• Tidak ada hasil yang ditemukan

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH”.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH”."

Copied!
23
0
0

Teks penuh

(1)

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKAN

DINA NASKAH (MANUSCRIPT)

WAWACAN BARJAH

(Ulikan Budaya-Étnopédagogi)

TÉSIS

Diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

WULAN WIDIANINGSIH NIM 1201660

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKAN

DINA NASKAH (MANUSCRIPT)

WAWACAN BARJAH

(Ulikan Budaya-Étnopédagogi)

Oleh

Wulan Widianingsih

S.Pd UPI Bandung, 2012

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Wulan Widianingsih 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

WULAN WIDIANINGSIH NIM 1201660

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKAN

DINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” (ULIKAN BUDAYA-ÉTNOPÉDAGOGI)

Disaluyukeun tur disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum

NIP 19641110 198903 2 002

Pangaping II,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum

NIP 19590614 198601 1 002

Kauningaan ku,

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum

(4)

viii

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... v

TAWIS NUHUN ... vi

DAPTAR EUSI ... viii

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xiv

DAPTAR BAGAN ... xvi

DAPTAR SINGGETAN ... xvii

DAPTAR LAMPIRAN ... xviii

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... ... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah Panalungtikan ... ... 5

1.3 Rumusan Masalah Panalungtikan ... ... 6

1.4 Tujuan Panalungtikan ... ... 6

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... ... 6

1.5.1 Mangpaat Téoritis ... ... 7

1.5.2 Mangpaat Praktis ... ... 7

1.6 Struktur Organisasi Tésis ... ... 8

BAB II FILOLOGI, WAWACAN, TRANSLITERASI, BUDAYA, AJÉN ATIKAN, JEUNG ÉTNOPÉDAGOGI 2.1Filologi ... 10

2.1.1 Wangenan Filologi…. ... 10

2.1.2 Tujuan Filologi ... 11

(5)

ix

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

2.1.4 Métode Panalungtikan Filologi ... 17

2.2Wawacan ... 20

2.2.1 Wangenan Wawacan ... 20

2.2.2 Sajarah Kamekaran Wawacan ... 21

2.2.3 Fungsi Wawacan ... 24

2.2.4 Papasingan Wawacan ... 24

2.3Sistem Transliterasi Arab Pégon ... 28

2.4Budaya ... 31

2.4.1 Wangenan Kabudayaan ... 31

2.4.2 Wujud Kabudayaan ... 32

2.4.3 Unsur Budaya ... 33

2.5Ajén Atikan ... 38

2.6Étnopédagogi ... 44

2.7Anggapan Dasar ... 46

2.8 Raraga Mikir ... 46

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data ... 49

3.2 Desain Panalungtikan ... 49

3.3 Métode Panalungtikan ... 51

3.4 Wangenan Operasional ... 52

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 53

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 58

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 59

BAB IV DÉSKRIPSI, TRANSLITERASI, ANALISIS UNSUR BUDAYA, JEUNG ANALISIS AJÉN ATIKAN DINA WAWACAN BARJAH 4.1 Déskripsi Naskah Wawacan Barjah ... 61

4.1.1 Raratan Naskah Wawacan Barjah ... 61

(6)

x

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

4.1.3 Aksara Arab Pégon nu Digunakeun dina Wawacan ... 63

4.2 Transliterasi Naskah (Manuscript) Wawacan Barjah ... 64

4.2.1 Ringkesan Carita Wawacan Barjah ... 174

4.3 Analisis Unsur Budaya dina Naskah (Manuscript) Wawacan Barjah ... 176

4.4 Analisis Ajén Atikan dina Naskah (Manuscript) Wawacan Barjah ... 292

4.5 Pedaran Hasil Analisis ... 325

4.6 Rarancang Modél Pangajaran Aprésiasi Sastra di Désa Palasari Kec.Ciater-Subang ... 332

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 341

5.2 Saran ... 344

DAPTAR PUSTAKA ... 345

(7)

49

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta unsur budaya jeung ajén atikan dina karya sastra Sunda buhun. Lantaran panalungtik ngagunakeun téhnik dokuméntasi pikeun meunangkeun data nu mangrupa dokumén, anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta tulisan. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”, nu mangrupa dokumén pribadi Nini Cékoy (82 th), Kampung Bunut Rt 13/ Rw 06, Désa Ciuyah Kecamatan Cisarua, Kabupaten Sumedang. Nini Cékoy meunang éta naskah wawacan ti salakina (Aki Usin (Alm)). Ieu naskah “Wawacan Barjah” téh teu kapaluruh saha nu ngarang jeung nu nyalinna. Tapi, dina kolofon naskah “Wawacan Barjah” katitén tempat ditulisna éta naskah nya éta di Kampung Gelembung Mandalahérang Sumedang. Aya kamungkinan, yén éta naskah “Wawacan

Barjah” téh dikarang atawa disalin ku rundayan silsilah kulawarga Aki Usin (Alm). Éta sumber bisa ngawakilan data anu ditalungtik, hususna dina jihat budaya jeung étnopedagogi.

3.2 Desain Panalungtikan

(8)

50

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

éta naskah wawacan. Patalina jeung masalah dina ieu panalungtikan, alur ieu panalungtikan digambarkeun sakumaha bagan ieu di handap.

Bagan 3.1 : Alur Panalungtikan

Jejer Panalungtikan

Unsur Budaya jeung Ajén Atikan dina Naskah (Manuscript) “Wawacan

Barjah” (Ulikan Budaya-Étnopédagogi)

Sumber Data : Naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”

 Instrumén : Padoman wawancara, jeung analisis téks nu ngagunakeun padoman kartu data

Analisis Data

1) Unsur-unsur budaya

2) Ajén-inajén atikan karakter dina naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”

Transliterasi Naskah“Wawacan Barjah”

Déskripsi Naskah “Wawacan Barjah”

Ngadéskripsikeun Hasil Analisis Data

(9)

51

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, métode anu digunakeun nya éta métode déskriptif analitik. Nurutkeun Alwasilah (dina Sukardi, 2007, kc. 36-37), métode déskriptif analitik nya éta salah sahiji métode anu aya dina panalungtikan kualitatif. Ieu métode nurutkeun Nazir (dina Atisah, 1999, kc. 3) miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun, ngagambarkeun, atawa medar sacara sisematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta, sipat-sipat, sarta hubungan antarfénoména anu ditalungtik.

Éta hal luyu jeung nu diébréhkeun ku Sukmadinata (2012, kc. 72) yén métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa kajadian. Boh kajadian nu sipatna alami boh kajadian nu sipatna rékaan, kalawan museurkeun ulikan kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaanana, sarta bédana jeung kajadian lianna.

Dumasar katerangan di luhur, bisa dicindekkeun yén métode déskriptif nya éta métode anu ngungkulan pasualan-pasualan anu anyar ku jalan ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, jeung napsirkeun data.

(10)

52

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

picontoeun manusa. Sarta, rarancang modél pangajaran nu disusun dumasar hasil analisis ajén-inajén atikan karakter sangkan bisa diaprésiasi ku para rumaja.

3.4 Wangenan Operasional

Aya istilah nu perlu ditepikeun ngeunaan katerangan-katerangan anu aya patalina jeung objék panalungtikan, nya éta ieu di handap.

1) Unsur Budaya

Unsur budaya nya éta hal-hal anu ngawangun kabudayaan sacara gembleng di hiji daérah. Nurutkeun Koentjaraningrat (2009, kc. 165), yén unsur-unsur kabudayaan téh aya tujuh, nya éta: (1) basa, (2) sistem pangaweruh, (3) organisasi sosial, (4) pakakas jeung téknologi, (5) pakasaban, (6) kapercayaan, jeung (7) kasenian. Unsur budaya dina ieu panalungtikan nya éta unsur-unsur kabudayaan universal nu nyampak dina naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”. 2) Ajén Atikan

Ajén atikan téh nya éta nilai pendidikan nu bisa dijadikeun pieunteungeun katut picontoeun manusa. Ajén atikan dina ieu panalungtikan nya éta ajén-inajén atikan karakter dumasar kana Pusat Kurikulum Departemen Pendidikan Nasional nu nyampak dina naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”.

3) Naskah (manuscript)

Naskah (manuscript) nya éta salah sahiji titinggal budaya Sunda dina wangun tulisan. Luyu jeung éta hal, Iskandarwassid (2003, kc. 90) nétélakeun yén naskah dina ulikan sastra nya éta wacana (téks) hasil tulisan biasana dibeundeul/dibukukeun, tapi lain hasil citak. Dina naskah, leubeut ku sawangan hirup, palsapah, jeung ajén-inajén anu luhung, nu perlu dipikawanoh ku masarakat kiwari. Naskah (manuscript) dina ieu panalungtikan nya éta naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”.

4) “Wawacan Barjah”

(11)

53

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

meunangkeun unsur budaya nu nyampak dina naskah, dianalisis dumasar kana tujuh unsur-unsur kabudayaan. Ajén atikan dianalisis dumasar paripolah, kalimah nu diucapkeun ku tokoh, tina pangalaman tokoh-tokoh nu aya dina naskah, sarta tina sikep jeung caritaan boh anu nembrak boh anu nyamuni dina ieu eusi naskah.

“Wawacan Barjah” dina ieu panalungtikan mangrupa koléksi Nini Cékoy (82 th), Kampung Bunut Rt 13/ Rw 06 Désa Ciuyah Kecamatan Cisarua, Kabupaten Sumedang. Nini Cékoy meunang éta naskah wawacan ti salakina (Aki Usin (Alm)). Ieu naskah téh teu kapaluruh saha nu ngarang jeung nu nyalinna. Tapi, dina kolofon naskah katitén tempat ditulisna éta naskah, nya éta di Kampung Gelembung Mandalahérang Sumedang. Tapi aya kamungkinan yén éta naskah téh dikarang atawa disalin ku rundayan silsilah kulawarga Aki Usin (Alm).

5) Budaya

Budaya nya éta sagala rupa kagiatan anu geus jadi hiji kabiasaan. Baried spk. (1985, kc. 85-86) ngahartikeun budaya salaku:

Kelompok adat kebiasaan, pikiran, kepercayaan, dan nilai yang turun temurun dipakai oleh masyarakat pada waktu tertentu untuk menghadapi dan menyesuaikan diri terhadap segala situasi yang sewaktu-waktu timbul, baik dalam kehidupan individu maupun dalam kehidupan masyarakat sebagai keseluruhan.

Budaya dina ieu panalungtikan dijadikeun acuan pikeun maluruh unsur-unsur budaya nu nyampak dina naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”.

6) Étnopédagogi

Alwasilah (2010, kc. 45) nétélakeun yén étnopédagogi nya éta prakték atikan nu basisna kaaripan lokal dina rupa-rupa hal. Kaaripan lokal museurkeun kana pangaweruh salaku sumber inovasi jeung karancagéan nu bisa dibudidayakeun pikeun karaharjaan masarakat. Kaaripan lokal aya hubunganana jeung pangaweruh anu dihasilkeun, diteundeun, dikelola, jeung diwariskeun. Kaaripan lokal dina ieu panalungtikan mangrupa ajén-inajén karakter bangsa nu

nyampak dina naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”.

(12)

54

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Instrumén nya éta alat anu dipaké ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data. Instrumén panalungtikan anu digunakeun nya éta padoman wawancara, jeung analisis téks nu ngagunakeun padoman kartu data. Padoman wawancara anu digunakeun mangrupa gurat badag tina masalah anu hayang ditanyakeun. Padoman anu digunakeun nya éta:

1) Naon judul naskah?

2) Saha anu boga naskah (ngaran, umur, alamat, pakasaban)? 3) Salian ti nini, saha deui nu boga naskah “Wawacan Barjah”?

4) Ti mana asal-muasalna ieu naskah? Naha meunang meuli/paméré/warisan/ nginjeum?

5) Saha anu nyalin/nu nulis/nu ngarang ieu naskah? (ngaran, umur, alamat, pakasaban)?

6) Saha waéanu kungsi maca/nalungtik, nyatet ieu naskah?

7) Sok dibaca kénéh tara? pami osok, dina acara naon dibacakeunana? iraha dibacana?

8) Kumaha cara nyimpenna? Di mana disimpenna?

Ari kartu data dina ieu panalungtikan téh digunakeun pikeun nyalin jeung mindahkeun kecap-kecap dina pada atawa padalisan anu kaasup unsur budaya. Conto format data analisis unsur budaya jeung ajén atikan saperti tabél ieu di handap.

Tabél 3.1

Conto Format Data Analisis Pakakas jeung Téknologi dina “Wawacan Barjah”

No Pakakas jeung Téknologi

Kode

Data Cutatan Pada/Padalisan

Kapanggih ogé dina Pada Ka-

(13)

55

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.2

Conto Format Data Analisis Ajén Atikan Karakter Bangsa Peduli Sosial

Dumasar PUSKUR DEPDIKNAS dina “Wawacan Barjah”

No Indikator Palaku Kode Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (3) (4) (5)

Tabél 3.3

Conto Format Data Analisis Ajén Atikan Karakter Négatif

No Indikator Palaku Kode Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (3) (4) (5)

Sangkan leuwih jéntré, conto data analisis digambarkeun dina wangun tabél ieu di handap.

Tabél 3.4

(14)

56

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

No Pakakas jeung

1. Pelor III/4/14/56 Pélor, batu, jeung jamparing, ku oray téh taya nu dirasa,

47, 49, 86

2. Jamparing II/4/12/50 …

orayna enggeus karuang,

ku tumbak jeung ku jamparing,

… budaya. Unsur budaya nu dipaké conto dina tabél di luhur nya éta unsur pakakas jeung téknologi. Cara méré kode data, dilakukeun dumasar unsur nu dianalisis. Data nu ditulis dina kode data, urutanana nya éta kanto/kode unsur budaya pakakas jeung téknologi/kaca/pada. Contona, dina kode data di luhur ditulis III/4/14/56.

III/4/14/56

Kanto (Nomer Pupuh)

Kode Unsur Pakakas jeung Téknologi

Kaca

Pada

Gambar 3.2

Katerangan Kode Data Analisis Unsur Budaya Pakakas jeung Téknologi

(15)

57

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Lian ti conto analisis data unsur budaya pakakas jeung téknologi, ieu di handap ogé digambarkeun conto analisis data ajén atikan karakter bangsa dumasar PUSKUR DEPDIKNAS dina “Wawacan Barjah”.

Tabél 3.5

Conto Data Ajén Atikan Karakter Bangsa Peduli Sosial Dumasar PUSKUR DEPDIKNAS dina “Wawacan Barjah”

No Indikator Palaku Kode Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (3) (4) (5)

1. Tutulung Barjah I/17/5-6/25 Indit subuh balik soré, //babantu baé damelna, (6) Radén Barjah unggal poé, teu aya pisan eureunna, ka sakabéh nu ngahuma, di mana anu ngarempug, Radén Barjah tangtu aya.

Tabél 3.5 di luhur nya éta conto nu dipaké pikeun nganalisis ajén atikan karakter bangsa Peduli sosial dumasar PUSKUR DEPDIKNAS dina “Wawacan

Barjah”. Cara méré kode data, dilakukeun dumasar ajén nu dianalisis. Data nu ditulis dina kode data, urutanana nya éta kanto/kode ajén atikan karakter bangsa peduli sosial/kaca/pada. Contona, dina kode data di luhur ditulis I/17/5-6/25.

I/17/5-6/25

Kanto (Nomer pupuh)

Kode ajén atikan karakter bangsa peduli sosial

Kaca

Pada

Gambar 3.2

(16)

58

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Tina gambar di luhur bisa dihartikeun, I mangrupa kode kanto (nomer pupuh), 17 mangrupa kode ajén atikan karakter bangsa peduli sosial, 5-6 mangrupa kaca, 25 mangrupa pada.

Tabél 3.6

Conto Data Ajén Atikan Karakter Négatif dina “Wawacan Barjah”

No Indikator Palaku Kode Data Cutatan Pada/Padalisan

(1) (2) (3) (4) (5)

1. Jalir kana jangji

Raja Berjati

(Tawanggantungan)

IV/19/81 Raja Berjati pok nyaur, bari mawa serat bengis, Aing moal minantuan, kari Barjah jalmana miskin, wantu loba Raja-raja, moal dibikeun ka Pangarit.

Tabél 3.6 di luhur nya éta conto nu dipaké pikeun nganalisis ajén atikan karakter négatif dina naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”. Cara méré kode data, dilakukeun dumasar ajén nu dianalisis. Data nu ditulis dina kode data, urutanana nya éta kanto/kode/kaca/pada. Contona, dina kode data di luhur ditulis IV/19/81.

IV/19/81

Kanto

Kaca

Pada

Gambar 3.3

Katerangan Kode Data Analisis Ajén Atikan Karakter Négatif

(17)

59

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Sanggeus sakabéh data dianalisis, tuluy hasil analisis datana didéskripsikeun.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téknik panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nya éta téknik studi lapangan jeung studi pustaka. Téknik studi lapangan digunakeun pikeun ngumpulkeun data sacara langsung ka lapangan kalayan ngagunakeun téknik wawancara. Téknik wawancara nu digunakeun nya éta wawancara tak berstruktur. Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 140), wawancara tak berstruktur nya

éta wawancara anu bébas. Panalungtik teu ngagunakeun padoman wawancara anu disusun sacara sistematis dina ngumpulkeun datana. Padoman wawancara anu digunakeun ngan mangrupa gurat badag tina masalah anu hayang ditanyakeun.

Téknik studi pustaka digunakeun pikeun néangan jeung nalaah buku nu dijadikeun bahan pustaka pikeun sumber répérénsi anu aya patalina jeung topik panalungtikan (Suyatna, 2002, kc. 17). Dina ieu panalungtikan, téhnik studi pustaka digunakeun pikeun néangan data atawa informasi anu aya patalina jeung téori ngeunaan unsur budaya jeung ajén atikan anu nyampak dina naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”. Léngkah-léngkah téhnik studi pustaka dina ieu

panalungtikan, nya éta:

1) Néangan informasi nu aya patalina jeung naskah “Wawacan Barjah”; 2) Nyusun transliterasi naskah “Wawacan Barjah”;

3) Maca naskah “Wawacan Barjah”;

4) Nyirian data anu aya patalina jeung unsur budaya sarta ajén atikan karakter; jeung

5) Ngasupkeun data-data nu geus dicirian kana kartu data sangkan babari nganalisisna.

3.7 Téhnik Ngolah Data

(18)

60

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

kagiatan sanggeus data ti sakabéh réspondén atawa sumber data anu séjén kakumpulkeun. Ieu tehnik digunakeun pikeun maluruh jeung nganalisis data atawa bahan anu geus aya.

Téhnik analisis data nu dilakukeun mangrupa téhnik analisis interaktif, nya éta analisis data kualitatif nu ngawengku tilu galur. Kagiatannya éta réduksi data, midangkeun data, katut nyindekkeun jeung verifikasi nu dilaksanakeun sacara babarengan, sakumaha bagan ieu di handap.

Bagan 3.2 Téhnik Analisis interaktif (Miles jeung Huberman, 1992, kc. 16)

Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada diklasifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés seléksi, museurkeun, ngabasajankeun, jeung abstraksi data kasar. Data téh diseléksi ku jalan

milah-milah kalawan tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu tangtu ditilik tina

puseur pasualan panalungtikan. Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun (ngarakit) atawa ngaorgaisasikeun informasi nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyindekkeun jeung verifikasi.

Kagiatan nyindekkeun jeung verifikasi mangrupa léngkah penting dina prosés panalungtikan. Nyindekkeun hasil panalungtikan téh didasaran ku kagiatan informasi nu dicangking dina kagiatan analisis data. Sabada éta, dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicangking

Ngumpulkeun

- Nyindekkeun

- Verifikasi Réduksi Data

(19)

61

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Dumasar masalah panalungtikan, sanggeus data kakumpulkeun, satuluyna data diklasifikasikeun, didéskripsikeun, dianalisis dumasar kana masalah panalungtikan. Téknik analisis data saperti ieu di handap.

1) Maca sarta neuleuman naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”; 2) Nyusun transliterasi naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”;

3) Data dikelompokkeun atawa diklasifikasikeun dumasar masalah panalungtikan, nya éta dumasar: unsur budaya (basa, sistem pangaweruh, organisasi sosial, pakakas jeung téknologi, pakasaban, sistem kapercayaan atawa réligi, jeung kasenian); ajén inajén atikan karakter bangsa dumasar Pusat Kurikulum Departemen Pendidikan Nasional nu nyampak tina diri palaku naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”;

4) Nganalisis unsur budaya jeung ajén-inajén atikan karakter dumasar kana katangtuan Pusat Kurikulum Departemen Pendidikan Nasional nu nyampak tina diri palaku naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”;

5) Nyieun kacindekan tina hasil analisis data panalungtikan ngeunaan naskah (manuscript) “Wawacan Barjah”; jeung

(20)

Wulan Widianingsih, 2014

UNSUR BUDAYA JEUNG AJÉN ATIKANDINA NASKAH (MANUSCRIPT) “WAWACAN BARJAH” Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

1) Naskah Wawacan Barjah nu dijieun bahan panalungtikan ieu tésis nya éta nu dipimilik ku Nini Cékoy (82 th), Kampung Bunut Rt 13/ Rw 06, Désa Ciuyah Kecamatan Cisarua, Kabupaten Sumedang. Nini Cékoy meunang éta naskah wawacan ti salakina (Aki Usin (Alm). Ieu naskah téh kandelna 129 kaca. Téksna lengkep. Ukuran naskah: 20 cm x 15 cm. Ruang tulis: 19 cm x 14 cm. 2) Tulisan dina naskah umumna babari kabacana. Ngan aya 3 kecap anu teu jelas nya éta dina kaca 22 pada ka-92, jeung dina kaca 35 pada ka-157. Éta hal dikasangtukangan ku lantaran, ieu naskah téh warnana geus konéng, katambah mangsina luntur tapak urut kabanjur cai, antukna tulisanana jadi teu pati jelas dibaca.

3) Data unsur budaya anu aya dina Wawacan Barjah luyu jeung nu ditétélakeun ku Koentjaraningrat, anu ngawengku basa, élmu pangaweruh, organisasi sosial, pakakas jeung téknologi, pakasaban, kapercayaan, jeung kasenian. Unsur budaya nu aya dina Wawacan Barjah, ditataan ieu di handap.

a) Aspék basa nu dipaké dina Wawacan Barjah aya opat rupa basa, nya éta kecap serepan tina basa Arab, basa Sunda, basa Jawa, jeung basa Indonésia. Dina ieu wawacan ogé kapanggih rakitan basa anu mangrupa sisindiran, dina wangun paparikan jeung wawangsalan. Lian ti éta, kapanggih ogé gaya basa, diantarana nya éta gaya basa babandingan (ngumpamakeun/simile), gaya basa hiperbola (kaleuleuwihi), gaya basa mijalma (personifikasi), jeung gaya basa sindir.

(21)

342

ukuran panjang jeung lega, harga duit, kecap sesebutan waktu (dina sapoé sapeuting, sesebutan waktu séjénna), sesebutan/ngaran usum-usuman nu patali jeung (kaayaan alam, masarakat, tatanén, jeung pranata mangsa), babagéan awak manusa, rupa-rupa warna, sipat jeung paripolah sasama manusa (adat sopan santun dina campur gaul, jeung adat istiadat).

c) Aspék organisasi sosial dina Wawacan Barjah, diantarana ngeunaan pancakaki, ngaran pangkat di lingkungan karajaan, jeung ngaran pangkat golongan.

d) Rupa-rupa pakakas jeung téknologi anu kapanggih dina ieu wawacan, kayaning alat-alat produktif, pakarang, wadah, pakakas ngahurungkeun seuneu, dahareun jeung inuman, pakéan, patempatan, jeung alat-alat transportasi.

e) Sistem pakasaban nu kapanggih dina ieu wawacan aya 12 pakasaban, nya eta dagang, emban, guru, hotib, mandor dagang, ngahuma, pandita, pangebon, panghulu, patani, ronggéng, tukang kendang/panjak.

f) Sistem kapercayaan kana ayana nu nyiptakeun mah geus aya. Tapi, teu kapanggih jenis agama nu dianggemna. Nilik kana latar caritana, kamungkinan anggeman nu dicekel ku palaku masih aya dina kapercayaan animisme atawa dinamisme.

g) Kasenian nu kapanggih dina ieu wawacan aya dina sababaraha wangun nya éta seni sora, seni tari, jeung seni lukis.

4) a) Hasil analisis ajén atikan karakter bangsa dumasar Pusat Kurikulum Departemen Nasional, nu nyampak dina Wawacan Barjah katitén aya 13 karakter aspék, nya éta jujur, toleransi, disiplin, kerja keras, kreatif, demokratis, rasa ingin tahu, semangat kebangsaan, menghargai prestasi,

bersahabat/komunikatif, cinta damai, peduli sosial, jeung tanggung

jawab. Sedengkeun, karakter bangsa nu teu kapanggih dina ieu wawacan,

(22)

343

b) Hasil analisis ajén atikan karakter urang Sunda anu nyampak dina Wawacan Barjah nu dipatalikeun jeung téori Samani jeung Haryanto saperti nu ditataan

ieu di handap.

(1) Aspék cageur nu kapanggih dina Wawacan Barjah aya 3 indikator, nya éta gagah perkasa, bisa ningali deui, jeung geulis. Aspék cageur aya dina palaku Jaka Barjah, jaka Karaton, Putri Trengganu, jeung Serdadu.

(2) Aspék bageur nu kapanggih dina Wawacan Barjah aya 4 indikator, nya éta tutulung, teu pamrih, ngarasa prihatin, jeung asih. Aspék bageur aya dina palaku Jaka Barjah, Radén Barjah, jeung sato leuweung.

(3) Aspék bener nu kapanggih dina Wawacan Barjah aya 7 indikator, nya éta méré pépéling ka anak, ngaji piwulang kolot, ngawuruk, tumarima kana takdir, kasopanan (nyembah), berbudi, jeung nedunan jangji. Aspék bener aya dina palaku Radén Barjah, Kuya Putih/Bangbang Sagara, Raja

Paréman, Renggan Pulung, Éyang, jeung Gunaganda.

(4) Aspék pinter nu kapanggih dina Wawacan Barjah, aya dina 8 aspék, nya éta bisa robah wujud, kebal, pinter ngawih/nembang, miboga ajian, bisa élmu sirep, jago mentang gondewa, jeung pinter ngagambar. Aspék pinter aya dina palaku Jaka barjah, Jaka Karaton, Kuya Putih/Bangbang

Sagara, Nagasatra, Putri Trengganu, Renggan Pulung, Déwi Kélongan, jeung Patih Kontali.

(5) Aspék singer nu kapanggih dina Wawacan Barjah, aya dina opat indikator nya éta jadi pamingpin perang, tatahar rék perang, kaputusan anu wijak ti éta raja, jeung ngaistrénan patih. Aspék singer aya dina palaku Jaka Barjah, Putri Trengganu, jeung Patih.

(23)

344

5.2Saran

Dumasar hasil anu geus ditétélakeun di luhur, aya sawatara saran pikeun ngeuyeuban jeung ngamekarkeun panalungtikan ngeunaan budaya jeung sastra Sunda, ogé dipiharep bisa ngaronjatkeun kasadaran masarakat Sunda pikeun ngajaga, maluruh, jeung nyuksruk jero ngeunaan titinggal sajarah. Sabada ieu panalungtikan, masarakat Sunda bisa ngajadikeun ieu panalungtikan jadi bahan bacaan umum, nu bisa jadi sumber pangaweruh, inspirasi pikeun ngahasilkeun karya sastra nu leuwih jero, tur bisa ngawangun tingkah laku masarakat nu leuwih hadé. Éta hal disarungsum pikeun ngawangun kapribadian individu dina ngawangun jati diri bangsa. Lian ti éta, karakter tokoh nu hadé dina Wawacan Barjah, bisa dijadikeun conto pikeun milih métode atikan anu luyu jeung

masarakat kiwari. Sacara pédagogik ajén-inajén nu nyampak dina naskah (manuscript) Wawacan Barjah bisa dijadikeun bahan pangajaran dina sawatara

tingkatan umur upamana dina ngawangun karakter pribadi unggal individu masarakat Sunda.

Gambar

Gambar 3.2  Analisis Unsur Budaya Pakakas jeung Téknologi

Referensi

Dokumen terkait

Konsep Baru Pelaksanaan Anggaran RPJMD Kota Sby Renstra SKPD RKPD Kota Sby Renja SKPD KUA- PPAS RKA SKPD APBD Kota Sby DPA SKPD e-Budgeting (Outcome, Output &

IMPLEMENTASI PEMBELAJARAN SEJARAH BERBASIS NILAI PERJUANGAN K.H.. SJAM’UN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

"E-KTP yang sudah jadi, chip berada di dalam, berbeda dengan e-KTP uji coba di mana chip ada di luar," kata Mendagri saat ditemui di Pangkalpinang dalam

Berlawanan dengan koma hipoglikemik, koma diabetik ini muncul karena kadar glukosa darah dalam tubuh terlalu tinggi, dan biasanya lebih dari 600 mg/dl. Gejala koma diabetik yang

REPÚBLICA DEMOCRÁTICA

Salah satu tujuan didirikannya OJK adalah agar keseluruhan kegiatan di dalam sektor jasa keuangan terselenggara secara teratur, adil, transparan dan akuntabel.OJK mengawasi BPJS

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Demikian diterangkan untuk digunakan melengkapi syarat pendaftaran Ujian Meja Hijau Tugas Akhir Mahasiswa bersangkutan di Departemen Matematika FMIPA USU Medan. Komputer