RUMPAKA TEMBANG SUNDA CIANJURAN (Ulikan Struktural Dinamik jeung Étnopédagogik)1)
Siti Maryam Maulida 2) ABSTRAK
Ieu tésis judulna “Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran (Ulikan Struktural Dinamik jeung Étnopédagogik)” 1)
. Kasang tukang tina ieu panalungtikan nya éta (1) perlu diayakeunna révitalisasi atikan ngaliwatan kearifan budaya lokal, (2) Tembang Sunda Cianjuran salaku salah sahiji produk kearifan budaya lokal Cianjur dianggap éféktif pikeun dijadikeun sumber atikan (3), kualitas seni tembang éta sorangan anu boh sacara éstétis boh sacara filosofis mibanda ajén-inajén anu linuhung, (4) loba nonoman Sunda anu teu mikawanoh Tembang Sunda Cianjuran, jeung (5) robahna fungsi Tembang Sunda Cianjuran ti nu sipatna sakral jadi hiburan. Ieu panalungtikan miboga tujuan nu hayang dihontal nya éta pikeun ngadéskripsikeun (1) struktur rumpaka Tembang Sunda Cianjuran; (2)interprétasi eusi rumpaka Tembang Sunda Cianjuran; jeung (3) ajén étnopédagogik rumpaka Tembang Sunda Cianjuran. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta 30 rumpaka tembang anu dibeunangkeun ngaliwatan prosés studi pustaka, ngaregepkeun kasét jeung wawancara. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode hermeneutik. Tina hasil panalungtikan bisa dicindekkeun yén (1) rumpaka Tembang Sunda Cianjuran diwangun ku rumpaka wangun pupuh jeung rumpaka wangun non pupuh. Imaji anu panglobana kapanggih nya éta imaji taktil. Téma anu aya dina rumpaka Tembang Sunda Cianjuran ngawengku cinta, agama, sajarah, jeung kaéndahan alam. Rasa anu aya dina rumpaka Tembang Sunda Cianjuran didominasi ku rasa nalangsa, kagagas, waas. Nada anu aya dina rumpaka Tembang Sunda Cianjuran nya éta ngageuing. Ari amanatna, lolobana ngélingan manusa sangkan dina nandangan kapeurih téh urang kudu salawasna muntang ka Pangéran. (2) Eusi rumpaka Tembang Sunda Cianjuran sacara umum nyaéta katugenah haté alatan paanggang jeung nu dipikacinta atawa nyeri haté alatan teu dipikacinta. Aya ogé rumpaka anu ngébréhkeun hubungan manusa jeung pangéran, kaéndahan alam, sarta sajarah. (3) Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran mibanda ajén énopédagogik anu luhung, saperti Prilaku Nyunda Tri-silas, Catur Jatidiri Insan, Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya), Moral Kamanusan.
Siti Maryam Maulida, 2014
RUMPAKA TEMBANG SUNDA CIANJURAN (Kajian Struktural Dinamik dan Etnopedagogik)1)
Siti Maryam Maulida 2) ABSTRAK
Tésis ini berjudul “Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran (Kajian Strktural Dinamik dan Étnopédagogik)”.1)
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh diperlukannya revitalisasi pendidikan melalui kearifan budaya lokal, kualitas Tembang Sunda Cianjuran sebagai salah satu wujud budaya lokal Cianjur yang tidak diragukan baik secara éstétis maupun filosofis, menurunnya éksisténsi Tembang Sunda Cianjuran di kalangan masyarakat, dan berubahnya fungsi tembang Sunda Cianjuran dari yang bersipat sakral menjadi hiburan. Penelitian ini bertujuan mendeskripsikan struktur teks Tembang Sunda Cianjuran, interprétasi isi teks Tembang Sunda Cianjuran, dan nilai etnopedagogik teks Tembang Sunda Cianjuran. Sumber data dalam penelitian ini adalah 30 teks tembang yang diperoleh dari hasil studi dokumentasi, wawancara dan mendengarkan kaset. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah pedoman wawancara, pedoman inventaris, dan kartu data. Dari hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa (1) teks Tembang Sunda Cianjuran terdiri dari teks yang berbentuk pupuh dan teks yang tidak berbentuk pupuh. Imaji yang paling banyak ditemukan yaitu imaji taktil. Tema yang terdapat dalam teks Tembang Sunda Cianjuran terdiri dari cinta, agama, sejarah, dan keindahan alam. Rasa yang terdapat dalam teks Tembang Sunda Cianjuran didominasi oléh perasaan sedih. Nada yang terdapat dalam teks Tembang Sunda Cianjuran yaitu mengingatkan. Amanat dari teks Tembang Sunda Cianjuran secara umum mengingatkan manusia agar mengingat Tuhan dalam keadaan apapun, bersyukur terhadap segala yang diberikan Tuhan; (2) Isi teks Tembang Sunda Cianjuran didominasi oleh éksprési perasaan yang tersakiti karena perpisahan dan cinta bertepuk sebelah tangan, selain itu isi teks Tembang Sunda Cianjuran juga menjelaskan mengenai hubungan manusia dengan Tuhan, alam, dan dengan manusia lainnya; (3) Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran mengandung nilai etnopédagogi seperti Prilaku Nyunda Tri-silas, Catur Jatidiri Insan, Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya), Moral Kamanusan .
TEMBANG SUNDA CIANJURANS’ LYRIC
(Study of Dynamic Structure and Ethnopedagogic)
ABSTRACT
The title of this research is “Tembang Sunda Cianjurans’ Lyric (Study of Dynamic Structure and Ethnopedagogic). The research was motivated by
educational revitalizations’ needs trough local wisdom, quality of Tembang Sunda Cianjuran as one of Cianjur local culture that contains esthetic and philosophy, the decline of existence of Tembang Sunda Cianjuran in Sundanese community and the changing function of Tembang Sunda Cianjuran itselves from sacred function into entertaining function. The purposes of this research are to
describe the structure of the Tembang Sunda Cianjurans’ lyric, and interprating
ethnopedagogic value of Tembang Sunda Cianjurans’ lyrics. The sources of this research are 30 lyrics of tembang (song), obtained from results of study of documentaries, the interviews, and from the casetes. The method used in this research is descriptive method. The instrument that used in this research are guidance of interview, guidance of inventory, and card of data. From this
research, it can be concluded that (1) Tembang Sunda Cianjurans’ lyrics
consisted of lyrisc in pupuh form and non-pupuh form. The most available image
is tactile image. The themes that exist in Tembang Sunda Cianjurans’ lyrics consist of love, religion, history, and beauty of nature. The feeling that include in
Tembang Sunda Cianjurans’ lyrics is dominated by sadness feeling. The tone that
exist in Tembang Sunda Cianjurans’ lyrics mostly about reminder for humans to
remember God in every situations, being grateful, from all Gods’ gift (2) Content
of Tembang Sunda Cianjuran is dominated by hard feeling of farewell, and
unanswered love. Moreover the content of Tembang Sunda Cianjurans’ lyrics also explains about relationship between human with God, nature, and other
humans, (3) Tembang Sunda Cianjurans’ lyrics contain the ethnopedagogic
values such as Prilaku Nyunda Tri-Silas, Catur Jatidiri Insan, Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya), and moral of humanism values.
Keywords: Tembang Sunda Cianjurans’ Lyric, Dynamic Structure,
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data
Ieu panalungtikan museur kana rumpaka Tembang Sunda Cianjuran boh
dina wangun tinulis ogé dina wangun lisan. Nurutkeun Moleong (2007: 157)
sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nya éta kumpulan kecap jeung
tindakan. Patali jeung éta hal sumber data dina ieu panalungtikan nya éta
kumpulan kecap nu mangrupa rumpaka tembang Sunda Cianjuran anu
dikumpulkeun tina buku kumpulan rumpaka tembang Sunda Cianjuran, kasét
tembang Sunda Cianjuran, sawatara ahli tembang, jeung masarakat. Rumpaka
tembang Sunda Cianjuran dina wangun tinulis dikumpulkeun tina sababaraha
buku sumber anu patali jeung éta hal, sedengkeun wangun lisan dikumpulkeun
tina hasil wawancara ka sawatara ahli seni tembang Sunda Cianjuran jeung
masarakat umum sarta hasil tina ngareregepkeun kasét.
3.2 Desain Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010: 175) desain panalungtikan nyaéta rarancang
anu nuduhkeun gambaran utama ngeunaan hal anu baris dilakukeun. Desain
panalungtikan mangrupa prosés nu diperlukeun dina rarancang panalungtikan nepi
ka patalékan nu aya bisa kajawab.
Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif kalawan métode
déskriptif. Unsur-unsur anu bakal didéskripsikeun nya éta struktur dinamik jeung
ajén étnopédagogik rumpaka tembang Sunda Cianjuran. Struktur dinamik
rumpaka tembang Sunda Cianjuran ngawengku struktur fisik anu ngawengku (1)
guru gatra, guru wilangan jeung guru lagu; (2) imaji , jeung struktur batin anu
ngawengku (1) téma; (2) rasa; (3) nada; jeung amanat. Ajén étnopédagogik
Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran ngawengku (1) Prilaku Nyunda Tri-silas;
(2); Catur Jatidiri Insan; (3) Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya); jeung (4)
Desain dina ieu panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap:
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Rumpaka tembang Sunda Cianjuran bisa disawang salaku kajian seni
jeung kajian sastra (puisi). Rumpaka tembang Sunda Cianjuran dina ieu
panalungtikan rék dikaji ku ulikan struktural dinamik. Kajian struktur tangtuna
bakal ngaguar rumpaka maké péso analisis struktur puisi anu ngawengku hakékat
(téma, rasa, nada, jeung amanat) sarta métode anu ngawengku (guru gatra, guru
wilangan, guru lagu, jeung imaji). Tina analisis struktur ieu nimbulkeun
interprétasi eusi. Pikeun nganalisis ajén étnopédagogik dina rumpaka tembang
Sunda Cianjuran ngaliwatan prosés analisis dumasar kana ajén inajén budaya
Sunda anu ngawengku (1) Prilaku Nyunda Tri-silas; (2); Catur Jatidiri Insan; (3)
Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya); jeung (4) Moral Kamanusan.
Ieu panalungtikan miboga léngkah-léngkah dina prakna. Anapon éta
léngkah-léngkah bisa ditingali ieu di handap.
Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
Kajian Seni Kajian Sastra (Puisi)
)
Struktural Dinamik
Interpretasi Eusi
Bagan 3.2
Lengkah-léngkah Panalungtikan
3.3 Métode Panalungtikan
Nurutkeun Ratna (2011: 34) métode nya éta léngkah-léngkah, stratégi
pikeun maham kanyataan, léngkah-léngkah sistematis pikeun ngungkulan
pasualan sabab akibat satuluyna. panalungtikan nya éta metode déskriptif.
Nurutkeun Sukmadinata (2012: 72) métode déskriptif ditujukeun pikeun
ngagambarkeun atawa ngadéskripsikeun kajadian-kajadian nu aya boh nu sipatna
alamiah, boh anu sipatna ciptaan manusa.
Sastra miboga sipat anu has, kitu deui rumpaka Tembang Sunda
Nangtukeun masalah Ngawatesan jeung
ngarumuskeun masalah
Ngarumuskeun anggapan dasar
Nangtukeun sumber data
Nangtukeun jeung nyusun instrumen
Ngumpulkeun data ku cara wawancara jeung
studi dokuméntasi
Nganalisis data ku cara maluruh struktur dinamik
jeung ajén étnopédagogik rumpaka Tembang Sunda
Cianjuran Nyieun kacindekan jeung
Cianjuran, ku kituna métode anu digunakeun pikeun medar eusi rumpaka
Tembang Sunda Cianjuran nya éta métode hermeneutik. Sacara étimologis istilah
“hermeneutik” asalna tina basa Yunani hermeneuein anu hartina ‘nafsirkeun’.
Kecap barangna hermeneia sacara harfiah dihartikeun ‘tapsiran’ atawa
interprétasi. Nurutkeun Ricoeur (2012: 61) hermeneutik mangrupa interprétasi
anu oriéntasina nya éta téks. Nurutkeun Ratna (2011, kaca 46) tujuan métode hermeneutik lain néangan ma’na anu bener, tapi ma’na anu optimal.
Nurutkeun Palmer (2005: 15) hermeneutik miboga tilu wangun ma’na dina
interprétasi, anu ngawengku (1) to express, ngébréhkeun kecap; (2) to explain
pikeun ngajelaskeun hiji situasi; (3) to translate, narjamahkeun. Tilu pungsi di
luhur bisa diwakilan ku kecap to interpret atawa ngainterprétasikeun. Interprétasi
sastra bisa nyoko kana tilu pasualan anu béda, nya éta omongan lisan, pedaran anu
asup akal, jeung transliterasi tina basa séjén.
Interprétasi nya éta ngajelaskeun ma’na anu samar jadi ma’na anu jelas tur
babari dipikaharti. Tugas jalma anu ngalakukeun interprétasi nya éta pikeun
ngécéskeun pasualan ku cara nalungtik sakabéh prosés interprétasi sacara detail.
Lian ti éta jalma anu ngainterprétasi kudu mikanyaho pesen hiji téks, tuluy
neuleuman eusi téks anu antukna bisa jadi urang salaku panafsir éta téks. Ku
kituna pikeun neuleuman harti nu jero, panafsir kudu miboga pangaweruh anu
jembar boh anu patali jeung karya sastra boh di luar karya sastra.
3.4Wangenan Operasional
Sangkan leuwih jéntré tur nyingkahan ayana salah tapsir ti nu maca, baris
didadarkeun ngeunaan wangenan operasional tina variabel-variabel saperti ieu di
handap:
a. Rumpaka tembang Sunda Cianjuran mangrupa wangun ugeran (puisi) anu
biasa ditembangkeun dina pagelaran seni anu disebut Tembang Sunda
Cianjuran. Rumpaka tembang Sunda Cianjuran aya nu disusun dina puisi
b. Tembang Sunda Cianjuran nya éta jenis seni sora asal Cianjur anu pinuh ku
wirahma tur dipirig ku rupa-rupa waditra saperti kacapi indung, kacapi rincik,
suling atawa rebab.
c. Struktural dinamik nyaéta tata hubungan antara bagian-bagian hiji karya jadi
gemblenganana. Struktur dinamik nyoko kana struktur lahir anu ngawengku
(1) guru gatra; (2) guru wilangan (3) guru lagu jeung (4) imaji, sarta struktur
batin puisi ngawengku (1) téma; (2) rasa; (3) nada jeung (4) amanat.
d. Ajén étnopédagogik nya éta ajén atikan anu nyampak dina kearifan budaya
lokal anu aya dina hiji kebudayaan di masarakat. Ajén étnopédagogik nyoko
kana (1) Prilaku Nyunda Tri-silas; (2); Catur Jatidiri Insan; (3) Panca
Rawayan (Gapura Panca Waluya); jeung (4) Moral Kamanusan.
3.5Instrumén Panalungtikan
Instrumén diperlukeun pikeun meunangkeun data. Nurutkeun Arikunto
(2010: 203) instrumén nyaéta pakakas nu digunakeun ku panalungtik dina
ngumpulkeun data sangkan pagaweanana leuwih gampang jeung meunangkeun
hasil nu hadé, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang
ngolahna.
Instrumén dina ieu panalungtikan ngawengku pedoman wawancara,
pedoman inventaris jeung kartu data. Ieu di handap dipedar perkara instrumén
panalungtikan.
3.5.1 Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun rumpaka Tembang
Sunda Cianjuran anu masih sumebar sacara lisan ti informan. Pedoman
wawancara dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara henteu
berstruktur di mana informan teu kawatesanan dina ngébréhkeun pamadegan
jeung pangaweruh ngeunaan rumpaka tembang Sunda Cianjuran. Ieu di handap
Pedoman Wawancara Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
1. Idéntitas Narasumber
a. Ngaran:
b. Umur:
c. Warna Jinis:
d. Pakasaban:
e. Atikan :
f. Basa nu dipake sapopoé:
g. Padumukan:
2. Judul rumpaka tembang Sunda Cianjuran :
3. Sanggian:
4. Rumpaka tembang Sunda Cianjuran
5. Ma’na anu kacangking dina rumpaka tembang Sunda Cianjuran
3.5.2 Pedoman Inventaris
Pedoman inventaris dipaké pikeun ngainventaris rumpaka tembang Sunda
Cianjuran anu geus kakumpul ditilik tina judul, sanggian, jeung sumber data. Ieu
[image:9.595.119.503.577.640.2]di handap mangrupa pedoman inventaris rumpaka tembang Sunda Cianjuran.
Tabel 3.1
Pedoman Inventaris Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
No Judul Sanggian Sumber Data
1
2
3.5.3 Kartu Data
Kartu data dipaké pikeun ngadokuméntasikeun data anu mangrupa
Kartu Data Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
Waktu Observasi :
Tempat :
Judul :
Sanggian :
Rumpaka: Kode:
Sangkan babari dina ngolah datana ieu panalungtikan ogé ngagunakeun
[image:10.595.123.518.148.433.2] [image:10.595.71.551.535.582.2]sistem tabulasi.
Tabel 3.2
Kode Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
No Judul RTSC Sanggian Wanda
RTSC
Kode RTSC
(1) (2) (3) (4) (5)
Tabél 3.3
Struktur Fisik Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
Kode Jumlah Pada
Guru
Gatra Guru Wilangan jeung Guru Lagu
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta observasi langsung di
mana panalungtik kalibet langsung dina panalungtikan di lapangan. Ieu kagiatan
ngawengku observasi, talaah pustaka, jeung wawancara.
a. Téhnik obsérvasi, mangrupa téhnik dasar panalungtikan, observasi
ngaisaratkeun nyatet jeung ngarekam sistématis sakabeh data, ogé digunakeun
pikeun niténan kaayaan jeung hal anu dijadikeun sumbér data. Ieu hal pikeun
maluruh tembang Sunda Cianjuran boh anu bacacar boh anu aya dina buku.
b. Téhnik talaah pustaka, mangrupa panalungtikan nu dilakukeun di ruang
pabukon pikeun maluruh jeung nganalisis data nu sumberna ti pabukon. Ieu
panalungtikan dilaksanakeun ku cara neuleuman buku-buku sumber anu aya
patalina jeung konsép, tioritis katut bahasan pasualan panalungtikan.
c. Téhnik wawancara, nyaéta cara-cara meunangkeun data ku cara
nyanghareupan langsung, ngobrol, boh antar individu jeung individu atawa
individu jeung kelompok. Tujuan wawancara nya éta pikeun ngumpulkeun
data ti para nara sumber/réspondén ngeunaan rumpaka tembang Sunda
Cianjuran.
Dumasar téhnik di luhur, ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan
dilaksanakeun ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.
1) Ngumpulkeun rumpaka tina buku téks rumpaka tembang Sunda Cianjuran;
2) Nyalin rumpaka tembang Sunda Cianjuran kana kartu data;
3) Ngayakeun wawancara jeung narasumber;
4) Ngayakeun observasi ka sanggar seni bari ngainventarisir data rumpaka
tembang Sunda Cianjuran anu dipikabutuh;
5) Méré kode kana rumpaka tembang, pada jeung padalisanana; sarta
6) Nyieun transkripsi hasil wawancara jeung hasil observasi kana wangun
3.7 Téhnik Ngolah Data
Data nu geus kapanggih, saterusna diolah maké téhnik analisis unsur
langsung jeung analisis hermeneutik. Analisis unsur langsung dipaké pikeun
nganalisis struktur dinamik rumpaka tembang Sunda Cianjuran. Analisis
hermeneutik dipaké pikeun nganalisis ajén étnopédagogik rumpaka tembang
Sunda Cianjuran. Dina ngolah data dilaksanakeun léngkah-léngkah ieu di handap.
1) Niténan deui rumpaka tembang Sunda Cianjuran nu geus kakumpulkeun;
2) Nyieun papasingan rumpaka tembang Sunda Cianjuran;
3) Nganalisis struktur dinamik rumpaka tembang Sunda Cianjuran. Eusina
ngawengku struktur batin (1) téma; (2) rasa; (3) nada; jeung amanat, sarta
struktur fisik (1) guru gatra, guru wilangan, guru lagu (2) imaji;
4) Nganalisis eusi jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang Sunda Cianjuran
anu ngawengku (1) Prilaku Nyunda Tri-silas; (2); Catur Jatidiri Insan; (3)
Panca Rawayan (Gapura Panca Waluya); jeung (4) Moral Kamanusan;
5) Ngadéskripsikeun struktur dinamik jeung ajén étnopédagogik rumpaka
tembang Sunda Cianjuran;
6) Nafsirkeun struktur dinamik jeung ajén étnopédagogik rumpaka tembang
Sunda Cianjuran;
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana déskripsi anu geus dipidangkeun dina bab saméméhna
ngeunan “Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran (Ulikan Struktural Dinamik jeung
Étnopédagogik)” bisa dicindekkeun kieu.
a. Struktur rumpaka Tembang Sunda Cianjuran aya nu dianggit dina wangun
pupuh, aya ogé anu dianggit dina wangun non pupuh. Sanajan dianggit dina
wangun pupuh tapi teu sakabéhna gugon kana patokan pupuh, lantaran ngudag
eusi jeung purwakanti. Sacara umum téma rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
nya éta cinta patali jeung katugenah haté anu ngawengku 16 rumpaka, agama
opat rumpaka, sajarah opat rumpaka, cinta ka lemah cai sarumpaka, kaéndahan
alam tilu rumpaka, jeung kahirupan sosial manusa dua rumpaka. Rasa anu
panglobana kapanggih nya éta rasa sedih, lantaran patali jeung katugenah haté.
Rasa anu séjénna nya éta reueus kana kaéndahan alam jeung rasa rumasa ka
Pangéran. Sacara umum nada anu kapanggih nya éta ngageuing, ngélingan,
jeung pinuh pangharepan. Ari amanatna, lolobana ngélingan manusa sangkan
dina nandangan kapeurih téh urang kudu salawasna muntang ka Pangéran.
b. Eusi rumpaka Tembang Sunda Cianjuran sacara umum nyaéta katugenah haté
alatan paanggang jeung nu dipikacinta atawa nyeri haté alatan teu dipikacinta.
Aya ogé rumpaka anu ngébréhkeun hubungan manusa jeung pangéran,
kaéndahan alam,cinta ka lemah cai, sajarah sarta kahirupan sosial manusa.
c. Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran mibanda ajén énopédagogik anu luhung,
nya éta : (1) Prilaku Nyunda Tri-silas anu ngawengku silih asih, silih asah,
jeung silih asuh; (2); Catur Jatidiri Insan anu ngawengku pengkuh agamana,
luhung élmuna, jembar budayana, jeung rancagé gawéna ; (3) Panca Rawayan
(Gapura Panca Waluya) anu ngawengku cageur, bageur, bener, pinter, singer;
jeung (4) Moral Kamanusan anu ngawengku moral manusa ka Pangéran, moral
alam, moral manusa kana waktu, jeung moral manusa dina ngahontal tujuan
hirupna.
5.2Saran
Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan “Rumpaka Tembang Sunda
Cianjuran (Ulikan Struktural Dinamik jeung Étnopédagogik)” rékoméndasi tina
ieu panalungtikan , di antarana:
a. Rumpaka tembang Sunda Cianjuran miboga ajén étnopédagogik anu luhung,
ku kituna bisa dijadikeun salasahiji bahan ajar pikeun ngaronjatkeun karakter
siswa anu luyu jeung étika urang Sunda.
b. Judul rumpaka tembang Sunda Cianjuran lolobana miboga harti konotatif, ku
kituna perlu diayakeun penelitian simbolisasi kana judul-judul tembang Sunda
pikeun nalungtik hubungan antara simbol jeung eusi tembang Sunda Cianjuran.
c. Kagitan nembang mangrupa kagiatan anu dianggap hésé ku masarakat,
utamana ku baridak sakola. Ku kituna perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan
DAPTAR PUSTAKA
Alwasilah, A. C., Spk., (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan dan
pendidikan guru. Kiblat Buku Utama, Bandung
Aminuddin. (2010). Pengantar Aprésiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.
Arikunto, S. (2010). Manajemen Penelitian. Jakarta : Rinéka Cipta.
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Ekadjati, E.S. (1984). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta: Girimukti Pasaka
Fathoni, A. (2006). Metode Penelitian dan Teknik Penyusunan Skripsi. Jakarta: Rineka Cipta.
Fisabililhaq, W. (2010). Istilah dina Tembang Sunda Cianjuran. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI, Bandung.
Hendrayana, R. D. (2011). Tradisi jeung Inovasi dina Cianjuran (Tilikan
Struktural kana Sekar Anyar). (Tesis). Sekolah Pascasarjana, Universitas
Pendidikan Indonesia, Bandung.
Ischak, A. (2006). Mengenal Tembang Sunda Cianjuran. Cianjur: Liebe Book Press dan paguyuban Pasundan Cianjur.
Iskandarwassid. (1996). Kamus Istilah Sastra Pangdeudeul Pangajaran Satra
Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Islami, D. (2011). Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran Wanda Rarancagan
Karya Mang Bakang Pikeun bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMA.
(Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI, Bandung.
Isnendes, R. (2010). Panyawangan Sastra (Handout). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.
Maulida, S. M. (2012). Modél Pangajaran Examples Non Examples dina
Pangajaran Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 3 Cugenang Kabupatén Cianjur Taun Ajaran 2011/2012.
(Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI, Bandung.
Natamihardja, D. R. (2009). Ngaguar Mamaos Cianjuran. Cianjur: Lembaga Kebudayaan Cianjur.
Koswara, D. (2007). Racikan Sastra Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra
Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Luxemburg, J. V. Spk.,. (1991). Tentang Sastra. Jakarta: Intermassa.
Palmer, R.E. (2005). Hermeneutika Teori Mengenal Interpretasi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Patria, D. (2012) Tilikan Struktural jeung Semiotik kana Rumpaka Cianjuran
Wanda Rambatan Sanggian Ubun Kubarsah pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMA. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
FPBS UPI, Bandung.
Pradopo, R. D. (2010). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.
Pradopo, R. D. (2010). Beberapa Teori Sastra, Métode Kritik dan
Penerapannya.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Ratna, N. K. (2011). Tiori, Métode, dan Téknik Penelitian Sastra. Yogyakarta : Pustaka Pelajar.
Ricoeur, P. (2011) Teori Interpretasi Memahami Teks, Penafsiran, dan
Metodologinya. Yogyakarta: IRCiSoD.
Rosidi, A. (2011). Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Rosidi, A. (2010). Tembang jeung Kawih. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Rusyana, Y. (1982). Metode Pangajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang
Sudaryat, Y. Spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.
Sudaryat. Y. (2010). Nilai-Nilai Budaya Sunda. (Ppt). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.
Sujiwa, K. P. (2011). Ajén Éstétika dina Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran
pikeun Bahan Pangajaran Siswa SMA Kelas XI. (Skripsi). Jurusan
Sukanda, E. (1983). Tembang Sunda Cianjuran, Sekitar Pembentukan dan
Perkembangannya. Proyek Pengembangan Institut Kesenian Indonesia,
Subproyek Akademi Seni Tari Indonesia, Bandung.
Sukmadinata, N. S. (2012). Metode Peneletian Pendidikan. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya
Suryalaga, H. (2010). Filsafat Sunda. Bandung: Yayasan Nurhidayat.
Susanto, D. (2012). Pengantar Teori Sastra. Jakarta: PT. Buku Seru.
Tamsyah, B. R. (1996). Pangajaran Basa Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.
Teeuw. A. (1985). Sastera dan Ilmu Sastera: Pengantar Tiori Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
Waluyo, J. H. (1987). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: PT. Gelora Aksara Pratama.
Wellek & Warren. (1989). Teori Kesusatraan. Jakarta: Gramedia.
Wiradireja, Y. Spk. (2003). Tembang Sunda Cianjuran. Bandung: Jurusan Karawitan STSI Bandung.
Wiratmadja, A. S. (1998). Mengenal Seni Tembang Sunda. Bandung: CV. Wahana Iptek.