No. 718/FPBS/0251/2014
BASA SUNDA DIALÉK BREBES DI KACAMATAN SALEM
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP
SKRIPSI
Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat
Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah
ku
Winda Choeri Apriany
1000508
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
LEMBAR PENGESAHAN
Winda Choeri Apriany 1000508
BASA SUNDA DIALÉK BREBES DI KACAMATAN SALEM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP
Disaluyuan ku: Pangaping I,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001
Pangaping II,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
BASA SUNDA DIALÉK BREBES DI KACAMATAN SALEM
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP
Oleh
Winda Choeri Apriany
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Winda Choeri Apriany 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Januari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BASA SUNDA DIALÉK BREBES DI KACAMATAN SALEM
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP
Winda Choeri Apriany
1)ABSTRAK
2)Penelitian ini dilatarbelakangi oleh adanya gejala yang ada di masyarakat saat ini yang mulai jarang menghadirkan bahasa Sunda khususnya bahasa dialék dalam kehidupan sehari-sehari. Selain itu daerah yang dijadikan daérah penelitian adalah Provinsi Jawa Tengah yang notabene menggunakan bahasa Jawa. Metodé yang digunakan dalam penelitian ini adalah métodé deskriptif dengan menggunakan tekhnik observasi, wawancara dan kuesionér. Dari setiap desa diambil tiga sampel untuk dijadikan narasumber. Jumlah variasi kata dalam bahasa Sunda Brebes berhasil dikumpulkan sebanyak 291 kata dari 15 kategori yang ada di Kecamatan Salem. Data bahasa yang telah diperoleh dari hasil penelitian ini kemudian dijadikan bahan pembelajaran membaca untuk siswa di SMP, sebagai salah satu cara untuk mengenalkan kembali bahasa Sunda dialék kepada para siswa.
Kata Kunci: Basa dialék, Bahan pangajaran maca
1)
Skripsi di bawah bimbingan Bapak Dr. H. Yayat Sudaryat, M. Hum dan Bapak Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.
2)
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
SUNDANESE LANGUAGE DIALECT BREBES IN THE SALEM DISTRICT
FOR READING INSTRUCTION MATERIAL IN JUNIOR HIGH SCHOOL
Winda Choeri Apriany1, Yayat Sudaryat2, Dingding Haerudin3 Email:apriany93@yahoo.co.id , kisudaryat_sunda@upi.edu
dingding.haerudin@upi.edu
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia
ABSTRACT
This research doing caused by the phenomenon of today’s society which is started rarely not to use Sundanese, specifically their own dialect. Beside of that, the area of the research is central java, which is using Javanese as their communication language. This research is using description methode data collection technique trough by observation, interview, and questionnaire given to informant. From every village are took 3 sample for being an informant. The total the dialect sundanese to them.
Keywords: Sundanese language, Dialect, reading instruction material
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI
DAPTAR SINGGETAN ... xii
DAPTAR BAGAN ... xiii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiv
BAB I BUBUKA 1 1.1Kasang Tukang ... 1
1.2Identifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1 Identifikasi Masalah ... 3
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 5
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.2 Basa Lulugu ... 10
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 19 3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ... 20
3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 20
3.1.2 Subjék Panalungtikan ... 20
3.2 Desain Panalungtikan ... 21
3.3 Métode Panalungtikan ... 21
3.4 Wangenan Operasional ... 22
3.5 Instrumen Panalungtikan ... 23
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 25
3.7 Téhnik Ngolah Data ... 26
BAB IV BASA SUNDA DIALÉK BREBES DI KACAMATAN SALEM PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP 27 4.1 Kandaga Kecap Basa Sunda dialék Brebes di Kacamatan Salem ... 27
4.2 Ma’na Dasar kecap Basa Sunda Dialék Brebes di Kacamatan Salem 29
4.2.1 Isilah Pancakaki ... 30
4.2.2 Istilah Gaganti jeung Sesebutan ... 31
4.2.3 Istilah Kahirupan Désa jeung Masarakat ... 33
4.2.4 Istilah Imah jeung Babagianna ... 34
4.2.5 Istilah Pakakas ... 35
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.2.7 Istilah Panyakit ... 38
4.2.8 Istilah Pagawéan/ Pakasaban ... 39
4.2.9 Istilah Tutuwuhan jeung Bungbuahan ... 40
4.2.10 Istilah Sasatoan ... 42
4.2.11 Istilah Kanyataan Alam jeung Usum ... 44
4.2.12 Istilah Budi Parangi ... 45
4.2.13 Istilah Kaulinan ... 47
4.2.14 Kecap Pagawéan ... 48
4.2.15 Istilah Pananya, Panyambung, Panambah jeung Panganteb... 50
4.3 Bébédaan Basa Sunda Dialék Brebes di Kacamatan Salem jeung
4.3.4 Béda Onomasiologis ... 56
4.3.5 Béda Semasiologis ... 58
4.5 Daérah Pamakéan Basa Sunda Dialék Brebes di Kacamatan Salem .. 70
4.6 Peta Wilayah ... 94
4.7 Basa Sunda Dialék Brebes di Kacamatan Salem dina Bahan Pangajaran Maca ... 105
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.7.2 Bahan Pangajaran Maca Bahasan ... 106
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 112 5.1 Kacindekan... 112
5.2 Saran ... 113
DAPTAR PUSTAKA ... 114
LAMPIRAN ... 116
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Basa mibanda kalungguhan nu penting pisan di masarakat nyaéta pikeun alat komunikasi antar anggota masarakat. Ku cara ngagunakeun basa, manusa bisa ngaékspresikeun kahayangna. Proses komunikasi basa enas-enasna nepikeun amanat ngaliwatan basa ti pangirim ka panampa. Eta amanat téh baris nepi ka panampa upama pangirim maké basa nu bener tur merenah. Basa Sunda anu bener nyaéta basa Sunda anu dipakéna luyu jeung aturan (kaédah) basa nu geus baku kayaning aturan fonologi, tata basa, semantik, éjahan jste. Ari basa Sunda anu merenah nyaéta basa Sunda nu dipakéna luyu jeung tujuan katut kontéks situasi makéna atawa pragmatik (Sudaryat, 2010, kc.121).
Hirup kumbuh jeung mekarna basa Sunda moal leupas tina kahirupan jeung kamekaran masarakat Sunda salaku pamaké basa Sunda. Ayana parobahan-parobahan anu lumangsung dina kahirupan masarakat Sunda, tangtuna baé bakal aya pangaruhna kana kamekaran basana. Eta hal téh saluyu jeung fungsi utama basa Sunda, nyaéta alat komunikasi anu dipaké pikeun ngayakeun kontak atawa hubungan nu digunakeun ku panyaturna.
Kalungguhan basa Sunda salaku basa daérah mibanda fungsi atawa pancén: (1) Lambang kareueus daérah (2) Lambang idéntitas daérah (3) Pakakas gaul di lingkungan kulawarga (4) Basa panganteur di Sakola Dasar (5) Pangrojong basa nasional (6) Pangrojong jeung pamekar kabudayaan nasional. (Sudaryat, 2003: 24)
2
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Basa Sunda mangrupa basa daérah kadua panggedéna di Indonesia sangeus basa Jawa, nu digunakeun ku masarakat nu aya di daerah provinsi Jawa Barat, di sabagéan daérah di beulah girang provinsi Jawa Tengah, di DKI Jakarta jeung puseur-puseur daérah transmigrasi.
Dialék basa Sunda atawa basa wewengkon nepi ka ayeuna mibanda perbédaan jeung basa lulugu. Basa Sunda wewengkon mangrupa ragam basa anu mibanda ciri-ciri husus tur mandiri sarta dipaké ku masarakat Sunda di wewengkon séwang-séwangan keur ngabédakeun diri jeung wewengkon lianna (Sudaryat, 2003)
Sacara géografis Kabupatén Brebes nyaéta kabupatén anu perenahna aya di Provinsi Jawa Tengah. Kabupatén Brebes diwangun ku 17 kacamatan, salasahijina kecamatan Salem anu mangrupa kacamatan panungtung ti beulah kidul di Kabupatén Brebes sarta mangrupa pangwates jeung Kabupatén Cilacap jeung provinsi Jawa Barat. Kaayaan daérahna mangrupa pagunungan. Pacabakan masarakatna lolobana kana tatanén. Pikeun komunikasi sapopoé, masarakatna ngagunakeun basa Sunda. Basa Sunda nu digunakeunana ogé kawilang unik, lantaran loba pisan kecap-kecap nu teu sarua jeung basa Sunda lulugu.
Panalungtikan Dialék basa Sunda geus dilaksanakeun ku sababaraha panalungtik, di antarana nyaéta: “Penelitian loka basa (Geografi dialek) Bahasa
Sunda diperbatasan Jawa Barat dan jawa Tengah Bagian Selatan” (FPBS IKIP Bandung, 1977/1978), “Basa Sunda Dialék Kecamatan Langensari Kota Banjar” (Desi Maulani Rizqi, 2007), “Basa Sunda dialek Ciamis di Kecamatan Padaherang”
(Damaji:2002), “Geografi Dialek basa Sunda Suradé di Kabupatén Sukabumi pikeun
Bahan Pangajaran Maca di SMP (M. Resi Septian, 2012) jeung “Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” (Ace Monika
Murdiani, 2013). Éta panalungtikan téh ngadadarkeun basa Sunda dialék luyu jeung wilayah panalungtikanana. Panalungtikan basa Sunda di wewengkon Kacamatan Salem Kabupatén Brebes can kungsi dilaksanakeun.
3
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dijadikeun kaweruh pangbéda identitas basa Dialék nu dipimilik masarakatna. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan dijadikeun bahan Pangajaran Maca di SMP anu tujuanna pikeun mikawanoh tur ngamumulé basa dialék.
Nu ngalantarankeun perluna nalungtik dialék basa Sunda Kacamatan Salem Kabupatén Brebes téh nyaéta ku sabab can aya panalungtikan ngeunaan basa dialék di Kabupatén Brebes anu identik ngagunakeun basa Jawa tapi di ieu Kacamatan maké Basa Sunda pikeun komunikasi sapopoéna jeung mangrupa fénomena kahirupan basa (Sunda) nu perlu didokuméntasikeun, ogé bisa dijadikeun tatapakan pikeun stratégi kamekaran basa Sunda anu mémang salawasna mekar jeung luyu dumasar kamekaran jaman.
Dumasar kana katerangan di luhur, ieu panalungtikan anu judulna “Basa Sunda Dialék Brebes di Kacamatan Salem pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”, perlu dilaksanakeun.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
4
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.2.2 Rumusan Masalah
Dina ieu panalungtikan, aya sababaraha masalah anu perlu dirumuskeun. Éta rumusan masalah téh diébréhkeun dina wangun pananya ieu di handap.
1) Naon waé kandaga kecap basa Sunda dialék Brebes nu aya di Kacamatan Salem Brebes?
2) Kumaha wangun jeung analisis kecap basa Sunda dialék Kacamatan Salem Brebes?
3) Kumaha peta wilayah sebaran dialek Brebes di Kacamatan Salem?
4) Kumaha larapna basa Sunda dialék Kacamatan Salem Brebes upama dijadikeun bahan pangajaran Maca di SMP?
1.3 Tujuan panalungtikan
1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum tujuan anu baris dihontal dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngumpulkeun kandaga kecap basa Sunda dialék anu aya di Kacamatan Salem Kabupatén Brebes.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan ngadeskripsikeun kandaga kecap basa Sunda dialék kacamatan Salem kabupatén Brebes pikeun bahan pangajaran Basa Sunda di SMP. Ari déskripsina ngawengku:
a. Sajumlah kandaga kecap basa Sunda dialék di Kacamatan Salem Kabupatén Brebes.
b. Wangun jeung analisis kecap basa Sunda dialék Kacamatan Salem Brebes? c. Peta wilayah sebaran dialék Brebes di kacamatan Salem.
5
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4 Mangpaat panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis anu nyampak dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngeuyeuban kandaga kecap basa Sunda jeung paélmuan dialéktologi
1.4.2 Mangpaat Praktis
a. Pikeun panalungtik, bisa ngeuyeuban kabeungharan kecap basa dialék;
b. Pikeun siswa, méré gambaran kabeungharan kecap basa Sunda dialék pikeun ningkatkeun kamampuh basa Sunda;
c. Pikeun guru, bisa dijadikeun bahan tinimbangan dina nyusun bahan pangajaran basa Sunda.
1.5 Raraga Nulis
BAB I ngawengku kasang tukang, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan.
Bab II ngawengku ulikan pustaka. Dina kajian Tiori didadarkeun ogé sababaraha poin tiori-tiori anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. Diantarana nyaéta tiori ngeunaan dialék, basa lulugu, kandaga kecap, jeung tiori ngeunaan bahan pangajaran Maca di SMP.
Bab III ngawengku metode panalungtikan, lokasi jeung populasi sampel panalungtikan, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, tehnik ngumpulkeun data jeung analisis data.
6
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
METODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi jeung Subjek Panalungtikan
3.1.1 Lokasi
Kacamatan salem mangrupa salah sahiji ti 17 kacamatan nu aya di kabupatén Brebes sarta mangrupa salasahiji ti 7 kacamatan anu ngagunakeun basa Sunda, tapi Kacamatan Salem mangrupa hiji-hijina kacamatan anu sakabéh désana ngagunakeun basa Sunda. Jumlah pendudukna kurang leuwih 56.763 jiwa. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan anu keur ngalaman kamekaran dina rupa-rupa widang, salian ti séktor tani, anu katempo pisan sarta bisa langsung dirasakeun ku masarakatna nyaéta dina widang atikan jeung fasilitas atawa wangunan-wangunan anu dijieun pikeun ngagampangkeun masarakatna.
Sacara géografis wilayah kacamatan Salem mangrupa daerah pagunungan (400-900 mdpl) anu dikurilingan ku leuweung sarta pagunungan-pagunungan. Ku kituna, sacara militer wilayah salem mangrupa daerah pertahanan anu efektif. Eta nu jadi sabab pangna sabagian prajurit karajaan Pajajaran nalika perang bubat lumpat, nyamuni sarta netep diditu.
Ngeunaan wates wilayahna, Kacamatan Salem miboga wates nyaéta: Beulah kalér : Kacamatan Banjarharjo, Ketanggungan
Beulah wétan : Kacamatan Bantarkawung Beulah kidul : Kabupaten Cilacap
Beulah kulon : Kabupatén Kuningan
20
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
jeung Jawa Tengah (Jawa). Ku kituna, bakal aya kecap-kecap tinangtu anu has, unik anu digunakeun nalika masarakatna komunikasi jeung masarakat di saluareun daérahna.
3.1.2 Subjék Panalungtikan
Ari nu dijadikeun populasi dina ieu panalungtikan nyaéta masarakat di kacamatan Salem Kabupatén Brebes. Lian ti éta sampelna anu aya dina ieu panalungtikan mangrupa sampel total nyaéta 8 désa anu aya di Kacamatan Salem anu informanna dicokot dumasar pasaratan anu geus ditangtukeun, tilu informan ti hiji désa anu aya. Ari pasaratanana minangka kritéria informanna nyaéta lalaki atawa awéwé, umurna ± 25 nepi ka ± 70 taun, jeung budak atawa rumaja umurna ± 14 nepi ka ± 20 taun, dilahirkeun jeung gedé di éta désa, bisa ngagunakeun basa Sunda, jeung séhat jasmani tur rohani (alat ucap sampurna).
Tina éta populasi dijaring kecap-kecap nu dipaké dina kahirupan sapopoé masarakatna. Kecap-kecap dialék di éta tempat dikumpulkeun dumasar kana (1) Istilah pancakaki, (2) Kecap gaganti jeung sesebutan, (3) Kadaharan jeung inuman, (4) Tutuwuhan jeung bungbuahan, (5) Kecap Sasatoan, (6) Sesebutan babagéan imah, (7) Pakakas, (8) Kaayaan alam jeung usum, (9) Budi Parangi, (10) Kecap pagawéan, (11) Kecap Kaulinan, (12) Kecap sipat, jeung (13) Kecap pananya, panambah, panganteb jeung panyambung.
3.2 Desain Panalungtikan
21
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bagan 3.2 Desain panalungtikan
3.3 Métodé Panalungtikan
Dina ngalaksanakeun panalungtikan perlu pisan ayana métode salaku léngkah gawé panalungtik pikeun ngagampangkeun dina ngalaksanakeun panalungtikan sarta pikeun nyingkahan ayana salah paham jeung pikeun méréskeun masalah.
Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métodé déskriptif. Métode deskriptif nyaéta métodé panalungtikan anu ngagambarkeun sacara sistematik, jeung akurat. Metode ieu ogé ngainterpretasikeun obyék saayana (Azwar, 2012, kc.7).
Jadi, tujuan dipakéna métode deskriptif nyaéta pikeun meunangkeun gambaran ngeunaan basa Sunda dialék Brebes anu aya di Kacamatan Salem nu ngéntép seureuh, faktual, jeung akurat.
Nangtukeun wilayah nu rék dijadikeun sampel panalungtikan
Nangtukeun instrumén panalungtikan
Nangtukeun kandaga kecap lulugu nu dijadikeun instrumén
panalungtikan
Kandaga kecap lulugu dipasing-pasing dumasar kelompok istilah Analisis dialék
22
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4 Wangenan Operasional
Sangkan leuwih jéntré, dina ieu panalungtikan perlu ayana wangenan istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan.
a. Basa Sunda Dialék Brebes
Basa Sunda nyaéta basa indung urang Sunda anu diparaké ku masarakat Sunda boh di tatar Sunda boh luareun tatar Sunda. Basa Sunda dialék Brebes nyaéta ragam basa Sunda nu dipaké ku masarakat Brebes pikeun ngabédakeun dirina jeung warga masarakat séjénna. Ieu basa Sunda téh teu dipaké disakuliah Brebes, tapi ngan di Kecamatan Salem sarta disababaraha daérah Brebes séjénna.
b. Bahan Pangajaran Maca
Bahan pangajaran nyaéta salah sahiji komponén tina sistem pangajaran . Hasil tina ieu panalungtikan, pikeun sosialisasi deui ka masarakatna sorangan hususna pikeun siswa-siswa di sakola sangkan mikaweruh basana sorangan ku kituna hasil tina ieu panalungtikan Basa Sunda Dialék Brebes téh satuluyna dijadikeun bahan pangajaran maca dina wangun Karangan Bahasan.
Jadi, nu dimaksud basa Sunda dialék Brebes di Kacamatan Salem pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP nyaéta mangrupa inventaris kekecapan basa Sunda di wewengkon Kecamatan Salem Kabupaten Brebes anu satuluyna bakal dianalisis sarta dijadikeun bahan ajar di SMP.
3.3 Instrumen Panalungtikan
Pikeun ngumpulkeun data panalungtikan diperlukeun ogé instrumen panalungtikan pikeun ngarojong kana hasil panalungtikan.
23
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
a. Padoman Wawancara
Interview sok disebut ogé wawancara atawa kuesioner lisan, nyaéta mangrupa dialog sacara langsung anu dilaksanakeun ku panalungtik pikeun meunangkeun informasi ti informan (Arikunto, 2002, kc. 132).
Tabel 3.5 Padoman wawancara
No Kandaga Kecap Dipikawanoh Dipaké Kecap Séjén
nu dipaké
(1) (2) (3) (4) (5)
1. Pancakaki
2. Gaganti jeung Sesebutan
3. Kahirupan Désa jeung Masarakat 4. Imah jeung babagianna
5. Pakakas
6. Kadaharan jeung Inuman 7. Panyakit
8. Pagawéan
9. Tutuwuhan jeung bungbuahan 10. Sasatoan
11. Kanyataan alam jeung usum 12. Budi Parangi
13. Kaulinan
14. Kecap Pagawéan
15. Pananya, Panyambung, Panambah jeung Panganteb
24
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Angkét
Angkét nyaéta sajumlahing pananya tinulis nu digunakeun pikeun ngajaring informasi ti responden ngeunaan hal-hal nu dipikanyahona. Arikunto (2002, kc. 12)
KUESIONER INFORMAN
Kampung :... Désa...
Kacamatan: Salem Kabupaten : Brebes
1. Ngaran:... Jenis Kelamin: L/P
2. Umur:...Taun...Tempat lahir...
(di jero/ luar kampong/désa/kacamatan/kabupatén)
3. Atikan:...
4. Pakasaban:...
5. Matuh di désa ti mimiti:...
6. Kungsi/ teu kungsi cicing di luar désa/kacamatan/kabupatén
di...ti mimiti...Nepi ka...
7. Kawin/ teu kawin
8. Basa nu dipaké di imah
a. Basa...
b. Basa...
9. Basa ti masarakat:...
10. Basa di tempat pagawéan:...
11. Basa lain nu digunakeun:...
Dina kasempetan...
Wawancara tanggal...2014
25
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
c. Pedoman Observasi
Observasi dilaksanakeun pikeun mikanyaho kekecapan nu biasa dipaké ku unggal masarakatna. Tujuanna sangkan panalungtik meunangkeun data anu leuwih lengkep ti informan ku cara nuliskeun kekecapan anu dianggap béda jeung masarakat séjénna.
3.6Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nyaéta Téhnik wawancara, Téhnik Kuesioner, jeung Téhnik Observasi, Tilu téhnik ieu bakal dijéntrékeun saperti dihandap ieu, diantarana :
a. Téhnik Wawancara
Wawancara atawa interview nyaéta cara pikeun meunangkeun data kalayan ngayakeun dialog langsung antara individu jeung individu séjénatawa individu jeung kelompok nu tangtu. (Ratna, 2010, kc. 222).
Sedengkeun sasaran wawancara dina ieu panalungtikan nyaéta informan anu nyumponan pasaratan nu geus ditangtukeun ku panalungtik nyaéta kategori dewasa boh lalaki boh awéwé umurna 25 nepi ka 70 taun, sarta kategori budak atawa rumaja umurna 14 nepi ka 20 taun anu dibabarkeun jeung gedé di éta désa.
b. Téhnik Angket atawa Kuesioner
Kuesioner nyaéta tehnik ngumpulkeun data ngaliwatan patalékan-patalékan tinulis anu disanrungsum kalayan telik, patali jeung tujuan, mangpaat, tiori jeung masalah inti dina panalungtikan. (Ratna, 2010, kc. 239).
c. Téhnik Observasi
Observasi nyaéta téhnik anu matalikeun antara dua hal, nyaéta observer (paniten) jeung informan atawa jalma séjén anu dititénan kalayan kalungguhanna salaku nu méré informasi. (Ratna, 2010, kc. 217) .
26
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina ngumpulkeun data aya sababaraha tahapan anu kudu dipilampah di antarana:
1) Datang ka lokasi nepungan warga 2) Ngalaksanakeun observasi
3) Ngayakeun wawancara
4) Nyatet kecap-kecap nu ditanyakeun ka informan
3.5 Téhnik Ngolah Data
Dina ngolah data, digunakeun téhnik analisis tina kecap-kecap Basa Sunda Dialék Brebes nu geus dikumpulkeun nalika wawancara. Anapon léngkah-léngkah ngolah datana nyaéta:
(1) Mariksa jeung ngaidentifikasi data kucara ngolektifkeun data tina hasil wawancara nu geus dilaksanakeun
(2) Nganalisis kecap basa dialék Brebes di Kacamatan Salem tina data nu aya
(3) Nyieun peta géografis dumasar kana kecap-kecap basa Sunda dialék Brebes dumasar kana sebaran pamakéan istilah basa nu aya di daérah panalungtikan. (4) Nyieun bahan pangajaran Basa Sunda pikeun siswa SMP ngagunakeun
kecap-kecap Basa Sunda dialék Brebes.
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Tina hasil panalungtikan jeung analisis basa Sunda Dialék Brebes di Kacamatan Salem pikeun bahan pangajaran Maca di SMP, bisa dicokot kacindekan saperti ieu di handap:
1. Pidangan kecap-kecap BSDB di Kacamatan Salem aya dina wangun pedaran kecap-kecap BSDB, papasingan kecap-kecap BSDB, papasingan kecap-kecap dumasar kana makna dasar, analisis bébédaan antara BSDB jeung BSL,analisis wangun kecap BSDB, jeung métakeun kecap-kecap BSDB.
2. Kandaga kecap Basa Sunda Dialék Brebes di Kacamatan Salem kapanggih aya 291 kecap. Éta kecap-kecap téh dipasing-pasing kana 15 kecap istilah. (1) istilah pancakaki aya 15 kecap (5,2%), (2) istilah gaganti sesebutan aya 11 kecap (3,8%), (3) istilah kahirupan désa jeung masarakatna aya 14 kecap (4,8%), (4) istilah imah jeung babagianna aya 13 kecap (4,8%), (5) istilah pakakas aya 29 kecap (10%), (6)istilah kadaharan & inuman aya 28 kecap (9,6%), (7) istilah panyakit aya 12 kecap (4,1%), (8) istilah pakasaban aya 5 kecap(1,7%), (9) istilah tutuwuhan & bungbuahan aya 26 kecap (8,9%), (10) istilah sasatoan aya 25 kecap (8,6%), (11) istilah kanyataan alam jeung usum aya 19 kecap (6,5%), (12) istilah budi parangi aya 41 kecap (14%), (13) istilah kaulinan aya 9 kecap (3,1%), (14) istilah pagawéan aya 31 kecap (10,6%) jeung (15) istilah pananya, panyambung, panambah jeung panganteb aya 13 kecap (4,5%).
113
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Jeung konsonan. Tina jihat vokal kapanggih 13 kecap sedengkeun tina jihat konsonan kapanggih 10 kecap.
Kadua bébédaan semantik anu ngawengku dua jihat nyaéta sinonimi jeung homonimi. Tina jihat sinonimi kapanggih 291 kecap sedengkeun tina jihat homonimi kapanggih13 kecap.
Katilu, bébédaan onomasiologis kapanggih 13 kecap. Kaopat, bébédaan semasiologis kapanggih 6 kecap. Kalima, bébédaan morfologis kapanggih 6 kecap.
4. Peta sebaran makéna kecap BSDB di Kacamatan Salem aya 291 peta. Kecap BSDB dipetakeun luyu jeung wilayahna. Tina unggal kecap dipetakeun kalawan maké lambang anu sarua, kecap nu béda maké lambang anu béda.
5. Bahan pangajaran basa Sunda anu ngandung kecap BSDB di Kacamatan Salem diwujudkeun dina wangun karangan bahasan “Salem (lain) Jawa”, babaran kecap BSDB di Kacamatan Salem jeung latihan.
5.2 Saran
Winda Choeri Apriany, 2014
Basa Sunda Dialék Brebes Di Kacamatan Salem Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.
Azwar, S. 2012. Metode Penelitian. Yogyakarta: Pustaka Pelajar
Chaer, Abdul. Sosiolinguistik Perkenalan Awal. 2010. Jakarta: Rineka Cipta Danadibrata, RA. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama Husen, A. & Rahman. 1996. Perencanaan Pengajaran Bahasa. Jakarta: Depdikbud Iskandarwassid, Dadang sunendar. 2011.Strategi pembelajaran bahasa. Bandung:
PT. Remaja Rosdakarya
Keraf, Gorys. 1996. Linguistik babandingan Historis. Jakarta: PT GRAMEDIA Majid, Abdul. 2012. Perencanaan pembelajaran. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya Ratna, N. K. 2010. Metodologi Penelitian: Kajian Budaya dan ilmu-ilmu Sosial
Humaniora Pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Sudaryat, Yayat. 2010. Pedaran Basa Sunda. Bandung CV. Geger Sunten Sudaryat, Yayat. 2004. Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.
Sudaryat, Y, Abud Prawirasumantri, Karna Yudibrata. 2009. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya
Suyatna, A. 2002.Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: UPI
Tamsyah, Budi Rahayu. 2010. Kamus Lengkap: Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.
Tim Penyusun UPI. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia
Uno, Hamzah: 2010. Perencanaan pembelajaran. Jakarta: PT. Bumi Aksara Zulaeha, Ida. 2009. Dialektologi. Semarang: Graha Ilmu