• Tidak ada hasil yang ditemukan

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DESA CENGCAL KACAMATAN JAPARA KABUPATEN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRESIASI PUISI DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DESA CENGCAL KACAMATAN JAPARA KABUPATEN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRESIASI PUISI DI SMA."

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA

DI DÉSA CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan

Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

AYU ANINGSIH NIM 0906110

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA

DI DÉSA CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA

Oleh Ayu Aningsih

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ayu Aningsih 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

(4)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAFTAR EUSI ... vi

DAFTAR TABÉL ... x

DAFTAR LAMPIRAN ... xiii

DAFTAR BAGAN ... xiv

DAFTAR SINGGETAN ... xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Rangkay Panulisan Skripsi ... 5

BAB II PUISI MANTRA, STRUKTURALISME, BAHAN PANGAJARAN 2.1 Wangenan Puisi ... 7

2.2 Puisi Mantra ... 8

2.2.1 Tujuan Puisi Mantra ... 9

2.2.2 Papasingan Puisi Mantra ... 10

(5)

vii

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.3.1 Eusi Puisi Mantra ... 14

2.3.2 Basa dina Mantra ... 14

2.3.3 Purwakanti ... 14

2.3.4 Wangun jeung Wirahma ... 19

2.3.5 Pencitraan ... 20

2.4 Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi ... 21

2.4.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 21

2.4.2 Tujuan Pangajaran ... 22

2.4.3 Kritéria Bahan Pangajaran ... 23

2.4.4 Nyusun Bahan Pangajaran ... 24

2.4.5 SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 25

BAB III MÉTODELOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi, Sumber Data, jeung Data Panalungtikan ... 27

3.1.1 Lokasi ... 27

3.1.2 Sumber Data ... 27

3.1.3 Data ... 31

3.2 Désain Panalungtikan... 34

3.3 Métode Panalungtikan ... 35

3.4 Téhnik Panalungtikan ... 35

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 36

3.4.2 Téhnik Ngolah Data ... 37

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 37

3.6 Wangenan Operasional ... 38

BAB IV ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN 4.1 Déskripsi Puisi Mantra di Désa Cengal ... 40

4.2 Analisis Struktural Puisi Mantra ... 41

(6)

viii

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.2 Analisis Struktur Mantra Asihan I ... 44

4.2.3 Analisis Struktur Mantra Asihan Colék Asem ... 46

4.2.4 Analisis Struktur Mantra Asihan Si Bawang Beureum 49

4.2.5 Analisis Struktur Mantra Asihan Panenjrag Bumi ... 51

4.2.6 Analisis Struktur Mantra Asihan Si Nining Kembang 53

4.2.7 Analisis Struktur Mantra Asihan Si Leugeut Teuweul... 55

4.2.8 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan paranti Diminyak 57

4.2.9 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan paranti Disisir ... 60

4.2.10 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan keur Nuus ... 62

4.2.11 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan keur Nyanyabaan 65 4.2.12 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan keur Masamoan .. 67

4.2.13 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan keur Disamping .. 69

4.2.14 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan Digelung... 71

4.2.15 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan Mandi ... 73

4.2.16 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan Dipupur ... 75

4.2.17 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan Ngadeuleu ... 76

4.2.18 Analisis Struktur Mantra Jangjawokan Nepungan ... 78

4.2.19 Analisis Struktur Mantra Ajian Pangabaran ... 80

4.2.20 Analisis Struktur Mantra Ajian Pangabaran ... 82

4.2.21 Analisis Struktur Mantra Panyinglar Hama Beureum ... 85

4.2.22 Analisis Struktur Mantra Singlar Indung Bumi Bapa Langit ... 87

4.2.23 Analisis Struktur Mantra Rajah Pamunah ... 89

4.2.24 Analisis Struktur Mantra Jampé Baraja ... 93

4.2.25 Analisis Struktur Mantra Jampé Kanceuh ... 95

4.2.26 Analisis Struktur Mantra Jampé Kabadi... 97

4.2.27 Analisis Struktur Mantra Jampé Raheut ... 99

(7)

ix

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.2.29 Analisis Struktur Mantra Jampé Pamulang ... 103

4.2.30 Analisis Struktur Mantra Jampé Bisul ... 105

4.3 Kacindekan Analisis ... 108

4.4 Conto Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA ... 109

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 114

5.2 Saran ... 116

DAFTAR PUSTAKA ... 117

LAMPIRAN ... 119

(8)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA

DI DÉSA CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA 1)

AYU ANINGSIH 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Analisis Struktural Puisi Mantra di Désa Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA. Tujuan dilakukannya penelitian ini adalah untuk mengumpulkan puisi mantra yang ada di Desa Cengal Kecamatan Japara Kabupaten Kuningan, mendeskripsikan struktur puisi mantra (isi, bahasa, rima (purwakanti), bangun dan irama (wirahma), serta citraan). Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analitik dengan teknik telaah pustaka, wawancara, dan dokumentasi. Sumber data penelitian ini adalah manusia (narasumber). Data yang diperoleh berupa puisi mantra yang harus ditrasliterasi ke bentuk tulisan, yaitu sebanyak 99 mantra dari 16 narasumber yang terdiri dari: 23 asihan, 37 jangjawokan, 4 ajian, 8 singlar, 1

rajah, dan 26 jampe. Pengelompokan tersebut dilakukan berdasarkan teori Rusyana yang membagi mantra berdasarkan tujuan dan fungsi pemakaiannya. Data yang dianalisis dalam penelitian ini adalah 30 mantra yang mencakup: 7

asihan, 11 jangjawokan, 2 ajian, 2 singlar, 1 rajah, dan 7 jampe. Adapun unsur yang dianalisis dalam penelitian ini yaitu unsur pembangun puisi mantra itu sendiri yang mencakup isi, bahasa, rima, bangun dan irama, serta citraan. Dari hasil analisis ditemukan bahwa isi puisi mantra tersebut adalah untuk tujuan baik, bahasa yang digunakan umumnya bahasa Sunda, rima yang digunakan kebanyakan rima huruf vokal (purwakanti maduswara), jumlah bait dan irama tiap mantra tidak tetap dan beragam, dan citraan yang banyak ditemukan adalah citraan penglihatan dan perasaan. Mantra yang dianalisis semuanya bisa dijadikan alternatif bahan pembelajaran apresiasi puisi. Berdasarkan penelitian yang telah dilakukan, diharapkan akan ada lagi pendokumentasian puisi mantra oleh masyarakat dan lembaga pemerintahan lainnya supaya kekayaan budaya tersebut tetap terjaga.

Kata kunci: analisis struktural, puisi mantra, apresiasi puisi, bahan pembelajaran

(9)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA

DI DÉSA CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN APRÉSIASI PUISI DI SMA 1)

AYU ANINGSIH 2)

ABSTRACT

The title of this research is "Analisis Struktural Puisi Mantra di Désa Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Puisi di SMA". The purpose of this research is to collect poetry mantra in the

Desa Cengal Kecamatan Japara Kabupaten Kuningan, describe the structure of the poetry mantra (content, language, rhyme (purwakanti), form and rhythm (wirahma), and images). This research use descriptive analytic method by way of literature review technique, interview, and documentation. This research the data source is a human (sources) and the data obtained in the form poetry mantra that should transliterated into writing, that as many as 99 mantra from 16 sources consist of: 23 asihan, 37 jangjawokan, 4 ajian, 8 singlar, 1 rajah, and 26 jampe. The grouping was done based on Rusyana’s theory that divides mantra based on

the purpose and function of their use. The data whom analyzed in this research are 30 mantras that include: 7 asihan, 11 jangjawokan, 2 ajian, 2 singlar, 1 rajah, and 7 jampe. The elements that analyzed in this research are the building blocks of poetry mantra itself that include: content, language, rhyme, form and rhythm, image. From the result of this research, it was found that the content poetry mantra is for a good cause by using a common language that is Sundanese language, this poetry mantra also use rhym of vowel rhym with the amount of couplets and rhym inconsistently and has a lot of variety in each mantra. The image who many found is visual image and sense. Mantra that have been analyzed can be used as a learning materials of appreciation for poetry. Based on the research that has been done, it is expected there will be many documentation of poetry mantra by the public and the government in order to maintain the cultural heritage.

Keyword: structural analysis, poetry mantra, appreciation poetry, learning

material.

3) Skripsi di bawah bimbingan Dr.Dedi Koswara, M.Hum dan Agus Suherman S.Pd., M.Hum

(10)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Kumpulan manusa anu cicing di hiji wewengkon sarta maranéhna ngalakukeun interaksi atawa campur gaul jeung manusa lianna disebut masarakat. Unggal kelompok masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan anu ngabédakeun manéhna jeung kelompok masarakat lianna.

Kabudayaan nurutkeun élmu antropologi nya éta sakabéh sistem gagasan, tindakan sarta hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipimilik manusa ku cara diajar (Koentjaraningrat, 2009: 144). Sedengkeun nurutkeun Keontjaraningrat (2009: 146), kabudayaan mangrupa hasil tina cipta, karsa, jeung rasa. Jadi, kabudayaan mangrupa sakabéh hasil karya, cipta manusa (tindakan, norma, adat-istiadat, artéfak jrrd.) di masarakat anu dibeunangkeun tina prosés diajar.

Dina kabudayaan aya nu disebut unsur-unsur kabudayaan universal atawa

culture universal. Istilah universal éta ngébréhkeun yén unsur-unsurna miboga sipat universal, aya jeung bisa kapanggih dina sakabéh kabudayaan tina sakabéh bangsa di dunya. Éta unsur-unsur kabudayaan ngawengku: basa, sistem pangaweruh, organisasi soaial/kamasarakatan, sistem pakakas hirup jeung téhnologi, sistem pakasaban, sistem réligi, sarta kasenian (Koentjaraningrat, 2009: 165). Dina unsur-unsur universal kabudayaan éta, nu nyekel peran pangpentingna di masarakat nya éta basa.

Basa téh minangka alat komunikasi manusa dina hirup kumbuhna di masarakat. Ku ayana basa, manusa bisa ngedalkeun atawa ngébréhkeun rasa, pikiran, jeung kahayang dina hirup kumbuh sapopoé. Lian ti éta, nurutkeun Halliday (1973) dina (Sudaryat, 2004: 17) basa ogé miboga fungsi imajinatif pikeun ngébréhkeun rasa émosi nu sipatna éndah (éstétis) tur imajinatif. Fungsi imajinatif basa biasana katémbong dina karya sastra.

(11)

2

atawa wangun lancaran, puisi atawa wangun ugeran, jeung carita drama. Dumasar kana warna karanganana, (a) prosa téh ngawengku: dongéng, skétsa, carita pondok, roman atawa novél; (b) puisi ngawengku: puisi anu ngawujud carita/naratip (carita pantun jeung wawacan) jeung teu naratip (puisi mantra, kakawihan, sisindiran, sa’ir, guguritan, sajak); (c) drama nu ngawengku: rupa-rupa carita drama dina ungkara dialog wanda prosa jeung ungkara dialaog wanda puisi (kawih, tembang). Sedengkeun nilik kana médiana, aya sastra lisan jeung sastra tinulis. Sastra lisan nya éta sastra anu hirupna ( tumuwuhna, mekarna, jeung sumebarna) dina média lisan, sakurang-kurang dina mangsana. Sabalikna, sastra tinulis nya éta anu hirupna dina média tulis (Iskandarwassid, 2003: 138).

Dina élmu folklor aya ogé nu disebut sastra lisan. Sastra lisan atawa kasusastraan lisan nya éta kasusastraan nu ngawengku éksprési kasusastraan warga hiji kabudayaan anu sumebar jeung turun-tumurun sacara lisan (Hutomo, 1991: 60). Sastra lisan éta miboga cicirén di antarana: 1) sumebar ngaliwatan baham; 2) ayana di masarakat nu miboga corak désa; 3) ngagambarkeun cicirén budaya hiji masarakat; 4) teu dipikanyaho saha nu ngarangna; 5) miboga corak puitis, teratur, jeung diulang-ulang; 6) aya sababaraha vérsi; 7) basa (ngagunakeun gaya basa lisan, ngandung dialék, jarang diucapkeun lengkep).

Genre sastra lisan ngawengku sastra lisan anu lisan (murni), jeung sastra lisan satengah lisan. Sastra lisan murni nya éta sastra lisan anu diucapkeun sacara lisan contona puisi mantra anu aya dina kasuastraan buhun Sunda.

Iskandarwassid (2003:118) nétélakeun yén puisi nya éta wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung diksina, lain dina ungkara kalimah cara basa sapopoé atawa cara wangun prosa. Kitu deui mantra, Iskandarwassid nétélakeun yén mantra téh warnaning puisi (ugeran) buhun (tradisional) anu eusina jajampéan, jangjawokan, parancah, singlar, asihan, jsté.

(12)

3

husus anu ditepikeun ngagunakeun basa sarta miboga maksud nu tangtu. Mantra bakal miboga kakuatan gaib lamun dina ngucapkeunana maké ritual husus.

Ngagunakeun mantra teu sagawayah, tapi aya padikana. Tujuan makéna mantra ogé rupa-rupa. Kitu deui, jalma nu ngagunakeun mantra kudu nyumponan sarat nu tangtu anu geus ditangtukeun ku nu dianggap ngawasa mantra.

Mantra bisa tetep aya, mekar, atawa bisa ogé tumpur, luyu jeung kahirupan manusa nu makéna. Masarakat nu ngagunakeun mantra keur tujuan magis kiwari geus teu pati réa. Kitu deui nu miboga mantrana ngan ukur golongan kolot, da nu ngora mah langka pisan. Saenyana mantra mangrupa bagian tina budaya jeung sastra daérah anu perlu diriksa jeung dimumulé, lantaran éta téh salasahiji titinggal budaya karuhun anu luhung ajénna.

Pikeun ngariksa jeung ngamumulé kabudayaan daérah, Undang-Undang Dasar 1945 dina BAB XIII Pasal 32 Ayat 1 jeung 2 nandeskeun yén:

“(1) Negara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah peradaban

dunia dengan menjamin kebebasan masyarakat dalam memelihara dan mengembnagkan nilai-nilai budayanya; (2) Negara menghormati dan

memelihara bahasa daerah sebagai kekeyaan budaya nasioal.”

Salasahiji tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah pangpangna anu mangrupa sastra lisan nya éta ku cara ngayakeun panalungtikan. Ku ayana panalungtikan, sastra lisan baris didokuméntasikeun dina wangun tinulis tur bisa dianalisis nepi ka bisa kanyahoan struktur pangwangunna. Sanggeus didokuméntasikeun sarta dianalisis struktur pangwangunna, éta data bisa digunakeun pikeun bahan pangajaran husuna pangajaran aprésiasi puisi.

Aya sababaraha hasil panalungtikan ngeunaan mantra nu geus aya di antarana: Bagbagan Puisi Mantra Sunda meunang Rus Rusyana (1970); Puisi Mantra pikeun Bahan Pangjaran Aprésiasi Sastra Sunda di SMP meunang Lina Herlinawati (1997); Puisi Mantra di Kecamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi: Analisis Déskriptif Téks jeung Kontéks meunang Retty Isnendes (1998); Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kecamatan Naringgul Kabupatén Cianjur meunang Dadang Gunawan (2004); Puisi Mantra di Kampung Ciarileu Kecamatan Cikajang Kabupatén Garut: Invéntarisasi jeung Analisis Ajén Estétis Struktur

(13)

4

Tina sababaraha judul panalungtikan di luhur can pati réa panalungtikan anu matalikeun antara puisi mantra jeung pangajaran sarta can aya panalungtikan nu dilakukeun di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan. Ku kituna, ieu panalungtikan perlu pisan dilaksanakeun, sanajan geus aya panalungtikan saméméhna, tapi aweuhan katut wewengkonna béda katut mudah-mudahan bisa leuwih jero jeung teleb.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan masalah

Luyu jeung kasang tukang, masalah dina ieu panalungtikan téh ngeunaan puisi mantra. Sangkan pedaran henteu méngpar jeung teu lega teuing ambahanana, masalah dina ieu panalungtikan baris diwatesanan ngeunaan ulikan sacara struktural puisi mantra di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan dipatalikeun jeung bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA.

1.2.2 Rumusan masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun patalékan ieu di handap:

1) Aya sabaraha puisi mantra anu kapanggih di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan sarta kumaha wincikan éta puisi mantra dumasar jenis-jenisna?

2) Kumaha struktur (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan) puisi mantra di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan? 3) Puisi mantra ti Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan nu

mana nu bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan téh nya éta ngawengku: 1.3.1 Tujuan Umum

(14)

5

masarakat Sunda jaman bihari hususna karya sastra, sangkan kanyahoan tur bisa diaprésiasi ku masarakat mangsa kiwari, sarta pikeun dipilih tur dijadikeun bahan pangajaran aprésisasi puisi di SMA.

1.3.2 Tujuan Husus

1) Ngumpulkeun jeung ngadokuméntasikeun puisi mantra di Désa Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan sarta mikanyaho jenis puisi mantra nu geus dikumpulkeun;

2) Ngadéskripsikeun struktur (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan) puisi mantra di Désa Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan;

3) Nangtukeun puisi mantra nu mana nu bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan puisi mantra hususna dina analisis struktural puisi mantra éta sorangan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

1) Pikeun dunya pangajaran, bisa dijadikeun salasahiji bahan pangajaran di sakola;

2) Pikeun masarakat, sangkan teu mopohokeun titinggal budaya karuhun, tur bisa ngaprésiasi éta titinggal budaya karuhun;

3) Pikeun nu nalungtik, bisa dijadikeun bahan babandingan dina medar jeung ngaguar karya sastra Sunda hususna ngeunaan puisi mantra.

1.5 Rangkay Panulisan Skripsi

(15)

6

BAB I: bubuka eusina pedaran ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta rangkay panulisan skripsi.

BAB II: kajian pustaka eusina pedaran tiori-tiori atawa bahasan ngeunaan hal anu aya pakuat-pakaitna jeung panalungtikan anu dilaksanakeun nu ngawengku: wangenan puisi, mantra (wangenan mantra, tujuan mantra, papasingan mantra), analisis struktural (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, pencitraan) jeung bahan pangajaran aprésiasi puisi (wangenan bahan pangajaran, tujuan pangajaran, kritéria nyieun bahan pangajaran, nyusun bahan pangajaran, SKKD pangajaran basa jeung sastra Sunda).

BAB III: métodelogi panalungtikan eusina pedaran ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku: lokasi panalungtikan, sumber data, jeung data panalungtikan, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan, jeung wangenan oprasional.

BAB IV: hasil panalungtikan jeung pedaran eusina kumpulan data hasil panalungtikan sarta analisi ngeunaan data hasil panalungtikan.

(16)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODELOGI PANALUNGTIKAN

3.1Lokasi, Sumber Data, jeung Data Panalungtikan 3.1.1 Lokasi

Ieu panalungtikan dilaksanakeun di Désa Cengal anu pernahna aya di Kacamatan Japara, Kabupaten Kuningan. Jarak ti Désa Cengal ka kabupatén kurang leuwih 17,5 kilometer.

Sacara administrasi Désa Cengal beulah kulon diwatesan ku Désa Wano (Kacamatan Japara), beulah wétan diwatesan ku Désa Jambugeulis (Kacamatan Ciganda Mekar), beulah kidul diwatesan ku Désa Pamulihan (Kacamatan Cipicung), jeung beulah kalér diwatesan ku Désa Cikeléng (Kacamatan Japara).

Désa Cengal miboga 7 dusun (I-VII), 7 RW, jeung 32 RT. Dumasar data ti désa, jumlah penduduk nu kacatet taun 2013 aya 4984 jiwa, anapon wincikanana nya éta: awéwé 2549 jiwa jeung lalaki 2435 jiwa.

Pakasaban masarakat Désa Cengal réréana kana tani jeung dagang. Tapi salian ti éta aya ogé nu digawé jadi guru, montir, kuli bangunan, tukang ojég, supir, jeung réa-réa deui.

3.1.2 Sumber Data

Sumber data nya éta subjék ti mana data dibeunangkeun (Arikunto, 2010: 172). Sumber data mangrupa asal data panalungtikan ti lapangan. Sumber data bisa diklasifikasi jadi tilu, nya éta jalma nu bisa méré data nu mangrupa jawaban lisan atawa tinulis, tempat nu némbongkeun kaayaan cicing atawa gerak, sarta tulisan nu ngagambarkeun tanda-tanda nu mangrupa huruf, angka, atawa gambar.

(17)

31

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.1.3 Data

Nurutkeun Siswantoro (2010: 70), data nya éta sumber informasi nu rék diseléksi minangka bahan analisis. Data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh puisi mantra nu geus dikumpulkeun ku panalungtik, nu aya di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan. Sedengkeun data nu rék dianalisis mangrupa puisi mantra anu strukturna (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, citraan) bisa dianalisis sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA.

Tabél 3.2

Data Puisi Mantra di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan No Kode Mantra Judul Mantra Katerangan

1 01.01.001 Jangjawokan paranti Mandi 2 01.02.002 Jangjawokan paranti Nuus 3 01.03.003 Jangjawokan paranti Disamping

4 01.04.004 Jangjawokan paranti Diminyak dianalisis 5 01.05.005 Jangjawokan paranti Disisir dianalisis 6 01.06.006 Ajian Kajayaan

7 02.01.007 Jangjawokan paranti Disisisr

8 02.02.008 Asihan Jeuleu Deungdeung dianalisis

9 02.03.009 Asihan I dianalisis

10 02.04.010 Asihan II

11 02.05.011 Jangjawokan paranti Diminyak 12 02.06.012 Jangjawokan paranti Disamping 13 02.07.013 Asihan Si Ungkut-ungkut

14 02.08.014 Asihan Colék Asem dianalisis

15 03.01.015 Ajian keur Kangoraan 16 03.02.016 Asihan III

17 03.03.017 Jampé Nyeri Beuteung

18 03.04.018 Jangjawokan Ngilikan Paré Beukah

19 03.05.019 Jampé Baraja dianalisis

20 03.06.020 Jampé Kabeureuyan

21 03.07.021 Jampé Kanceuh dianalisis

22 03.08.022 Jampé Mondah 23 03.09.023 Jampé Bisul

24 03.10.024 Jampé Kabadi dianalisis

25 03.11.025 Asihan Nitik Ngalahir

26 03.12.026 Asihan Si Bawang Beureum I dianalisis

27 04.01.027 Jampé Raheut dianalisis

(18)

32

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 29 04.03.029 Jampé Budak Kabadi

30 05.01.030 Jangjawokan paranti Mandi

31 05.02.031 Jangjawokan paranti Nuus dianalisis 32 05.03.032 Jangjawokan paranti Nyisir

33 05.04.033 Jangjawokan paranti Diminyak 34 05.05.034 Jangjawokan paranti Nyeupah 35 05.06.035 Jangjawokan paranti Disamping 36 05.07.036 Asihan Si Bawang Beureum II 37 06.01.037 Jampé Bunghak

38 06.02.038 Jampé Kabadi

39 06.03.039 Asihan Panjenjrag Jagat 40 06.04.040 Jangjawokan paranti Seuri 41 06.05.041 Jampé Sirep

42 06.06.042 Ajian Pangabaran dianalisis

43 06.07.043 Jampé Nyeri Beuteung dianalisis

44 06.08.044 Jampé Gering Panas

45 06.09.045 Panyinglar Hama Beureum dianalisis 46 06.10.046 Panyinglar Hama Beurit

47 06.11.047 Jampé Nyecepan

48 07.01.048 Rajah Pamunah dianalisis

49 07.02.049 Singlar ka Tampian

50 07.03.050 Ajian Pangabaran dianalisis

51 08.01.051 Asihan Si Buka Raja

52 08.02.052 Jangjawokan paranti Nyanyabaan dianalisis 53 08.03.053 Jampé Numbalan nu rek Ngajuru

54 08.04.054 Jampé Diseureud Kala 55 08.05.055 Jampé Kabadi

56 08.06.056 Jampé Anu Keulat Hantu 57 08.07.057 Jampé Nyeri Beuteung 58 08.08.058 Asihan Pamanah Rasa 59 09.01.059 Asihan Guguyuning Semar 60 10.01.060 Jampé Pamulang Panyakit 61 10.02.061 Pangasihan Bandung Rina 62 10.03.062 Jangjawokan paranti Dagang 63 10.04.063 Jangjawokan Angkat-angkatan 64 10.05.064 Jangjawokan Mandi Peuting

65 11.01.065 Jangjawokan Masamoan dianalisis

66 11.02.066 Jangjawokan Diminyak

67 11.03.067 Jangjawokan paranti Disamping dianalisis

68 11.04.068 Jangjawokan Digelung dianalisis

69 11.05.069 Jangjawokan Mandi dianalisis

70 11.06.070 Jangjawokan Nyisir

(19)

33

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Katerangan tina Tabél 3.2

Angka 01.01.001 = (1) 01, (2) 02, (3) 001 (1) 01 = Nomer Narasumber

(2) 01 = Nomer Mantra Narasumber (3) 001 = Nomer Jumlah Mantra

72 12.01.072 Singlar Indung Bumi Bapa Langit dianalisis 73 12.02.073 Jampe Budak Mondah

74 12.03.074 Panyinglar Hama di Sawah 75 12.04.075 Jampé Pamulang

76 13.01.076 Asihan Guyuning Semar 77 13.02.077 Jangjawokan Nété ka Imah 78 13.03.078 Asihan Si Bodas

79 13.04.079 Asihan Si Hideung 80 13.05.080 Asihan IV

81 13.06.081 Asihan Panenjrag Bumi dianalisis

82 13.07.082 Jangjawokan Mandi 83 14.01.083 Asihan Panenjrag Jagat 84 14.02.084 Asihan Colék Asem

85 14.03.085 Jangjawokan Ngadeuleu dianalisis

86 15.01.086 Jangjawokan Nepungan dianalisis

87 15.02.087 Asihan Si Nining Kembang dianalisis 88 15.03.088 Jangjawokan Nyiuk Béas

89 15.04.089 Jangjawokan Nyangu 90 15.05.090 Jangjawokan Tandur 91 15.06.091 Panyinglar Hama Wereng 92 15.07.092 Panyinglar Hama Beureum 93 16.01.093 Jangjawokan Paranti Nyisiran 94 16.02.094 Jangjawokan Paranti Disamping

95 16.03.095 Asihan Si Leugeut Teuweul dianalisis

96 16.04.096 Jampé Pamulangan dianalisis

97 16.05.097 Jampé Kanceuh

98 16.06.098 Jampé Bisul dianalisis

(20)

34

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan ngawengku léngkah-léngkah ngalaksanakeun panalungtikan sacara gurat bagad.

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

(nurutkeun Arikunto, 2010: 68) Léngkah 1

Milih Masalah

Léngkah 2 Studi Bubuka

Léngkah 3 Ngarumuskeun Masalah

Léngkah 6-a Nangtukeun Variabel

Léngkah 8 Ngumpulkeun Data

Léngkah 4

Ngarumuskeun Anggapan Dasar Léngkah 5

Nangtukeun Pamarekan

Léngkah 4-a Hipotésis

Léngkah 9 Analisis Data

Léngkah 6-b Nangtukeun Sumber Data

Léngkah 11 Nyusun Laporan

Léngkah 7 Nangtukeun Instrumén

(21)

35

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana (Arikunto, 2010: 203). Sedengkeun nurutkeun Siswantoro (2010: 56), métode mangrupa cara anu digunakeun ku saurang panalungtik dina usaha pikeun ngungkulan masalah anu keur ditalungtik. Jadi, métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan pikeun ngungkulan masalah anu keur ditalungtik.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta déskriptif analitik. Nurutkeun Margono (2009: 39), dina panalungtikan déskriptif analitik data nu dibeunangkeun (mangrupa kecap-kecap, gambar, paripolah) lain mangrupa wilangan atawa angka statistik, tapi tetep dina wangun kualitatif nu miboga harti leuwih euyeub ti batan angka atawa frékunési. Nawawi dina Siswantoro (2010: 56) nétélakeun yén métode désktiptif nya éta:

‘Metode deskripif dapat diartikan sebagai prosedur pemecahan masalah yang diselidiki dengan manggambarkan atau melukiskan keadaan subjek atau objek penelitian (novel, drama, cerita pendek, drama, puisi) pada saat sekarang berdasarkan fakta-fakta yang tampak atau sebagaimana adanya.’

Ku métode déskriptif, panalungtik sastra diperedih ngungkabkeun fakta-fakta anu geus aya atawa data ku cara méré déskripsi. Éta fakta-fakta jeung data mangrupa sumber informasi nu jadi basis analisis.

Tujuan panalungtikan déskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun atawa nyieun gambaran sistematis, faktual, sarta akurat ngeunaan fakta-fakta jeung sifat-sifat tina data anu rék ditalungtik (Suyatna, 2002: 14).

3.4 Téhnik Panalungtikan

(22)

36

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ngumpulkeun data panalungtikan nya éta téhnik wawancara, talaah pustaka, jeung dokuméntasi.

1) Wawancara

Wawancara nurutkeun Basrowi jeung Suwandi (2008: 127) nya éta paguneman nu miboga tujuan nu tangtu antara dua pihak, nya éta nu ngawawancara minangka nu nanya sarta nu diwawancara minangka nu ngajawab. Wawancara anu dilakukeun ngagunakeun wawancara bébas jeung wawancara

terpimpin. Wawancara bébas nya éta wawancara anu patalékanana teu diwatesanan, tapi angger museur kana data nu rék dikumpulkeun. Sedengkeun wawancara terpimpin nya éta wawancara anu dilakukeun ku ngagunakeun padoman patalékan anu geus dijieun.

2) Talaah Pustaka

Talaah pustaka mangrupa téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data atawa bahan-bahan anu rék ditalungtik ku cara macaan sarta neuleuman eusi buku anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. Talaah pustaka digunakeun salian pikeun néangan data, ogé pikeun nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya patalina jeung subjék panalungtikan anu keur ditalungtik (Isnendes, 1998: 30).

3) Dokuméntasi

Nurutkeun Arikunto (2010: 201), dokuméntasi asal kecap tina dokumén, nu hartina barang-barang tinulis. Dina ngalaksanakeun dokuméntasi, panalungtik nalungtik barang-barang tinulis saperti buku-buku, majalah, catatan pribadi, jrrd. Lian ti éta Arikunto (2010: 172), dina panalungtikan kudu merhatikeun tilu sumber nu bakal nguatan informasi nya éta tulisan (paper), tempat (place), jeung jalma (people). Kitu deui dina nalungtik kajian lisan (sastra lisan) perlu ngagunakeun téhnik dokuméntasi.

(23)

37

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

transkripsi data tina rékaman kana tulisan, jeung gambar informan (poto diri informan).

3.4.2 Téhnik Ngolah Data

Léngkah-léngkah ngolah data ngawengku: 1) ngatransliterasi data tina lisan kana tulisan;

2) klasifikasi/ngelompokkeun puisi mantra dumasar téori Yus Rusyana jeung méré kode mantra dumasar penomeran Isnéndés;

3) nangtukeun puisi mantra nu rék dianalisis;

4) nganalisis data dumasar unsur struktur pangwangunna anu ngawengku: (1) eusi mantra; (2) basa dina mantra; (3) purwakanti; (4) wangun jeung wirahma; jeung (5) citraan.

3.5Instrumén Panalungtikan

Instrumén hartina pakakas/alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data (Siswantoro, 2010: 73). Sedengkeun numutkeun Arikunto (2010: 203), instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka leuwih babari dikokolakeun. Dina ieu panalungtikan instrumén anu digunakeun nya éta padoman wawancara, camera digital, hanphone (recorder), alat tulis, buku catatan.

(24)

38

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.3

Daftar Patalékan dina Wawancara Ruang Lingkup Data

Data Narasumber Data Mantra

1 2

1.1Ngaran Narasumber 1.2Jenis Kelamin Narasumber 1.3Umur Narasumber

1.4Status Perkawinan Narasumber 1.5Alamat Narasumber

1.6Pakasaban Narasumber 1.7Atikan Narasumber 1.8Kalungguhan

1.1Papasingan Mantra 1.2Téks Mantra

1.3Asal Mantra (ti saha, iraha, jeung naon saratna)

1.4Fungsi Mantra

1.5Cara makéna (kumaha, iraha, jeung naon saratna)

(dumasar kana Tabél Gunawan, 2004: 33) 3.6 Wangenan Operasional

Définisi operasional nya éta narjamahkeun unggal variabel dumasar kritéria kabutuhan observasi, keterukuran, manipulasi, kontrol jeung nguji sababaraha variabel (Suyatna, 2002: 9).

Pikeun nyingkahan kasalahpahaman dina napsirkeun istilah-istilah nu aya dina ieu panalungtikan, perelu pisan didadarkeun maksud tina istilah-istilah nu aya hubunganana kana éta hal. Istilah-istilah nu aya dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Analisis struktural

Analisis struktural nya éta fokus analisis kana unsur-unsur nu ngawangun struktur, ngawengku unsur-unsur internal (Siswantoro, 20101: 63). Sedengkeun nurutkeun Pradopo (2010: 279), analisis struktural nya éta analisis puisi kana unsur-unsur jeung fungsina, sarta penguraianyén unggal unsur éta miboga ma’na ngan dina kaitanana jeung unsur lianna, kitu ogé dumasar tempat atawa posisina dina struktur.

2) Puisi mantra

(25)

39

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

biasanya diucapkan oleh dukun atau pawang untuk menandingi kekuatan gaib

yang lain”(KBBI, 2008: 876).

Sedengkeun numutkeun Iskandarwassid (1992: 80), puisi mantra nya éta warnaning puisi (ugeran) buhun anu eusina jajampéan, parancah, singlar, asihan jeung sajabana ti éta.

3) Bahan pangajaran

Bahan pangajaran nurutkeun Ginting (2010: 152) nya éta rangkuman matéri anu diajarkeun nu dibikeun ka siswa dina wangun bahan cétak atawa dina wangun séjémma anu disimpen dina file éléktronik boh vérbal boh tinulis. 4) Aprésiasi puisi

(26)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Puisi mantra nu kainvéntarisir di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan jumlahna aya 99, ti 16 narasumber nu ngawengku: 23 asihan, 37 jangjawokan, 4 ajian, 8 singlar, 1 rajah, jeung 26 jampé. Éta puisi mantra di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan dipasing-pasing jadi 6 warna dumasar téori Rusyana.

Tina 99 mantra, ditangtukeun 30 mantra pikeun dianalisis dumasar kana warna papasinganana. Mantra nu dianalisis ngawengku: 7 asihan, 11 jangjawokan, 2 ajian, 2 singlar, 1 rajah, jeung 7 jampé. Anapon dina nangtukeun puisi mantra nu bakal dianalisis tina unggal papasingan mangrupa puisi mantra anu strukturna (eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, citraan) bisa dianalisis sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi puisi di SMA.

Unsur-unsur puisi mantra anu dianalisis tina sampel panalungtika nya éta: (1) téks mantra, judul mantra, nomer mantra; jeung (2) analisis struktur mantra nu ngawengku: eusi, basa, purwakanti, wangun jeung wirahma, sarta citraan. Purwakanti nu dipedar ngawengku: pangluyu, maduswara, cakraswara, laraspurwa, mindoan kawit, laraswekas, mindoan wekas, larasmadya, margaluyu, jeung mindoan kecap. Sedengkeun citraan nu dipedar nya éta citraan panempo (visual), citraan pangrungu (auditif), jeung citraan rasa (taktil).

Sabada dianalisis atawa dilakukeun kajian kana sampel mantra ti Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan bisa dirumuskeun kacindekan saperti ieu di handap:

1) Eusi Mantra

(27)

115

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2) Basa dina Mantra

Basa dina puisi mantra nu dianalisis réréana ngagunakeun basa Sunda. Tapi, aya ogé nu pacampur atawa diwuwuhan ku basa séjén, upamana basa Sansekerta, Jawa, jeung basa Cirebon. Lian ti éta basa nu digunakeun dina mantra biasana lain basa Sunda sapopoé, tapi arkais nya éta basa kuno nu geus jarang dipaké dina mangsa kiwari.

3) Wangun jeung Wirahma Mantra

Wangun jeung wirahma mantra nu dianalisis teu angger. Mantra nu dianalisis réana diwangun ku 6 padalisan jeung 7 padalisan. Wirahma mantra polana henteu matok ogé, randegan unggal padalisan béda jumlahna. Tapi randegan nu réa kapanggih dina mantra mah nya éta nu 2 randegan nu diwangun ku 8 engang nu pola engangna réréana 4-4, 3-5, jeung 5-3.

4) Purwakanti Mantra

Purwakanti nu mindeng kapanggih dina mantra nu dianalisis nya éta purwakanti maduswara (purwakanti vokal dina unggal padalisan).

5) Citraan

Citraan nu mindeng kapanggih dina mantra nu dianalisis nya éta citraan rasa jeung citraan panempo.

(28)

116

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Saran

Sabada nyindekkeun hasil analisis puisi mantra, aya sababaraha saran saperti ieu di handap:

1) Puisi mantra di Désa Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan mangrupa salasahiji karya sastra lisan, titinggal karuhun urang baheula. Ku kituna, sangkan ieu titinggal budaya teu leungit, kudu diriksa jeung dimumulé; 2) Puisi mantra nu geus diinvéntarisir di Désa Cengal, Kacamatan Japara,

Kabupatén Kuningan bisa dijadikeun bahan pangajaran dina widang sastra hususna dina widang aprésiasi puisi buhun;

(29)

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Bahri Djamarah, S. & Aswan Zain. (2006). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Basrowi & Suwandi. (2011). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Depertemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia: Pusat

Bahasa. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.

Djoko Pradopo, R. (2010). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Ginting, A. (2010). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.

Gunawan, D. (2004). Analisis Puisi Mantra di Désa Malati Kecamatan Naringgul Kabupatén Cianjur. Skripsi Sarjana pada JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Isnendes, R. (1998). Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi. Skripsi Sarjana pada JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

J. Waluyo, R. (1995). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

(30)

118

Ayu Aningsih , 2013

Analisis struktural puisi mantra di desa cencal kacamatan japara kab.kuningan pikeun bahan pangajaran apresiasi puisi di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Koswara, D. (2001). Racikan Sastra:Pangdeudeul Perkkuliahan Sastra Sunda.

Bandung: JPBD FPBS UPI.

Rahayu Tamsyah, B. (1996). Pangajaran Sastra Sunda: Pikeun Siswa SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Retty Isnendes, C. (2010). Kajian Sastra: Aplikasi Teori & Kritik pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Rusyana, R. (1970). Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Pantun & Folklore Sunda.

Sadi Hutomo, S. (1991). Mutiara yang Terlupakan: Pengantar Studi Sastra Lisan.

Surabaya: Himpunan Sarjana Kesusastraan Indonesia.

Salmun, M. A. (1963). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.

Siswantoro. (2011). Metode Penelitian Sastra: Analisis Struktur Puisi.

Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudaryat, S. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Departemen Pendidikan Nasional UPI. Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: Tidak Diterbitkan.

Wibisana, W. Spk. (2000). Lima Abad Sastra Sunda: Sebuah Antologi. Bandung: CV. Geger Sunten.

Referensi

Dokumen terkait

Carita Wayang Golék Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 ku Nano Sutrisno (2008) jeung réa-réa deui. Panalungtikan ngeunaan wayang mikabutuh tarékah-tarékah anu dilakukeun sacara

Tujuan diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasang tukang, fungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa.. Métode

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data anu aya dina bab opat ngeunaan modèl pangajaran Role Playing dina ngaronjatkeun kamampuh ngadongèng siswa kelas XI IPS

Prosedur panalungtikan ieu ngawengku sababaraha kagiatan anu dilaksanakeun salila kagiatan panalungtikan, ti mimiti kagiatan awal tepi ka kagiatana ahir,

Bab IV ngadéskripsikeun ngeunaan hasil panalungtikan anu ngawengku prak- prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina hasil panalungtikan, sarta ngadéskripsikeun

Dina ieu panalungtikan baris dipedar ngeunaan tradisi ngaruat lembur di Désa/Kecamatan Tanjungsiang Kabupatén Subang. Luyu jeung kasang tukang masalah nu geus

Tujuan ieu panalungtikan téh pikeun ngadeskripsikeun struktur carita jeung ajén moral nu aya dina novél Carita Si Dirun karya Samsoedi, sarta dipatalikeun jeung bahan

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah Nilik tina kasang tukang panalungtikan, masalah anu kapanggih dina ieu panalungtikan nyaéta kieu: 1 masarakat umum