RUMPAKA KAWIH WANDA POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG (ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK JEUNG AJÉN MORAL)
TÉSIS
Diajukeun pikeun Nyumponan Sabagian tina Sarat Nyangking Gelar Magister Pendidikan
ku
NIKNIK DEWI PRAMANIK
NIM 1102692
PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG
Rumpaka Kawih Wanda Pop Sunda Karya Doel Sumbang
(Ulikan Struktural Sémiotik Jeung Ajén Moral)
Oleh
Niknik Dewi Pramanik
Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) Program Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda
© Niknik Dewi Pramanik 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
RUMPAKA KAWIH WANDA POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG (ULIKAN STRUKTURAL SÉMIOTIK JEUNG AJÉN MORAL)¹
Niknik Dewi Pramanik²
ABSTRAK
SYAIR LAGU JENIS POP SUNDA KARYA DOEL SUMBANG (KAJIAN STRUKTURAL SÉMIOTIK DAN NILAI MORAL)¹
Niknik Dewi Pramanik² ABSTRAK
SONG LYRIC TYPE POP SUNDA CREATED BY DOEL SUMBANG
(STRUCTURAL-SEMIOTIC STUDIES AND MORAL VALUE)¹
Niknik Dewi Pramanik²
Abstract
The title of this thesis is “ Song Lyric Type Pop Sunda Created by Doel Sumbang
DAFTAR EUSI
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... iv
TAWIS NUHUN...v
DAFTAR EUSI... vii
DAFTAR TABÉL ... xiii
DAFTAR LAMPIRAN ... xiv
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ...1
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ...5
1.2.1 Idéntifikasi Masalah ...5
1.2.2 Rumusan Masalah ...6
1.3 Tujuan Panalungtikan...6
1.4 Mangpaat Panalungtikan ...7
1.5 Anggapan Dasar ...7
1.6 Sistematika Nulis ...8
BAB II KAWIH, RUMPAKA, STRUKTURAL-SÉMIOTIK JEUNG AJÉN MORAL 2.1 Kawih ...9
2.2 Puisi...12
2.3 Struktur...13
2.4 Sémiotik ...19
viii
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ...28
3.2 Désain Panalungtikan...28
3.3 Métode Panalungtikan... 29
3.4 Wangenan Operasional ...29
3.5 Instrumén Panalungtikan...31
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ...31
3.6 Té hnik Ngolah Data ...31
BAB IV ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI STRUKTURAL SÉMIOTIK KATUT AJÉN MORAL RUMPAKA KAWIH KARYA DOEL SUMBANG 4.1 Analisis Struktural Sémiotik jeung Ajén Moral Rumpaka Kawih Doel Sumbang ... 32
4.1.1 Déskripsi Rumpaka “Berenyit” ...32
4.1.1.1 Téks Rumpaka “Berenyit” ...32
4.1.1.2 Analisis Struktural Rumpaka “Berenyit” ...33
4.1.1.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Berenyit”...37
4.1.1.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Berenyit” ...39
4.1.2 Déskripsi Rumpaka “Jurig”...40
4.1.2.1 Téks Rumpaka “Jurig” ...40
4.1.2.2 Analisis Struktural Rumpaka “Jurig”...40
4.1.2.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Jurig” ...44
ix
4.1.3 Déskripsi Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...47
4.1.3.1 Téks Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri”...47
4.1.3.2Analisis Struktural Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...48
4.1.3.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...52
4.1.3.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Nini-nini Luar Nagri” ...53
4.1.4 Déskripsi Rumpaka “Tuturut Munding” ...54
4.1.4.1 Téks Rumpaka “Tuturut Munding” ...54
4.1.4.2 Analisis Struktural Rumpaka “Tuturut Munding” ...55
4.1.4.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Tuturut Munding”...58
4.1.4.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Tuturut Munding”...59
4.1.5 Déskripsi Rumpaka “Urang Sunda”...61
4.1.5.1 Téks Rumpaka “Urang Sunda” ...61
4.1.5.2 Analisis Struktural Rumpaka “Urang Sunda”...62
4.1.5.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Urang Sunda” ...65
4.1.5.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Urang Sunda” ...66
4.1.6 Déskripsi Rumpaka “Col Blem” ...67
4.1.6.1 Téks Rumpaka “Col Blem”...67
4.1.6.2 Analisis Struktural Rumpaka “Col Blem” ...69
4.1.6.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Col Blem” ...73
4.1.6.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Col Blem” ...75
4.1.7 Déskripsi Rumpaka “Éma” ...76
4.1.7.1 Téks Rumpaka “Éma”...76
4.1.7.2 Analisis Struktural Rumpaka “Éma” ...77
4.1.7.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Éma” ...81
x
4.1.8 Déskripsi Rumpaka “Ah Horéam” ...83
4.1.8.1 Téks Rumpaka “Ah Horéam” ...83
4.1.8.2 Analisis Struktural Rumpaka “Ah Horéam” ...83
4.1.8.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Ah Horéam”...86
4.1.8.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Ah Horéam” ...87
4.1.9 Déskripsi Rumpaka “Pépéling”...88
4.1.9.1 Téks Rumpaka “Pépéling” ...88
4.1.9.2 Analisis Struktural Rumpaka “Pépéling”...89
4.1.9.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Pépéling” ...93
4.1.9.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Pépéling” ...94
4.1.10 Déskripsi Rumpaka “Sono ka Kodim” ...95
4.1.10.1 Téks Rumpaka “Sono ka Kodim” ...95
4.1.10.2 Analisis Struktural Rumpaka “Sono ka Kodim”...96
4.1.0.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Sono ka Kodim” ...99
4.1.10.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Sono ka Kodim” ...100
4.1.11 Déskripsi Rumpaka “Polisi No Ban” ...101
4.1.11.1 Téks Rumpaka “Polisi No Ban”...101
4.1.11.2 Analisis Struktural Rumpaka “Polisi No Ban” ...111
4.1.11.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Polisi No Ban” ...115
4.1.11.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Polisi No Ban” ...108
4.1.12 Déskripsi Rumpaka “Dijajah”...110
4.1.12.1 Téks Rumpaka “Dijajah” ...110
4.1.12.2 Analisis Struktural Rumpaka “Dijajah” ...111
4.1.12.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Dijajah”...115
xi
4.1.13 Déskripsi Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap”...117
4.1.13.1 Téks Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...117
4.1.13.2 Analisis Struktural Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...117
4.1.13.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...120
4.1.13.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Teu di Luhur Teu di Handap” ...122
4.1.14 Déskripsi Rumpaka “Gogog”...122
4.1.14. Téks Rumpaka “Gogog” ...122
4.1.14.2 Analisis Struktural Rumpaka “Gogog” ...123
4.1.14.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Gogog” ...126
4.1.14.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Gogog” ...127
4.1.15 Déskripsi Rumpaka “Sélébritis” ...128
4.1.15.1 Téks Rumpaka “Sélébritis” ...128
4.1.15.2 Analisis Struktural Rumpaka “Sélébritis”...129
4.1.15.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Sélébritis” ...132
4.1.15.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Sélébritis” ...133
4.1.16 Déskripsi Rumpaka “Pemilu” ...134
4.1.16.1 Téks Rumpaka “Pemilu”...134
4.1.16.2 Analisis Struktural Rumpaka “Pemilu” ...135
4.1.16.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Pemilu” ...139
4.1.16.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Pemilu” ...140
4.1.17 Déskripsi Rumpaka “Béja ti Jurig” ...141
4.1.17.1 Téks Rumpaka “Béja ti Jurig” ...141
4.1.17.2 Analisis Struktural Rumpaka “Béja ti Jurig” ...142
4.1.17.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Béja ti Jurig”...144
xii
4.1.18 Déskripsi Rumpaka “Beurit”...146
4.1.18.1 Téks Rumpaka “Beurit” ...146
4.1.18.2 Analisis Struktural Rumpaka “Beurit”...148
4.1.18.3 Analisis Sémiotik Rumpaka “Beurit” ...152
4.1.18.4 Analisis Ajén Moral Rumpaka “Beurit” ...154
4.2 Tabulasi hasil Panalungtikan Struktural-Sémiotik...157
4.2.1 Tabulasi Struktural ...157
4.2.1.1 Imaji ...157
4.2.1.2 Suasana...165
4.2.1.3 Téma...168
4.2.1.4 Gaya Basa...170
4.2.1.5 Sémiotik ...177
4.2.3 Kacindekan Pedaran Tabulasi Struktural-Sémiotik ...183
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan...184
5.2 Saran...185
DAFTAR PUSTAKA ...187
DAPTAR LAMPIRAN
SK Tésis
Rumpaka Kawih Karya Doel Sumbang
xiii
DAPTAR TABÉL
Kaca
Tabél 4.2.1 Struktural...172
Tabél 4.2.1.2 Suasana...180
Tabél 4.2.1.3 Téma...183
Tabél 4.2.1. 4 Gaya Basa ...186
DAPTAR GAMBAR
Kaca
Gambar 1 Rambu Lalu Lintas, Simpang Jalan...22
1
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Rumpaka mangrupa salah sahiji wujud hasil karya sastra, lantaran
rumpaka téh disusun maké rakitan basa anu éndah. Nu ngahudangkeun rasa éndah
téh lain ngan ukur tina jihat basana wungkul, tapi leuwih nyoko kana eusina.
Karya sastra bisa ditempo salaku kahayang pangarang pikeun nepikeun hiji hal,
bisa mangrupa hiji kamandang ngeunaan idé, moral, jeung amanat. Hartina karya
sastra téh salaku sarana komunikasi, tinulis atawa lisan, anu boga ajaran husus
dina nepikeun ajén-ajén moralna. Hal anu ditepikeun téh mangrupa tarékah pikeun
nepikeun bebeneran. Karya sastra mibanda kalungguhan salaku karya seni, méré hiburan, méré kani’matan émosional jeung inteléktual, nu digelarkeun ngagunakeun pakakas basa. Ayana rupa-rupa wanda karya sastra lantaran
masarakat Sunda anu rancagé, anu ngajadikeun di masarakat Sunda leubeut ku
hasil karyana.
Kamekaran sastra Sunda dina kahirupan henteu leupas tina rupaning faktor
anu mangaruhanana, salah sahijina nya éta minat jeung kahayang masarakat kana
karya sastra. Ieu hal téh patali jeung kalungguhan sastra salaku karya seni. Karya seni mangrupa kréativitas manusa pikeun méré kasenangan jeung kani’matan éstétis.
Sacara umum, nilik kana wangunna karya sastra kabagi jadi tilu bagian,
nya éta wangun lancaran, wangun puisi, jeung drama. Tilu wangun (génré) sastra
ieu gelar ngaliwatan (medium) lisan jeung tulisan. Ieu hal saluyu jeung
pamadegan Iskandarwassid (2003:138) nu nétélakeun yén lamun nilik kana
médiana, aya nu kagolongkeun kana sastra lisan jeung tinulis. Disebut karya
sastra lisan lantaran tumuwuhna, mekarna, jeung sumebarna ngaliwatan media
lisan (ucapan). Disebut karya sastra tinulis nya éta anu hirupna dina média tulis.
Nurutkeun kana waktuna gelar karya sastra Sunda téh kabagi kana dua
2
kakawihan; pupujian; sisindiran; pupuh; wawacan; carita pantun; carita wayang;
dongéng; jeung 2) karya sastra Sunda modern nu mangrupa carita pondok
(carpon); novel; sajak, jeung carita drama (Koswara, 2003: 107).
Salah sahiji karya sastra anu gumelar ngaliwatan lisan téh nya éta kawih.
Dina kawih nyangkaruk ajén-ajén budaya manusa Sunda. Ku lantaran kitu,
sawadina urang Sunda ngayakeun panalungtikan ngaguar struktur-semiotik nu
nyampak dina karya sastra kawih. Ieu hal mangrupa tarékah pikeun ngamumulé
budaya Sunda ulah nepi ka teu dipikanyaho ku nonoman Sunda kiwari.
Dina Kamus Umum Basa Sunda (1985:220) kawih nya éta rakitan basa
sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh, kawih téh lalaguan Sunda bébas,
anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana.
Anu disebut rumpaka téh nya éta teks lagu sarua jeung lirik (Ind.)
karangan anu aralus dina wangun dangding, anu dimuat mangrupa karya sastra,
sakapeung sok dipaké rumpaka tembang (Cianjuran) (Iskandarwassid, 2003: 128).
Sedengkeun nurutkeun Nano S, “rumpaka téh kekecapan dina lagu, dina tembang
sok disebut dangding, atawa guguritan, dina lagu kapasindenan, sok disebut
kekecapan, dina lagu kawih sok disebut rumpaka, dina lagu pop Sunda sakapeung
sok campur jeung istilah musik, sok aya nu nyebut lirik. Para sastrawan, sok aya nu nyebut sastra lagu” (http://sanggarsr.blogspot.com/2010/04/rumpaka-dina-lagu-sunda.html 17 Maret 2013).
Tina béda-béda sebutan jeung istilah, ayeuna mah nyoko kana hiji istilah
nu dianggap sineger tengah, nya éta rumpaka baé disebutna téh. Wangunan éta
rumpaka rupa-rupa, aya anu winangun sisindiran, puisi, wawangsalan, pupuh
jeung réa-réa deui. Malah dina kamekaran ayeuna, pangpangna dina lalaguan
anyar, sok maké sajak bébas baé.
Loba rumpaka anu leubeut ku ajén moral jeung réligius, kaasup di jerona
anu miboga sifat kaagamaan, jeung kritik sosial loba kapanggih dina karya fiksi
atawa sastra nu kudu disurahan, ti mimiti kahirupan pribadi, jati diri, lingkungan
hirup, tug kahirupan nu leuwih jembar, geus nyampak kari diguar.
Sakumaha anu geus dijelaskeun dina pedaran di luhur, sangkan
3
disebut cara (usage), kabiasaan (folkways), paripolah (mores), jeung adat istiadat
(custom) ( Suryani, 2011:115).
Salah sahiji rumpaka anu ditalungtik nya éta rumpaka kawih Pop Sunda
meunang Doel Sumbang. Doel Sumbang ngaran sabenerna mah Wahyu Affandi,
gumelar di Bandung, 16 Méi 1963. Doel Sumbang téh nya éta salah saurang
penyanyi pop Sunda ti Bandung anu kawéntar ti taun 1980an. Doel anu kawéntar
ku lagu-laguna anu ngahudang kritik sosial. Handoko Kusumo, produser anu
ngarékam lagu-lagu Doél Sumbang, anu méré lalandian Doel Sumbang. Harti
sumbang di dieu lain sora anu silung atawa goréng, tapi pinuh ku kritik sosial.
Aya anggapan séjén, anu ngahartikeun sumbang téh sabab Doel Sumbang jalmana
soméah, bageur ka batur, jeung resep nulungan, duitna sok disumbangkeun kana
kapentingan sosial, saperti nyumbang ka masjid jeung budak yatim.
Karya Doel Sumbang dipilih, lantaran ditempo tina sababaraha faktor, di
antarana, galindeng musikna éndah tur ngeunah kadéngéna, ciri khas waditra anu
dipakéna ngan saukur gitar akustik teu ngurangan rasa éstétis tina wirahmana.
Salian ti éta Doel dina nyieun rumpaka lagu boga ciri has, gaya ngawangkong
wangun monolog, dina unggal lagu nu diciptakeunana, biasana ngebréhkeun
ngeunaan protes sosial pikeun manusa dina hirup kumbuhna, atawa para pajabat
nu keur nyekel kakawasaan.
Rumpaka Doel Sumbang ogé boga kapunjulan dina jihat sastra, budaya,
jeung moral. Lamun ditilik tina jihat sastrana kapunjulan rumpaka karya Doel
Sumbang, kekecapanna dieuyeuban ku purwakanti. Diksi dina unggal kalimahna
keuna kana haté. Ditilik tina jihat budaya jeung ajén moral, eusi rumpakana maké
gaya basa anu hampang teu matak kerung. Loba karyana anu raket jeung moral
jalma jaman kiwari. Manéhna pinter pisan nyieun lagu anu temana kritik pikeun
hirup manusa, sangkan miboga ajén nu hadé. Di antarana aya sababaraha laguna
anu ngaguar ngeunaan ajén moral nya éta “Jurig”, “Berenyit”, “Polisi No Ban”, “Sono ka Kodim”, “Éma”, jeung rumpaka séjénna nu aya dina album Doel Sumbang. Rumpaka-rumpaka dina ieu lagu, loyog pikeun dijadikeun bahan
panalungtikan anu ngaguar ajén moral, sabab eusi rumpakana medar ngeunaan
4
santun lahir batinna, dina jiwana bakal tumuwuh hiji kakuatan batin nu pasti bakal
diajénan ku batur.
Tatakrama dina harti nu jembar nya éta sistim sagemblengna tina
kabiasaan jeung cara-cara hirup manusa dina lingkunganana. Dina harti heureut
tatakrama téh kabiasaan sopan santun nu disaluyuan (dimupakatan) ku anggota
masarakat di hiji tempat atawa daerah (Suryani, 2011:121).
Aya tilu rupa nu jadi tatapakan hirup bener téh, nya éta (1) bener tékadna,
(2) bener ucapanana, jeung (3) bener lampahna. Tandesna nu pangheulana kudu
matak nyugak jeung garihal. Upama ucap jeung omongan urang geus bener, geus
luyu antara tekad jeung nu dikedalkeun, kakara bisa disebut sampurna, upama
diwujudkeun dina laku lampah nu bener, nya éta nu luyu jeung tékad katut ucap
nu bener téa.
Tina déskripsi di luhur kagambar pentingna nanjeurkeun ajén nu hadé téh.
Salah sahiji carana nya eta diulik maké kajian struktural semiotik. Panalungtik
miboga kahayang pikeun néangan ma’na kana rumpaka kawih ngaliwatan kajian
struktur-semiotik sarta maluruh ajén moral nu nyangkaruk dina eusi rumpaka
karya Doel Sumbang.
Sababaraha panalungtikan anu nalungtik struktural-semiotik jeung ajén
moral di antarana:
1. “Tilikan Struktural jeung Sémiotik kana Rumpaka Cianjuran Wanda
5
Ngaregepkeun di SMA” ku Dimas Patria taun 2012. Ieu panalungtikan téh
ngadeskripsikeun Cianjuran wanda rambatan, dianalisis struktur puisi
jeung semiotikna.
2. “Ajén Falsafah dina Rumpaka Kakawihan Kaulinan Barudak Dusun
Krajan 1 Désa Kutagandok Kecamatan Kutawaluya Karawang pikeun
Pangdeudeul Matéri Pangajaran Muatan Lokal Basa Sunda” ku Novita
Kurnia taun 2011. Ieu panalungtikan ngadeskripsikeun ajén filsafat anu
nyangkaruk dina rumpaka kakawihan kaulinan barudak, jeung réa-réa deui
panalungtikan sejénna.
Dumasar kana kasang tukang di luhur, karasa perluna diayakeun
panalungtikan anu ngaguar struktural-sémiotik jeung ajén moral tina rumpaka Pop
Sunda karya Doel Sumbang. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dijudulan, “Rumpaka Kawih Wanda Pop Sunda Karya Doel Sumbang (Ulikan Struktural Sémiotik jeung Ajén Moral)”.
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang di luhur, di handap ieu dipedar ngeunaan
idéntifikasi jeung rumusan masalah panalungtikan.
1.2.1. Idéntifikasi Masalah
Munculna rumpaka lantaran ayana prosés kréatif ti pangarang. Saupama
maluruh ngeunaan rumpaka sacara gembleng lega teuing ambahanna. Ku kituna
dumasar tinimbangan waktu, biaya tur tanaga panalungtik, ieu panalungtikan
diwatesanan ku identifikasi tina ulikan struktural-sémiotik jeung ajén moral.
Ulikan struktural rumpaka nyoko kana unsur struktur puisi, nya éta imaji, simbol
atawa lambang, jeung musikalitas atawa wirahma. Aya deui unsur séjénna nu
mangrupa sambarana, nyaéta suasana, téma jeung gaya (Mustappa, 1985:21).
Sedengkeun ulikan sémiotik dumasar tiori Charles Sander Pierce (dina Isnendes,
2010:95-96), anu nyoko kana kaayaan jeung wangun dasarna anu ngawengku:
a. Ikon, tanda anu nunjukkeun ayana hubungan anu sipatna alamiah antara
pananda jeung petandana.
6
c. Simbol, hubungan antara penanda jeung petanda dina sipatna anu arbiter.
Ngeunaan ulikan ajén moralna, rumpaka kawih téh dianalisis tina
komponen moral agama jeung darigama. Moral agama nya éta ajaran anu saluyu
jeung Al Qur’an jeung hadis. Sedengkeun darigama nya éta ajaran anu luyu jeung
aturan-aturan hirup di masarakat.
Rumpaka Pop Sunda anu ditalungtik téh rumpaka Pop Sunda tina Album
Doel Sumbang, anu dianggap miboga ajén moral dina ngalakonan kahirupan,
ngan kasang tukang pangarang lagu dina ieu panalungtikan moal dipaluruh
sangkan ieu panalungtikan museur kana rumpaka laguna.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana idéntifikasi masalah dina ieu panalungtikan, dirumuskeun
rumusan masalah ieu di handap:
a. Kumaha rumpaka kawih karya Doel Sumbang disawang tina segi struktur
puisi nu ngawengku, imaji, simbol, musikalitas, suasana, téma jeung gaya?
b. Aspék sémiotik naon baé anu aya dina rumpaka kawih wanda pop Sunda
karya Doel Sumbang disawang tina ikon, indéks, jeung simbol?
c. Ajén moral naon waé nu nyangkaruk dina rumpaka kawih karya Doel
Sumbang?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Ieu panalungtikan, miboga dua tujuan nya éta tujuan umum jeung tujuan
husus, anu dipedar saperti ieu di handap:
1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun ngaidéntifikasi jeung
ngadéskripsikeun karya sastra, hususna rumpaka kawih dina wanda Pop Sunda
dumasar kana struktur pangwanguna, anu satuluyna diulik sacara sémiotik jeung
7
1.3.2 Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta:
a. Ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun struktur puisi rumpaka kawih
wanda pop Sunda karya Doel Sumbang anu ngawengku, imaji, simbol,
musikalitas suasana, téma jeung gaya;
b. Ngaidéntifikasi aspék sémiotik (ikon, indéks jeung simbol) anu nyangkaruk
tina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang;
c. Ngaidéntifikasi jeung ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina
rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Sangkan leuwih jentré mangpaat ieu panalungtikan dibagi jadi dua bagian,
nya éta mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Téoritis
Mangpaat téoritis dina ieu panalungtikan pikeun ngawewegan élmu sastra,
seni, jeung psikologi.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat anu dipiharep dina ieu panalungtikan sacara praktis nyaéta:
a. Pikeun sakumna masarakat, bisa jadi référénsi pikeun ngungkab ajén moral
nu digambarkeun dina rumpaka-rumpaka kawih anu luyu jeung kaayaan
jaman;
b. Pikeun dunya atikan, bisa dijadikeun tatapakan boh pikeun guru, boh pikeun
siswa sangkan leuwih kréatif dina ngamekarkeun bahan pangajaran kawih
nu dicokot tina rumpaka-rumpaka kawih.
1.5 Anggapan Dasar
Anggapan dasar nyaéta hiji pamikiran anu bebeneranna ditarima ku
panalungtik (Surakhmad dina Arikunto, 2006:65). Anggapan dasar dina ieu
panalungtikan nya éta:
8
b. Rumpaka kawih miboga struktur saperti karya sastra wangun puisi;
c. Rumpaka kawih miboga ajén moral anu luhung;
d. Méré wawasan ngeunaan kawih wanda Pop Sunda.
1.6 Sistematika Nulis
Sistematika nulis baris diébréhkeun dina wangun saperti ieu di handap.
BAB I Bubuka, anu mertélakeun kasang Tukang, idéntifikasi jeung rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, manfaat panalungtikan, anggapan dasar,
métode panalungtikan, sistematika nulis.
BAB II Tatapakan tiori, anu ngadadarkeun sajumlahing téori anu dijadikeun
tatapakan pikeun nganalisis nu ditalungtik, di antarana ngawengku téori
kawih, rumpaka, Pop Sunda, puisi, struktur puisi, sémiotik, jeung ajén
moral.
BAB III métode panalungtikan, ngawengku data jeung sumber data, désain
panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén
panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
BAB IV Analisis Jeung Déskripsi Struktural-Sémiotik Katut Ajén Moral
Rumpaka Kawih Karya Doel Sumbang.
BAB V kacindekan jeung saran, mertélakeun kacindekan tina hasil analisis
28
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan
Anu jadi data dina ieu panalungtikan nya éta rumpaka kawih anu eusina
ngandung unsur struktur, sémiotik, jeung ajén moral. Sumber data dina ieu
panalungtikan nya éta rumpaka lagu pop Sunda dina album Doel Sumbang. Aya 9
judul album Doel Sumbang nu ditalungtik, sedengkeun jumlah rumpaka lagu nu
ngandung ajén moral nu kapanggih aya 18 judul kawih. Tina 9 album, unggal
album dicokot 2 judul anu eusina ngeunaan kritik pikeun manusa. Judul-judulna
nya éta, “Berenyit”, “Jurig”, “Nini-nini Luar Nagri”,“Tuturut Munding”, “Urang
Sunda”, “Col Blem”, “Ema”, “Ah Horéam”, “Pepeling”, “Sono ka Kodim”,
“Polisi No Ban”, “Dijajah”, “Teu di Luhur Teu di Handap”, “Gogog”,
“Selebritis”, “ Pemilu”, “Beja ti Jurig”, “Beurit”. Henteu kawatesanan ku taun
gelarna ieu rumpaka, tapi unggal rumpaka lagu anu dianggap ngandung ajén
moral dijadikeun sumber data pikeun ditalungtik sacara struktural-sémiotik.
29
3.3 Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta métode
déskriptif. Nurutkeun Sudjana (2004:52), metodé penelitian deskriptif digunakeun
saupama miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun atawa ngajelaskeun kajadian nu
aya dina mangsa kiwari. Nu kaasup kana ieu métode nya éta studi kasus, studi
kamekaran, studi korélasi.
Sacara étimologis métode asalna tina kecap methodos (basa Latén), anu
hartina cara-cara atawa stratégi pikeun maham kana réalitas (kanyataan), tur
dianggap léngkah-léngkah sacara sistematis pikeun ngungkulan runtuyan sabab
jeung akibat. Ari fungsina, saéstuna métodé téh pikeun ngabasajankeun masalah
panalungtikan sangkan gampang diungkulanana.
Tujuan ngagunakeun métode déskriptif téh nya éta pikeun ngaidéntifikasi
struktur puisi rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang, anu
ngawengku, imaji, simbol, musikalitas suasana, téma, jeung gaya; ngaidéntifikasi
aspék sémiotik (ikon, indéks, jeung simbol) anu nyangkaruk tina rumpaka kawih
wanda pop Sunda karya Doel Sumbang; ngadéskripsikeun ajén moral nu
nyangkaruk dina rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel Sumbang.
3.4 Wangenan Operasional
Sangkan leuwih maham kana tujuan panalungtikan, perlu ayana wangenan
operasional nu aya hubunganna jeung judul panalungtikan saperti ieu dihandap
a. Kawih
Kawih asal tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa’ir (karya bujangga),
nya éta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga, sarta miboga birama anu
ajeg (angger), mibutuh lagu tur kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa
ketukan.
Dina Kamus Umum Basa Sunda (1985:220) wangenan kawih nya éta rakitan
30
b. Rumpaka
Rumpaka nya éta teks lagu sarua jeung lirik (Ind.) karangan anu aralus dina
wangun dangding, anu dimuat mangrupa karya sastra, sakapeung sok dipaké
rumpaka tembang (Cianjuran).
c. Pop Sunda
Pop Sunda minangka wanda anyar dina kasenian Sunda. Ku ayana pop
Sunda anu gumulung ti generasi ka generasi mangrupa bukti lagu pop Sunda
tetep hirup di masarakat ti mangsa ka mangsa. Irama musikna rupa-rupa
henteu matok dina musik tradisi wungkul. Lagu pop Sunda mimiti
dipikawanoh dina taun 1980. Tapi mimiti kawéntar pisan mah, basa lagu
“Kalangkang” ciptaan Nano S. Diragum kana pop Sunda nu asalna tina
wanda degung. Anu dihaleuangkeun ku Nining Meida.
d. Struktur
Nurutkeun Jean Peaget dina Isnendes (2010:91) nétélakeun yén struktur
ngawengku tilu gagasan poko. Kahiji, gagasan anu gembleng (wholeness,
keseluruhan). Hartina, unggal unsur nyaluyukeun manéh jeung pakakas
kaédah instrinsik nu nangtukeun sakumna unsur jeung bagian-bagianna.
Kadua, gagasan transformasi (transformation). Hartina struktur nyanggupan
prosedur transformasi nu tuluy-tumuluy ngawangun bahan-bahan anyar.
Katilu, gagasan mandri (self regulation). Hartina struktur téh teu butuheun ku
hal-hal di saluareun dirina pikeun mertahankeun prosedur transformasi téa,
éta struktur téh otonom baé tina rujukan sistem séjén.
e. Sémiotik
Sémiotik hartina “élmu tanda”. Tanda hartina hiji hal nu ngawakilan nu
séjénna. Jadi sémiotik téh élmu nu nalungtik sagala rupa dina posisi minangka
wakil tinu séjénna, cabang élmu nu nguruskeun tanda, kawas sistim tanda
jeung proses nu bisa dilarapkeun pikeun digunakeunna tanda (van Zoest, terj
Soekowati dina Isnendes, 2010:95).
f. Ajén
Ajén mangrupa kumpulan sikep jeung rasa anu diwujudkeun ngaliwatan
31
ajénan, jeung silih hormat. Upama dititénan, saenyana mah méh unggal
jalma geus pada nyaho kudu kumaha cara-carana hirup kumbuh téh, nu mana
kalakuan hadé jeung nu mana kalakuan goréng, ngan nu hésé mah prakna,
dina ngajalankeunana (Asmara. 1994:11).
g. Moral
Harti moral nya éta ma’na ngeunaan alus goréngna hiji kalakuan. Sedengkeun
harti moral dina karya sastra sakumaha anu ditétélakeun ku Nurgiyantoro
(2002:321) biasanya mencerminkan pandangan hidup pengarang yang
bersangkutan, pandangan tentang nilai-nilai kebenaran, dan hal itulah yang
ingin disampaikannya kepada pembaca.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan téh nya éta alat dina waktu panalungtikan
ngagunakeun métode (Arikunto, 2006:149). Instrumén anu dipaké dina ieu
panalungtikan téh nya éta kartu data. Kartu data dipaké pikeun nyatet unsur-unsur
struktural-sémiotik jeung ajén moral dina rumpaka kawih.
32
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik dokuméntasi jeung
transkripsi. Léngkah-léngkahna:
1. Nyetél kaset VCD jeung CD kawih-kawih karya Doel Sumbang;
2. Ngupingkeun lagu bari transkripsi;
3. Milah-milah lagu nu ngandung ajén moral;
4. Nyalin kana kartu data.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Aya sababaraha tahapan dina ngolah data, nya éta:
1. Analisis struktur rumpaka langsung tina rumpaka-rumpaka kawih nu
ditalungtik.
2. Ngalakukeun analisis sémiotik nu ngawengku ikon, indéks, simbol.
3. Nginterprétasi data hasil analisis sémiotik
4. Analisis ajén moral tina rumpaka kawih Doel Sumbang.
5. Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana hasil analisis
struktural-sémiotik jeung ajén moral.
200
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Doel Sumbang téh salah sahiji tokoh seniman pituin urang Sunda, anu kiwari
masih kénéh produktip ngarang lagu. Salian ti ngarang lagu basa Sunda, leubeut ogé
karyana dina lagu basa Indonésia. Dina album karya Doel Sumbang loba kaguar
kritikan-kritikan kana kaayaan nagara, di antarana loba kritik ka para pajabat anu
korupsi, jalma leutik anu katalangsara, jeung kahirupan barudak kiwari salaku
nonoman bangsa anu boga kalakuan kurang hadé. Gambaran rupa-rupa kahirupan di
luhur ku Doel Sumbang diragum jadi rumpaka lagu, ngeunaan hadé jeung goréngna
sipat manusa di alam dunya, pikeun dijadikeun hiji pieunteungeun.
Ayana panalungtikan kana rumpaka kawih karya-karya Doel Sumbang,
miboga tujuan pikeun maluruh ma’na rumpaka kalayan ulikan struktural semiotik
jeung ajén moralna. Tina hasil panalungtikan aya sababaraha hasil kacindekan, di
antarana:
a) Tina hasil analisis struktur rumpaka kawih wanda pop Sunda karya Doel
Sumbang anu ngawengku imaji, simbol, musikalitas, suasana téma jeung gaya
basa, yén imaji nu loba nyampak nya éta imaji panempo, musikalitas nu
nyampak dina unggal rumpaka lolobana parondok, jeung témpona gancang.
Suasana nu mindeng kapanggih dina lagu karya Doel Sumbang lolobana
ngébréhkeun rasa sedih jeung prihatin ka nasib jalma leutik anu jadi korban para
panguasa nagara anu ngadoliman rahayat, saperti korupsi. Téma nu loba
nyampak dina ieu rumpaka ngeunaan sosial . Gaya basa nu mindeng kapanggih
nya éta gaya basa rarahulan (hiperbola) jeung mijalma (personifikasi).
b) Unsur sémiotik rumpaka kawih karya Doel Sumbang anu nyoko kana ikon,
indéks jeung simbol. Tanda anu loba nyampak nya éta simbol jeung indéks.
201
kalakuan jalma anu miboga sikep kurang hadé jauh tina kaimanan, sedengkeun
dina indéks Doel Sumbang loba ngagambarkeun sabab akibat tina eusi rumpaka
nu ditepikeun.
c) Ajén moral dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang dina ieu panalungtikan
nyoko kana komponén agama jeung darigama. Ajén agama réréana
nembongkeun kalakuan jalma anu geus teu baroga iman, réa jalma anu geus
naringgalkeun kana ibadah. Sedengkeun ajén darigama lolobana némbongkeun
sikep anu patukang tonggong jeung ajaran agama, di antarana réa kritik kana
sikep jalma, boh jalma sangsara boh para panguasa atawa pajabat anu boga sikep
kurang hadé, dina ieu rumpaka loba dicaritakeun jalma miskin aral ku
kamiskinanna, lain usaha sangkan kaluar tina kasangsaraan, tapi kalah boga peta
kurang hadé, saperti mabok, ngajual diri, jeung pangangguran, atuh jalma gedéna
atawa para panguasa kacaritakeun korupsi, anu antukna rahayat leutik nu jadi
korban.
5.2 Saran
Sabada nalungtik rumpaka kawih karya Doel Sumbang ngeunaan ulikan
struktural-semiotik jeung ajén moral, tangtu dipiharep aya mangpaatna tina ieu
panalungtikan téh, ku lantaran kitu panalungtik nyarankeun ieu di handap:
5.2.1 Pikeun Dunya Atikan
Tina hasil panalungtikan nu dipiharep:
a. Hasil panalungtikan bisa dijadikeun bahan tinimbangan pikeun guru kana
kaweruh siswa ngeunaan ajén moral.
b. Hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan boh guru
boh siswa, sangkan ajén moral nu kapanggih bisa dijadikeun pieunteungeun,
tina hadé goréngna sikep jalma saperti nu dicaritakeun dina eusi rumpaka.
c. Eusi rumpaka karya Doel Sumbang anu kekecapanna rada garihal, kudu
202
5.2.2 Pikeun Masarakat Umum
Hasil ieu panalungtikan dipiharep:
a. Masarakat leuwih jembar deui ngayakeun panalungtikan kana karya Doel
Sumbang.
b. Dijadikeun sumber pamahaman pikeun masarakat ngeunaan ajén moral anu
aya dina rumpaka kawih karya Doel Sumbang
c. Dijadikeun référénsi pikeun panalungtik séjén nu rék ngaguar,
203
DAFTAR PUSTAKA
Agustian, Ari Ginanjar. 2002. ESQ (Emotional Spiritual Quotient) Berdasarkan
Enam Rukun Iman dan Lima Rukun Islam. Jakarta : Arga.
Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek.
Jakarta: Rineka Cipta.
Asmara, AS. 1994. Pengantar Studi Akhlak,. Jakarta: Raja Grafindo Persada
Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Danesi, Marcel. 2012. Pesan, Tanda, dan Makna. Yogyakarta: Jalasutra.
Darmadi, Hamid. 2007. Dasar Konsep Pendidikan Moral: Landasan Konsep
dan Implementasi. Bandung: Alfabeta
Ekadjati, S. Edi. 1995. Kebudayaan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya.
http://sanggarsr.blogspot.com/2010/04/rumpaka-dina-lagu-sunda.html
17 Maret 2013
Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra
Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta:
Djambatan.
Koswara, Dedi. 2003. Racikan Sastra (diktat). Bandung: Universitas Pendidikan
Indonesia.
LBSS. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.
Minderoup, Albertine. 2005. Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta:
Yayasan Obor Indonesia.
Mustappa, Abdulah.1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung
Nurgiyantoro, Burhan. 2002. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada
University Press.
Pradopo, Rahmat Djoko. 1995. Beberapa Teori Sastra, Métode Kritik dan
204
Praja, Juhaya S. 2010. Aliran-aliran Filsafat dan Etika. Jakarta: Kencana
Prenada Media Group
Siswantoro. 2008. Métode Penelitian Sastra: Analisis Struktur Puisi.
Surakarta: Pustaka Pelajar.
Sopandi, Atik. 1985. Kamus Istilah Karawitan Sunda. Bandung: Pustaka
Buana.
Sudjana, Nana. 2001. Penelitian dan Peilaian Pendidikan. Bandung; Sinar
Baru Algesindo.
Sumardjo, Jakob. 2011. Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir.
Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.
Suryalaga, Hidayat. 1993. Etika jeung Tatakrama: Panuyun Pangaweruh
Tatakrama Kanggo Guru Sakola Dasar. Bandung: Geger Sunten.
Suryani. 2011. Ragam Pesona Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
Suratno, Nano. 1983. Pengetahuan Karawitan Sunda. Bandung: Dinas
Pendidikan dan Kebudayaan
Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Galuring Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia
Tarigan, Henry Guntur.1993. Prinsip-Prinsip Dasar Sastra Indonesia.
Bandung: Angkasa
Teeuw, A. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra: Pengantar Teori Sastra. Jakarta:
Dunia Pustaka Jaya
Zoest, Van Aart dan Panuti Sudjiman. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta: