lega
teuing, mangka ieu panalungtikan museur kana ajén-ajén agama Islam. Ku
kituna, ieu panalungtikan perlu diwatesanan, nya éta déskripsi naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka,” transliterasi naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka,” jeung ajén kaagamaan dina naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka.”
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah panalungtikan, rumusan masalah dina ieu
panalungtikan nya éta:
1) Kumaha déskripsi wangun jeung eusi Wawacan Suluk Dua Pandita Rai
sareng Raka?
2) Kumaha hasil transliterasi naskah Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng
Raka?
3) Ajén kaagamaan naon waé anu nyampak dina naskah Wawacan Suluk Dua
6
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Dumasar kasang tukang sarta rumusan masalah, ieu panalungtikan miboga
tujuan umun pikeun ngahudang kasadaran sangkan mikacinta tur ngaruwat budaya
titinggal kolot baheula, salasahijina dina wangun naskah anu kiwari ajén-ajénna
tetep luyu jeung kahirupan.
1.3.2 Tujuan Husus
Ieu panalungtikan disusun kalawan miboga tujuan pikeun ngabuktikeun
jawaban tina rumusan masalah, di antarana:
1) Ngadéskripsikeun wangun jeung eusi Wawacan Suluk Dua Pandita Rai
sareng Raka.
2) Nyusun hasil transliterasi Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka.
3) Ngadéskripsikeun ajén kaagamaan anu nyampak dina naskah Wawacan
Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpa’at anu dipiharep tina ieu panalungtikan, nya éta:
1) Pikeun panalungtik: mikanyaho kana eusi naskah “Wawacan Suluk Dua
Pandita Rai sareng Raka” sarta pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan
ajaran kaagamaan dina eusi naskah.
2) Pikeun mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah: ngahudang kasadaran
sangkan ngaraksa-ngariksa tur mikacinta warisan kolot baheula, salah sahijina
dina wangun wawacan anu luhung ku ajén-ajén kahirupan.
1.5 Raraga Tulisan
Raraga dina nulis ieu skripsi, nya éta:
1) BAB I ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga
7
2) BAB II mangrupa dasar tiori ngeunaan transliterasi, ajén kaagamaan jeung
wawacan.
3) BAB III mangrupa métodologi panalungtikan anu ngawengku desain
panalungtikan, dirancang pikeun ngajawab jeung ngajéntrékeun
masalah-masalah panalungtikan. Métode anu digunakeun nya éta déskriptif analisis.
Wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun
data, téknik ngolah data, sarta léngkah-léngkah panalungtikan.
4) BAB IV mangrupa laporan panalungtikan jeung analisis data anu
ngawengku transliterasi naskah jeung analisis naskah.
5) BAB V mangrupa bagian pamungkas tina skripsi. Eusina nyindekeun hasil
BAB III
MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
3.1Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirancang pikeun ngajawab jeung
ngajéntrékeun masalah-masalah panalungtikan. Desain panalungtikan anu bakal
dipaké dina ieu panalungtikan nya éta 1) nangtukeun masalah, 2) studi
pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun
anggapan dasar, 5) nangtukeun sumber data, 6) nangtukeun jeung nyusun
instrumén, 7) ngumpulkeun data, 8) nganalisis data, 9) nyieun kacindekan, jeung
10) nyusun laporan (Arikunto, 2010: 62).
3.2Métode Panalungtikan
Métode nya éta padika atawa cara (KUBS: 291). Dina hal ieu padika
pikeun ngungkulan pasu’alan panalungtikan. Métode déskriptif nya éta métode
pikeun ngungkulan pasu’alan anu aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun
papasingan, analisis data, jeung napsirkeun data (Surachman dina Kurniawan,
1996: 38).
Métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun kaayaan atawa
kajadian nu keur disanghareupan. Ku kituna ieu panalungtikan ngagunakeun
métode déskriptif nu digunakeun pikeun nganalisis jeung nafsirkeun data. Ku
dipakéna ieu métode dipiharep sangkan bisa ngahontal tujuan panalungtikan.
3.3Wangenan Operasional
Ieu panalungtikan dijudulan “Transliterasi jeung Ajén Kaagamaan dina
Naskah Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka”. Sangkan leuwih jéntré,
dipedar harti dumasar kecapna. Di antarana:
1. Transliterasi: nya éta ngaganti aksara ku aksara séjén tanpa ngarobah basa
26
2. Ajén: nya éta hal anu tumali jeung kasang tukang, karep, jeung karesep,
anu ngalantarankeun manusa lumaku saluyu jeung kaayaan masarakat anu
tangtu.
3. Kaagamaan: nya éta hal-hal anu aya patalina jeung agama.
4. Naskah: mangrupa wujud konkret tina hiji tulisan leungeun anu diwangun
ku sababaraha komponen bahan tulisan, sarta basa anu mibanda téks
Lubis, dkk. (2011: 186).
5. Wawacan: nya éta hikayat anu ditulis dina wangun puisi nu disebut
dangding.
6. Suluk: sastra kitab élmu tasaup.
7. Pandita: nya éta jalma anu ninggalkeun kadunyaan supaya bisa jongjon
ibadah.
3.4 Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu digunakeun dina panalungtikan kualitatif nya éta jalma anu
nalungtik (human instrumént) (Sugiyono, 2012: 306). Sanggeus ngarumuskeun masalah panalungtikan, instrumén panalungtikan anu digunakeun nya éta
triangulasi (gabungan) mangrupapedoman wawancara, jeung tala’ahpustaka.
1) Pedoman wawancara
Pedoman wawancara digunakeun pikeun meunangkeun informasi
ngeunaan naskah wawacan ti pustakawan di museum Geusan Ulun Sumedang. Wawancara dilaksanakeun kalayan ngagunakeun patokan anu geus disusun
tianggalna (wawancara terstruktur), mangrupa daftar pertanyaan anu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan. Pertanyaan-pertanyaan anu digunakeun
dina lambar wawancara di antarana:
PEDOMAN WAWANCARA
1. Ti saha pihak museum ngéngingkeun naskah “Wawacan Suluk Dua
27
2. Kumaha carana (pihak museum) ngéngingkeun ieu naskah? Naha kénging
ngagaleuh, dilironan ku barang, atanapi aya nu ngahibahkeun ka pihak
museum?
3. Iraha ieu naskah katampina ku pihak museum?
4. Ku saha katampina ieu naskah?
5. Ieu naskah tiasa dianggo atanapi ditambutkeun ka masarakat umum
atanapi henteu? Naon alesanana?
6. Sok dianggo dina acara naon ieu naskah?
7. Saha nu nulis ieu naskah?
Sakumaha pamadegan Sugiyono (2012: 328) sangkan hasil wawancarana
nyugemakeun, mangka kudu ngagunakeun sababaraha alat.
a. Buku catetan: pikeun nyatetkeun data/hasil wawancara.
b. Alat perekam: dina hal ieu panalungtik ngagunakeun Hand phone.
c. Kaméra: salaku bukti nalika panalungtik ngawawancara informan.
2) Tala’ah Pustaka
Tala’ah pustaka digunakeun pikeun meunangkeun informasi tina buku-buku
salaku bahan/sumber bacaan.
3.5Téhnik Ngumpulkeun Data
Cara pikeun ngumpulkeun data kacida pentingna dina panalungtikan.
Lantaran tujuan tina panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun data. Téknik
pengumpulan data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta studi lapangan,
studi pustaka, wawancara (interview), jeung dokuméntasi.
1) Studi lapangan digunakeun pikeun néangan sarta meunangkeun naskah.
2) Studi pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara nala’ah
sababaraha pustaka anu tumali jeung garapan panalungtikan.
28
3.6Téhnik Ngolah Data
Dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, dilaksanakeun analisis data.
Waktuna saméméh panalungtikan, salila panalungtikan, jeung sanggeus
panalungtikan. Sakumaha pamadegan Bogdan dina Sugiyono (2012: 334) yén
analisis data nya éta prosés néangan sarta nyusun data anu dicangking ti lapangan
kalayan sistematis, babari dipikaharti, sarta naon-naon anu kapanggih salila
panalungtikan bisa ditepikeun ka jalma séjénna.
3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan
Tahapan atawa léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan
nya éta tatahar, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyusun laporan
panalungtikan.
A. Léngkah Tatahar
Léngkah-léngkah dina tatahar di antarana:
1. Ulikan pustaka;
2. Ngajukeun judul panalungtikan;
3. Nyusun rarancang panalungtikan;
4. Konsultasi ka dosén pangaping.
B. Léngkah Ngumpulkeun Data
Sawatara léngkah pikeun ngumpulkeun data di antarana:
1. Ngumpulkeun sawatara bahan anu tumali jeung panalungtikan;
2. Maca naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka” kalayan
gembleng, buku-buku ngeunaan naskah, sastra, buku-buku agama Islam,
buku-buku tasaup jeung buku ngeunaan téori filologi;
3. Ngayakeun konsultasi jeung dosén pangaping.
C. Léngkah Ngolah Data
Sanggeus bérés ngumpulkeun data, léngkah saterusna nya éta
29
1. Niténan data anu geus dikumpulkeun;
2. Ngadéskripsikeun naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng
Raka”;
3. Nyusun transliterasi naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng
Raka”;
4. Nganalisis naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka“
dumasar ka na ajén kaagamaanana;
5. Nyindekkeun naskah anu geus diolah;
6. Nafsirkeun data anu geus diolah.
D. Léngkah Nyusun Panalungtikan
Nyusun laporan panalungtikan mangrupa tahapan atawa léngkah anu
pamungkas dina ieu panalungtikan. Hasil panalungtikan ngeunaan transliterasi
jeung ajén kaagamaan dina naskah wawacan disusun kalayan sistematis dina
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Transliterasi mangrupa kagiatan ngaganti aksara ku aksara séjén
tanpa ngarobah basa jeung hartina. Sedengkeun analisis mangrupa prosés
ngalarapkeun élmu atawa kaweruh anu geus dicangking kana hal anu jadi
obyék analisis. Sanggeus dianalisis, ajén-ajén kaagamaan anu nyangkaruk dina naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka” mangrupa ajén anu tetep saluyu jeung kahirupan.
Naskah “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka” mangrupa hasil kabudayaan manusa Sunda dina wangun tulisan anu ngagambarkeun
palasipah hirup, sarta euyeub ku ajén-ajén kaagamaan. Amanat ti
pangarang ditepikeun dina eusi naskah anu diwincik dina wangun
guneman dua dulur, nya éta antara Pandita Buana reujeung Pandita
Wisésa.
Transliterasi mangrupa kagiatan anu ngabutuhkeun puseur panitén
anu gemet kalawan taliti. Dumasar hasil transliterasi, jeung analis ajén kaagamaan anu kapanggih dina “Wawacan Suluk Dua Pandita Rai sareng Raka”, ajén kaagamaanana nya éta (1) kautamaan basmallah, (2) asal ciciptan manusa, (3) payahna indung waktu ngandung, (4) syahadatain, (5)
ciri balég, (6) amil yatim, (7) nyaah ka budak yatim, (8) adil, (9) kawajiban kolot ngajar kaislaman, (100 cegah perkara jima’, (11) sabilullah, (12) sakaratul maut, (13) alam kubur, (14) siksa kubur, (15)
mulasara layon, (16) kautamaan dunga pikeun layon, (17) silih geuing,
(18) rukun Islam, (19) raksa diri tina lampah goréng, (20) paréntah solat,
(21) ngagungkeun Pangéran, (22) Iman-Islam, (23) jakat, (24) Raksa
Anggahota Badan, (25) Saum Romadon, (26) Halal tur hadé, (27) rukun
iman, (28) élmu palak, (29) naraka jeung sawarga, jeung (30) ulah
153
1) Pikeun sakumna pihak, dipiharep bisa ngarojong hasanah budaya Sunda
nu mangrupa naskah ku cara ngaruwat sarta ngawanohkeun deui
kabeungharan budaya Sunda dina wangun tulisan (wawacan) di jenjang
atikan ti mimiti tingkat sakola dasar nepi ka tingkat paguron luhur;
2) dipiharep tumuwuhna kasadaran pikeun ngaraksa-ngariksa tur mikacinta
warisan kolot baheula, salah sahijina dina wangun wawacan anu luhung ku
ajén-ajén kahirupan;
3) dina ieu panalungtikan kapanggih ajén-ajén ajaran Islam sarta élmu
pangaweruh séjénna (élmu palak, ahlak, élmu alam, jrrd.) anu bisa
ditungtik kahareupna, ku kituna panyusun miharep ieu hasil panalungtikan
réa mangpaatna, sarta ka hareupna aya panalungtik anu leuwih gemet
DAFTAR PUSTAKA
Sumber Buku:
Al-„Alim Al-Fadil bin „Abdul Mu‟thi Muhammad Nawawi Al-Jawi, Al-Imam.
1277 H. Tasik: Toko Kairo.
Al-Quran Tarjamah Sunda, Al-Amin. 2003. Bandung: Diponegoro. Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.
Az-Zabidi, Imam. 2002. Ringkasan Hadis Shahih Al-Bukhari. Jakarta: Pustaka Amani.
Departemen Pendidikan Nasional UPI. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Press.
Gazalba, Sidi. 1976. Ilmu Islam 1. Jakarta: Bulan Bintang. Hanafie, A. 1975. Usul Fiqh. Jakarta: Widjaja.
Ja‟far, Fathuddin. 2007. Spiritual, Emotional, & Intellectual Empowerment Road to The Great Succes. Depok: Spiritual Learning Center.
Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi Keempat. 2008. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.
LBSS. 1992. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.
Lubis, dkk., Nina H. 2011. Sejarah Perkembangan Islam di Jawa Barat. Yayasan Mayarakat Sejarawan Indonesia Cabang Jawa Barat bekerja sama dengan
Pemerintah Provinsi Jawa Barat.
Nasution, Harun. 2008. Islam Ditinjau dari Berbagai Aspeknya Jilid I. Jakarta: Universitas Indonesia Press.
Pudjiastuti, Titik. 2006. Naskah dan Studi Naskah. Bogor: Akademia. Qurthubi, Imam. 2011. Tanda-tandana Orang Akan Mati. Bandung: Jabal. Hasbullah, Muhammad. 1227 H. Riyadul Badi’ah.Tasik Malaya: Toko Kairo.
Rosidi, Ajip. 2011. Wawacan. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Ruhaliah. 2011. Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni.
154
Sugiyono. 2012. Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif,
dan R & D. Bandung: Alfabeta.
Sumardjo, Jakob. 2011. Sunda Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir. Suryani NS, Elis. 2012. Filologi. Bogor: Ghalia Indonesia.
Sumber Skripsi:
Afriyanti, Eva. 2009. “Ajén Atikan dina Naskah Wawacan Tata Cara Ngurus Orok.” Skripsi FPBS UPI: henteu dipedalkeun.
Kurniawan, Wawan. 1996. “Ajén Palasipah jeung Ajén Agama dina Babasan jeung Paribasa.” Skripsi FPBS UPI: henteu dipedalkeun.
Sumber Internet:
Kalsum. 2008. Wawacan Buwana Wisesa Sebuah Karya Sastra Tasawuf Edisi Teks dan Analisis Struktur. [Online].
Tersedia:http://docfiles.com//pdf_oleh_dr_kalsum_m_hum.html [25 Juli
2013]
Sauri, Sofyan. 2009. Pendidikan Umum/Pendidikan Nilai. [Online].
Tersedia:sofyanpu.blogspot.com//2009/07/pembinaan-keperibadian-guru-berbasis-html [25 Juli 2013]
Yuniardi. 2009. Watek Pupuh. [Online].